Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kampung Adat

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Kampung Adat di Kota Cimahi nu miboga kayakinan ti karuhun Sunda yén maranéhna teu meunang ngadahar sangu. Aya kapercayaan anu ngarempak kana aturan éta bakal langsung maot.

a)

Kampung Adat Kuta

b)

Kampung Naga

c)

Kampung Adat Baduy

d)

Kampung Adat Cireundeu

2.

Leuit nyaéta ngaran wangunan tradisional nu gunana pikeun neundeun paré. Panto leuit leuwih mémpér-mémpér kawas jandéla ti batan panto, ku sabab ayana di luhur bagian hareup. Jalma anu arék muka atawa asup ka jero kudu maké tarajé.

a)

b)

c)

d)

3.

Kampung adat leutik di wewengkon Désa Cangkuang, Kacamatan Lélés, Garut, di ieu kampung teu meunang aya leuwih ti genep kulawarga (genep suhunan imah jeung hiji masjid).

a)

Kasepuhan Cipta Gelar

b)

Kasepuhan Sinaresmi

c)

Kasepuhan Ciptamulya

d)

Kampung Pulo

4.

Urang baduy miboga ngajaga pisan alam nu aya disabudeureunana. Sabab urang Baduy miboga palsafah/moto hirup...

a)

Mipit kudu amit ngala kudu menta

b)

Lojor teu meunang dipotong, pondok teu meunang disambung

c)

Sing kacukcruk walunganana sing kapapay wahanganana

d)

Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun

5.

Di Tatar Sunda aya sababaraha Kampung Adat. Iwal...

a)

Kampung Kuta

b)

Kampung Pulo

c)

Kampung Naga

d)

Keraton Kanoman

6.

Urang baduy dibagi jadi dua nyaéta baduy luar jeung baduy jero. Mana nu ngagambarkeun urang baduy jero

a)

b)

c)

d)

7.

Agama nu dipercaya ku masarakat Kanékés atawa Baduy. Ageman ieu biasa disebut ogé agama Jatisunda dina Carita Parahyangan.

a)

Agama Hindu

b)

Agama Islam

c)

Agama Sunda Wiwitan

d)

Agama Helu

8.

Teu boga sawah asal boga pare, teu boga pare asal boga beas, teu boga beas asal nyangu, teu nyangu asal dahar, teu dahar asal kuat.

Mangrupa palsafah Hirup masyarakat kampung adat...

a)

Kampung Adat Baduy

b)

Kampung Adat Cireundeu

c)

Kampung Adat Pulo

d)

Kampung Adat Cipta Gelar

9.

Kasepuhan Ciptagelar, Kasepuhan Sinaresmi, jeung Kasepuhan Ciptamulya. Mangrupa kampung adat nu aya diwilayah...

a)

Banten

b)

Tasikmalaya

c)

Ciamis

d)

Sukabumi

10.

Sala sahiji kapamalian di Kampung Pulo nu teu meunang dilanggar nya eta...

a)

Teu meunang sakola

b)

Teu meunang nabeuh Goong

c)

Teu meunang ngadahar sangu

d)

Teu meunang numpak motor/mobil