NEW
Font size
WorksheetsUS. Bs.Sunda kls 9 semwster genap
Total questions: 40
Worksheet time: 3hrs 20mins
Baca kalawan gemet sempalan teks biantara di handap,
Dina ieu kasempetan simkuring ngawakilan sadaya réréncangan kelas salapan, seja ngahaturkeun nuhun kana sagalarupi kasadan manah bapa sinareng ibu guru, nu salami tilu taun ngasuh simkuring sadaya. Bapa sinareng ibu guru teu weleh sabar ngawurukan simkuring sadaya sangkan janten jalmi anu pinter, bageur, jujur, tur taat kana ngalaksanakeun paréntah agama.
Ungkara biantara di luhur kaasup kana bagéan dina biantara.
bubuka
eusi
panutup
du'a
Perhatikeun sempalan teks biantara ieu di handap! Alhamdulillah puji sukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu parantos masihan sadaya karunia nyaeta mangrupi kasehatan jasmani sareng rohani. Oge, mangpirang pirang kani'matan, utamana kani'matan iman sareng kanikmatan Islam. Solawat sareng salam urang sanggakeun ka jungungan nabi urang sadaya nyaéta nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabatna tur para umatna.
Teks biatanara di luhur kaasup kana bagian..
pangbagéa (kata sapaan)
panutup biantara
bubuka biantara
eusi biantara
Hadirin, hormateun sim kuring
Rupina mung sakitu anu kapihatur. Hapunten bilih aya basa sareng tatakrama anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, langkung
saur bahé carék, hapunten anu kasuhun.
Wassalamu'alaikum wr.wb.
3. Nilik kana eusina, sempalan biantara di luhur téh nya éta bagian...
bubuka
eusi
inti
panutup
Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun upama urang biantara diantarana:
Sora, lentong, wirahma
Wirahma, pakéan, pasang peta
Nada, naskah, sora
Paroman, wirahma, dangdanan
Dina cara midangkeun biantara dikenal 4 motode atau Teknik. Tehnik biantara anu ngagunakeun téks (naskah) disebut....
memoriter
impromtu
ékstemporan
manuskrip
Ka rombongan calon pangantén pameget, simkuring ngahaturkeun wilujeng sumping Kecap wilujeng sumping ngandung harti....
selamat menempuh hidup baru
selamat berbahagia
selamat datang
selamat jalan
Baca teks ieu di handap kalawa gemet
Kampung Naga
Salah sahiji kampung adat di Jawa Barat nu masih nyegel kuat adat kabiasaan karuhunna nyaéta Kampung Naga leu lembur pernahna di Desa Neglasari, Kecamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya Dipercaya ku wargana tokoh nu ngadegkeun ieu lembur téh nyaéta Eyang Dalem Singaparana. Diantara adat kabiasaan nu dijaga téh nyacta tatacara ngawangun imah. Mun ngawangun imah dijieun kudu tina bahan awi atawa kai. Nyanggirahna ka beulah kaler atawa kidul Bahan imah, teu meunang tina bahan tembok atawa (pedong), sanajan mampuh Bentuk wangunan suhunan imahna, disebutna suhunan julang ngapak Hateup (atap) imah dijieun tina eurih atawa injuk Bilik pipinding imah mangrupa bilik anyaman sasag Ari kasenian nu tara di tanggap nyaéta seni wayang golek jeung penca silat, sabab aya salah sahiji alat nu bakal ditabeuh nyatana alat musik goong Kasenian nu sok di tanggap diantarana terebang. beluk, jeung réngkong Mun rek asup ka kampung Naga kudu ngaliwatan séséngked nu
jumlahna lobana 439 réana (Disarikeun tina sababaraha Sumber)
Kampung Naga disebut kampung adat, lantaran masyarakatna masih...
mindeng nagayakeun upacara adat
jadi salahsahiji obyek wisata budaya
Pageuh nyekel adat kabiasaan karuhunna
imahna mangrupa imah panggung
Kampung anu masih kénéh nyekel tur ngalaksanakeun tali paranti karuhunna disebut kampung.....
adat
buhun
heubeul
baheula
Kampung Naga perenahna di Kecamatan... Kabupatén Tasikmalaya.
Pagerageung
Salawu
Cilawu
Neglasari
Wangun suhunan di luhur mangrupa suhunan imah anu disebut....
tagog/jogo anjing
badak heuay
limasan
julang ngapak
Bedana masarakat kampung adat jeung masarakat kampung modern nyaéta.....
masarakat kampung adat mah hirupna masih individualismac, silih tulungan, ari masarakat kampung modem mah sauyunan jeung silih acuh tak acuh
masarakat kampung adat mah hirupna masih sauyunan, silih beubeutkeun, ari masarakat kampung modern mah individualisme jeung silih acuh tak acuh
masarakat kampung adat mah hirupna masih sauyunan, silih tulungan, ari masarakat kampung modern mah individualism jeung silih asah, asth, asuh
masarakat kampung adat mah hirupna masih sauyunan, silih tulungan, ari masarakat kampung modern mah individualism jeung silih acuh tak acuh
Di handap ngaran jenis wangunan imah dina imah adat Sunda julang ngapak nyaéta..
Nu kaasup kana ciri-ciri novel nya éta.....
caritana pondok, saeutik bagianana
tempat kajadian ukur di salokasi
palakuna loba, karakterna rupa-rupa
lumangsung dina waktu nu singget
Kaasup kana unsur novél, hal anu
disebut....
watek
galur carita
Latar
amanat
Bédana antara novél jeung dongéng, nya éta dongéng mah....
caritana loba nu pamohalan
caritana kaharti ku akal
Sumberna sacara tinulis
jalan caritanya paranjang
Baca sempalan novel ieu di handap!
Jatitujuh dina kira-kira taun 1800 M, masih kénéh loba leuweungna, babakuna haur gereng
anu jadi dina ranca. Lemburna teu acan gegek cara ayeuna. Minangka pangraména, kajaba ti Jatitujuh, nyaéta lembur Bayawak, Pilangsari, jeung pangkidulna Bantarjati, sisi Cimanuk, deukeut ka wates Sumedang
Setting tempat utama dina sempalan novel di luhur nya eta.......
Lembur Bayawak,
Pilangsari,
Bantarjati, sisi Cimanuk,
Jati Tujuh
Novel anu munggaran terbit dina basa Sunda nyaéta...
Gogoda ka nu Ngarora
Baruang ka nu Ngarora
Kagoda ku nu Ngarora
Kabaruang ku nu Ngora
Harita téh meneran poe minggu, di jalan Pasar Baru ti sesemet parapatan Kompa nepi ka parapatan Kaum, pohara ramena, delman, mobil, motor jeung karéta mesin balawiri (Cutatan novel "Babalik Pikir karangan Samsudi)
Latar tempat nu digambarkeun duna cutatan novel di luhur nya eta.......
Poe Minggu
Praparan kompa
Pasar baru
Parapatan kaum
Baca teks ieu di handap kalawan gemet, Ti samaotna bapana, Si Eméd ngarasa prihatin téh ngan saukur popoćan. bad, nya kitu deui ingetna kana kabageuran henteu nuluy, buktina ayeuna geus mimiti marudah deui pipikirana nya éta resep ampleng-amplengan ulin, tara pisan kaarah gawéna, sakalieun dititah ngala cai ogé luput Ogoana beuki tambah, sagala kahayangna teu beunang dipungpang, mun barang penta teu buru-buru ditedunan téh sok tuluy ambek, ambekan, malah sok tuluy pundung, abur-aburan ka lembur batur. (Cutatan novel "Babalik Pikir" karangan Samsudi)
19. Watek atawa sifat si Eméd nu digambarkeun téh nya éta....
Ogoan, betah di kamar, tara pundungan
Resep ulin, teu ogoan, teu pundungan
Ogoan, resep ulin, teu pundungan
Resep ulin, ogoan, jeung pundungan
Tempat ngokolakeun pamaréntahan jeung tempat cicingna bupati, disebut.......
Balé kota
Pendopo
Garduh
Karaton
Idiom dina basa Sunda mah disebutna.....
paribasa
babasan
caturanggapakeman basa
pakeman basa
Anu matak disebut pakeman basa téh lantaran.......
Susunan kecapna diluyukeun jeung maksudna
Susunan kecapna geus puguh éntép seureuhna
Susunan kecapna bisa dirobah-robah
Susunan kecapna teu bisa ditangtukeun
Galunggung ngadeg tumenggung
Ungkara di luhur kaasup kana pakeman basa...
babasan
paribasa
cacandran
rakitan lantip
Salah sahiji conto ti babasan nyaeta gedé hulu. Hartina....
sombong atawa adigung
babari dititah, henteu kedul
resep ménta ka batur.
pedit atawa korét.
Ungkara basa anu kecapna geus matok miboga harti injeuman disebut....
Babasan
Pakeman Basa
Guguritan
Sisindiran
Anu kaasup kana paribasa wawarang luang (mere nyaho kanu geus bisa) nyaèta.......
Ari diarah supana, kudu dijaga catangna
Mapatahan ngojay ka meri
Cul dogdog tinggal igel
Ngeupeul ngahuapan manéh
Babandingan anu ngagambarkeun kaayaan kalakuan, jeung pasipatan jalma disebut.......
babasan
paribasa
cacandran
rakitan lantip
Bedog mintul mun diasah laun-laun jadi seukeut, maksudna.......
Lamun urang ngomong, nu diomongkeun teh kudu bener
An keur budak kalakuanana téh hadé, ari geus kolot jadi goreng
Najan mimitina teu ngarti, lamun leukeun diajar mah tangtu ngarti
Poho ka duduluran jeung baraya
Nu lemah ngalawan nu boga kakawasaan (kuat) Mangrupa maksud tina paribasa.......
Lodong kosong ngelentrung
Bonteng ngalawan kadu
Kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan
Ambekna sakulit bawang
Asa ditonjok congcot, maksudna.......
Lamun urang teu nyaho atawa teu ngarti kudu dack tatanya
Ulah resep nyaritakeun kagorengan atawa rusiah
Sagala rupa tingkah laku kudu luyu jeung kaayaan diri sorangan
Nampa huji barang anu geus lila dipikahayangna kalawan teu disangka-sangka,
atuh kacida atohna
Anu kaasup paribasa panyaram lampah salah nyaeta.......
Ulah Cul dogdog tinggal igel
Batok bulu eusi madu
Kudu ka bala ka bale
Hulu dugul dihihidan
Bufak....... mah dititah naon wae ogeh tara hese.
Babasan anu merenah pikeun ngeusian kalimah di luhur nyaeta.....
Ceuli léntaheun
Hampang birit
Beurat birit
Biwir nyiru rombéngeun
Si Dawala mah tara dibaturan ku babaturanna, da manehna mahari jajan sok sorangan baé tara nawaran komo barang béré ka batur Babasan nu tepat pikeun ngeusian kalimah di luhur nyaéta....
panjang leungeun
hampang binit
gurat batu
buntut kasiran
Nyi Iteung mah sok ngagosip baé, da... sagala kagorengan batur sok dicaritakeun nu tepat pikeun ngeusian kalimah di luhur nyaéta...
abong letah teu tulangan
goong nabeuh manch
adean ku kuda beureum
nulak cangkéng dina kélék
Omat ulah ngaliarkeun taleus ateul jadi budak teh boa naon anu di caritakeuna mah cantangtu harti paribasa ngaliarkeun taleus ateul nyaeta.......
Ngabeja-beja kagorengan batur
ngadengekeun
nyeungseurkeun
ngabandungan
Baca sempalan drama icu di handap! Juragan Istri Pa, teu kedah gogorowokan nyauran Si Udin mah!
Lalaunan we! Udin! (lalaunan)"
Udin
Kulan (tarik)
Juragan Istri
Nya, saur abdi ogé!"
Udin
Badé aya naon, Juragan?
Juragan pameget
"Udin! Silang dititah nyieun ondangan ku déwék, di mana silaing nyieun ondangan icu?"
Di Si Ték An, Gan.. réréncangan abdi."
Udin
Palaku dina sempalan drama di luhur nyaéta.......
Udin Juragan Istri
Udin Juragan Pameget
Juragan Istri. Juragan pameget, Udin
Juragan Istri, pembantu, Tek An
Baca sempalan drama ieu di handap!
Juragan Istri
rinéh, ibu hoyong sasanggem ka Apa!" "Nyarita naon? Rék naon? Aya naon, Bu? Naon ieu téh?
Juragan pameget Juragan Istri
meungpeung teu acan aya tamu, meungpeung
"Ké ké ké Bapa, tenang heula tenang! Yeuh Bapa urang téh pan nuju hajat, Cik atuh, Pa.. sing gumbira, sing cénghar! leu mah ditingali-tingali ku Ibu ti tatadi ngan baeud baé ambek-ambekan! Ku naon, Pa, cik.. ku naon? Aya naon?
Naon atuh"
Juragan pameget Tenang atuh, Bu! Rék teu ambek-ambekan kumaha, geus puguh rék hajat, der, suku kacugak ku paku. ?" Watek juragan pameget dina drama di luhur nyaéta.......
sabar
émosian
jujur
tenang
Baca sempalan drama ieu di handap!
Di jero kamar, Sari keur gulinggasahan. Torojol bapana datang bari ngahudangkeun Sari. Lampu jeung sora kacapi suling pamirig bubuka mawa Sari ka alam impian.
Sakabéh kajadian dina babak kahiji aya dina alam impian Sari. Bapa "Sariii sariii... gugah Nok, ieu Bapa datang!" Sari (hudang, diuk, gigisik kana panon olohok bengong bari neuteup ka
bapana)
Bapa
Bapaaa! Leres ieu téh Bapa? Apan Bapa mah tos pupus?" Enya, Sari ieu téh Bapa! Bapa téh geus maot, tapi hayang ngalongok
hidep, sabab ningali hidep siga keur nandangan tunggara Bapa hayang ngabungahkeun haté hidep. Ku naon hidep téh, Sari?" Bapa badé ngagumbirakeun abdi? Nya tiasa kitu Bapa nyumponan
Sari
sadaya
kahoyong Sari ?"
Setting dina drama di luhur nyaéta.......
isuk
beurang
peuting
sore
Peuting ngagayuh ka subuh. Di jero kamar, Sari keur gulinggasahan. Torojol bapana datang bari ngahudangkeun Sari. Lampu jeung sora kacapi suling pamurig bubuka mawa Sari ka alam impian. Sakabéh kajadian dina babak kahiji aya dina alam impian Sari.
Sempalan drama di luhur disebut.......
prolog
epilog
seting waktu
dialog
Upama ditilik tina kalimah anu digunakeunana, drama gegedéna ngagunakeun kalimah
langsung Ciri kalimah langsung nyaéta make.......
tanda panyeluk
tanda kekenteng
tanda tanya
tanda peun
