wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan US Sunda 9

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan nyarita dihareupeun balaréa dina raraga nepikeun informasi atawa hal-hal nu

kaitung penting dipikanyaho ku batur disebutna...

a)

wawaran

b)

biantara

c)

dramatis

d)

deklamasi

2.

Novel Sunda nupangheulana medal dina taun 1914 nya éta ...

a)

Siti Rayati karangan Muhammad Sanusi

b)

Pangéran Kornél Karangan R. Memed Sastrahadiprawira

c)

Agan Permas karangan Yuhana

d)

Baruang ka nu ngarora karya D.K Ardiwinata

3.

Lengkepan kalimah ieu di handap ngagunakeun ragam basa lemes (hormat)! Bapa Camat bade ...... ka ieu pertemuan

a)

Dongkap

b)

Sumping

c)

Linggih

d)

Datang

4.

Paribasa Saringset pageuh iket téh mibanda harti ...

a)

Ngalakukeun pagawéan nu euweuh gunana

b)

Iket dina mastaka anu beulitanana hésé lésot

c)

Maké baju jeung iket kalayan rapih

d)

Sayaga atawa siap nyanghareupan sagala hal

5.

Omongan palaku dina drama ka dirina sorangan, disebut...

a)

Monolog

b)

Prolog

c)

Dialog

d)

Palaku

6.

Solawat miwah salam mangga urang sanggakeun ka jungjunan urang Nabi Muhammab SAW, ka para sohabatna, ka kulawargana, tug dugi ka urang salaku umatna. Ungkara di luhut téh dina biantara kaasup kana bagean ...

a)

Bubuka

b)

Pangjurung

c)

Pamapag

d)

Panutup

7.

Karangan anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosesna, tujuanana, jeung gunana diebut karangan...

a)

Déskripsi

b)

Artikel

c)

Pedaran

d)

Narasi

8.

Unsur pangwangun novel anu eusina nyaritakeun waktu jeung tempat lumangsungan kajadian dina carita disebut...

a)

Jejer

b)

Latar

c)

Galur

d)

Amanat

9.

Wangun suhunan imah di kampung Naga, nya éta...

a)

Suhunan julang ngapak

b)

Suhunan panjang

c)

suhunan capit gunting

d)

Suhunan juré

10.

Jalma nu daékan di titah, teu hésé langsung dipigawé disebut..

a)

Amis budi

b)

hampang leungeun

c)

hampang birit

d)

Hade gogod hade tagog

11.

Paguneman antara palaku dina drama, disebut...

a)

Prolog

b)

Monolog

c)

Palaku

d)

Dialog

12.

Baca Sempalan naskah drama ieu di handap !

Wiyaga 1 : “Ari ieu cepuk naon Nini, siga cepuk perhiasan?”

Nini Uti : “Hih, ulah étah ka dieukeun!”

Wiyaga 2 : “(Ngarebut cepuk) “Euleuh Nini mani alus kieu, cepuk perhiasan emas ieu mah. Geuning di toko emas gé loba nu kieu téh, nya. Tuh nya!Tuh nya! Tuh nya!

Nini Uti : “Kadieukeun étah, kadieukeun! Ulah dibuka batur!

Wiyaga 3 : “Meunang maok ti mana ieu téh Nini? Kolot-kolot puak-paok!”

Nini Uti : (Morongos, kasigeung) “Saha nu maok! Gampang wé tadah tuduh téh! Bararaid teuing maké jeung puak-paok sagala, kadieukeun! Kadieukeun!

Wiyaga 2 : “Enyalah meunang maok, meunang nyolong, meunang maok. Meunang ngéméng, ngaku! Ngaku..!”

Ari watak Nini Uti kumaha nurutkeun naskah drama di luhur?

a)

Daékan

b)

Pinter

c)

Bodo

d)

Jujur

13.

Paribasa “Kudu leuleus jeujeur liat tali” ngandung harti...

a)

Ngalampahan pagawéan nu teu surup jeung haté

b)

Wijaksana dina mutuskeun atawa milampah sagala hal

c)

Jalma kokomoan, tina sagala euweuh jadi sagala aya

d)

Kudu sagala daék, boh kana gawé badag atawa gawé lemes.

14.

Kampung anu masih kénéh nyekel tur ngalaksanakeun tali paranti karuhunna disebut kampung ...

a)

Babakan

b)

Adat

c)

Buhun

d)

Kasepuhan

15.

Salasahiji kampung adat Sunda nu perenahna di Kabupaten Garut nu masih kénéh maraké iket nya éta...

a)

Kampung Naga

b)

Kampung Kuta

c)

Kampung Cikondang

d)

Kampung Pulo

16.

Hadirin sadayana, Pamungkas, moal seueur anu diutarakeun, mung sakieu anu tiasa disugikeun. Neda jembar hapuntenna tina sadaya kalepatan. Da karaos masih kénéh héngkér dina tatabasa tur merenahkeun undak usuk basana. Waalaikum salam wr.wb

Kalimah sempalan biantara di luhur kaasup kana bagian biantara ...

a)

Sanduk-sanduk

b)

Panutup

c)

Eusi

d)

Bubuka

17.



(a)  

18.

Dina kecap “Kapalang Nyaah” Rarangkén anu digunakeun nyaéta …

a)

Pangwisad jeung Panghulu

b)

Panghulu jeung panyuku

c)

Panyecek jeung Pangwisad

d)

Panyiku jeung Panyecek

19.

kecap di handap dibacana nyaeta...

a)

Bandung, 16 Maret 1997

b)

Padang, 06 Juli 2007

c)

Bandung, 17 Maret1998

d)

Sumedang, 08 maret 2000

20.

Rarangkén anu fungsina pikeun ngaleungitkeun vokal dina aksara dasar nyaéta …

a)

Panglayar

b)

Panéléng

c)

Pamaéh

d)

Panghulu