NEW
Font size
WorksheetsREMEDIAL ULANGAN KD WAWANCARA & LAPORAN KAGITAN
Total questions: 20
Worksheet time: 39mins
Kagiatan guneman atawa tanya – jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung antara nu ngawawancara (interviewer) jeung nu diwawancara (narasumber ; responden). disebut .....
Diskusi
Wawancara
Panumbu Catur
Rapat
Biantara
Nu teu kaasup kana tujuan wawancara nyaeta....
Mastikeun bener henteuna kajadian
Nyangking pamadegan resmi ti narasumber
Konfirmasi keur babandingan data
ngarahkeun jalanna diskusi
nyangking sagala informasi
Kagiatan wawancara anu ngalibatkeun sawatara narasumber, upamana wae acara talkshow dina TV atawa kagiatan diskusi public disebutna....
wawancara konferensi
wawancara kelompok
wawancara mandiri
wawancara masal
wawancara formal
Kalimah pananya "Kumaha sumbangan dalang kana atikan ngagunakeun kecap pananya 5W 1+ H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap ....
naon, mana, saha, ku saha, naon sababna, kumaha
mana, di mana, kamana, iraha, ku naon, kumaha
saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha
saha, naon, mana, iraha, naon sababna, kumaha
saha, ku saha, ti saha, ka saha, keur saha
Wartawan : .................................?
Pa RT : kaleresan abdi ogé ningali awal kajantenan ieu musibah téh. Malihan mah abdi nu nelepon petugas damkar!
Pananya anu pas pikeun ngeusian titik-titik diluhur nya éta....
saha nami lengkep bapa?
naon kalungguhan sareng padamelan bapa?
iraha kajadian kahuruan téh?
dimana kajadian kahuruan lumangsung?
naha bapa aya dina pas kajadian kahuruan?
Tengetan bagian-bagian tina kagiatan wawancara ieu di handap!
(1)Ngawanohkeun identitas diri ka narasumber.
(2)Amitan ka narasumber ku cara sasadu jeung nganuhunkeun.
(3)Neangan jejer anu rek diwawancarakeun.
(4)Nepikeun pananya anu patali jeung jejer wawancara.
(5)Nepikeun tujuan wawancara.
Kagiatan anu ilaharna ditepikeun dina bagian bubuka wawancara dituduhkeun ku nomer....
1 jeung 3
1 jeung 5
2 jeung 4
2 jeung 5
3 jeung 4
Baca téks wawancara ieu di handap!
Murid: “Bapak hatur nuhun kanggo waleranana. Hapunteun bilih ngaganggu waktos bapa.”
Pa Guru: “Muhun. Teu sawios. Mugia waleran ti bapa aya mangpaatna kanggo hidep.”
Téks wawancara di luhur kaasup kana bagian....
bubuka
eusi
panutup
kacindekan
saran
Tengetan kagiatan ieu di handap!
(1) Nangtukeun téma.
(2) Nangtukeun narasumber.
(3) Nyusun daptar pananya.
(4) Ngalaksanakeun wawancara.
(5) Nyusun laporan wawancara.
Hal anu dilakukeun dina kagiatan tatahar dituduhkeun ku nomer....
(1), (2) jeung (3)
(1), (3) jeung (5)
(2), (3) jeung (4)
(2), (3) jeung (5)
(3), (4) jeung (5)
Tengetan dialog wawancara ieu di handap.
Pandu : Assalamualaikum, Pa Amin, kumaha damang?
Staf Pabukon : Waalaikum salam. Alhamdulillah, sae. Kumaha sawangsulna?
Pandu : Alhamdulillah. Pangesto, Pa. Hatur nuhun tos nyayogikeun waktosna kanggo ieu wawancara.
Staf Pabukon : Muhun, sami-sami.
Pandu : ……………………………………………….
Staf Pabukon : Tos aya kana 11 taunna damel di dieu teh. Ti ngawitan ieu pabukon diadegkeun we. Janten Bapa teh kalebet anu pangsepuhna.
Kalimah pananya anu cocog pikeun ngeusian dialog di luhur nyaeta…
Dupi bapa tos sabaraha lami damel di dieu teh?
Dupi bapa tos sabaraha lila damel di dieu?
Ari bapa tos lami damel di dieu teh?
Dupi bapa tos lami di dieu?
Ari bapa tos lila digawe di dieu?
Tengetan sempalan wawancara ieu di handap.
…
Pandu : Kumaha kaayan koleksi bukuna, naha sarae keneh?
Staf Pabukon : Seuseurna mah sarae, malihan teu sakedik buku anu enggal oge. Sanaos kitu aya oge buku anu tos rareksak.
Pandu : Naha aya tarekah kanggo miara koleksina supados teu enggal reksak?
Staf Pabukon : Kantenan aya. Supados langkung kiat, jilid luar buku teh sadayana ditambihan plastic husus. Lajeng upami aya lambaran-lambaran eusi oge luar anu lesot atanapi soeh, nya dieleman deui.
…
Naon poko pasualan dina wawancara di luhur teh?
Seueur buku anu sae, anu reksak dilereskeun deui
Buku reksak dijilid deui sangkan jiga anyar
Loba buku anyar jeung kudu miara sangkan teu ruksak
Buku teh ulah diruksak, hadean kudu dipiara kalayan apik
Kaayaan koleksi buku jeung tarekah dina miara
Ieu di handap mangrupa sistematika nulis laporan.
1) Waktu jeung Tempat
2) Bubuka
3) Waragad
4) Pamilon
5) Pedaran kagiatan jeung hasil
6) Panutup
Pek susun deui sistematika nulis laporan kalayan bener!
2, 1, 4, 3, 5, 6
2, 3, 4, 1, 5, 6
2, 3, 1, 4, 5, 6
2, 3, 4, 5, 6, 1
1, 2, 3, 4, 5, 6
Perhatoskeun ieu bacaan di handap!
1. Bubuka
2. Maosan ayat-ayat suci Al-Qur’an
3. Khotmil Qur’an jeung doa khotmil
4. Shalawat Al-Barjanji
5. Istirahat
6. Prakata panitia
7. Sambutan kepala desa
8. Pengajian
9. Doa panutup
Di luhur téh mangrupa bagéan ... dina laporan kagiatan
Tujuan kagiatan
Dasar kagiatan
Pedaran hasil
Kacindekan
Susunan acara
Laporan kagiatan teh kudu di konsep heula sok sanajan ditepikeun sacara ringkes, alesana nyaeta.....
Sangkan panjang caritana
Sangkan eusina loba
Sangkan gampang nyarita
Sangkan ngaguluyur sistematis
Sangkan teu poho
Laporan jurnalistik mah ilaharna ditulis ku....
panalungtik
siswa
guru
wartawan
penyiar
Kelompok anu kapilih pikeun unggal kategori nyaeta:
(1) Kelompok 3 ti kelas X anu midangkeun layeutan kawih dileler “Pamidang Favorit.”
(2) Kelompok 4 ti kelas XI anu midangkeun angkung dileler “Pamidang Motekar.”
(3) Kelompok 1 ti kelas XII anu midangkeun drama Lutung Kasarung dileler “Pamidang Mencrang.”
Bagian laporan kagiatan di luhur kaasup kana bagian....
Bubuka Kagiatan
Waragad Kagiatan
Pamilon Kagiatan
Pedaran Kagiatan
Panutup Kagiatan
Conto laporan kagiatan anu nuduhkeun pamilon kagiatan nyaeta....
Ieu kagiatan dilaksanakeun ping 31 Mei 2017, jam 08.00-11.00 wib.
Ieu kagiatan dilaksanakeun di Bale Pamidangan SMK Sundalana Jalan Garut No. 2 Kota Bandung.
Nu ngiringan ieu kagiatan julmahna aya kana 60 urang.
Jumlah waragad anu dipake pikeun ieu kagiatan nyaeta Rp. 2.500.000,-.
Nu jadi pinunjul dina ieu kagiatan nyaeta kelas X-1.
Perhatoskeun ieu bacaan di handap!
“Dina raraga milangkala SMA N 1 PARIGI nu ka 40, OSIS SMA N 1 PARIGI ngaayakeun kagiatan pagelaran seni Sunda pikeun lingkungan sakola. Ieu kagiatan téh minangka...”
Di luhur téh mangrupa bagéan ... dina laporan kagiatan.
Panutup
Bubuka
Waktu
Pamilon
Kacindekan
Salah sahiji mangpaat laporan kagiatan téh nya éta pikeun pertanggungawaban ka pihak nu patali jeung kagiatan atawa biasa disebut minangka….
Bukti jeung arsip
pamilon kagiatan
bahan evaluasi
bahan evaluasi
draft kagiatan
Pungsi atawa mangpaat dijieuna laporan kagiatan nyaaeta, iwal....
Alat pikeun nepikeun inpormasi
Keur pertanggung jawaban
Dokumen pikeun kagiatan kahareupna
Sumber pangalaman keur batur
Supaya meunang paniten pamarentah
Di handap ieu salah sahiji lengkah-lengkah nyieun rarancang laporan nya eta....
tangtukeun kasang tukangna ngalaksanakeun eta kagiatan
neangan ideu anu hade
ngumpulkeun anggota anu bakal jadi panitia
nyiapkeun sagala rupa pakaks anu diperlukeun
nataharkeun biyaya anu diperlukeun
