wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT Basa Sunda SDN Nanggerang

Total questions: 40

Worksheet time: 57mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan paguneman atawa tanya jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung atawa jarak jauh disebut ….

a)

Wawancara

b)

Biantara

c)

Sajak

d)

Dongéng

2.

Surabi kaasup kadaharan … anu dipikaresep ku balaréa.

a)

Modern

b)

Mahal 

c)

Tradisional

d)

Murah

3.

Titénan paguneman wawancara di handap ieu!

Dami           : “…?”

Narasumber:  “Anu kaasup kadaharan tradisional téh lain surabi hungkul aya ogé tutug oncom, kiripik cau, combro, wajit, borondong jeung sajaba na”       

 

Pertanyaan wawancara anu luyu kana jawaban di luhur nyaéta ….

a)

Saha waé anu dagang kadaharan tradisional?

b)

Kumaha cara nyieun kadaharan tradisional?

c)

Naon waé anu kaasup kadaharan tradisional?

d)

Iraha waé dagang kadaharan tradisional?

4.

Di handap ieu anu teu kaasup kadaharan tradisional nyaéta ….

a)

Opak

b)

Surabi

c)

Galéndo

d)

Pizza

5.

Titénan paguneman wawancara di handap ieu!

Wawan     : “...?”

Pak Odi    : “Tara tebih-tebih Bapa mah paling ogé dugi ka pagarsih, di dinya wé

                     sok mangkal caket tukang kembang”

 

Pertanyaan alu luyu kana jawaban di luhur nyaéta ….

a)

Bapa dagang sareng saha?

b)

Kamana waé Bapa sok ngider icalan?

c)

Sabaraha pangaosna bubur téh?

d)

Dimana linggihna?

6.

Di handap ieu kadaharan anu asalna ti Bandung Barat nyaéta….

a)

Wajit jeung gurilem

b)

Tauco jeung manisan

c)

Moci jeung dodol

d)

Tahu jeung surabi

7.

Titénan téks di handap ieu!

Memang ayeuna geus prah anu dagang kadaharan dirodaan, béda jeung baheula. Baheula mah umumna anu dagang dahareun téh ditanggung baé. Malah tanggunganana ogé boga ciri mandiri.

 

Eusi teks di luhur nyaritakeun ngeunaan ….

a)

Kadaharan tradisional jeung kadaharan modérn

b)

Béda na tukang dagang baso jeung cingcaw

c)

Kadaharan tradisional anu asalna ti Sumedang

d)

Béda na cara dagang baheula jeung ayeuna

8.

Gambar di gigir nuduhkeun tukang dagang ….

a)

Baso

b)

Es

c)

Kurupuk

d)

Cingcaw

9.

Titénan téks di handap ieu!

Saméméhna urang kudu nyadiakeun bahan-bahan kayaning: awi, keretas, benang lém jeung cét. Awi téh dipotong dibeulahan laleutik tuluy dirautan pikeun rarangkay. Ukuran keur jangjangna kira-kira 60 séntiméter, keur tulang tonggongna 50 séntiméter. Ěta awi meunang ngarautan téh ku urang dipalangkeun, tuluy ditalian sing pageuh. Sisi-sisina ogé ditalian maké benang, geus kitu ngagungting kertas, rubakna diukur kana rangkay tuluy diélém sisi-sisina, tuluy di cét.

Eusi téks di luhur nyaritakeun ngeunaan ….

a)

Cara maénkeun langlayangan

b)

Cara nyieun langlayangan

c)

Cara meuli langlayangan

d)

Cara nyieun benang gelasan

10.

Titénan téks di handap ieu!

Saméméhna urang kudu nyadiakeun bahan-bahan kayaning: awi, keretas, benang lém jeung cét. Awi téh dipotong dibeulahan laleutik tuluy dirautan pikeun rarangkay. Ukuran keur jangjangna kira-kira 60 séntiméter, keur tulang tonggongna 50 séntiméter. Ěta awi meunang ngarautan téh ku urang dipalangkeun, tuluy ditalian sing pageuh. Sisi-sisina ogé ditalian maké benang, geus kitu ngagungting kertas, rubakna diukur kana rangkay tuluy diélém sisi-sisina, tuluy di cét.

Di handap ieu nu teu  kaasup bahan-bahan jang nyieun langlayangan nyaéta ….

a)

Kardus

b)

Awi

c)

Kertas

d)

Benang

11.

Saméméhna urang kudu nyadiakeun bahan-bahan kayaning: awi, keretas, benang lém jeung cét. Awi téh dipotong dibeulahan laleutik tuluy dirautan pikeun rarangkay. Ukuran keur jangjangna kira-kira 60 séntiméter, keur tulang tonggongna 50 séntiméter. Ěta awi meunang ngarautan téh ku urang dipalangkeun, tuluy ditalian sing pageuh.

Sabaraha ukuran awi pikeun nyieun rarangkay langlayangan….

a)

Jangjangna 40 séntiméter tulang tonggongna 50 séntiméter

b)

Jangjangna 60 séntiméter tulang tonggongna 70 séntiméter

c)

Jangjangna 60 séntiméter tulang tonggongna 50 séntiméter

d)

Jangjangna 50 séntiméter tulang tonggongna 60 séntiméter

12.

Hal anu patali jeung kabiasaan turun-tumurun ti karuhun disebut ogé ….

a)

Modéren

b)

Agréng

c)

Tradisional

d)

Inovasi

13.

Pikiran atawa ngalakukeun hal-hal anu anyar, anu saméméhna can aya anu ngalakukeun disebut ogé ….

a)

Modéren

b)

Agréng

c)

Tradisional

d)

 Inovasi

14.

Nyarita dihareupeun balaréa disebut ogé ….

a)

Curhat

b)

Biantara

c)

Ngado’a

d)

Nyanyi

15.

Biantara diwangun ku tilu bagian nyaéta ….

a)

Bubuka, Eusi, Panutup

b)

Bubuka, Panganteur, Panutup

c)

Bubuka, Panutup

d)

Bubuka, Eusi

16.

“Rupina sakitu biantara ti sim kuring. Hapunten upami aya kekecapan anu kirang merenah. Mugia baé aya mangpaatna kanggo urang sadayana”

Kutipan di luhur mangrupakeun biantara bagian ….

a)

Salam bubuka

b)

Bubuka

c)

Eusi

d)

Panutup

17.

“Alhamdulillah, urang tiasa tepang di ieu tempat bari séhat wal afiat. Sim kuring, wasta pun Dami Sudarani, wawakil ti SD Cidora, badé medar perkawis kaséhatan”

Kutipan di luhur mangrupakeun biantara bagian ….

a)

Salam bubuka

b)

Bubuka

c)

Eusi

d)

Panutup

18.

Barudak anu resep jajan sambarangan babari kaserang….

a)

Bungah

b)

Sedih  

c)

Panyakit

d)

Sangsara

19.

Ngarah séhat urang kudu ngajaga lingkungan, salah sahiji upaya ngajaga lingkungan sakola nyaéta ….

a)

Ngabersihan halaman sakola

b)

Kerja bakti ngabersihan jalan

c)

Ngabersihan halaman imah

d)

Ngabersihan kamar

20.

Kasakit kulit, barudus atawa carénang biasana ateul lantaran kuman nyaéta panyakit ….

a)

Jéngkoleun

b)

Hileudeun

c)

Rorombéheun

d)

Budug

21.

Ceu imas mah teu kaop katiisan sok eungap, lantaran boga kasakit ….

a)

Barusuh

b)

Jangar

c)

Bengék

d)

Salatri

22.

Kasakit ... téh lantaran kakurangan vitamin C.

Eusi titik titik anu luyu jeung kalimat di luhur nyaéta ….

a)

Barusuh

b)

Jangar

c)

Bengék

d)

Salatri

23.

Dina sela-sela ramo sukuna marelentis lantaran ….

a)

Leuncangeun

b)

Hileudeun

c)

Rorombéhen

d)

Jeungjeuriheun

24.

Kecap hujan lamun maké rarangkén tungang-an jadi….

a)

Ngahujanan

b)

Hujan-hujanan

c)

Huhujanan

d)

Kahujanan

25.

Nami, ngaran, basa lemes keur sorangan, basa lemes keur ka baturna jenengan di sebut ogé ….

a)

Wasta 

b)

Ngaran

c)

Nami

d)

Urang

26.

Kadaharan tradisonal anu asal na ti Sumedang nyaeta (a)  

27.

Comro kadaharan anu dijieunna tina (a)  

28.

Jaman baheula mah umumna anu dagang dahareun téh carana di ….

(a)  

29.

Saeunggeus ngeléman keretas kana rangkay langlayangan tuluy di (a)  

30.

Lamun langlayangan rék diadukeun, kudu maké … ngarah kuat teu babari pegat.

(a)  

31.

Biantara diwangun ku tilu bagéan nyaéta bubuka, eusi jeung (a)  

32.

Kiwari seeur kacarioskeun jajanan anu katingalna saé, pikaresepeun, pikabitaeun nanging saleresna ngandung bibit (a)  

33.

Ulah sok nginum cai atah, kudu diasakan heula bisi kaserang panyakit …..

Mun pipis jadi teu lancar.

(a)  

34.

Kasakit kalikiben mah karasa na dina ….

(a)  

35.

Judul dongéng anu nyaritakeun kisah prabu sempur jeung ingon ingon na nyaéta ….

(a)  

36.

Sebutkeun 3 kadaharan tradisional anu aya di kabupaten Bandung Barat!

4 lines
37.

Hidep kungsi ngadu langlayangan? Cing caritakeun kumaha resepna!

4 lines
38.

Jelaskeun naon anu di maksud biantara!

4 lines
39.

Tuliskeun 3 jenis biantara!

4 lines
40.

Jelaskeun kumaha karasana panyakit salatri!

4 lines