wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UPK BASA SUNDA PAKET C TAHUN 2026

Total questions: 25

Worksheet time: 50mins

Name
Class
Date
1.

Prabu siliwangi kasapak keur ngarereb di gunung cibodas jeung bada-badalna. Manehna nyarita ye'n garwana, putrana sarta abdi-abdina dibe're kalonggaran naha re'k arasup islam atawa moal. Sanggeus cacarita sang prabu tuluy  ngahiyang, ngiles sapada harita. Abdi-abdina melengek ane'heun. Saware'h arindit tanpa tujuan. Sawareh deui cicing taretep di dinya di gunung cibodas, Lila-lila marane'hna jaradi arca (patung) anu kiwari katelah Arca Domas.

Dina teks diluhur palaku carita Babad Siliwangi nyaeta…

a)

Prabu siliwangi

b)

Maranehna

c)

Parajurit

d)

Kian santang

e)

Ki Senapati

2.

Tèks nu mangrupa pandangan, pendapat, atau kayakinan penulis ngeunaan kana hiji persoalan disebut tèks ....

a)

Narasi

b)

Argumentasi

c)

Deskripsi

d)

Persuasi

e)

Eksposisi

3.

Ciri-ciri tèks argumentasi nyaèta .....

a)

Biasana ngalibatkeun tokoh

b)

Anu maca siga anu ningali atanapi ngaraos objek nu dibahas

c)

Biasana ditungtungan ku kasimpulan pikeun ngayakinkeun pendapat anu nulis

d)

Biasana aya dialog

e)

Mangrupakeun bacaan nu ngajak pamirsa kudu nerapkeun hiji perkara

4.

Puisi tradisional nu ngagabungkeun antara seni sastra jeung lagu Sunda anu ditangtukeun aturanana disebut .....

a)

Pupuh

b)

Carita pondok

c)

Kawih

d)

Biantara

e)

pantun

5.

Moal ngejat sanajan ukur satapak.


Kecap ngejat sarua hartina jeung .....

a)

Maju

b)

Eureun

c)

Mundur

d)

Milu

e)

moal

6.

“ Panginiten sakitu heula serat ti abdi, apa sareng mamah mugia tetep sehat di lembur, sanes waktos di sambung deui “..... Paragraf di luhur kaasup....... surat.

a)

Titimangsa

b)

Salam bubuka surat

c)

Salam panutup surat

d)

Panutup surat

e)

Bubuka surat

7.

Ngalestarikeun budaya daerah sangkan teu punah teh nyaeta tanggung jawab ….

a)

masarakat

b)

polisi

c)

tentara

d)

pa camat

e)

pa lurah

8.

Hawa di kampung mah masih karasana seger kusabab loba keneh ….

a)

mobil

b)

tatangkalan

c)

sakola

d)

pabrik

e)

pakarangan

9.

Dina hiji poě Sakadang Kuya keur něangan kadaharan, ti isuk kěněh nepi ka beurang maněhana tacan keněh manggihan nanaon. Ngahaeut ka tengah poě, maněhna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naěk. 

Kulantaran kitu, tuluy maněhna běběja ka Sakadang Monyět, měnta tulung. Kie omongna “Sakadang Monyět, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naěk, cing tulungan pangalakeun, engkě paparoan” 

“Hadě,” tembal Sakadang Monyět. “Di mana?” Tuluy maraněhna arindit babarengan ka tempat tangkal cau těa. Sakadang Monyět, tuluy naěk, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan.  

Sempalan Dongéng diluhur kaasup kana jenis dongéng .....

a)

pabel

b)

parabel

c)

mite

d)

sasakala

e)

sage

10.

Dongéng mibanda ciri-ciri anu bisa ngabédakeunnana jeung wangun basa lancaran (prosa) lainna.

Di handap ieu nu teu kaasup ciri-ciri dongéng nyaéta….

a)

sakabéh eusi caritana bohong

b)

sumberna tatalépa sacara lisan

c)

awalna kagolong kana sastra lisan

d)

teu jelas nu ngarangna (anonim)

e)

ngandung unsur-unsur pamohalan

11.

Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta….

a)

téma

b)

palaku

c)

purwakanti

d)

amanah

e)

galur

12.

Sakadang Kuya mah teu diběrě sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak wě neureuyan ciduh. “Sakadang Monyět, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok. 

Tapi Sakadang Monyět teu malire, jongjon baě metikan jeung ngadaharan, kalahkah malědogan ku cangkangna. Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males. 

Watek tokoh monyět dina éta dongěng digambarkeun tina….

a)

kabiasaan jeung kaayaan lingkungan sabundeuranana

b)

disebutkeun langsung ku pangarangna

c)

caritaan tokoh séjén

d)

penampilan jeung réngkak polahna

e)

dedeg pangadeg jeung kahayangna

13.

“Hampura baě atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah loa paparin Děwata!” omongna deui lengas lengis.

Terjemahan tina kecap anu dibeureuman nyaěta….

a)

merebut

b)

mencuri

c)

memaksa

d)

menengadah

e)

memelas

14.

Watek sakadang kuya miboga hate dendam jeung hayang males kanyeuri ditunjukkeun ku kalimat…..

a)

“Sakadang Monyět, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naěk, cing tulungan pangalakeun, engkě paparoan”

b)

ah, ulah ngaganggu, uing těh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti Děwata. Kakarka uing mah barang dahar ni’mat kieu.”

c)

“Sakadang Monyět, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon”

d)

Keur naon makě měrě ka maněh, kapan barěto gě maněh teu měrě cau ka uing, padahal ěta těh uing anu manggihana?”

e)

“Nya ari maksa-maksa teuing mah kop baě, tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!”

15.

Tarjamah téh sok disebut ogé alih basa, nyaéta mindahkeun téks tina basa sumber (asal) kana basa séjén. Narjamahkeun disebut ogé nyalin atawa mindahkeun amanat ti hiji bas a ka basa séjén. Lian ti tarjamahan, aya ogé istilah saduran atawa nyadur. Saduran mah narjamahkeun karya sastra tina basa asing, ku cara nulad jalan caritana wungkul, ari ngaran tokoh jeung latar caritana mah diluyukeun kana kaayaan di urang.

a)

définisi tarjamah

b)

définisi saduran

c)

karakteristik tarjamah     

d)

bédana tarjamah jeung saduran 

e)

karakteristik saduran

16.

Gaji sebesar itu tidak cukup untuk menutup kebutuhan sehari-hari.

Tarjamah anu merenah pikeun kalimat di luhur nyaěta….

a)

Gajih sagedě ěta henteu cukup pikeun nutup kabutuhan sapopoě.

b)

Gajih sagedě ěta henteu cukup pikeun nutup kabutuhan sapoě-poě.

c)

Gajih sakitu těh teu cukup pikeun nutupan pangabutuh sapopoě.

d)

Gajih sagedě kitu těh teu cukup pikeun nyumponan pangabutuh sapopoě.

e)

Gajih sakitu těh teu cukup pikeun nyumponan pangabutuh sapopoě.

17.

Lengkah-lengkah nyieun tarjamahan:

1. nerjemahkeun luyu jeung kaidah-kaidahna

2. maca dina jero hate (maca ngilo)

3. paham kana alur carita (prosa)/eusi dina sajak (lancaran)

4. nyiapkeun teks anu rek ditarjamahkeun

5. mariksa hasil nerjemahkeun

a)

1-3-5-4-2

b)

2-4-5-3-1

c)

3-5-4-2-1

d)

4-2-3-1-5

e)

5-3-4-2-1

18.

Di handap ieu mana kalimah anu disebut Rėsiprokatif....

a)

Pa Nanang nuju moyan di Pakarangan

b)

Andi jeung Tatan silihpoyok

c)

Ani Nuju liburan ka Cirebon

d)

Jang Andri keur nanyaan ka imah awėwėna

e)

Kang Emen keur nguseup di wahangan

 

19.

Di handap anu teu kaasup kalimat refleksif nyaeta....

a)

Kang Ubay nyiwit leungeunna sorangan

b)

Bi Nuni ngagubragkeun dirina saba'da narima telepon yěn indungna maot

c)

Lalaki nu keur děprěsi ěta malidkeun diri ka walungan Cisadaně

d)

Geus lila Mang Udin teu patanya jeung Mang Opik

e)

Mang Burhan nyukuran kumisna unggal poě Jum'ah

20.

Sakadang Kuya mah teu diběrě sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak wě neureuyan ciduh. “Sakadang Monyět, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok

Tapi Sakadang Monyět teu malire, jongjon baě metikan jeung ngadaharan, kalahkah malědogan ku cangkangna. Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males.

a)

dibagi dua - berteriak - peduli - santai

b)

dibagi dua - bercerita - peduli - segera

c)

dibagi dua - bercerita - serakah - selonjor

d)

pemberian - berkata - egois - santai

e)

pemberian - berteriak - peduli - santai

21.

Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumeber di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng….

a)

pabel

b)

parabel

c)

sasakala

d)

mite

e)

sage

22.

GUGURITAN KINANTI “JANGJI KURING”


Kieu rasana kaduhung

Rumasa salah di diri

Ayeuna kari erana

Indung bapa milu sedih

Batur mah ukur ngalimba

Tanggung jawab mah pribadi


Waktuna lain ngalengkur

Ayeuna kuduna singkil

Nyingkirkeun sifat leleda

Diajarna masing gasik

Ngarah aralus peunteunna

Ka indung bapa geus jangji


Dina unggal pada na aya sabaraha padalisan dina guguritan pupuh kinanti diluhur ….

a)

2

b)

6

c)

8

d)

12

23.

GUGURITAN KINANTI “JANGJI KURING”


Kieu rasana kaduhung

Rumasa salah di diri

Ayeuna kari erana

Indung bapa milu sedih

Batur mah ukur ngalimba

Tanggung jawab mah pribadi


Waktuna lain ngalengkur

Ayeuna kuduna singkil

Nyingkirkeun sifat leleda

Diajarna masing gasik

Ngarah aralus peunteunna

Ka indung bapa geus jangji


Jejer (tema) eusi guguritan jangji kuring nyaeta ...

a)

sumanget ka sakola

b)

rasa kaduhung teu getol diajar, jangji rek rajin diajar.

c)

milih sobat sing taliti

d)

hirup ulah kabawa sakaba-kaba

e)

Waktuna lain ngalengkur

24.

Wacana anu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan hiji jalma, ilaharna mah tokoh atawa inohong anu sukses dina kahirupanana disebutna ....

a)

otobiografi

b)

monografi

c)

biografi

d)

bibliografi

e)

koreografi

25.

Anu kaasup kana kalimah panyarek, nyaeta ....

a)

Mangga ka lebet, Pa!

b)

Muga-muga urang sadaya lulus!

c)

Wan, nambut pamupus!

d)

Teu kenging ameng didinya!

e)

Punten, bade ningali kang Asep