Font size
WorksheetsUS BAHASA SUNDA TP 2022/2023
Total questions: 45
Worksheet time: 2hrs 25mins
Tengetan ieu paguneman!
Néni : Ibu hapunten, abdi kamari teu lebet sakola.
Ibu Guru : Muhun ku naon? Teu ngintun serat geuning.
Neni : Kamari téh teu raraos. Rupina kacapéan saparantos ngiring pasanggiri.
Ibu Guru : Muhun teu nanaon upami kitu mah, kumaha ayeuna tos damang?
Néni : Alhamdulillah tos sakinten, hatur nuhun pisan, Ibu.
Ibu Guru : Muhun sawangsulna ulah kateterasan, nya.
Néni : Amiiin.
Kalimah mana anu nuduhkeun ménta dihampura?
Ibu hapunten, abdi kamari teu lebet sakola
Teu ngintun serat geuning
Abdi Kamari teu lebet sakola
Muhun sawangsulna, ulah kateterasan, nya
Ilikan ieu gambar!
Rumpaka kakawihan mana anu saluyu pikeun gambar di gigir?
Oray-o Oray-orayan luar-léor mapay sawah
tong ka sawah paréna keur sedeng beukah
oray-orayan luar-léor mapay leuwi
tong ka leuwi di leuwi loba nu mandi
Eundeuk-eundeukan lagondi
meunang peucang sahiji
leupas deui ku nini
beunang deui ku aki
Trang-trang koléntrang
si londok paéh nundutan
tikusruk kana durukan
mesat gobang kabuyutan
Cing ciripit
tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu paré
bulu paré seuseukeutna
Baca ieu cutatan pupujian!
Nabi urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhamad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana
Ramana Sayid Abdulloh
ibuna Siti Aminah
dibabarkeunna di Mekah
wengi Senén taun Gajah
Cindekkeun (simpulkeun), ngeunaan naon eusi cutatan pupujian di luhur?
Naséhat pikeun umat
Pangajaran agama
Solawat ka Kangjeng Nabi
Du’a jeung tobat ka Pangéran
Bandingkeun dua téks digigir!
Sanggeus dibandingkeun, pék cindekkeun bédana narasi pangalaman pribadi jeung dongéng!
Narasi pangalaman pribadi eusina réalistis; dongéng eusina ngandung unsur pamohalan
Narasi pangalaman pribadi waktuna geus tangtu; dongéng mah waktuna can tangtu
Narasi pangalaman pribadi wangun lancaran; dongéng mah wangun ugeran
Narasi pangalaman pribadi caritana parondok; dongéng mah caritana paranjang
Baca ieu cutatan dongéng!
Jaman baheula, aya randa beunghar ngaranna Nyi Endit. Disebut Nyi Endit lantaran kacida peditna. Sipat meditna kawentar ka mamana. Kacaritakeun harita Nyi Endit tas bérés panén. Kabiasaan di éta lembur, lamun tas réngsé panén kudu sidekah ngondang tatangga. Daék teu daék, Nyi Endit ngalaksanakeun acara sidekah, ngondang tatanggana, nyuguhan. Keur meujeuhna saréréa balakécrakan barangdahar, jol, aki-aki bongkok datang nyampeurkeun. Bajuna sararoék pikawatireun. Si Aki rék ménta dahareun ka Nyi Endit. Ku Nyi Endit lain dibéré tapi kalah dicarékan laklak dasar.
Cutatan dongéng di luhur kagolongkeun kana dongéng ….
fabel
sasakala
parabel
miteu
Baca ieu cutatan dongéng sasakala!
Gunung Puntang ayana di daérah Banjaran, Bandung Selatan. Nurutkeun sesepuh di dinya, Gunung Puntang téh tempat anu dipaké muntang ku Prabu Siliwangi nalika diudag-udag ku anakna, Radén Kéan Santang. Maksud Kéan Santang ngudag-ngudag ka Prabu Siliwangi téh sangkan Prabu Siliwangi lebet agama Islam.
Di mana latar tempatna jeung iraha latar anu kaunggel dina sempalan dongéng di luhur?
Gunung Puntang, Bandung Selatan jaman kiwari
Bandung Barat, mangsa Prabu Siliwangi jumeneng
Bandung Selatan, mangsa Prabu Siliwangi jumeneng
Gunung Puntang, Banjaran, jaman kiwari
Mana iklan layanan masarakat anu eusina umajak nyarita ku basa Sunda?
Lenyepan ieu cutatan sajak!
Ajengan Cigalumpit
Karya Apip Mustopa
léngkob mana nu can kasaba
pasir mendi nu can kasungsi
Ajengan Cigalumpit
lalaki langit
lamun kedal sora tina bahamna
Allohu Akbar!
aleutan Walanda bubar
tina leungeun leungeunna nu baruluan
bedil nu metet ku pélor maruragan
…………………………..
(tina Sajak Sunda Indonésia Emas, 2010)
Katitén aya imaji panguping dina sajak di luhur :
lamun kedal sora tina bahamna, Allohu Akbar!
léngkob mana nu can kasaba
Ajengan Cigalumpit lalaki langit
tina leungeun-leungeunna nu baruluan
Tengetan ieu tulisan maké aksara Sunda anu aya digigir!
Kumaha dibacana?
Hampang leungeun
Hampang birit
Panjang léngkah
Panjang leungeun
Tengetan ieu cutatan kawih “Cinta Nusa”!
Indonesia gemah ripah loh jinawi
alam éndah héjo lémbok sugih mukti
subur tutuwuhan, beunghar pepelakan
daun héjo ngémploh karaharjaan lemah cai
“Sugih mukti” dina cutatan kawih di luhur hartina ….
ayem tengtrem
beunghar pisan
subur ma’mur
éndah asri
Tengetan ieu cutatan kawih “Cinta Nusa”!
Kakayon tumuwuh sumbur pajangkung-jangkung
petétan ngawujud sirung pagulung-gulung
piraku rék réla piraku rék téga
alam nu ngémploh héjo
pinarengan ngarangrangan, teu kariksa
Tina cutatan kawih di luhur dina padalisan ka sabaraha aya purwakanti sora /o/?
Ka-2
Ka-3
Ka-4
Ka-5
Baca ieu cutatan warta!
Menteri Pekerjaan Umum dan Perumahan Rakyat (PUPR), Basuki Hadimulyono nétélakeun, aya 2.400 stok RISHA (Rumah Instan Sederhana Sehat) anu siap diadegkeun di Cianjur. Éta imah diajangkeun pikeun korban lini 5,6 skala MMI anu ngeundeurkeun Cianjur dina tanggal 21 Nopémber 2022 kaliwat. Targétna, sakabéh wangunan imah kudu geus réngsé diwangun ku Kementerian PUPR saméméh lebaran taun 2023.
“Dinten énjing, tanaga bangunan bakal ditambihan janten 100 urang, supados téréh réngséna,” kitu ditétélakeun ku Basuki. Sakumaha ditepikeun saméméhna, kiwari di Cianjur keur diwangun 200 unit RISHA di Sirnagalih, Kacamatan Cilaku, dina lahan anu legana 2.400 Hektar. Salian ti di Cilaku, Pamaréntah Kabupatén Cianjur ogé nyadiakeun lahan, legana 30 Hektar di Kacamatan Mandé (Diropéa tina kompas.com).
Tina cutatan warta di luhur, kapanggih unsur naon (what) nyaéta ….
aya 2.730 stok imah RISHA pikeun korban lini Cianjur
pikeun ngadegkeun RISHA disadiakeun lahan 2.430 Hektar
kajadian lini di Cianjur tanggal 21 Nopémber 2022 nu kaliwat
jumlah tanaga bangunan bakal ditambahan jadi 200 urang
Tengetan ieu gambar, laju bandingkeun jeung ieu ungkara wawangsalan anu copong!
Baju bodas ngurus pasén
………………………….
Wangsalna: Suster
Ungkara anu merenah pikeun ngalengkepan wawangsalan di luhur, nyaéta ….
keur bageur téh jaba pinter
gawéna di rumah sakit
nu gering sok diubaran
gawéna beurang jeung peuting
Mana di antara ieu cutatan artikel anu bener dina ngalarapkeun aksara gedé (kapital)?
Carita wayang téh asalna mah ti india. Sumber asalna tina buku mahabarata karangan wiyasa jeung ramayana karangan walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan pandawa jeung kurawa anu marebutkeun nagara warisan karuhunna. Tepi ka ahirna kajadian perang campuh di tegal kurusétra anu disebut perang baratayuda
carita wayang téh asalna mah ti India. Sumber asalna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa jeung Ramayana karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung Kurawa anu marebutkeun nagara warisan karuhunna. tepi ka ahirna kajadian perang campuh di Tegal Kurusétra anu disebut perang Baratayuda.
Carita wayang téh asalna mah ti INDIA. Sumber asalna tina buku MAHABARATA karangan wiyasa jeung ramayana karangan walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan pandawa jeung kurawa anu marebutkeun nagara warisan karuhunna. Tepi ka ahirna kajadian perang campuh di tegal kurusétra anu disebut perang BARATAYUDA.
Carita wayang téh asalna mah ti India. Sumber asalna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa, jeung Ramayana karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung Kurawa anu marebutkeun nagara warisan karuhunna. Tepi ka ahirna kajadian perang campuh di Tegal Kurusétra anu disebut perang Baratayuda.
Tengetan ieu pupuh mijil!
Mungguh hirup, hidep kudu bersih
tong nepi ka poho
ngurus awak masing hadé-hadé
mun beresih hidep gé tarapti
rapih mah pinasti
séhat ogé tangtu
Pék tangtukeun guru wilangan jeung guru laguna!
10i-6o-10é-10i-6i-6i
10i-6o-10é-10i-6i-6u
10i-6o-10é-10i-6i-6é
10i-6o-10é-10i-6i-6a
Titénan ieu tabél klasifikasi pupuh!
Mana pertélaan anu bener dumasar tabél di luhur?
Mijil kaasup pupuh sekar ageung
Durma kaasup pupuh sekar ageung
Mijil jeung durma kaasup pupuh sekar ageung
Mijil jeung durma kaasup pupuh sekar alit
Titénan ieu ungkara!
Hadirin anu sami linggih,
Supados ieu acara lumangsung kalayan lungsur-langsar sarta aya dina rido Alloh Subhanahuwata’ala, sumangga urang kawitan ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrohmannirohim.
Hadirin, ayeuna urang lajeng waé ku ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an anu baris digalindengkeun ku Sadérék Deni Mulyanai kalayan saritilawah Sadérék Kartika Ningrum. Sumangga dihaturanan!
Tina ungkara di luhur, katitén tugas panata acara téh di antarana ….
nitah maca basmalah ka hadirin
nganuhunkeun ka nu ngeusian acara
muka jeung nyambungkeun acara
ngoméntaran ka nu geus midang dina acara
Baca ieu cutatan carita pondok!
"Jang, isuk mah sakola deui wé nya!" pokna. "Sing getol cara sasari. Sing nyaah ka Ema. Di sakola sing saregep, ulah carékeun batur. Geuning guru-guru téh sakitu balageurna". Kuring teu nembal, teu unggeuk. Komo barang diusapan sirah mah kuring téh kalah ka nyuuh. "Sing tawekal, Jang, urang téh keur dipuragaan. Mana kieu gé kersana Pangéran. Ngan muga-muga wé Bapa sing geura cageur sacara bihara-bihari deui.” (tina “Surat keur Bapa” karangan Iskandarwassid)
Palaku utama dina cutatan carita pondok di luhur nyaéta ….
bapa
ema
guru
kuring
Baca ieu cutatan carita pondok!
Barang jrut turun tina mobil téh, kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang patingjalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui na wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring bangun anu palinter. (tina Simpay Basa Sunda kelas VIII, 2018)
Dumasar cutatan carita pondok di luhur, katitén latar tempatna ….
di lapang
di gudang
di sakola
di alun-alun
Baca ieu cutatan carita pondok!
"Jang, isuk mah sakola deui wé nya!" pokna. "Sing getol cara sasari. Sing nyaah ka Ema. Di sakola sing saregep, ulah carékeun batur. Geuning guru-guru téh sakitu balageurna". Kuring teu nembal, teu unggeuk. Komo barang diusapan sirah mah kuring téh kalah ka nyuuh. "Sing tawekal, Jang, urang téh keur dipuragaan. Mana kieu gé kersana Pangéran. Ngan muga-muga wé Bapa sing geura cageur sacara bihara-bihari deui.” Genteng-genteng ulah potong." (tina “Surat keur Bapa” karangan Iskandarwassid)
Anu henteu kaasup kana amanat cutatan carita pondok di luhur nyaéta ….
sok sanajan kaayaan sarwa kakurangan, urang kudu junun diajar
lamun teu kuat nahan kaéra, teu sakola sababaraha poé mah hal anu wajar
kudu nyaah ka nu jadi indung bapa, kudu nurut kana papatahna
hirup mah tong peunggas harepan, kudu sumanget sarta tawekal
Tengetan ieu cutatan laporan kagiatan!
Anu ilubiung dina kagiatan lalampahan ka Musieum Konferensi Asia Afrika nyaéta murid-murid Kelas VIII SMP Negeri Sundalana. Réana 114 urang wanoja jeung 100 urang lalaki, diaping ku opat urang guru pangaping.
Tina cutatan laporan kagiatan di luhur, sabaraha jumlah pamilon?
100 urang
114 urang
214 urang
218 urang
Tengetan ieu wincikan ngeunaan biantara!
1) Nu nyaritana sorangan
2) Nu nyaritana lobaan
3) Pamiarsana lobaan
4) Pamiarsana sorangan
5) Nepikeun maksud/gagasan
6) Tempatna di lapang
Tina wincikan di luhur, mana anu kaasup ciri utama biantara?
1, 2, jeung 4
1, 3, jeung 4
1, 3, jeung 5
1, 4, jeung 6
Clara Khadiza diperedih miluan pasanggiri biantara ku guruna. Sanajan naskahna dipangnyieunkeun ku guruna tapi asak pisan manéhna latihan. Dina prungna biantara, tangtu baé naskah téh teu meunang dibaca, tur teu meunang dibawa ka panggung. Sanajan kitu, Clara Khadiza lancar biantara hareupeun girang pangajén, da eusi biantara geus ngolotok dina sirahna.
Prak-prakan biantara modél kitu kaasup kana métodeu ….
ngapalkeun
maca naskah
ngadadak
ékstémporan
Tengetan ieu ungkara!
“Rupina sakitu anu tiasa kapihatur. Hatur nuhun kana samukawis perhatosan. Hapunten bilih aya kekecapan anu kirang merenah. Dina leresna, hikmah berekah ti Gusti Alloh, dina lepatna éstuning kabodoan sim kuring. Billahi taufik walhidayah, wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh.
Ungkara di luhur téh dina sistimatika biantara, kaasup kana bagian ….
bubuka
eusi poko
kacindekan
panutup
Titénan ieu wincikan!
1) Nyekel pageuh tali paranti ti para karuhun
2) Aya pantrangan-pantrangan anu teu meunang dipungpang
3) Miboga adat-istiadat sorangan
4) Narima kana kamajuan jaman
5) Dipingpin ku pupuhu adat
6) Imahna dijieun tina batako jeung marmer
Dumasar kana wincikan di luhur, mana anu lain ciri-ciri kampung adat?
1 jeung 2
3 jeung 5
1 jeung 6
4 jeung 6
Pasangkeun ngaran kampung adat Sunda jeung lokasina masing merenah!
Papasangan anu bener nyaéta ….
1A, 2B, 4D, jeung 6G
1B, 3E, 5D, jeung 7C
2F, 4A, 6G, jeung 7B
3E, 4A, 5D, jeung 6F
Baca ieu cutatan téks déskripsi!
Di bagian lahan anu rada luhur, aya Imah Gedé. Imah éta téh tempat matuhna Pupuhu Kampung. Wangunanana gedé, lalega, dipasieup ku suhunan julang ngapak. Gigireunana aya imah Girang Serat, tempat pamatuhan girang serat, nyaéta jalma anu pancénna purah mantuan Pupuhu Kampung dina ngokolakeun adat jeung kahirupan di Sindangbarang. Teu jauh ti dinya, aya deui Saung Talu. Ieu mah wangunan paranti mintonkeun rupa-rupa kasenian. Éta wangunan téh tiluanana aya di sisi alun-alun anu lega, tempat paranti lumangsungna upacara adat Sérén Taun. Salian ti upacara taunan, urang Sindangbarang ogé sok ngayakeun salametan dina malemam 14 purnama.
Nurutkeun cutatan di luhur, Saung Talu biasana sok dipaké paranti ….
lumangsungna upacara adat Sérén Taun
salametan dina maleman 14 purnama
tempat matuhna pupuhu kampung
mintonkeun rupa-rupa kasenian
Ieu novel nyaritakeun opat budak rumaja anu sakola di hiji SMP. Diran, Rina, Anis, jeung Emod sarakola di SMP 1001. Hiji mangsa Diran nimu keretas anu eusina ukur béréndélan angka enol jeung hiji. Mutuh matak héran jeung panasaran. Éta barudak nu opat, usaha satékah polah sangkan eusi keretas téh bisa kabokér, tur bisa kaharti. Maranéhna yakin, angka-angka éta aya ma’nana. Tangtu baé upaya maranéhna teu mulus, aya halangan harungan anu datangna ti jalma anu sarua hayang meunangkeun éta kertas jeung hayang nyaho maksud eusina pikeun kauntungan dirina.
Tina ringkesan novel di luhur, sebutkeun naon judulna, jeung saha pangarangna?
Misteri Haur Geulis karangan Dadan Sutisna
Rasiah Kodeu Binér karangan Dadan Sutisna
Si Paser karangan Tatang Sumarsono
Si Sekar Panggung karangan Tatang Sumarsono
Ieu novel nyaritakeun hiji rumaja putri anu sakola di hiji SMA. Manéhna pinter nembang, sorana teuing ku halimpu, matak dédéngéeun. Sorana mah enyaan alus, ngan cenah rupana teu sabaraha. Hiji mangsa manéhna ngarasa kuciwa, lantaran asa dihianat ku babaturan sakolana jeung ku guru nu ngalatih drama. Enya, kageulisan jeung kakayaan mah manéhna téh teu boga, tapi manéhna boga sora nu hadé jeung haté nu sadrah.
Tina ringkesan novel di luhur, sebutkeun naon judulna, jeung saha pangarangna?
Béntang Hariring karya Dian Héndrayana
Béntang Pasantrén karya Usep Romli H.M.
Jangji Asih karangan Aam Amilia
Sekar Karaton karangan Aam Amilia
Baca cutatan novel ieu!
"Rin!" Emod ngaharéwos.
"Aya naon, Mod?" cék Rina.
"Inget kana jangi?"
"Jangji naon?"
"Sapatu téa.
"Engké di Bandung!" Terus ngaharéwos ka Diran.
"Dir "
“Héh”
"Nu hideung nya."
"Heueuh!" Geus kitu malik ka Rudi.
"Uing bakal boga sapatu dua rampasan!" pokna.
(Tina Misteri Haur Geulis, Dadan Sutisna, 2017)
Katitén gaya pangarang dina cutatan novel di luhur ….
gemet (mendetail) ngadéskripsikeun kaayaan
ngagunakeun dialog anu parondok
ngagunakeun basa lemes dina wangkongan
loba ngagunakeun babandingan
Baca cutatan novel ieu!
"Tong bari ambek-ambekan atuh, Mod, maca sajak téh!" Pa Oding mésem.
"Siga keur nawarkeun cau!" Diran nyelengkeung.
"Moal enya, Mod, aya gunung sagedé munding?" cék Rina.
"Tuh, jeung peureup ogé gedé kénéh peureup!" Emod ngantelkeun leungeunna kana juru panon.
"Nya enya atuh, da gunung mah jauh. Jung téang ka ditu!"
"Teruskeun anggursi maca sajak téh. Karangan saha, Mod?" cék Bu Éni.
"Kénging abdi, Bu!"
"Paingan atuh, sawah sakitu héjona disebut sumedeng konéng!
(Tina Misteri Haur Geulis, Dadan Sutisna, 2017)
Tina cutatan novel di luhur, katitén suasana ….
gogonjakan
ambek-ambekan
maca sajak
dagang
Ilikan gambar!
Di gigir téh gambar jilid novel Budak Teuneung karangan ….
Samsudi
Dadan Sutisna
Tatang Sumarsono
Yus Rusyana
Ilikan gambar!
Di luhur téh gambar jilid novel Rasiah Kodeu Binér karangan ….
Samsudi
Dadan Sutisna
Aam Amilia
Tini Kartini
Ilikan ieu tabél!
Papasangan babasan jeung hartina anu merenah aya dina baris ....
1, 3, jeung 4
2, 3, jeung 4
1, 3, jeung 5
2, 3, jeung 5
Ilikan ieu tabél!
Papasangan babasan jeung hartina anu merenah aya dina baris ….
1, 2, 3, jeung 4
1, 3, 4, jeung 5
2, 3, 4, jeung 5
1, 2, 4, jeung 5
Lengkepan ieu kalimah ku paribasa anu merenah!
“Kadé Jang … ulah gampang kabita ku kauntungan gedé, nepi ka sagala dirumpak.”
ulah hiber méméh jangjangan
ulah kabawa ku sakaba-kaba
ulah haripeut ku teuteureuyeun
ulah ngajul bulan ku asiwung
Lengkepan ieu kalimah ku paribasa anu merenah!
“Cik Néng, geulis, bageur, soléhah, ari jeung dulur téh kudu akur, ulah ….”
kawas beubeulahan térong
kawas cai dina daun taleus
kawas anjing tutung buntut
kawas ucing jeung anjing
Tengetan ieu cutatan drama!
Gusti Prabu : “Ih, orok ajaib atuh éta mah. Terus naon nu matak jadi kahariwang Paman?”
Paman Léngsér : “Numawi, Gusti Prabu, éta orok téh rampus pisan sagala dituang.”
Gusti Prabu : “Alus, Paman, hartina éta orok téh séhat.”
Paman Léngsér : “Sanés kitu, Gusti Prabu, anu dituangna téh sanés kadaharan wungkul. Pepelakan di buruan, anak hayam, malah ka lamak bubu-tutan ogé sok dituang ku orok téh.”
Cutatan drama di luhur kaasup kana bagian ….
monolog
dialog
prolog
épilog
Ilikan gambar!
Pikeun éta pintonan drama, properti naon waé anu diperlukeun?
Pigura jeung bonéka
Kaos oblong jeung pigura
Pigura jeung nini-nini
Dua lalaki jeung bonéka
Ieu cutatan dialog drama téh tacan lengkep, pék lengkepan!
Paman Léngsér : Kumaha upami ku putra Gusti Prabu baé, ku Radén Aria.
Gusti Prabu : Tah enya, alus ide téh, Paman! Ngarah engké Si Agus jadi kasohor, nya? Tangtu bakal diliput ku wartawan télévisi. “Tujuh Mustika geus kapanggih ku putra raja ti Karajaan Manoko.” Cas heula ah, paman! Cik urang geroan Si Agusna.
Agus! Agus...! Ka dieu!
Praméswari : ..........................................................................
Gusti Prabu : Enya, apan sok di-Agus-Agus ku urang téh lin?
Agus! Sagus! Sagus! Ka dieu!
“Tuh nya Kakang Prabu mah. Piraku nyauran siga kitu. Agus-agusan. Juragan, kituh”
“Kakang, asa teu pantes sasauran téh. Saéna mah nyauran téh Kangjeg Dalem, kituh.”
“Ih, Kakang Prabu mah. Piraku nyauran ka putra raja mani kitu! Radén! Radén Aria Lingga Kancana, kituh!”
“Ih, Kakang Prabu mah. Piraku teuing nyalukan ka putra raja mani kitu! Kedahna Juragan kituh.”
Ieu di handap, sisindiran tacan lengkep, kakara aya bagian eusi. Pék lengkepan ku bagian cangkang anu merenah!
..................................
..................................
dina waktu rék diajar
hayu ngadaru’a heula..
Ngatur susunan acara téh salah sahiji tugas panata acara. Di sakola, rék diayakeun Rajaban, tapi ieu susunan acarana tacan bener runtuyanana. Pék atur deui masing ngaruntuy ti awal tepi ka ahir!
- Pedaran Isro-Mi’raj Kangjeng Nabi Muhammad SAW
- Biantara pangbagéa Kapala Sakola
- Galindegna Ayat Suci Qur’an
- Laporan pupuhu panatacalagara
- Bubuka
- Du’a-Panutup
Biantara penting pisan dina kahirupan urang sapopoé. Dina upacara, dina hajat jeung kariaan, tangtu diperlukeun biantara. Upamana hidep jadi pupuhu OSIS, pék contoan kumaha kalimah-kalimah panutup biantara Pupuhu OSIS dina acara miéling kamerdikaan di sakola!
Dina kahirupan sapopoé, sok kapireng babasan “hampang birit”.
a. Jéntrékeun naon hartina!
b. Kumaha larapna dina kalimah, prak jieun kalimahna!
Dina kahirupan sapopoé, sok kapireng paribasa “indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat”.
a. Jéntrékeun, naon hartina!
b. Kumaha larapna dina kalimah, prak jieun kalimahna!
