wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PSAT PG BAHASA SUNDA KELAS 11

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Hiji bukti anu eusina mangrupa sagala rupa atawa sagala hal nu aya patalina jeung hiji kagiatan anu geus réngsé dilaksanakeun disebut .....

a)

Wawancara

b)

Laporan kagiatan

c)

Warta

d)

Carita pangalaman

e)

Biantara

2.

Kaasup kana hiji tulisan dina ragam tulisan resmi, laporan kagiatan ngabogaan struktur anu maneuh ( pasti ) nya éta .....

a)

Waktu - tempat - pamilon

b)

Bubuka – waragad - eusi

c)

Waktu – waragad – panutup

d)

Tempat – waragad - pedaran

e)

Bubuka – eusi - panutup

3.

Struktur tina laporan kagiatan anu eusina mangrupa panganteur pikeun mawa anu maca kana pasualan naon anu rék dilaporkeun, nerangkeun naon-naon wae anu jadi kasang tukang diayakeunana hiji kagiatan, sarta rasa sukur yén hiji kagiatan réngsé dilaksanakeun nya éta .....

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Kacindekan

e)

Waragad

4.

Sakumna kagiatan umumna lumangsung kalawan lungsur-langsar luyu jeung rarancang anu geus dijieun saméméhna. Panitia ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak anu geus ngarojong kana ieu kagiatan. Ungkara ieu biasana bakal kapanggih dina salah sahiji struktur laporan kagiatan anu mangrupa .....

a)

Pamungkas

b)

Eusi

c)

Bubuka

d)

Panutup

e)

Kacindekan

5.

Sawatara hal anu diwincik dina bagéan eusi tina laporan kagiatan diantarana nya éta .....

a)

Kasang tukang, jeung tujuan

b)

Waktu, pamilon, jeung waragad

c)

Kacindekan, saran jeung kritik

d)

Manfaat, tujuan, jeung kasang tukang

e)

Kacindekan jeung pamilon

6.

Nyéwa alat sound system 1 sét Rp 500.000, dokuméntasi 1 pakét Rp 300.000, hadiah 1 pakét Rp 1.000.000, konsumsi 1 paket Rp 500.000, dékorasi 3 pakét Rp 600.000. Total Rp 2.900.000. Aya sésa saldo gedéna Rp 100.000 disimpen kana kas OSIS. Pedaran ieu biasa diwincik dina laporan kagiatan anu disebut .....

a)

Kasang tukang

b)

Pamilon

c)

Tujuan

d)

Kacindekan

e)

Waragad

7.

Di handap ieu kaasup kana rupa-rupa kadaharan atawa rupa-rupa kaolahan urang Sunda, kajaba .....

a)

Awug, bacang, dodol

b)

Kerak telor, ketoprak

c)

Leupeut, nagasari, kelepon

d)

Kupat tahu, bugis, surabi

e)

Ali agrem, putri noong, gegetuk

8.

Basa anu biasa dipaké dina nyusun hiji laporan kagiatan nya éta basa .....

a)

Lemes keur ka saluhureun

b)

Lemes keur ka sorangan

c)

Loma

d)

Pergaulan

e)

Baku

9.

Di handap ieu kalimah anu merenah pikeun nutup hiji laporan kagiatan nya éta .....

a)

Panitia ngahaturkeun nuhun ka sadaya pihak anu parantos ngarojong kagiatan ieu

b)

Kagiatan ieu dilaksanakeun kaping 12 Désémbér 2019 di Aula SMA Pasundan 1 Cimahi

c)

Pamilon dina kagiatan pasanggiri ieu sadayana aya 35 jalmi ti sababaraha sakola.

d)

Dina raraga miéling Poé Basa Indung, OSIS SMA Pasundan 1 Cimahi ngayakeun pagelaran Seni Sunda.

e)

Kagiatan pagelaran ieu lumangsung kalawan dibagi jadi tilu rintakan atawa tilu babak

10.

Di handap ieu mangrupa salah sahiji anu jadi inti kagiatan dina nyusun laporan ngolah salah sahiji kadaharan khas urang Sunda, kajaba .....

a)

Kasang tukang ngolah kadaharan khas urang Sunda

b)

Mangpaat ngolah kadaharan khas urang Sunda

c)

Tujuan ngolah kadaharan khas urang Sunda

d)

Biaya anu diperlukeun upama ngolah salah sahiji kadaharan khas urang Sunda

e)

Ngadata jenis-jenis kaolahan atawa kadaharan khas urang Sunda

11.

Sakur lalaguan nu aya di tatar Sunda bisa disebut mangrupa .....

a)

Sajak

b)

Kawih

c)

Pupuh

d)

Opera

e)

Musikalisasi puisi

12.

Ditilik tina strukturna, kawih kaasup kana jenis karangan dina wangun .....

a)

Drama

b)

Sajak

c)

Dongéng

d)

Non fiksi

e)

Carita

13.

Kawih mangrupa karangan anu kauger ku patokan-patokan anu pasti diantarana diwangun ku .....

a)

Sababaraha pada

b)

Sababaraha paragraf

c)

Sababaraha babak

d)

Sababaraha adegan

e)

Sababaraha sési

14.

Kawih anu kauger ku patokan-patokan pupuh disebut .....

a)

Kawih pop

b)

Tembang

c)

Kakawihan

d)

Kawih klasik

e)

Pupujian

15.

Dumasar kana eusi rumpakana atawa lirikna, kawih aya nu disebut kawih klasik jeung kawih pop. Ciri utama tina kawih klasik biasana rumpakana diwangun ku .....

a)

Sisindiran

b)

Wawangsalan

c)

Pupuh

d)

Paribasa

e)

Babasan

16.

Pola rumpaka dina kawih klasik biasana mibanda pola .....

a)

a – b – b – a

b)

a – a – a – a

c)

a – b – a – b

d)

a – a – b – b

e)

b – b – b – b

17.

Oray-orayan luar-léor mapay sawah, entong ka sawah paréna keur sedeng beukah. Oray-orayan luar-léor ka kebon, ulah ka kebon loba barudak keur ngangon. Mending ka leuwi, di leuwi loba nu mandi, saha nu mandi, anu mandina pandeuri. Ditilik tina eusi rumpakana, rumpaka kawih ieu kaasup kana wangun .....

a)

Kawih pop

b)

Kawih klasik

c)

Tembang

d)

Lagu Sunda

e)

Kakawihan

18.

Judul kawih nu kaasup kana kawih klasik dina ragam kawih Sunda diantara nya éta .....

a)

Manuk Dadali

b)

Mojang Priangan

c)

Sorban Palid

d)

Karatagan Pahlawan

e)

Peuyeum Bandung

19.

Padeukeutna sora dina tungtung kecap atawa kalimah dina rumpaka kawih disebut .....

a)

Purwakanti

b)

Nada

c)

Wirahma

d)

Guru wilangan

e)

Guru lagu

20.

Aya sababaraha unsur nu dijadikeun struktur téks dina rumpaka kawih anu ngawengku kana hal-hal mangrupa .....

a)

Diksi, purwakanti, makna kecap

b)

Pada, padalisan, guru lagu

c)

Wirahma, nada, éksprési

d)

Cangkang jeung eusi

e)

Géstur jeung paroman

21.

Catetan nu medarkeun wincikan kana naon wae jeung sabaraha wae kaluar asupna jumlah kaperluan sakeur kagiatan disebutna .....

a)

Bubuka

b)

Waragad

c)

Pamilon

d)

Eusi

e)

Runtuyan

22.

Naon ari haarti pamilon teh .....

a)

pedaran ngeunaan runtuyan kagiatan acara

b)

Eusi wincikan waragad

c)

Saha wae jalma nu ikut sarta dina eta acara

d)

Informasi tempat

e)

Informasi tujuan kagiatan

23.

Bagian anu medarkeun lumangsungna kagiatan jeung hasil nu dicangking sabada eta kagiatan geus rengse disebut bagian .....

a)

panutup

b)

bubuka

c)

eusi

d)

pedaran

e)

waragad

24.

Pikeun nyusun laporan the aya sawatara rancangan anu bisa dipilampah. Naon wae lengkah-lengkahna teh, iwal .....

a)

Ngidentifikasi kasang tukangna

b)

Ngidentifikasi tujuan jeung maksduna

c)

Ngidentifikasi Informasi

d)

Ngidentifikasi data pangrojong

e)

Ngidentifikasi bahasa

25.

Sagkan laporan the sistimatis tangtu eta eusiana kudu luyu jeung strukturna. Ngarah naon etateh .....

a)

Ngarah tereh

b)

Ngarah babari

c)

Ngarah sasuai jeung maksud

d)

Ngarah apal

e)

Ngarah lila

26.

Dina waragad wancikanana kudu jentre. Kagiatan kudu aya konsumsi. Mana dihandap ieu konsumsi nu identik jajanan urang sunda, iwal .....

a)

Awug

b)

Bacang

c)

Jalabria

d)

Brem

e)

Bugis

27.

Kadaharan anu dijieuna tina tipung beas nu dicampur ku gula bereum dipincuk ku daun cau, ngasakanana diseupan nyaeta .....

a)

jiwel

b)

jojongkong

c)

kupat

d)

dodol

e)

cuhcur

28.

Kadaharan anu identik jeung urang sunda nu kasohor dimana-mana. Dijieuna tina tipung jeung cipati dicitak tina garabah nyaeta .....

a)

Sorabi

b)

Bacang

c)

Bugis

d)

Dodol

e)

Nagasari

29.

Lamun urang rek ngahaleuangkeun kawih kudu apal heulan unsur-unsur Kawih teh aya opat nyaeta, iwal .....

a)

Tema

b)

Nada

c)

Amanat

d)

Rasa

e)

Lirik

30.

Kawih sunda teh aya rupa-rupa. Iwal ti .....

a)

Kawih panjang

b)

Kawih lalaguan

c)

Kawih sisindiran

d)

Kawih sasambatan

e)

Kawih pedaran

31.

Naon ciri kawih nu sok disebut klasi teh .....

a)

make bahasa formal

b)

make bahasa gaul

c)

make bahasa hebeul

d)

make bahasa campur

e)

make bahasa jaman ayeuna

32.

Struktur teks dina kawih the aya sababarah hiji diantarana nyaeta diksi. Naon dimaksad diksi teh .....

a)

padekeutan sora

b)

pilihan kecap

c)

pilihan ma'na

d)

pilihan tujuan

e)

padalisan

33.

Naon nu dimaskud ku harti denotatif dina kawih teh .....

a)

kecap anu dipake nuduhkeun harti sabenerna

b)

kecap nu dipake lain arti sabenerna

c)

kecap anu teu dipake

d)

kecap nu teu aya dina kawih

e)

kecap nu henteu ngandung arti

34.

Aya 5 tangga nada dina kawih. Iwal .....

a)

Da

b)

Mi

c)

Na

d)

Sol

e)

La

35.

Samoja Karya Euis Komariah jeung Mang Koko teh nyaeta salah sahiji kawih sunda nu kaasup kana jenis kawih .....

a)

Buhun atawa klasik

b)

Modern

c)

Anyar

d)

Kiwari

e)

Jaman Jepang

36.

Peuyeum Bandung nyaeta kaasup kana jenis kawih sunda .....

a)

Modern

b)

Baheula

c)

Buhun

d)

Klasik

e)

Sasambatan

37.

Jaman kiwari seeur pisan kawih modern nu teu eleh kasohorna, salah sahijina nyaeta kawih nu nyaritakeun Kagagahan jeung Lambang sakti Indonesia, nyaeta .....

a)

Bubuy Bulan

b)

Peyeum Bandung

c)

Manuk Dadali

d)

Bajing Luncat

e)

Laut kidul

38.

Ciri nu khas dina kawih klasik the biasana dibedakeun naon anu mirigna, saperti .....

a)

gamelan degung

b)

organ

c)

gitar

d)

piul

e)

bass

39.

Dina rumpaka kawih sok lebeut ku ungkara-ungkara anu ngandung gaya basa metafora. Naon hartina .....

a)

Basa kiasan nu disusun pikeun hade

b)

Basa kiasan nu disusun pikeun gaul

c)

Basa kiasan nu dijieun ngarah endah

d)

Basa kiasan ngarah panjang

e)

Basa kiasan nu disusun pikeun ngabanding-bandingkeun nu hiji jueng nu lianna

40.

Titenan kalimah dihandap ieu. "Hirup teh siga lautan ombak" aya harti nu disumputkeun dina eta kalimah teh nyaeta .....

a)

hirup urang dilaut

b)

hirup diparahu

c)

hirup anu ngagolak

d)

hirup saaya aya

e)

teu hirup didunya