NEW
Font size
WorksheetsLATIHAN MATERI SAJAK KELAS X
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Di handap ieu conto klalimah anu ngandung harti dénotatif nyaéta…
Munding téh geus dicangcang dina tangkal
Ulah diheureuyan Néng Asti mah geus dicangcang ku Jang Doni
Pulisi keur mincing bangsat kaluar ti panyumputanana
Baheula mah keur miskin ngajénan, ari geus beunghar kalah nincak
Mun dagang hayang maju kudu bisa ngala leuwihna
Salahsahiji karya sastra Sund anu diréka dina wangun basa ugeran (puisi), tapi teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada disebutna…
Sajak
Guguritan
Pupuh
Sisindiran
Wawangsalan
Sajak téh ditulis biasana pikeun ngébréhkeun…
Pangalaman batur
Pangalaman batin panyajakna
Pangalaman babaturan
Pangalaman batin anu maca
Pangalaman hiji jalma nu dipikaresep
Unsur – unsur dina sajak kabagi jadi dua, nyaéta adegan lahir jeung adegan batin,
Di handap ieu anu teu kaasup kana adegan lahir nyaéta…
Imaji
Diksi
purwakanti
Tipografi
Jejer
Unsur – unsur dina sajak kabagi jadi dua, nyaéta adegan lahir jeung adegan batin,
Di handap ieu anu kaasup kana adegan batin nyaéta…
Jejer
Diksi
Imaji
purwakanti
Tipografi
Padeuketna sora kecap, boh di awal, boh di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah disebutna…
jejer
diksi
imaji
purwakanti
tipografi
(1) wangun sajak
(2) diksi
(3) jejer
(4) gaya basa
(5) rasa
(6) wirahma
(7) citraan
(8) amanat
(9) purwakanti
Anu kaasup kana adegan lahir sajak nyaéta…
(1), (2), (4), (7), (9)
(1), (2), (3), (6), (9)
(1), (2), (4), (6), (7)
(1), (2), (3), (7), (8)
(1), (2), (5), (7), (9)
(1) wangun sajak
(2) diksi
(3) jejer
(4) gaya basa
(5) rasa
(6) wirahma
(7) citraan
(8) amanat
(9) purwakanti
Anu kaasup kana adegan batin sajak nyaéta….
(3), (4), (5), (6)
(3), (5), (6), (8)
(3), (5), (6), (7)
(3), (5), (6), (9)
(3), (4), (6), (8)
Janté Arkidam
Ku: Ajip Rosidi
Panonna beureum siki saga
Leungeunna seukeut lalancip gobang
Niplasan badun palapah gedang
Arkidam, Jenté Arkidam
Di pangaduan di kalangan ronggéng
Ngan hiji jagoan
Arkidam, Janté Arkidam
Ti peuting angkeb ku mendung
Janté raja alam peteng
Matek aji panarawangan
Manjing ka liang sasoroting sinar
Jaruji beusi pak gadé milang ku ramona
Ngagisik hayang sidik
Janté mencrong mantra pulisi:
“Ki Mantri, tindakan andika léléwa bikang
Ngabokong jalma keur tibra”
Arkidam ditalikung leungeun dua
Sorot matana nganteb seuneuan
Saméméh beak poé kahiji
Janté minggat nitih cahya
Kaluar ti panjara
Saméméh cuntuk peuting kahiji
Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan
Teu nyawaan
Sajak di luhur kaasup kana jenis sajak…
Heubeul
Épik
Lirik
Lancaran
anyar
Panonna beureum siki saga
Leungeunna seukeut lalancip gobang
Niplasan badun palapah gedang
Arkidam, Jenté Arkidam
Sajak di luhur murwakanti dina sora
a
é
i
u
o
PRIANGAN
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangenge ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipepende bulan ngempur
Jungjunan……..
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(dicutat tina Tepung di Bandung)
Kecap kurebkeun dina sajak di luhur saharti jeung kecap ….
maotkeun
kuburkeun
ecagkeun
asupkeun
diukkeun
PRIANGAN
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangenge ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipepende bulan ngempur
Jungjunan……..
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(dicutat tina Tepung di Bandung)
Rasa anu nyangkaruk dina sajak di luhur nyaéta..
Reueus
Sedih
Bungah
Kesel
Ambek
héjo pagunungan paul lautan
taya kamarasan ngan katugenahan
héjo pagunungan paul lautan
taya katengtreman ngan ancaman
rasa anu nyangkaruk dina sajak di luhur nyaéta…
bungah
keueung
ambek
kesel
sumanget
Nu kaasup kana wanda sastra wangun puisi nya éta ...
Sisindiran, pupuh, jeung sajak
Guguritan, drama, jeung novel
Guguritan, dongéng, jeung wayang
Sajak, sisindiran, jeung carita pondok
Wayang, sajak, jeung drama
Baca sempalan ieu sajak!
Mérah putih nu kiwari mumbul
Dirangkul ku langit paul
Baheula kungsi ngélébét
Dina tungtung bayonét
Katut peujit murilit
Dina sempalan sajak di luhur, kecap anu ngandung harti konotatif nya éta ...
baheula
ngélébét
dirangkul
murilit
kiwari
sajak kaasup kana wangun puisi. nu ngabedakeun sajak jeung wangun puisi lianna nya eta ..
sajak mah teu kauger ku jumlah engang jeung jumlah pada
sajak mah asalna tina mantra
sajak mah ilaharna sok dipagelarkeun dina wangun pintonan
sajak mah asalna tina puisi heubeul
sajak mah sok dibacakeun nalika pintonan wayang
Bulan nyaksian nalika kuring keur nangtung. eta kalimah ngunakeun gaya basa ..
rarahulan
mijalma
ngasor
kadalon
Hejo pagunungan paul lautan
taya kamarasan ngan katugenahan
kecap nu murkanti dina sempalan sajak di luhur nya eta..
hejo - taya
paul - lautan
lautan - katugenahan
paul - ngan
taya -katugenahan
Unggal dinten abdi ..... ti ......... tabuh 06.00. di jalan kinten-kinten 45 menit, janten ..... teh tabuh 06.45. Kecap-kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya eta ...
mios - bumi - sumping
Mios – rorompok – dongkap
Mios – rorompok – sumping
Angkat – bumi – sumping
Angkat – rorompok – dongkap
Pék baca sempalan sajak di handap!
Kahirupan Mak Anah
Eddo Sy
Ma Anah tukang surabi
sore subuh satia nganti nu meuli
satuhu usaha ngadago rijki
ceuk paribasa najan ngan payu sasiki
Ma Anah dagang surabi
teuing geus ngaliwatan pirang rewu janari
aya rame aya sepi
kauntungan heunteu pasti
....
Diksi "nganti" dina pada (bait) ka-1 padalisan (baris) ka-2 ngandung harti....
usaha
nungguan
ngaladangan
ikhtiar
