WorksheetsBIANTARA
Total questions: 15
Worksheet time: 15mins
Biantara anu hadé téh nyaeta biantara anu...
loba mamanis basana
saeutik heureuyna
kaharti jeung manfaat eusina
panjang eusina
pondok atawa singget eusina
Ieu di handap mangrupa hal nu aya dina bagian panutup biantara….
nepikeun salam panghormat ka nu hadir
ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu geus mere kasempetan
ngawilujengkeun ka nu hadir
ngadadarkeun tujuan biantara
nyindekkeun eusi biantara
Métode biantara nu dilakukeun ku cara maca naskah nu geus disiapkeun ti anggalna, disebut....
impromptu
ékstémporan
memoriter
langsung
tekstual
Tengetan!
(1) ngucapkeun salam
(2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar
(3) ngucapkeun sukur ka allah
(4) medar tema nu rek ditepikeun
(5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
Sawatara hal nu sok ditepikeun dina bagian bubuka biantara nyaeta…...
(1), (2), jeung (4)
(1), (3), jeung (5)
(2), (4), jeung (5)
(2), (3), jeung (4)
(3), (4), jeung (5)
Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, nu salawasna ngancik dina ati sanubari. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Kanjeng Nabi Muhammad saw.
Biantara di luhur kaasup kana bagian bubuka biantara anu disebut...
salam bubuka
mukodimah
ngahaturkeun pangwilujeng ka nu hadir
sanduk-sanduk menta hampura
eusi bubuka
Sakitu anu kapihatur, bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.
Paragraf di luhur dina bagian biantara téh kaasup kana...
muqodimah
nganuhunkeun ka nu haladir
bubuka biantara
sanduk-sanduk menta hampura
eusi biantara
Ungkara kalimah ieu di handap ilaharna ditepikeun dina acara paturay tineung nyaeta...
Hadirin, salaku umat Islam anu taqwa mah cirina téh ngalaksanakeun sagala paréntah jeung ngajauhan sagala rupa pagawéan anu dilarang ku Alloh Swt
Kumaha urang rék ngamumulé budaya Sunda, upama ku urang dimomorékeun? Ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum. Tapi sanes hartosna nonoman Sunda ulah maliré kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus upama weruh kana budaya deungeun téh disarengan ku ngaraksa-ngariksa budaya sorangan.
Mangga, ti kawit ayeuna urang ningkatkeun kaimanan urang ka Alloh Swt. Mugia urang kalebet kana golongan umat anu iman sareng taqwa.
Nanging teu cekap dugi ka dinya, sabada urang rengse nyuprih elmu pangaweruh ti ieu sakola, urang kedah gaduh karep neraskeun dugi ka paguron luhur, sangkan tiasa ngahontal préstasi anu nyugemakeun.
Unggal jalma tangtu miboga rupa-rupa pangalaman hirup. Aya pangalaman anu pikabungaheun, pikasediheun, pikasieuneun, jeung pikalucueun, anu biasa dibagi ka papada jalma pikeun dijadikeun pieunteungeun.
Eusi biantara ieu di handap anu tujuanana mere beja (informatif) nyaeta...
Bawiraos asa teu aya lepatna dina lolongkrang ayeuna, urang sami-sami namperkeun ati sanubari kana murah asihna Gusti Nu Mahasuci, anu murbawisesa alam mayapada katut mahluk ciptaanana. Margi mung ku pangersa Mantenna urang tiasa nampi mangpirang-pirang kabagjaan.
Sateuacanna sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung, anu parantos maparin kaséhatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah, ku jalaran ni’mat ti manten-Na pisan, dina danget ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat
Rupina teu aya deui anu tiasa dipilampah “iwal ti hayu urang sasarengan, rempug jukung sauyunan miara sareng ngamumulé banda budaya sorangan. Hayu urang ngariksa alam sabudeureun ngarah tetep asri tur éndah. Hayu urang rampak tandang ngawangun Garut lemah sarakan urang.
Jalaran manusa kiwari beuki sarakah beuki resep ngaruksak kasaimbangan alam. Saban waktos tangkalan dituaran di mana-mana, bari langka dipelakan deui sakumaha mistina. Balukama gunung-gunung darugul, pasir-pasir bulistir. urug saban waktos. Banjir saban waktos. Kitu deui banda budaya. Upami henteu dipiara dimumulé ku urang tangtos bakal tumpur.
Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa sareng tata-krama anu kirang merenah, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék hapunten anu kasuhun.
Nalika biantara, urang kudu tatag dina nyarita hartina...
ucapanna jelas, henteu karagok, atawa loba ngarandeg.
eusi biantara medar perkara anu anyar.
eusi biantara kudu loba mangpaatna.
eusi biantara kudu reumbeuy ku mamanis basa.
omongan kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna.
Dina émutan sim kuring, henteu aya lepatna upami ngalangkungan seni, sadayana sauyunan ngaping, ngageuing para nonoman Sunda supados reueus kana budayana. Anu janten udaganna, supados para nonoman Sunda tiasa ngajénan basa sareng seni titinggal karuhunna. Malah anu ku sim kuring dipiharep para nonoman Sunda tiasa numuwuhkeun kreatifitas-na. Ari sanés ayeuna iraha deui atuh. Sareng ari sanés ku urang mah atuh ku saha deui tradisi budaya Sunda téh diajénan. Ku kituna, hayu ka para nonoman Sunda urang paheuyeuk heuyeuk leungeun pikeun ngamumule budaya Sunda.
Sempalan eusi biantara di luhur miboga tujuan….
informatif
simpatif
instruktif
rekreatif
persuasif
Biantara téh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina nepikeun biantara téh kudu maké lentong (lagu kalimah) anu hadé.
Numutkeun hidep éta hal bisa kaasup kana salasahiji hal nu diperhatikeun dina biantara nyaéta.....
mundel eusina
aktual témana
alus basana
tatag nyaritana
ngandung wirahma
Basa nu dipaké ku urang dina biantara téh alusna mah reumbeuy ku mamanis basa. Upamana diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa bisa ogéku sisindiran. Malah mun bisa mah diselapan ogé ku kalimah-kalimah pinilih (kata-kata mutiara atawa kuotasi) nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.
Numutkeun hidep éta hal bisa kaasup kana salasahiji hal nu diperhatikeun dina biantara nyaéta ….
mundel eusina
aktual témana
alus basana
tatag nyaritana
ngandung wirahma
Biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna.
Hal ieu kaasup kana hal-hal nu diperhatikeun dina biantara nu disebut ….
mundel eusina
aktual témana
alus basana
tatag nyaritana
ngandung wirahma
Biantara nu ku urang ditepikeun téh kudu anyar atawa keur rame dipadungdengkeun ku masarakat, lain téma-téma nu geus basi atawa geus lila.
Hal ieu kaasup kana hal-hal nu diperhatikeun dina biantara nu disebut....
mundel eusina
aktual témana
alus basana
tatag nyaritana
ngandung wirahma
Rupina mah abdi nyanggem téh moal panjang lébar. Atuh dina raraga miéling poé Sumpah Pemuda ieu, salaku pupuhu OSIS abdi umajak supados urang langkung daria dina ngulik pangarti.
Upama nilik ungkara di luhur, kira-kira iraha waktu biantara éta ditepikeun tanggal...
1 Januari
22 Pebruari
17 Agustus
28 Oktober
25 November
