NEW
Font size
S
M
L
XL
WorksheetsPerbaikan Nilai Bahasa Sunda
Total questions: 30
Worksheet time: 30mins
Name
Class
Date
1.
Pikeun ngajawab patalékan nomer 1 jeung nomer 3, ilo sempalan dongéng ieu di handap!
…
Anéh pisan, tujuh pasir anu galedé téh dina waktu sapoé-sapeuting geus bisa dipindahkeun. Taneuhna ngagugunung ngajanggélék jadi hiji gunung anu luhur. Sanggeus nempo pagawéanana bérés, Nyi Mojang mulang nepungan deui ramana di patapan. Ahirna ramana téh percaya Nyi Mojang henteu ngalakukeun pagawéan anu nirca, henteu ingkar tina papagon agama jeung kapercayaanana. Buktina, pagawéan anu sakitu banggana bisa dilakonan ku Nyi Mojang. Ramana ngahampura. Ngan anéhna, sabada dihampura ku ramana, kakandungan Nyi Mojang ogé ngadadak leungit, sarta robah jadi keris deui. Ari gunung anu asalna tujuh pasir anu dipindahkeun ku Nyi Mojang téa, ku masarakat di dinya dingaranan Gunung Geulis. Perenahna di Désa Cipelah, Kacamatan Rancabali, Kabupatén Bandung.
…
(Dicutata tina “Wiwaha Basa” kelas VII, 2017)
a)
sasatoan
b)
sajarah
c)
sasakala
d)
jelema biasa
2.
Sempalan dongéng di luhur nyaritakeun asal muasal kajadian salasahiji tempat nu aya di Kabupaten Bandung, nya éta….
a)
Désa Cipelah
b)
Gunung Geulis
c)
Gunung Patuha
d)
Kacamatan Rancabali
3.
Carita dina dongéng téh umumna ngandung unsur pamohalan atawa teu kaharti ku akal. Kajadian pamohalan nu aya dina dongéng sasakala Gunung Geulis di antarana nya éta ….
a)
Ramana Nyi Mojang percaya kana kasoléhan putrana.
b)
Nyi Mojang bisa mindahkeun tujuh pasir dina waktu sapoé sapeuting.
c)
Gunung Geulis perenahna di wewengkon Désa Cipélah, Kacamatan Rancabali.
d)
Nyi Mojang diseukseukan ku ramana margi dianggap tos ngalakukeun lampah nirca.
4.
Kakawihan téh mangrupa lalaguan anu raket patalina jeung kaulinan barudak. Di antara kaulinan ieu di handap mana nu maké kakawihan?
a)
panggal
b)
luncat tali
c)
oray-orayan
d)
ucing sumput
5.
Basa liburan séméster, abdi ka Pangaléngan. Di ditu téh mondok di bumina Wa Agus Jatnika. Ari bumina Wa Agus téh henteu tebih ti Perkebunan Malabar. Abdi ogé salami di Pangaléngan téh sering jalan-jalan ka éta perkebunan. Resep atuda, komo upami liburan mah, seueur jalmi ti mana ti mendi anu ngadon pariknik ka perkebunan entéh Malabar. Sanés baé kumargi alamna éndah, tapi ogé seueur tempat-tempat anu kiwari janten tempat wisata deuih.
(Dicutat tina Wiwaha Basa Kelas VII, 2017)
Di mana ayana perkebunan Malabar téh?
a)
di Garut
b)
di Ciwidéy
c)
di Lémbang
d)
di Pangaléngan
6.
Naon sababna loba jalma anu ngadon pariknik ka perkebunan Malabar?
a)
Lantaran hayang mondok di perkebunan
b)
Lantaran rék ulin ka bumina Wa Agus Jatnika
c)
Lantaran alamna éndah tur loba tempat wisata
d)
Lantaran lamun liburan loba nu datang ti mana ti mendi
7.
Situ Cileunca téh ayana di tengah-tengah perkebunan entéh Malabar.
Nu dimaksud situ nya éta ....
a)
bagian walungan anu jero sarta biasana lega
b)
tanah handap anu salilana bécék atawa caian
c)
sarupa balong ngan leuwih lega jeung leuwih jero
d)
tanah anu sok dikembeng, dikurilingan ku galengan
8.
Cutatan di luhur mangrupa tulisan anu eusina nyaritakeun pangalaman. Ari nu dimaksud pangalaman téh nya éta ....
a)
lalampahan batur anu geus kaalaman
b)
lalampahan batur anu tacan kaalaman
c)
lalampahan sorangan anu geus kaalaman
d)
lalampahan sorangan anu tacan kaalaman
9.
Ilo wacana pangalaman di handap!
Waktos pun nini ngantunkeun di Sumedang. Abdi kacida sedihna, kumargi pun nini téh kacida nyaaheunana ka abdi. Abdi ngaraos kaleungitan ku kanyaah pun nini anu sakitu ageungna.
Upama ditilik tina eusina, wacana di luhur téh nyaritakeun pangalaman anu ....
a)
pikasieuneun
b)
pikasediheun
c)
pikareueuseun
d)
pikakeuheuleun
10.
Di antara pangalaman ieu di handap, mana nu nuduhkeun pangalaman pikareueuseun ?
a)
Waktos abdi nganggo sapatu sisirangan ka sakola. Kumargi rusuh, abdi henteu taliti nganggo sapatu dugi ka sisirangan.
b)
Waktos diajak piknik ka Kampung Cai Ranca Upas ku pun bapa. Abdi tiasa maraban sareng ngusapan uncal anu aya di penangkaran uncal.
c)
Waktos ngiringan pasanggiri maca sajak tingkat kabupatén, abdi janten juara kahiji tina puluhan pamilon sarta tiasa ngawangikeun nami sakola.
d)
Waktos jurit malam pramuka. Harita abdi kedah ngalangkungan kuburan. Abdi sieun pisan, padahal harita téh henteu sorangan, tapi réréncangan ogé sami, ngaraos sieun sareng keueung.
11.
Naon amanat anu hayang ditepikeun dina éta poster téh?
a)
Kudu boga élmu ambéh jadi jalma pinter
b)
Kudu rajin maca buku di perpustakaan
c)
Kudu rajin maca buku ambéh pinter
d)
Kudu rajin maca buku di gudang
12.
Iklan anu maksudna umajak sangkan masarakat migawé pagawéan anu hadé atawa ulah ngalakukeun pagawéan anu teu hadé nya éta ….
a)
iklan dagang
b)
iklan komérsial
c)
iklan komérsial sosial
d)
iklan layanan masyarakat
13.
Hal anu ngabédakeun antara iklan komérsial jeung iklan layanan masarakat nya éta ....
a)
Iklan komérsial mah ukuran tulisanana leuwih gedé ti batan iklan layanan masarakat.
b)
Iklan komérsial mah dipasang di tempat nu ramé, ari iklan layanan masarakat mah dipasang di tempat umum.
c)
Iklan komérsial ngagunakeun kalimat nu singget, ari iklan layanan masarakat mah ngagunakeun kalimat nu paranjang.
d)
Iklan komérsial mah tujuanana keur néangan kauntungan, ari iklan layanan masarakat mah lain keur néangan kauntungan tapi keur kapentingan saréréa.
14.
Di antara ungkara ieu di handap, anu lain mangrupa iklan layanan masarakat nya éta ....
a)
A. Nagara butuh ku pamuda pinter, parigel, jeung jujur.
b)
B. Upami sadérék batuk sareng pilek, énggal leueut INZA!
c)
C. Hayu urang ngariksa susukan, walungan, jeung tatangkalan.
d)
D. Warga Kabupatén Bandung nolak sagala aktivitas géng motor.
15.
Upama ditilik tina média nu digunakeunana, iklan téh béda-béda jenisna. Ari iklan nu ditayangkeun dina TV kaasup kana iklan ....
a)
audio
b)
visual
c)
audio visual
d)
radio visual
16.
Di handap ieu mangrupa hal-hal nu kudu diperhatikeun dina nyieun iklan tinulis (visual), iwal ....
a)
ngagunakeun kalimat nu panjang.
b)
bahasana singget, padet, gampang kaharti
c)
dipapaés ku gambar nu miboga daya pikat
d)
tulisanana jelas, babari dibaca sanajan ukur dibaca saliwat
17.
Tatakrama basa mangrupa aturan sopan santun dina ngagunakeun basa Sunda nu tujuanana pikeun silihhormat jeung silihajénan. Tatakrama basa téh sacara gurat badagna diwangun ku ….
a)
ragam basa loma jeung basa hormat
b)
ragam basa kasar jeung basa hormat
c)
ragam basa loma jeung basa hormat keur ka batur
d)
ragam basa hormat keur sorangan jeung keur batur
18.
Kuring kakara balik ti sakola.
Ragam basa hormatna nya éta ….
a)
Abdi kakara mulih ti sakola
b)
Abdi nembé mulih ti sakola.
c)
Abdi nembé mulang ti sakola.
d)
Abdi nembé wangsul ti sakola.
19.
Basa bapa kuring datang, kuring keur ngadéngékeun radio.
Ragam basa hormatna nya éta ….
a)
A. Waktos pun bapa sumping, abdi nju ngupingkeun radio.
b)
B. Waktos pun bapa dongkap, abdi nuju ngupingkeun radio.
c)
C. Waktos rama abdi sumping, abdi nuju ngupingkeun radio.
d)
D. Waktos pun bapa sumping, abdi nuju ngadangukeun radio.
20.
Éling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
Pupujian “Éling-éling Dulur Kabéh” eusina mangrupa ....
a)
do’a
b)
pépéling
c)
ajaran agama
d)
solawat ka kangjeng nabi
21.
Aksara anu ngabogaan sora konsonan dina aksara Sunda disebut ….
a)
aksara paéh
b)
aksara swara
c)
aksara hirup
d)
aksara ngalagena
22.
Aksara anu ngabogaan sora vokal dina aksara Sunda disebut ….
a)
aksara paéh
b)
aksara swara
c)
aksara hirup
d)
aksara ngalagena
23.
Rarangkén aksara Sunda anu dipaké dina kecap di luhur nya éta ….
a)
pamepet jeung pamaéh
b)
panéléng jeung pamaéh
c)
panyuku jeung pamaéh
d)
paneuleung jeung pamaéh
24.
Dina aksara Sunda aya nu disebut pananda sora atawa rarangken. Jumlah rarangken anu aya dina aksara Sunda nyaeta...
a)
8
b)
13
c)
20
d)
15
25.
Dedeh : “Assalamualaikum.”
Udin : “Wa’alaikumsalam.”
Dedeh : “Ieu Dedeh, punten bade tumaros, dinten kamari aya tugas?”
Udin : “Oh muhun.. aya tugas Basa Sunda. Ku naon atuh kamari teu sakola, Deh?”
Dedeh : “............”
Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur, nyaeta...
a)
"hayu atuh urang ngerjakeun isukan"
b)
"muhun sakedap deui dugi"
c)
"kamari teh abdi udur, nyeri patuangan"
d)
"kedah ngerjakeun naon PR bahasa Sunda teh?"
26.
Dina kaulinan ieu téh digunakeun batu. Biasana baladan (duaan atawa tiluan séwang). Carana, mimiti nyieun heula tanda dina taneuh (make rokrak, cangkang kerang, atawa tutup botol limun). Lian ti nyieun tanda, kudu nyieun gurat sababaraha méter jauhna tina tanda. Ieu gurat téh tempat caricing mun rék ngalungkeun batu. Ari batu téh dialungkeun sina padeukeut-deukeut kana tanda. Sabaraha urang nu pangdeukeutna kana tanda sabaraha urang anu jauh. Anu deukeut jadi balad sarta pangheulana maén. Cara maénna nyaéta batu disimpen dina tonggong dampal suku, dijungjungkeun saeutik ka luhur, terus éngklé-éngkléan dibawa ka hareup pikeun diadukeun (ditémbakkeun) kana batu usuh nu geus dipasang. Kaulinan ieu disebutna ...
a)
congklak
b)
encrak
c)
engkle
d)
cingciripit
27.
"Waktu ngucapkeun “jék-jék nong”, dampal leungeun nu namprak tuluy dikeupeulkeun. Ari tujuanana pikeun nyapit curuk téa. Saha-saha nu kacapit curukna, jadi ucing. Anu jadi ucingna kudu namprakkeun dampal leungeun bari kakawihan “Cingciripit”. Dina sempalan carita di luhur, Keur naon gunana namprakkeun leungeun dina kaulinan cingciripit?
a)
Keur ngeupeul
b)
Keur nyapit
c)
Keur namprak
d)
Keur ngawih
28.
Rarangkén/pananda sora dina aksara Sunda aya nu ditulis di luhureun aksara, di handapeun aksara, jeung nu sajajar. Rarangkén anu ditulis di handapeun aksara ngalagena nyaéta…
a)
Pamepet, pamingkal, panyakra
b)
Panolong, pamingkal, panglayar
c)
Panyuku, panyakra, panyiku
d)
Panyakra, panyuku, pamaéh
29.
kecap di handap dibaca ...
a)
keuyeup
b)
peuyeum
c)
peunteun
d)
kenteng
30.
Ngagalindengkeun atawa ngalagukeun pupujian téh disebutna....
a)
Nadoman
b)
Déklamasi
c)
Manggung
d)
Monolog
Reset
