NEW
Font size
S
M
L
XL
WorksheetsPerbaikan Sunda 8
Total questions: 30
Worksheet time: 15mins
Name
Class
Date
1.
Kawih “Mojang Priangan” téh eusina nyaritakeun ….
a)
kaéndahan alam
b)
nyaah ka sasama
c)
nyaah ka lemah cai
d)
pasipatan jalma
2.
Kawih téh nya eta karangan wangun ….
a)
prosa
b)
drama
c)
ugeran
d)
lancaran
3.
Pilih kalimah di handap ieu nu maké kecap rajékan titiron (semu) !
a)
di kebon Ema nuju loba budak ngala papatong
b)
“Éta jelema téh rék naon nya bulak-balik baé ka dieu”.
c)
Neng Dila mah meni resep pisan nempo kupu-kupu di taman.
d)
Barudak di lapang keur anteng arulin ucing-ucingan meni ramé.
4.
Kecap blag-blig-blug, hah-héh-hoh, jeung trang-tréng-trong kaasup kecap rajékan trilingga.
Nu dimaksud kecap rajekan trilingga nya éta…
a)
Kecap nu dirajék sagemblengna.
b)
Kecap nu dirajék engang mimitina.
c)
Kecap nu dirajék engang tengahna.
d)
Kecap nu dirajék tilu kali sarta robah sora.
5.
Ilo warta di handap!
(1)Kasapuluh désa wisata téh nya éta Désa Alam éndah, Désa Panundaan, Désa Lebak Muncang, Désa Rawa Bogo, Désa Lamajang, Kelurahan Jelekong, Désa Ciburial, Désa Laksana, jeung Désa Gambung. Kabéhanana ngabogaan produk unggulan saperti dina widang karajinan tangan, kulinér tradisional, perkebunan, pertanian, peternakan, jeung seni budaya.
(2)Ditetepkeunana éta 10 désa jadi désa wisata téh dumasar kana hasil panalungtikan jeung pangajén anu ngawengku rupa-rupa aspék sarta ditetepkeun ogé ku Surat Keputusan Bupati Kabupatén Bandung.
(3) Dinas Pemuda, Olahraga dan Pariwisata (Dispapor) Kabupatén Bandung kiwari geus ngamekarkeun 10 désa wisata di Kabupatén Bandung.
(4)Tangtu baé kamekaran ka hareupna éta désa wisata téh diluyukeun jeung produk unggulanana. Ku cara kitu dipiharep bisa jadi pangupa jiwa sarta bisa ngaronjatkeun kahirupan masarakatna.
Sangkan Jadi warta nu ngaguluyur susunan paragrap nu merenah nya eta.…
a)
1,2,3,4
b)
2,1,3,4
c)
3,1,2,4
d)
4,3,2,1
6.
Pilih tema nu bener pikeun warta di luhur !
a)
Kabupatén Bandung ngamekarkeun sapuluh désa wisata.
b)
Sapuluh desa wisata ngabogaan produk unggulan masing-masing.
c)
Kamekaran desa wisata bakal diluyukeun jeung produk unggulanna.
d)
Desa wisata ditetepkeun ku Surat Keputusan Bupati Kabupatén Bandung.
7.
Katerangan atawa beja ngeunaan hiji kajadian atawa hiji hal ditepikeun ka balaréa ngaliwatan media massa, boh media citak saperti Koran jeung majalah, boh media elektronik saperti radio, televisi, jeung internet disebut….
a)
warta
b)
artikel
c)
wacana
d)
karangan
8.
Lamun hayang ulin beurang
Ulah maké kaos kutang
Lamun hayang hirup senang
Ulah daék loba hutang
Sisindiran di luhur kaasup sisindiran….
a)
Rarakitan silih asih.
b)
Rarakitan piwuruk.
c)
Paparikan piwuruk.
d)
Paparikan silih asih.
9.
Ngala térong jeung kalapa
Dibawa ka kebon cikur
………………………
………………………
Lengkepan sisindiran paparikan di luhur !
a)
Nu gondrong jaman kiwari/teu wawuh ka tukang cukur
b)
Ngala térong jeung kalapa/dibawa ka tukang cukur
c)
Nu gondrong jaman ayeuna/teu wawuh ka tukang cukur
d)
Ngala kalapa jeung térong/dibawa ku nu galondrong
10.
Ilo cutatan wacana di handap !
PENCA
Di urang mah moal aya nu bireuk deui kana penca téh. Sok aya ogé anu nyebut ulin, ameng, maénpo, atawa silat. Malah loba ogé anu nyebut penca silat.
Dina penca téh ngandung rupa-rupa unsur. Ku urang disawang tina jihat olahraga, kasenian atawa palasipahna. Kitu deui lebah kagunaanana. Penca téh bisa dipaké pikeun miara kasehatan, lamun dipatalikeun jeung unsur olahraga. Bisa dipaké pintonan anu némbongkeun kaéndahan gerak jeung wirahma, anu ngawengku seni ibing, seni karawitan, jeung seni ngagunakeun pakarang. Lamun disawang tina jihad palasipahna, penca téh gedé manfaatna pikeun atikan kepribadian, anu ceuk istilah popular kiwari mah ngawangun karakter.
….
Sanggeus maca wacana Penca di luhur unsur nu euweuh dina penca nya éta….
a)
olahraga
b)
kasenian
c)
ekonomis
d)
palasipah
11.
Cara nu teu perlu pikeun meunangkeun bahan – bahan tulisan karangan bahasan budaya ….
a)
Macaan tina buku, majalah, internét , jeung tulisan lianna anu aya patalina.
b)
Hasil wawancara jeung anu dianggap mibog kaanyaho kana perkara nu rék ditulis
c)
Langsung niténan atawa aub kana bahasan budaya nu rék ditulis ti mimti nepi ka réngsé.
d)
Teu kudu boga pangaweruh atawa katerangan lengkep ngeunaan perkara anu arék dibahas téa.
12.
ADAT JALMA
Sipat jalma adat masing-masing
Nu rajin nu getol
Nu balabah soméh daréhdéh
Wijaksana tulatén gumati
Lantip amis budi
Ampuh lungguh timpuh
Aya jalma kucem haseum budi
Basangkal bedegong
Pedit pelit korét kékéréhét
Barangasan culika curaling
Kecing leutik burih
Harak judes julig
Pilih-pilih mana nu dipilih
Naha mending bodo
Sirik pidik hawek pinter kodék
Naha mending pinter caang ati
Teu curang teu licik
Matak resep batur
Pupuh Mijil di luhur eusina nyaritakeun….
a)
Pasipatan jalma
b)
Kabiasaan jalma
c)
Kaayaan jalma
d)
Rupa-rupa jalma
13.
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh Mijil di luhur nya éta ….
a)
10é-6o-10i-10é-6i-6u
b)
10i-6o-10i-10é-6u-6i
c)
10i-6o-10é-10i-6i-6u
d)
10é-6o-10a-10i-6u-6i
14.
Numutkeun Pupuh Mijil di luhur, golongan pasipatan jelema anu goréng nya éta ….
a)
sabar handap asor.
b)
suhud junun jujur.
c)
harak judes julig
d)
lantip amis budi.
15.
Ilo cutatan carpon di handap ieu!
DI PIPIR TAJUG
Karya Mien Resmana
Tisna jeung jeng Cécép kawas nu sungkan rék balik téh. Leumpangna antaré bari meusmeus ngalieuk ka tukang. Ngalieukan Pa Jaja. Tapi Pa Jaja geus teu témbong deui. Duka terus ka mana.
“Naha saha nu boga dosana, nya Cép?”omong Tisna bangun panasaran.
“Nyasat atuh ari urang nyaho mah. Enggeus wé tadi béjakeun ka Pa Jaja . Meureun urang moal kasiksa, kababawa ku nu boga dosana,” témbal cécép kerung.
“Enya nya, aya sajam mah urang ditahan di kelas téh?”
“Aya kawasna. Batur mah geus kamana boa”.
“ Wah, boa batur urang boa saha. Geuning tadi digaradah teu kapanggih?” ceuk Cécép.
“puguh ari ku kituna mah. Tapi…. Pék wé pikir. Kapan leungitna artos Pa Jaja téh dina
waktu istirahat. Saha jalma nu wani laha loho ka kelas urang dina waktu istirahat?”.
“Ah, teu mustahil murid kelas séjén ogé. Boa teuing aya nu nengetan yén Pa Jaja sok nyimpen artos dina tas éta. Naha atuhnya, make digolérkeun dina meja ari aya artosan mah.
……
Cutatan Carpon di luhur eusina nyaritakeun kajadian ….
a)
Tisna jeung Cécép keur ngobrol.
b)
Pa Jaja kaleungitan artos di kelas.
c)
Pa Jaja nyimpen artos gular-golér dina tas.
d)
Tisna jeung Cécép balikna beurang teuing.
16.
Cutatan carpon di luhur karangan….
a)
Godi Suwarna
b)
Resmana Mien
c)
Mien Resmana
d)
Resmana
17.
Saha waé palaku dina carpon di luhur?
a)
Pa Jaja
b)
Tisna
c)
Cécép
d)
a,b,c, bener kabéh
18.
Anu lain kaasup unsur intrinsik dina carpon nya éta…
a)
Tema
b)
Sosial
c)
Latar
d)
Amanat
19.
Peuting tadi di lembur kuring aya nu nanggap wayang. Kuring lalajo nepi ka tabuh tilu subuh. Ramé atuda, lalakonna pikaresepeun. Katambah dalangna geus kasohor.
Latar nu aya tina cutatan di luhur nya éta…
a)
latar budaya
b)
latar tempat
c)
latar waktu
d)
latar setting
20.
1. Carpon mah realistis, dongéng pamohalan
2. Tokoh carpon istana séntris, dongeng mah jalma biasa
3. Carpon mah sumebarna sacara tinulis, dongéng mah sumebar na sacara lisan.
4. Carpon mah kaasup kana karya sastra nu buhun ,dongéng mah kaasup kana karya sastra anyar
Bédana carpon jeung dongéng nu bener di luhur nya éta…
a)
1 jeung 2
b)
2 jeung 3
c)
3 jeung 4
d)
1 jeung 3
21.
”Lapur euy ari Ema gering …, taya nu usaha. Nu matak bulan ieu …uing can mayar SPP”
“Wah, keun ….da Pa Jaja …tara naroskeun!”
Kecap panganteb nu merenah pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nya éta..
a)
téh, mah, baé,gé
b)
gé,mah, téh , baé
c)
mah, gé, baé, téh
d)
baé,téh, mah, gé
22.
KARYAWISATA KA KEBON RAYA BOGOR
Poé Saptu, tanggal 28 Méii 2016, SMPN ! Bojong Soang ngayakeun karyawisata ka Kebon Raya Bogor jeung Museum Zoologi. Anu milu kana eta kagiatan téh sakabéh kelas VII nepi ka kelas IX. Diaping ku wali kelas masing-masing jeung paraguru liana.
Mangkat ti Bojongsoang téh pukul datengah genep isuk-isuk. Henteu lila ayeuna mah ka Bogor téh ku sabab geus aya jalan tol. Pukul salapan leuwih saparapat ogé geus nepi ka Kebon Raya Bogor.
Salila di Kebon Raya Bogor, parasiswa niténan jeung nyatetkeun rupa-rupa tutuwuhan. Sajaba ti tutuwuhan lokal téh aya ogé tutuwuhan anu aranéh jeung langka deuih, anu asalna ti mancanagara.
….
Numutkeun cutatan wacana di luhur naon nu dipigawé ku siswa SMPN I Bojongsoang salila di Kebon Raya Bogor?
a)
Rekreasi ningalian tutuwuhan.
b)
Niténan jeung nyatetkeun rupa-rupa tutuwuhan nu aya di Kebon Raya.
c)
Néangan tutuwuhan lokal jeung tutuwuhan mancanagara nu aranéh jeung langka.
d)
Jalan-jalan bari néangan tutuwuhan anu pikaresepeun saréréa pikeun oléh-oléh.
23.
1. tujuan, tempat, waktu, pamilon, jeung kagiatan
2. tujuan pamilon, tempat, kagiatan, jeung waktu
3. tujuan, kagiatan, waktu, pamilon, jeung tempat
4. kagiatan, tujuan, pamilon, tempat, jeung waktu.
Rangkay karangan pikeun nyusun Laporan kajadian nu bener aya dina no….
a)
1
b)
2
c)
3
d)
4
24.
LAPORAN PERTANDINGAN VOLI ANTAR KELAS DI SMP NEGERI 1 CIMENYAN
(1) Alhamdulillah, kegiatan pertandingan voli antar kelasdi SMPN ! Cimenyan parantos lumangsung salami dua sasih. Nya eta ti kawitan sasih Mei dugi ka sasih Juni, dilaksanakeun di Lapangan Voli SMPN 1 Cimenyan.
(2) Tujuan ieu turnamen the kanggo ngaronjatkeun kamampuh siswa dina widang olahraga voli sareng milarian calon-calon pamaen kanggo tim sakola. Di sagedengeun eta oge mangrupi ajang ngaraketkeun tatali silaturahmi diantawis para siswa di SMPN 1 Cimenyan.
(3) Panata calagara ieu kagiatan nya eta para siswa SMPN 1 Cimnyan ti unggal kelas. Unggal kelas ngintunkeun saurang wawakil kanggo janten panata calagara, dipupuhuan ku Seksi Olahraga. OSIS SMPN 1 Cimenyan.
(4) Ieu Pertandingan téh diiluan ku 18 kelas nu aya di SMPN 1 Cimenyan putra sareng putri. Pertandinganana ngagunakeun sistim gugur, sarta dilaksanakeun dina dinten Minggu.. Anu janten wasit sareng hakim garisna wawakil ti unggal kelas anu tos ditatar heula ku guru olahraga.
(5) Waragad kanggo ieu kagiatan the tina uang pendaftran, diwuwuhan sumbangan ti Bapa Kepala Sakola sareng Dewan Sakola, sareng pihak-pihak sanesna.
(6) Hasil Pertandingan Voli antarkelas the nya eta:
Putra : Pinunjul kahiji : kelas IX F
Pinunjul kadua: kelas VIIIA
Pinunjul katilu: kelas IX D
Putri : Pinunjul kahiji: kelas VIII B
Pinunjul kadua: kelas IX E
Pinunjul katilu: kelas VIIC
(7) Sacara umum tiasa disebutkeun, pertandingan voli antarkelas the tiasa lumangsung sacara sukses. Ku kituna, sim kuring atas name panata calagara ngahaturkeun nuhun ka sadayana pihak anu parantos maparin bantosan kanggo lancar sareng suksesna ieu kagiatan.
Hatur nuhun
Tujuan diayakeun kagiatan Pertandingan Voli antar kelas di luhur nya eta pikeun...
a)
Siswa ngarah aya kagiatan.
b)
Ngeusian waktu dina poe Minggu
c)
Ngaronjatkeun kamampuh siswa dina widang olahraga
d)
Pikeun ngawangun tim voli keur acara pertandingan Agustusan
25.
Bagian bubuka Laporan Kajadian di luhur, aya dina nomer….
a)
7
b)
5
c)
4
d)
1
26.
PEUYEUM BANDUNG
Dimana-mana di kampung di kota
Geus kakoncara ku ni’mat rasana
……………………
…………………..
Rumpaka anu bener pikeun ngalengkepan rumpaka kawih di luhur nyaéta…
a)
Sampeu asalna teu diréka-réka, Naon namina ku matak kabita
b)
Mangga cobian, Bilih panasaran
c)
Ku sadaya kagaleuh, Sepuh jeung murangkalih
d)
Peuyeum ti Bandung, Henteu sambarangan
27.
Umat-imut lucu,
Sura-seuri nyari,
Larak-lirik kepat,
Mojang Priangan.
Aya sabaraha jumlah kecap rajékan di luhur…
a)
1
b)
2
c)
3
d)
4
28.
Salasahiji conto kecap rajékan dwipurwa, nyaéta…
a)
Sababaraha
b)
Sésépak
c)
Bulak-balik
d)
Jalma-jalma
29.
Nu Kaasup kecap pagawéan nya eta…
a)
Masak
b)
Ambek
c)
Meja
d)
Korsi
30.
Nu Kaasup kecap barang nya eta…
a)
Lumpat
b)
Indit
c)
Korsi
d)
Geulis
Reset
