wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UKK B SUNDA KLS 7 2022/2023

Total questions: 50

Worksheet time: 1hrs 18mins

Name
Class
Date
1.
“Salian ti éta, hidep ogé kudu akur jeung sauyunan jeung babaturan sakelas. Sabab salila sataun ka hareup, hidep bakal hirup babarengan méh unggal poé. Iwal lamun peré sakola meureun. Anu matak upama teu akur jeung batur sakelas, Ieu di handap alesan Bu Yanti nitah barudak sangkan akur sauyunan jeung batur sakelas, iwal ….
a)
salila sataun ka hareup bakal hirup babarengan méh unggal poé
b)
lamun teu akur jeung batur sakelas moal bisa milu diajar kelompok
c)
bakal hirup babarengan unggal poé sanajan peré sakola
d)
lamun teu akur jeung batur sakelas bakal karasa susah
2.
Basa Bu Yanti nanya “geus waranoh acan jeung babaturan sakelas?”, aya sababaraha budak anu ngajawab “teu acan”, sabab….
a)
sakola asal SD na sarua
b)
aya anu asalna ti luar daérah
c)
sarua asal SD jeung lemburna
d)
lembur asalna sarua ti Purwawinangun
3.
Yayan : “Punten!” Adang : “Mangga! Éh, geuning Yayan. Manga ka lebet, Yan! Yayan : “Hatur nuhun, da moal lami ieu téh!” Ragam basa anu digunakeun dina paguneman di luhur, nya éta ragam basa ….
a)
loma
b)
cohag
c)
kasar
d)
hormat
4.
paguneman mangrupa komunikasi basa anu sipatna...
a)
timbal balik
b)
jujur
c)
jelas
d)
langsung
5.
tatakrama basa baheula mah disebutna..
a)
basa loma
b)
undak usuk basa
c)
ragam basa
d)
basa hormat
6.
"ibu,abdi bade.......heula ka sakola "kecap nu loyog pikeun nyampurnakeun eta kalimah ,nyaeta...
a)
angkat
b)
indit
c)
mios
d)
mantog
7.
.....biang mah nuju ka pasar
a)
pun
b)
tuang
c)
kuring
d)
maneh
8.
dupi bapa......?
a)
hadir
b)
indit
c)
aya
d)
nyondong
9.
cici mah dinten ieu teu sakola margi...
a)
teu damang
b)
udur
c)
gering
d)
kasawat
10.
dihandap ieu kaasup kaulinan tradisional barudak sunda,iwal
a)
sondah
b)
sapintrong
c)
engkle
d)
gapleh
11.
salah sahiji kaulinan barudak anu sok dipaenken ku barudak awewe,nyaeta...
a)
ngadu kaleci
b)
langlayangan
c)
congklak
d)
galah
12.
dihandap ieu kaulinan anu heunte make kakawihan ,nyaeta.....
a)
gugunungan
b)
cingciripit
c)
prisprisan
d)
empet-empetan
13.
pikeun nangtukeun saha nu jadi ucingna samemeh prung maraen kauilinan bisa dilakukeun ku sabaraha cara dihandap ieu,iwal....
a)
adu kacang panjang
b)
hompimpah
c)
ucang ucang angge
d)
suten
14.
Éling-éling dulur kabéh, ibadah ulah campoléh, beurang peuting ulah weléh, bisina kaburu paéh. Rumpaka di luhur téh mangrupa conto ….
a)
guguritan
b)
sisindiran
c)
pupujian
d)
kakawihan
15.
Pupujian téh asalna tina sa’ir atawa si’ir, nya éta puisi anu asalna tina sastra ….
a)
Arab
b)
India
c)
Melayu
d)
Indonésia
16.
Fungsi … téh nyaéta fungsi pupujian anu maksudna pikeun méré pangajaran atawa mépélingan ka balaréa.
a)
sosial
b)
narasi
c)
ekspresi
d)
éksposisi
17.
Pardu wudu aya genep sadayana, hiji niat kadua ngumbah beungeutna, tilu ngumbah leungeun dua jeung sikuna, opat ngusap saeutik tina sirahna, lima ngumbah suku dua jeung muncangna, genep tartib sing puguh runtuyanana. Dumasar kana eusina, pupujian di luhur téh ngandung eusi ….
a)
Pépéling
b)
Ajaran Agama
c)
Muji ka Gusti Alloh
d)
Do’a jeung tobat ka Pangéran
18.
Pasanggiri Sirung Sunda téh pasanggiri anu diayakeun unggal taun di Kabupatén Purwakarta. Pamilonna ti tingkat SD nepi ka SMA. Ari anu dipasanggirikeunana ngeunaan basa jeung budaya Sunda. Kuring ngarasa bungah, tapi paur ogé. Éra sieun éléh ku sakola séjén. Mangkaning Bapa Kapala Sakola omat-omatan pisan supaya kuring meunang. Anu dipasanggirikeun dina Pasanggiri Sirung Sunda téh nya éta ... jeung … Sunda.
a)
basa, budaya
b)
seni, budaya
c)
basa.aksara
d)
aksara, budaya
19.
Ieu di handap mangrupa cara-cara pikeun ngawangun kalimah pananya, iwal…
a)
Ngagunakeun kecap pananya.
b)
Malikkeun susunan kecap kalimah pananya.
c)
Maké kecap naha enya di hareupeun kalimah wawaran.
d)
Ngarobah lentong (intonasi) kalimah jadi lentong kalimah pananya.
20.
1. Saha anu rék milu ka Pasawahan? 2. Sabaraha urang anu ayeuna teu sakola? 3. Iraha manéh rék ulin ka imah urang téh? 4. Kumaha kamari manéh teu lalajo Persib? Kalimah anu teu merenah dina ngalarapkeun kecap pananyana, nya éta kalimah nomer ….
a)
1 (hiji)
b)
2 (dua)
c)
3 (tilu)
d)
4 (opat)
21.
Jaman baheula, baheulaning baheula, di sabudeureun Jatiluhur Purwakarta ayeuna, masih kénéh loba leuweung geledegan. Leuweung ganggong simagonggong, leuweung si sumenem jati. Ari anu ngageugeuh di éta leuweung katut gunung-gunung di sabudeureunana, hiji lelembut titisan siluman jaman Sangkuriang. Ngaranna Jonggrang Kalapitung. Awakna jangkung badag tanding gunung. Kulitna hideung lestreng. Bulu kumis jeung janggotna sagedé-gedé tambang injuk. Buukna gimbal, kakara oyag lamun katebak angin baliung. Éstu pikagilaeun jeung pikasieuneun pisan. Mun ngomong, sorana handaruan tanding gugur. Hésé ngabédakeunana, naha keur leuleuy atawa keur ambek. Hiji mangsa, Sang Jonggrang Kalapitung hayang nguseup di Walungan Citarum, lantaran hayang dahar beuleum lauk. Sanggeus ngahuleng sakedapan, taya deui carana iwal ti kudu ménta tulung ka urang lembur nu aya di sisi Walungan Citarum, nyaéta Lembur Cisarua. Barang nepi ka birit lembur, tuluy hohoak ngageroan urang dinya. Jonggrang kalapitung nguseup bari dilalajoan ku sakabéh pangeusi lembur. Nangtungna ngajégang. Sukuna nu sabeulah nincak gunung, ari nu sabeulah deui napak kana tangkal bungur anu kacida gedéna. Salila sabulan manéhna ngajega kitu, nepi ka gunung anu ditincakna jadi bongkok sarta tangkal bungurna ampir paéh anu ku urang dinya disebut “sarang”. Anu matak nepi ka ayeuna gunung téh nelah baé Gunung Bongkok, ari urut tangkal bungurna jadi pilemburan anu nelah Lembur Bungursarang, bawahan Désa Cisarua, Jatiluhur. Dongéng Jonggrang Kalapitung téh mangrupa dongéng anu asalna ti daérah ….
a)
Purwawinangun
b)
Burungsarang
c)
Purwakarta
d)
Cisarua
22.
Dumasar kana katerangan anu aya dina paragraf kadua sempalan dongéng di luhur, gambaran tokoh Jonggrang Kalapitung téh matak … jeung ….
a)
pikasieuneun, pikaresepeun
b)
pikalucueun, pikaresepeun
c)
pikagilaeun, pikasieuneun
d)
pikagilaeun, pikalucueun
23.
Naon sababna Jonggrang Kalapitung hayang nguseup di sisi Walungan Citarum? Sabab manéhna hayang ….
a)
miara anak lauk
b)
ngala lauk gedé
c)
dahar goréng lauk
d)
dahar beuleum lauk
24.
Nilik kana eusina, dongéng Jonggrang Kalapitung téh kaasup kana dongéng ….
a)
sasakala
b)
fabel
c)
babad
d)
sajarah
e)
Opsi 5
25.
Di antara pertélaan di handap, anu lain ciri dongéng, nya éta ….
a)
caritana pondok
b)
ngandung unsur pamohalan
c)
teu kanyahoan pangarangna
d)
nyebarna dina wangun tulisan
26.
Kabeneran di kolong saung téh aya Si Tumang, anu ngadéngékeun omongan Dayang Sumbi. Éta taropong téh dicokot ku Si Tumang sarta tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi. Karuhan baé Dayang Sumbi téh pohara reuwaseunana, teu nyangka yén anu mangnyokotkeun taropong téh geuning anjing, lain manusa. Mangkaning manéhna geus kedal ucap, mun lalaki rék dijadikeun salaki. Ari Si Tumang, apan anjing jalu. Amanat anu kagambar dina cutatan dongéng di luhur téh nya éta ….
a)
ulah sok saomong-omongna
b)
ulah sok ngomongkeun batur
c)
meunang ngomong naon waé
d)
mun ngomong ulah tarik teuing
27.
Kalimah wawaran téh nya éta kalimah anu eusina … ka batur ngeunaan hiji hal.
a)
ménta tulung
b)
méré nyaho
c)
nanya
d)
nitah
28.
1. Ari Bu Euis téh ngawulang di SMP? 2. Ulah miceun runtah sambarangan! 3. Isukan kuring arék ka Bandung. 4. Néng, pangalakeun daun salam! Anu mangrupa kalimah wawaran nya éta kalimah nomer ….
a)
1 (hiji)
b)
2 (dua)
c)
3 (Tilu )
d)
4 (opat)
29.
Iklan téh mangrupa salasahiji cara pikeun ngawanohkeun, nawarkeun, sarta méré informasi ngeunaan hiji … atawa ….
a)
atikan, barang
b)
barang , jasa
c)
atikan ,jasa
d)
barang,hal
30.
pangalaman teh nyaeta kajadian anu kaalaman dina mangsa...
a)
ayeuna
b)
kaliwat
c)
ka hareupna
d)
heubeul
31.
di handap ieu bisa jadi bahan pikeun carita pangalaman pribadi,iwal...
a)
kagiatan anu kaalaman ku diri sorangan
b)
rasa anu keur karandapan ku hate
c)
kalakuan anu pernah dipilampah ku diri sorangan
d)
kajadian anu keur lumangsung dina berita
32.
di handap ieu anu kaasup kalimah pananya identitas,nyaeta....
a)
ku naonmaneh teh?
b)
maneh teh saha?
c)
rek naon atuh garadg gurudug kitu?
d)
tina naon ragragna ucing teh
33.
cing atuh caritakeun.....kronologi caritana!
a)
kunaon
b)
kumaha
c)
sabaraha
d)
kamana
34.
iklan layanan masarakat sipatna...
a)
formal
b)
komersil
c)
nonkomersil
d)
nonformal
35.
diantara jejer iklan nu aya dihandap,anu kaasup kana iklan layanan masarakat nyaeta..
a)
iklan sabun mandi
b)
iklan helm sni
c)
iklan imunisasi
d)
iklan kompor SNI
36.
1. eusina mangrupa kahayang urang 2. dipiharep batur ngalakukeun kahayang urang 3. ditungtungan ku tanda panyeluk/seru (!) Pertélaan di luhur téh mangrupa ciri tina kalimah ….
a)
pananya
b)
paréntah
c)
wawaran
d)
pagawéan
37.
Di antara kalimah di handap, anu mangrupa kalimah pangajak, nya éta …
a)
Dagoan nya di pasar!
b)
Jung baé rék balik tiheula mah!
c)
Pangmeresihankeun buruan, nya!
d)
Hayu ah urang ulin ka situ Ciburuy!
38.
Ulah diuk di dinya, Jang, ngahalangan batur! Kalimah di luhur téh mangrupa conto kalimah ....
a)
panitah
b)
paménta
c)
panyaram
d)
pangjurung
39.
1. Pangelapankeun kaca, nya, Jang! 2. Hayoh geura beresihan solokanana! 3. Urang ngabuburit ka Cihampelas, yu! 4. Kahayang téh ulah hujan poé ieu mah! Anu mangrupa kalimah pangharepan, nyaéta kalimah nomer ….
a)
1 (hiji)
b)
2 (dua)
c)
3 (tilu)
d)
4 (opat)
40.
Ieu di handap mangrupa conto kalimah panitah, iwal ….
a)
Muga-muga sing salamet di jalanna!
b)
Cing, pangmiceunkeun runtah, Jang!
c)
Cung, saha anu peunteunna salapan!
d)
Anu diuk di tukang pindah ka hareup!
41.
AKI JEUNG BALON Beurat teuing léngkah Aki ngukur jalan Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan Dibaturan sobat ngaran rancatan Anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan Kakapalan kukudaan tarompét henteu tinggaleun Geus biasa unggal poé ka unggal budak nawarkeun Ujang, Eulis, yeuh tingali barang Aki Geura galeuh keur ameng engké di bumi Aki! Aki! Abdi mah da hoyong balon Deudeuh teuing kasép di Aki mah henteu aya Niupna gé Aki mah geus teu kawasa Ripuh teuing da kedah nganggo tanaga Ari Aki sakieu nya kakolotan Naon anu jadi jejer sajak “Aki jeung Balon” di luhur téh?
a)
kapahlawanan
b)
lingkungan
c)
kaendahan
d)
sosial
42.
Watek tokoh Aki anu kagambar dina sajak di luhur, nya éta … ka budak.
a)
galak
b)
belikan
c)
nyaahan
d)
pundungan
43.
Dumasar kana sajak di luhur, barang-barang kaulinan anu dijual ku Aki téh diantarana ….
a)
kakapalan, kukudaan, jeung balon
b)
kakapalan, kukudaan, jeung tarompét
c)
kukudaan, tarompét, jeung momobilan
d)
kakapalan, kukudaan, jeung momotoran
44.
Latar tempat anu kagambar dina sajak di luhur téh, nya éta di ….
a)
pakotaan
b)
pilemburan
c)
pakampungan
d)
. tempat wisata
45.
Ieu di handap hal-hal anu mangrupa ugeran dina sajak, iwal ….
a)
diksi (pilihan kecap)
b)
purwakanti
c)
guru lagu
d)
wirahma
46.
Tengetan sempalan sajak ieu di handap! Baeu mojang geura midang Anu mayung dina layung Tempat utun nundung wuyung Ngumbar kanyaah rasa Purwakanti anu aya dina sajak di luhur téh, mangrupa purwakanti ….
a)
laraswekas
b)
rantayan
c)
runtuyan
d)
nada
47.
Wanci layung hurung konéng Manéhna datang leungeunna euweuh sapotong Bedil nyoléngkrang na tonggong Pélor ngabérés handapeun cangkéng Lebah pager imahna manéhna ngarandeg heula Uteukna nyarita mépés kanyeri nu baris tumiba “Ema kuring untung bisa mulang sedeng mitra réa nu palastra di hiji taneuh nu direbut ditebus getih.” Panto hareup ngarekét aya nu muka Hiji wanoja anu geus aya umurna Ngagoak lumpat ngarangkul anu ngajanteng Cimata indung maseuhan buuk anakna Sajak di luhur téh kajadianana lumangsung dina waktu ….
a)
isuk-isuk
b)
ti beurang
c)
pasosore
d)
geus peuting
48.
Anu dimaksud wanoja dina sajak di luhur téh, nya éta … tokoh manéhna
a)
lanceuk awéwé
b)
adi awéwé
c)
indung
d)
nini
49.
Ti iraha mimiti ayana aksara Sunda? can kapaluruh kalawan jinek. Anu jelas mah saméméh abad ka -14, umumna prasasti jeung naskah lontar ngagunakeun aksara séjén, saperti aksara Pallawa (Prasasti Tugu abad ka-4) jeung aksara Jawa Kuno (Prasasti Sanghyang Tapak abad ka-11). Basana ogé ngagunakeun basa Sangsekerta jeung Jawa Kuno. Kakara abad ka-14 ka dieu, aksara Sunda dipaké dina prasasti jeung naskah kuno. Dumasar kana katerangan anu aya dina paragrap di luhur, mimiti dipakéna aksara Sunda téh, nya éta ….
a)
abad ka-13
b)
saméméh abad ka-14
c)
saenggeus abad ka-14
d)
ti mimiti abad ka-14 ka dieu
50.
a)

Bandang

b)

Bandung

c)

Banten

d)

Bantar gebang