Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN BIANTARA

Total questions: 9

Worksheet time: 7mins

Name
Class
Date
1.

“Sadaya puji kagungan Allah SWT, solawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya nabi Muhammad SAW”

Kalimah di luhur mangrupa bagian tina biantara nu disebut…

a)

Do’a

b)

Mukadimah

c)

Salam pamuka

d)

Pangwilujeng

e)

Salam panutup

2.

Nu disebut ngandung wirahma nyaéta…

a)

Omongan nu kudu diatur gancang kendorna jeung tarik halonna

b)

Eusi biantara nu ditepikeun loba mangpaatna

c)

Nyarita dina biantara kudu jelas jeung teges

d)

Basa nu dipake dina biantara alus tur dibarengan ku gaya basa

e)

Biantara nu ditepikeun teh kudu aktual

3.

Aya sababaraha téhnik dina nepikeun biantara, di antarana nya éta…

a)

Impromtu, Ékstemporan, Naskah, jeung Ngapalkeun

b)

Impromtu, Eksempelar, Naskah, jeung Maca

c)

Maca, Éksempelar, Impromtu, jeung Nulis

d)

Maca, Nulis, Impromtu, jeung Ékstemporan

e)

Impromtu, Ékstemporan, Nulis, jeung Ngapalkeun

4.

Presiden Joko Widodo biantara di Istana Nagara, nalika poé kamerdékaan Indonésia. Anjeunna biantara ku cara maca tulisan nu diketik ku Jubirna. Présidén Jokowi ngagunakeun salah sahiji téknik biantara, nya éta…

a)

Impromtu

b)

Ngapalkeun

c)

Ékstemporan

d)

Bener kabeh

e)

Naskah

5.

1) ngucapkeun salam

2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar

3) ngucapkeun sukur ka allah

4) medar tema nu rek ditepikeun

5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping


sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...

a)

1-2-3

b)

2-3-4

c)

1-3-5

d)

3-4-5

6.

Ieu di handap anu teu kaasup kana bagean bubuka dina biantara, nyaeta...

a)

Muji sukur ka Gusti Nu Maha Suci

b)

Ucapan menta dihampura

c)

Pangbagea ka nu Hadir

d)

Salam pangwilujeng

e)

Nepikeun jejer biantara

7.

Hadirin anu sami rawuh,

Lain wae tina ngaran tempat, ku penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi dina perkara ngatur cai keur tatanen atawa ngebon. Di pilemburan, jalma nu gawena ngatur cai teh disebutna ulu-ulu. Matak di lembur nu masih keneh make tradisi ulu-ulu, tara kacatur aya jalma parebut cai. Da cai teh diatur sakumaha mistina.

Jejer anu luyu pikeun sempalan biantara du luhur nyaeta...

a)

Miara lingkungan

b)

Ngawewegan karakter nonoman Sunda

c)

Pentingna cai pikeun urang Sunda

d)

Urang Sunda resep kana cai

e)

Lingkungan anu hade nyaeta loba cai

8.

1. Mere pemahaman ka hadirin

2. Nepikeun informasi ngeunaan hiji perkara

3. Ngahibur anu hadir

4. Hayang mangaruhan anu lian

5. Ngajak hadirin milampah hiji perkara

Tujuan biantara dituduhkeun ku nomer...

a)

1,2,3,4

b)

1,2,4,5

c)

2,3,4,5

d)

1,3,4,5

e)

2,3,4

9.

Tehnik manuscript dina nepikeun biantara teh maksudna...

a)

Nepikeun pidato kalawan persiapan anu asak

b)

Nepikeun pidato tanpa aya persiapan heula

c)

Nepikeun pidato ku cara maca naskah

d)

Nepikeun pidato ku cara ngapalkeun heula naskah

e)

Nepikeun pidato ku cara nyiapkeun gurat badag masalah