wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PH Sisindiran

Total questions: 10

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang jeung eusi disebut....

a)

sisindiran

b)

rarakitan

c)

paparikan

d)

wawangsalan

e)

tatarucingan

2.

Rarakitan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nya eta kecap mimiti dina jajaran....

a)

ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua

b)

ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

c)

ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi

d)

ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi sarua

e)

ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

3.

Paparikan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nya eta padeukeutna sora dina jajaran....

a)

ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang

b)

ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi

c)

ka-1 jeung ka-3, ka-2 jeung ka-4

d)

ka-2 jeung jajaran ka-3

e)

ka-1 jeung jajaran ka-3

4.

Dumasar kana sipatna, sisindiran teh bisa dibedakeun jadi tilu rupa, nya eta....

a)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

piwuruk, sesebred, silihasih

c)

cangkang, eusi, wangsal

d)

wawangsalan, tatarucingan, paparikan

e)

tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

5.

Mawa peti dina sundung

dibawa ka Nusa Jawa

Pangarti teu beurat nanggung

kabisa teu beurat mawa

Sisindiran di luhur kaasup kana wanda....

a)

wawangsalan

b)

tatarucingan

c)

teteguhan

d)

paparikan

e)

rarakitan

6.

Pikasureun dijarumat

Jarumna harga sasenan

Saluhureun kudu hormat

.............

Ungkara nu merenah keur ngalengkepan sisindiran di luhur, nya eta....

a)

sasama kudu ajenan

b)

hubungan dihargaan

c)

sahandapeun diajenan

d)

kulawarga kudu ajenan

e)

dulur baraya agehan

7.

Sayuran ngandung zat besi

Ka Cakung kaditu jalanna

Wangsalna.....

a)

Bayam

b)

Kangkung

c)

Cikapundung

d)

Singkong

e)

Katalikung

8.

Sae nu jadi kapala

........

Diasupkeun ka sakola

banda nu leuwih ti harta

Ungkara nu merenah keur ngeusian jajaran kadua....

a)

urang nu jadi siswa

b)

menak nu ka Purwakarta

c)

Banda Aceh di Sumatera

d)

Selat Sunda Jawa-Sumatera

e)

wakilna mah saha wae

9.

Di handap kalimah nu ngagunakeun kecap rajekan dwi reka....

a)

Nini jeung akina keur sasapu di pakarangan imah

b)

Dasar si Addin, kabisana ngan tatajong we ari ka meong teh.

c)

Ari jadi budak teh tong sok tujang-tajong

d)

Nini-nini katempona jiga nu rek pingsan

e)

Sapopoena kuring ulin jeung manehna

10.

Di handap nu kaasup ciri sisindiran, iwal ti....

a)

diwangun ku opat padalisan

b)

diwangun ku dalapan engang unggal padalisanna

c)

padalisan ka-1 jeung ka-2 cangkang

d)

padalisan ka-3 jeung ka-4 eusi

e)

padalisan ka-1 jeung ka-2 eusi