wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS 1 B.SUNDA TH 2023/2024

Total questions: 30

Worksheet time: 2hrs 30mins

Name
Class
Date
1.

Ungkaran wangun kalimah atawa klausa anu eusina babandingan, disebut . . . .

a)

Pupuh

b)

Paribasa

c)

Babasan

d)

Carpon

2.

Paribasa “adat kakurung ku iga” hartina  . . . .

a)

Ginding ku pakéan meunang nginjeum

b)

Sagala rupa nurutkeun batur

c)

Boga élmu teu nyaho maksudna

d)

Lampah goréng hésé leungitna

3.

Paribasa anu eusina ngebréhkeun pangalaman anu geus lumrah di masarakat disebut . . . . .

a)

Paribasa wawaran luang

b)

Paribasa pangrujung laku hadé

c)

Paribasa panyaram lampah salah

d)

Paribasa pangrujung laku salah

4.

Di handap ieu anu kaasup paribasa laku hadé, nyaéta . . . .

a)

Cul dogdog tinggal ige

b)

Adat ka kurung ku iga

c)

Ari diarah supana, kudu dijaga catangna

d)

Agul ku payung butut

5.

Conto paribasa panyaram lampah salah, nyaéta . . . .

a)

Cul dogdog tinggal igel

b)

Ayakan mah tara meunang kancra

c)

Tiis ceuli hérang mata

d)

Hadé gogog hadé tagog

6.

Dua kecap atawa leuwih anu diucapkeun sarua tapi ngandung harti anu béda, nyaéta . . . .

a)

Kecap pangantét

b)

Kecap sangaran

c)

Kecap panyambung

d)

Kecap gaganti

7.

Ulah réa teung dahar gajih, teu hadé keur kaséhatan.

Kecap gajih dinu kalimah diluhur boga harti . . . .

a)

Penghasilan

b)

Panyakit

c)

Kadaharan

d)

Pagawéan

8.

Kang Yadi icalan kala muda téh meni pajeng pisan.

Kecap pajeng dinu kalimah di luhur nyaéta....

a)

Réa nu meuli

b)

Payung

c)

Teu payu

d)

Pagawéan

9.

Anu dimaksud illegal lodging nyaéta ….

a)

Dagang bébas

b)

Ngajual kai golongdongan

c)

Ngalaan kai golondongan

d)

Maling kai golondongan

10.

Ngaheureutan leuweung kana kahirupan dunya ngabalukarkeun . . . .

a)

Hawa jadi seger 

b)

Global warming  

c)

Dunya jadi iuh

d)

Loba tatangkalan 

11.

Ciri paribasa nyaéta pakeman basa anu can puguh éntep-seureuhna, geus puguh surupanana, geus tangtu pokpokanana.

a)

BENER

b)

SALAH

12.

Paribasa jaman cacing dua saduit mibanda harti jaman baheula pisan.

a)

BENER

b)

SALAH

13.

Kecap sangaran diucapkeunana (dilapalkeunana) béda, tapi ngandung harti anu sarua.

a)

BENER

b)

SALAH

14.

Salah sahiji sato anu teu meunang dipiara ku masarakat pikeun ngajaga kalumangsungan lingkungan nyaéta domba Garut.

a)

BENER

b)

SALAH

15.

Satwa anu dilindungi ku nagara nu nelah ti pakidulan Sukabumi nyaéta Penyu Héjo.

a)

BENER

b)

SALAH

16.

Dewi Sartika lahir di tanah . . . .

a)

Sunda

b)

Jawa

c)

Melayu

d)

Minang

17.

Raden Ayu Lasminingrat dina Pupuh Durma mangrupakeun ahli . . . .

a)

perang

b)

masak

c)

ngatik

d)

nyulam

18.

Jumla pada dina Pupuh Durma Raden Ayu Lasminingrat nyaeta . . . .

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

19.

Jumlah padalisan dina Pupuh Durma tiap padana, nyaeta . . . .

a)

7

b)

6

c)

5

d)

4

20.

Anu ngabedakeun eusi kawih jeung pupuh nyaeta eusi kawih mah . . . .

a)

diwangun ku pada anu geus tangtu jumlah padalisanana

b)

unggal padalisan geus tangtu jumlah engangna

c)

jumlah pada teu ditangtukeun kudu sabaraha-sabarahana

d)

unggal tungtung padalisan geus tangtu sorana

21.

Dewi Sartika teh dibabarkeun taun . . . .

a)

1904

b)

1884

c)

1945

d)

1922

22.

Jasana Raden Dewi Sartika kanggo kaom wanita hususna dina widang . . . .

a)

bisnis

b)

ekonomi

c)

peperangan

d)

pendidikan

23.

Dewi Sartika ngadegkeun Sakola Istri taun . . . .

a)

1884

b)

1904

c)

1922

d)

1945

24.

Di handap ieu anu kaasup kecap rarangken tengah -um- , nyaeta . . . .

a)

kumaha

b)

rumah

c)

gumelar

d)

almarhum

25.

Di handap ieu anu kaasup kecap rarangken tengah -ar-, nyaeta . . . .

a)

ngarala

b)

parentah

c)

aranyar

d)

talar

26.

Istilah sejen tina pada

(a)  

27.

watek pupuh durma

(a)  

28.

Istilah sejen tina padalisan

(a)  

29.

Pahlawan Nasional anu majukeun pendidikan hususna jeung kaom wanita

(a)  

30.

Diwangun ku pada anu geus tangtu jumlah padalisanana

(a)