wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan B.Sunda kelas 8 Semester Ganjil

Total questions: 20

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.
Getih suci nyiram bumi,Tulang sétra mulang lemah,Babakti nyungkem pertiwi,Cikal bugang putra bangsa,Nyatana pahlawan Toha,. Nyaritakeun saha kawih di luhur…
a)
Moh.Ramdan
b)
Moh. Hatta
c)
Moh. Toha
d)
Moh. Ridwan
2.

Getih suci nyiram bumi,Tulang sétra mulang lemah,Babakti nyungkem pertiwi,Cikal bugang putra bangsa,Nyatana pahlawan Toha,.Pahlawan ti daérah mana nu dicaritakeun dina kawih di luhur…

a)
Bandung Kulon
b)
Bandung Wetan
c)
Bandung Kidul
d)
Bandung Kaler
3.
Bandung... Bandung... Bandung nelah kota kembang Bandung... Bandung... Sasakala Sangkuriang Dilingkung gunung Heurin ku tangtung Puseur Kota nu Mulya Parahyangan. Dumasar kawih di luhur, Bandung teh nelah ku istilah?
a)
Kota Sangkuriang
b)
Kota Bermartabat
c)
Paris Van Java
d)
Kota Kembang
4.
Naon maksudna "Heurin ku tangtung" dina rumpaka kawih di luhur?
a)
Bandung pinuh ku runtah
b)
Bandung loba toko jeung Supermarket
c)
Bandung pinuh ku gedong-gedong jarangkung
d)
Bandung kacida ramena lantaran gegek pendudukna
5.
Kecap rumpaka sarua hartina jeung …
a)
Kecap
b)
Kalimah
c)
Lirik
d)
Paragraf
6.
Teu honcéwang sumoréang,Tékadna pahlawan bangsa,Cadu mundur pantrang -------------,Mun maksud tacan laksana. Kecap anu bener pikeun ngalengkepan kawih di luhur nyaéta…
a)
narima
b)
mulang
c)
menta
d)
malik
7.
Dina karawitan Sunda antara kawih jeung tembang teh dibedakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ...
a)
ketukan (tempo)
b)
Konci nada
c)
Padalisan
d)
Jajaran
8.
Padeukeutna sora-sora dina unggal padalisan rumpaka kawih disebutna ...
a)
purwakanti
b)
purwadaksi
c)
suasana
d)
nada lagu
9.
Kakawihan sok disebut oge...
a)
Tembang
b)
Ngahaleuangkeun
c)
Kawih murangkalih
d)
Nyanyi
10.
Berjuang keur lemah cai Lali rabi tur téga pati Taya basa ménta pamulang tarima Iklas rido keur korban merdéka. Kecap lemah cai sarua hartina jeung ….
a)
Tanah air
b)
Tanah lapang
c)
Tanah milik
d)
Tanah
11.
Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nya éta kajadian …
a)
Anu dianggap penting pikeun urang
b)
Anu dianggap penting pikeun pamingpin
c)
Anu dianggap penting pikeun balaréa
d)
Anu dianggap penting pikeun kulawargi urang
12.
Museum KOnfrensi asia Afrika (MKAA), dina poe Rebo (4/8), mitembeyan Program Festival Konfrensi Asia Afrika (FKAA) 2010 nu boga tema "Cerita Kota". Kecap mitembeyan mibanda harti
a)
ngokolakeun
b)
ngusahakeun
c)
ngamimitian
d)
ngalantarankeun
13.
Profesi nu pagawéana ngumpulkeun informasi pikeun nepikeun warta disebutna …
a)
announcer
b)
wartawan
c)
narasumber
d)
kaméramén
14.
Eusi warta téh kudu nétral, maksudna …
a)
Teu meunang mihak ka pamingpin
b)
Teu meunang mihak ka balaréa
c)
Teu meunang mihak ka salah sahiji pihak
d)
Teu meunang mihak ka nu boga média
15.
Iber atawa beja ngeunaan perkara hiji kajadian atawa hiji hal boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan nu diumumkeun dina media massa disebut...
a)
wawaran
b)
warta
c)
wawartos
d)
bewara
16.
Warta mah beja dumasar kanyataan atawa fakta anu dikumpulkeun ngaliwatan tilu cara, nyaeta...
a)
nalungtik, dokumentasi jeung wawancara
b)
observasi, wawancara jeung riset media
c)
riset media, dokumentasi jeung pemotretan
d)
rekaman, pemotretan jeung observasi
17.
Struktur warta teh kabagi jadi tilu bagian...
a)
tema (theme), headline, lead
b)
judul (headline), tema jeung bubuka
c)
judul (headline), lead (bubuka,intro) jeung tubuh warta
d)
bubuka, isi, panutup jeung riset dokumentasi
18.
"Sim kuring optimis, carita-carita rakyat Jawa Barat bakal ditampi tur diapresiasi di luar negeri. Ku kituna, pintonan Lutung Kasarung teh bakal digarap kalayan daria bari inovatif," ceuk Dede Yusuf. Kecap Daria dina sempalan paragraf warta di luhur mibanda harti...
a)
apik
b)
enya-enya
c)
apilain
d)
gede
19.
Nulis warta kudu nyumponan unsur-unsur pangwangunna nyaeta...
a)
2W+3H
b)
3W+3H
c)
4W+1H
d)
5W+1H
20.
Pikeun ngungkulan kaayaan anu macét di tanjakan Nagrég uggal lebaran. Pamaréntah ngarencanakeun ngawangun fly over di éta jalur taun 2008. Dina kaayaan arus mudik lebaran H + 5 lobana kandaraan anu ngaliwat ka tanjakan Nagrég ningkat nepi ka 40 %. Anu kaasup unsur Who (saha) dina 5W + 1H aya dina kalimat ….
a)
Pikeun ngungkulan anu macét di tanjakan Nagrég
b)
Pamaréntah ngarencanakeun ngawangun Fly Over
c)
Kandaraan anu ngaliwat ningkat
d)
Nagrég ningkat nepi ka 40%