wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS B. Sunda Kelas 8 TA 23-24

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Naon ari hartosna kawih teh?

a)

Hiji puisi sunda nu teu ngabentuk carita tur mibanda nada nu tetep

b)

Hiji karya sastra nu loba pisan di zaman kiwari

c)

Karya seni nu eusina gambar tur aya gerakan

d)

Karya sastra nu ngabentuk puisi sarta kakaitan sareng aturan pupuh

2.

Bareto, nada nu digunakeun dina kawih sunda teh sok nu lima nada (da, mi, na, ti, la) atawa disebut oge nada ...

a)

Tritonis

b)

Pentatonis

c)

Dwitonis

d)

Diatonis

3.

Kiwari, kawih teh ngagunakeun nada nu 7 nada (do, re, mi, fa, sol, la, si) nu disebut nada ...

a)

Diatonis

b)

Pentatonis

c)

Tritonis

d)

Diatonis

4.

Kawih nyaeta salah sahiji karya sastra sunda nu cakeut pisan sareng masarakat. Kawih oge sumebarna teh cepet pisan. Sumebar sareng diwariskeunna kawih biasana sok sacara ...

a)

Digital

b)

Tulisan

c)

Lisan

d)

Caritaan

5.

Kawih buhun umumna sok teu aya nu apal saha nu nyiptakeunna atawa disebut ...

a)

Spontan

b)

Anonim

c)

Ngasal

d)

Wirahma

6.

Unsur kawih nu eusina mangrupakeun gambaran sikep dina éta kawih nyaéta ...

a)

Rasa

b)

Nada

c)

Amanat

d)

Téma

7.

Lajeng, unsur kawih nu eusina mangrupakeun hiji pesan nu aya dina éta kawih nyaéta ...

a)

Rasa

b)

Nada

c)

Amanat

d)

Téma

8.

Téma nu aya dina kawih kania nyaéta ...

a)

Perjuangan

b)

Kanineung ka hiji jalmi

c)

Kacapé hirup

d)

Spritiual

9.

Lamun rasa nu aya dina kawih bimbang mah nyaéta ...

a)

Kesel

b)

Bagja

c)

Sedih ogé bingung

d)

Capé

10.

Ditilik dina waktu atawa jamanna, kawih téh kabagi 3. Kawih nu aya ti jaman buhun nalika ti jaman saacan jepang ogé ieu kawih tos aya nyaéta kawih ...

a)

Wanda anyar

b)

Buhun (klasik)

c)

Jaman Jepang

d)

Kaulinan

11.

Ditilik tina waktu jeung jamanna, kawih nu ayeuna aya kaasup kana kawih ...

a)

Wanda anyar

b)

Buhun (klasik)

c)

Jaman Jepang

d)

Kaulinan

12.

Conto kawih buhun (klasik) di handap ieu nyaéta ...

a)

Kawih bubuy bulan

b)

Kawih manuk dadali

c)

Kawih jalir jangji

d)

Kawih Kania

13.

"Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang

Mébérkeun jangjangna jauh taya karingrang"

Perhatoskeun lirik lagu di luhur, lirik éta aya dina kawih nu jéjérna ...

a)

Kawih bimbang

b)

Bubuy bulan

c)

Manuk panggagahna

d)

Manuk dadali

14.

Kawih nu biasana dipaké ulin ku barudak tur sok jadi pangiring ulin disebut kawih ...

a)

Kaulinan

b)

Moderen

c)

Klasik

d)

Buhun

15.

Lajengkeun lirik kawih di handap.

"Bang bang kalima gobang bang,

Bangkong di tengah sawah,

Wahai tukang bajigur ,

..."

a)

Saban poé diajar

b)

Guru sakola desa

c)

Guru sakola agama

d)

Putri nu gareulis

16.

Istilah kapamalian asalna tina kecap ...

a)

Kapama

b)

Pamali

c)

Palian

d)

Kapamali

17.

"Kapamalian téh sarupa jeung larangan nu kudu dijauhan sabab dipercaya bisa nimbulkan mamala kapayunna."

Hartos mamala dina kalimah di luhur nyaéta ...

a)

Kabagjaan

b)

Kasedih

c)

Masalah/bahaya

d)

Dosa/ganjaran

18.

Kapamalian di handap nu hartos/maksadna téh supados teu kaluar saatos maghrib nyaéta ...

a)

Ulah kaluar imah sareupna bisi ku sanekala.

b)

Ulah sok tatalu di oeuting bisi aya nu nurutan

c)

Ulah nyapu ti peuting, bisi miceun rejeki

d)

Ulah meuli barang seukeut ti peuting

19.

Laporan kajadian nu ngenaan peristiwa atawa naon waé nu carék anyar tur aktual nyaéta ...

a)

Kawih

b)

Pupuh

c)

Warta

d)

Eksposisi

20.

Mangrupakeun hiji pertarosan nu aya dina warta anu waleranna téh pasti bakal ngeunaan waktu kajadian éta warta nyaéta ...

a)

What (naon)

b)

When (iraha)

c)

Why (kunaon)

d)

How (kumaha)