WorksheetsLatihan B. Sunda Kelas 5 Sumatif Tengah Semester 1
Total questions: 50
Worksheet time: 38mins
Ani jeung Ana keur maén ... di buruan.
game online
kolécér
ucing-ucingan
sondah
Ujang mah maén ... pinter pisan, tuh muterna meni leceng.
game online
PS
langlayangan
yoyo
Jaman ayeuna mah barudak téh leuwih resep maén ... tibatan kaulinan baheula.
PS
sondah
yoyo
ucing-ucingan
Barudak dina Agustusan kamari miluan perlombaan ....
kolécér
lumpat karung
sondah
ucing-ucingan
Asép balik sakola muru ka warnét rék maén ....
PS
boy-boyan
langlayangan
game online
Barudak keur ... di lapang mani jéjéréwétan.
medar langlayangan
maén PS
ucing-ucingan
jajangkungan
Lamun gedé angin mah ... téh muterna tarik pisan.
yoyo
kolécér
jajangkungan
bedil
... nu Tono kapakan sabab kenurna pegat.
béklen
kolécér
jajangkungan
langlayangan
Rudi, Bianca, Asép, Diah, Santi jeung Dodo keur nyémplekan kenténg rék maén ....
boy-boyan
langlayangan
yoyo
lumpat karung
Barudak ngala awi keur nyieun ....
game online
ucing-ucingan
jajangkungan
lumpat karung
Maén béklen téh ngabutuhkeun ... jeung bal karét.
Kecap barang anu merenanh pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
kaléci
kewuk
kenur
gundu
Cucu ngajakan Edi maén gatrik. Kalimah ajakan anu merenah nyaéta ....
Edi, rék maén gatrik moal?
Edi, isukan kuring rék maén gatrik.
Edi, ulin gatrik, yuk!
Edi rek ulin gatrik jeung Cucu
Ngaran kaulinan nu luyu jeung gambar nyaéta ....
galah
gatrik
kaléci
sondah
Kecap di handap ieu anu aya patalina jeung maén langlayangan nyaéta ....
depot
gelasan
kewuk
gacrit
Di handap anu ilahar dijadikeun siki keur maén béklen nyaéta ....
siki kadu
siki asem
kewuk
siki salak
Nu sok arulin ngadu kaléci ilaharna barudak ....
lalaki
lalaki jeung awéwé
awéwé
salah kabéhanana
Motor keur dikumbah ku A Andi.
Kalimah di luhur mun dijadikeun wangun kalimah aktif nyaéta ....
A Andi keur dikumbah motor
A Andi keur kumbah motor
Motor keur ngumbah ku A Andi
A Andi keur ngumbah motor
Istilah gacrit téh ilaharna dipaké dina kaulinan ....
béklen
maénbal
jajangkungan
kaléci
Nu sok arulin béklen ilaharna barudak ....
lalaki
awéwé
lalaki jeung awéwé
kolot
Béklen asalna tina kecap bikkelen anu diserep tina basa ....
Walanda
Arab
Inggris
Oray-Orayan
Oray-orayan, luar leor mapay sawah
Entong ka sawah, paréna keur sedeng beukah
Mending ge teuleum, di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi?
Anu mandina pandeuri.
Nu ngaleor di sawah nyaeta ....
Anu mandi
Oray
Éntog
Barudak
Kaulinan anu aya dina gambar nyaéta ....
Gatrik
Gobag Sodor
Ucing Sumput / Petak Umpet
Ambil - ambilan
Kaulinan anu maké papan kai dieusi kuwuk nyaéta ....
Galah asin
Oray-orayan
Congkak
Damdaman
Bi Darmi nyangu dina kompor.
subjék dina kalimah di luhur nyaeta ....
nyangu
kompor
dina kompor
Bi Darmi
Kalimah nu nuduhkeun kalimah aktif, nyaéta ....
Congklak tina kai dijieun ku bapa.
Surat ijin keur diserat ku Sinta.
Kembang ros keur dipélak ku Ani.
Ani keur meuli sayur di pasar.
Dihandap ieu anu teu kaasup karangan narasi nyaeta ....
dongéng
novél
paguneman
carpon
Kalimah pananya ditungtungan ku tanda ....
?
!
.
"
Peuting harita mah ... lantaran listrikna pareum.
Kecap kaayaan nu merenah nyaéta ....
caang mambra
poék mongkléng
pait molélél
héjo carulang
Tanda baca anu merenah aya dina kalimah ....
Di, hayu urang indit ayeuna?
Ibu badé angkat ka mana!
Irma, dagoan kuring!
Upami énjing badé ka mana.
Kalimah anu subjékna téh malampah hiji pagawéan atawa subjékna biasana nu jadi palakuna, nyaéta disebat ....
kalimah pasif
kalimah kaayaan
kalimah aktif
kalimah panyeluk
Perhatikeun gambar!
Kaulinan anu dina gambar nyaéta ....
Gatrik
Ucing Sumput
Congklak
Gobag sodor
Urang ngala lauk yu!
Kalimah di luhur kaasup kalimah ….
pananya
pangajak
paréntah
panyarék
Anu disebut kaulinan barudak égrang, ditunjukkeun ku gambar ....
Perhatikeun gambar!
Kaulinan anu aya dina gambar nyaéta ....
Gatrik
Gobag Sodor
Ambil - ambilan
Ucing sumput
Lamun meunang kasusah, urang kudu ....
ceurik
ngagoak
sabar
muyung di imah
Lamun meunang kabungah, urang teu meunang ....
adigung
seuseurian
ngarasa bungah
saré
Conto kajadian anu matak pikabungaheun nyaéta ....
labuh tina sapédah
imah katarajang caah
gunung bitu
meunang hadiah ti sakola
Pupuh di handap ieu anu miboga watek banyol, heureuy, jeung pikaseurieun nyaéta ....
Maskumambang
Dangdanggula
Sinom
Balakbak
Erik : "... kajadian lini téh?"
Dudi: "Tadi peuting jam 10."
Kecap pananya anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
Dimana
Iraha
Sabaraha
Kumaha
Susi: "Mat, sabaraha jam maén futsal téh?"
Jawaban anu bener pikeun pananya di luhur nyaéta ....
Paling ngan sajam
Engké jam 7 maénna
Di lapang deukeut sakola
Isukan soré
Kalimah pananya anu nanyakeun ngeunaan kaayaan nyaéta ....
Iraha kajadian tsunami Acéh?
Sabarahaan ciréng téh, Mang?
Kumaha hibarna tuang raka téh?
Dimana labuhna budak téh?
Lamun aya nu kamusibatan téh hadéna urang nyumbang kalayan ....
loba
ihlas
saeutik
sabogana
Kumaha ayeuna leungeun nu misalah téh, Jang?
Jawaban anu merenah pikeun pananya di luhur nyaeta ....
Alhamdulillah, tos sakinten ayeuna mah.
Geubis kamari tina sapédah.
Kamari geubisna basa maén bal.
Kadupak ku babaturan.
... sebutan pikeun anak sapi?
Kecap pananya anu merenah pikeun ngeusian titik-titik anu diluhur nyaéta ....
Saha
Naon
Kumaha
Iraha
Kamari poé Salasa, mangkukna poé ....
Minggu
Senén
Rebo
Kamis
Lamun poé ayeuna poé Jumaah, pagéto poé ....
Kemis
Sabtu
Minggu
Rebo
Udin téh jangkung badag kawas bapana.
Nu kaasup kecap kaayaan nyaéta ....
Udin
jangkung badag
kawas
bapana
Jaman ... mah, internét jadi salah sahiji kabutuhan anu penting.
Kecap nu merenah jang ngeusian titik-titik nyaéta ....
baréto
baheula
bihari
kiwari
Bapana Yura pagawéanana jadi ... anu sok nambangan sado/delman.
supir
masinis
kusir
pilot
Jam ... hidep uih sakola?
Kecap pananya anu luyu jeung kalimah di luhur, nyaéta ....
iraha
sabaraha
saha
kamana
