WorksheetsBahasa Sunda 5_2
Total questions: 50
Worksheet time: 25mins
Nyi Endit kawentar ku korétna.
Kecap korét téh sarua hartina jeung kecap...
pedit
bageur
beunghar
jegud
Boga dahareun téh ti batan dibikeun kalah dipiceun.
Kecap dibikeun téh sarua hartina jeung kecap...
dialungkeun
diberekeun
diteundeun
dihuapkeun
Boga dahareun téh ti batan dibikeun kalah dipiceun.
Kecap dipiceun téh sarua hartina jeung kecap...
diberekeun
dihuapkeun
dileungitkeun
dibikeun
Sakalieun nginjeumkeun duit gé, mun malikkeun kudu
ditambahan.
Kecap ditambahan téh sarua hartina jeung kecap ....
diembohan
dikurangan
dibebaskeun
dilunasan
Aya jelema umurna geus kacida kolotna.
Kecap kolot téh sarua hartina jeung kecap ...
anom
sepuh
budak
rumaja
Éta jelema téh katempona siga lapareun kacida.
Kecap katempona téh sarua hartina jeung kecap ...
katenjona
kagambarna
kawentarna
kasohorna
Nyi Endit nyokot peti paranti nyimpen emas permata.
Kecap nyimpen téh sarua hartina jeung kecap....
nyokot
mawa
neundeun
miceun
Nyi Endit teu miroséa bahaya banjir.
nu lain sasaruana tina kecap miroséa nyaéta...
merhatikeun
malire
ngestokeun
cicing
Isukna urang lembur gujrud.
Anu lain sasaruan tina kecap gujrud téh nyaėta...
catur
carita
gunem
jempling
Urang lembur buriak nyingkahan banjir.
Kecap nyingkahan téh sarua hartina jeung kecap
ngajauhan
ngadeukeutan
nyicingan
ngaleungitkeun
INDONESIA
Sanggian : Koko Koswara
Indonesia gemah ripah loh jinawi
Alam endah, hejo lembok sugih mukti
Subur tutuwuhan beunghar pepelakan
Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai
Kakayon, tumuwuh subur pajangkung-jangkung
Patetan, ngawujud sirung pagulung-gulung
Piraku rek rela, piraku rek tega
Alam nu ngemploh hejo pinarengan ngarangrangan teu kariksa
(dicutat tina midadami kelas 5 halaman 52)
Naon judul kawih di luhur ?
Koko Koswara
Tutuwuhan
Indonesia
Lemah Cai
Kecap hejo lembok, ngandung harti ....
pucuk daun
subur makmur
daun anu hararejo
daun gomplok
Indonesia, gemah ripah loh jinawi.
Harti tina kecap gemah nyaeta .....
sagala babari
sagala hese
sagala pepelakan
sagala anu jadi tina taneuh
Imam nyorendang koja ani di eusian sangu jeung dengen na. Harti kecap koja nyaeta ....
sasab kukurilingan di leuweung
jajalemaan pikeun nyingsieunan manuk di sawah
cai beresih anu kaluar tina taneuh
kantong anu dijeujeut kawas jaring
Unggal poe, saeunggeus balik sakola, Iman indit ka sawah rek nungguan pare anu keur ....
beuneur hejo
sirungan
hejo lembok
nyarungsum
Ema : "Ujang geura dahar geus beurang !"
Ujang : "Naon sabab na Ujang kudu dahar ma?"
Ema : .....
Kalimah anu pantes pikeun paguneman di luhur nayeta ....
ema geus nyangu
sangkan boga tanaga
supaya bisa lumpat tarik
supaya jadi jalema bageur
Nu kumaha ari kadaharan anu sehat teh ?
Kadaharan anu meunang meuli ti toko
Kadaharan anu beresih jeung bergizi
Kadaharan anu mahal
Kadaharan anu di impor ti luar negeri
Lauk teh loba rupana. Aya lauk cai laut aya lauk cai tawar. Ari lauk cai tawar conto na nyaeta ....
lauk emas, lauk paus, jeung lele
lauk hiu, lauk nilem, jeung jaer
lauk bogo, lauk nilem, jeung lauk emas
lauk lumba-lumba, lauk hiu, jeung lauk makarel
Saur kang Iwan, nongton TV teu kenging caket-caket teuing, kumargi bakal ngareksak kana ....
soca
waos
lambeut
sampean
"Ujang ayeuna nuju nyieun jeujeur"
Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ....
parentah
ajakan
panyaram
wawaran
"Lah, aya ku hareudang. Halabhab deuih", ceuk Rani.
Harti kecap halabhab nyaeta ...
panas pisan
kalaparan
hayang dahar
hayang nginum
Asal kecap tina "pikaresepeun", nyaeta ....
resep
pika
resepeun
pikaresep
Kecap anu make rarangken barung pika-, -eun nyaeta ....
pibajueun
pijangkungeun
pikaseurieun
piimaheun
Ningal korban bencana alam banjir di TV, meni ..., loba imah na anu ka kelem.
pikanyaaheun
pikawatireun
piwatireun
pinyaaheun
Dina waktu dibagi rapor semester kahiji, kuring ngarasa ... , sabab kuring jadi pinunjul ka hiji di kelas lima.
keuheul
bungah
lieur
sedih
Baheula leweung teh geueuman.
Harti kecap geueuman nyaeta .....
pikabetaheun
pikasieuneun
piseupieun
pirameun
Sok geura ... emam budak teh, karunya tos lapareun.
Kecap anu merenah pikeun ngeusian kalimah diluhur nyaeta ...
pasih
papasihan
pasihna
pasihan
rea nu dipegung bisi kasarung.
Hartina kecap kasarung nyaeta ....
rea jalma nu make karung
rea jalma nu disarung
rea jalma anu teu apal pangbalikan
rea jalma nu teu disarung
Karya sastra wangun puisi anu heunteu ka iket ku aturan bahasa, tur dibacana endah. nayeta ....
sajak
carpon
pantun
babasan
Perhatikeun sajak di handap ieu !
Neuteup pinuh ku harepan
Pikeun ngahontal sahiji impenan
Dina ngawujudkeun kahayang
Pikeun mangsa hareup abu gumilang
Sajak di luhur nyaritakeun ngeunaan .....
ngalamunkeun kahayang
nyaritakeun ngimpi anu peuting
loba kahayang teu kacumponan
harepan ngaraih cita-cita
Kecap sabalikna tina kecap dijual, nyaeta ….
dibeuli
dibantu
diical
dibawa
Meuli baju teh ….. mana ?
ti
ti
dina
kana
Buku teh di simpenna ….. naon ?
ti
dina
mana
ka
Pagaewanana teh ngapungkeun kapal udara, nyaeta …
pulisi
pilot
satpam
tentara
Kecap kadaharan asal kecapna ….
kadahar
dahar
didahar
dahareun
Urang ngala lauk yu !
Kalimah diluhur kaasup kalimah ….
pananya
pangajak
parentah
panyarek
kadaharan anu dijiuenna tina sampeu nyaeta …
wajit
comro
opak
koci
Ibu kandung hartina ibu anu ….
ngalahirkeun urang
ngangais urang
mere susu urang
nganter ka posyandu
“Duh, keur geulis the pinter, bageur deui “
kalimah diluhur kaasup kalimah …
panyawad
pananya
pamuji
panyarek
Kecap Puskesmas kaasup kana kecap …
singkatan
wancahan
panambah
panyarek
Pagaweanana sok mawa panumpang kana mobil, nyaeta …
(a)
Saha anu ceurik teh ? eta kalimah kaasup kalimah ….
(a)
Pang meserkeun buku, jang ! kaasup kalimah …
(a)
Nyi Endit kawentar ku korétna.
Kecap korét téh sarua hartina jeung kecap...
pedit
bageur
beunghar
jegud
Aya jelema umurna geus kacida kolotna.
Kecap kolot téh sarua hartina jeung kecap ...
anom
sepuh
budak
rumaja
Di handap ieu kaulinan nu dipaénkeun ku maké kuwuk minangka alatna nyaéta
simar
boy-boyan
béklen
gatrik
Kaulinan anu maké siki asem minangka alatna nyaéta......
gatrik
simar
galah asin
béklen
Perhatoskeun kaulinan di handap ieu!
(1) Béklen.
(2) Pérépét jéngkol.
(3) Kokolécéran.
(4) Ngadu kaléci.
(5) Oray-orayan.
Dumasar kana kaulinan di luhur, anu termasuk kana kaulinan nu dibarungan ku kawih nyaéta nomer.....
(1) jeung (3)
(2) jeung (4)
(2) jeung (5)
(3) jeung (5)
Rupa kaulinan anu maké panggal minangka alatna disebut.....
gatrik
sasalimpetan
papanggalan
oray-orayan
Kaulinan anu biasana maké potongan kenténg nyaéta.
boy-boyan
bébénténgan
papanggalan
simar
