WorksheetsUS BAHASA SUNDA-XII
Total questions: 50
Worksheet time: 50mins
Selama ini Bupati telah banyak mengembangkan kemajuan daerah kearah yang lebih baik.
Kalimah tarjamahan kana basa Sunda anu merenah nya éta...
Salila ieu bupati geus ngamekarkeun kamajuan wewengkon kana hal anu leuwih hadé
Salila ieu bupati ngembangkeun kamajuan wewengkon ka arah anu leuwih hadé
Salila ieu bupati geus mekarkeun kamajuan wewengkon ka arah leuwih hadé deui
Salila ieu bupati geus ngembangkeun kamajuan wewengkon sacara hadé
Salila ieu bupati ngamekarkeun kamajuan wewengkon leuwih hadé
Anéh pisan tujuh pasir anu galedé téh dina waktu sapeuting geus bisa dipindahkeun. Taneuhna ngagugulung ngajunggeuleuk jadi hiji gunung anu gedé. Sanggeus nempo pagawéanana bérés, Nyi Mojang mulang rék nepungan ramana di patapaan. Ahirna ramana teu percaya yén anakna teu ngalakukeun pagawéan anu nirca, ngarempak papagon agama jeung kapercayaan.
(Dicutat tina buku Murba Basa)
Dongéng miboga sababaraha jenisna. Katitén tina wacana di luhur, jenis dongéngna nya éta … .
Sage
Pabél
Mitos
Parabél
Sasakala
Mimin nyobaan sababaraha kali nyieun kuéh nastar tapi kalahkah teuas.
Kalimah di luhur aya kecap sababaraha kaasup kana jenis kecap rajékan...
Dwiréka
Dwipurwa
Dwimurni
Dwimadya
Trilingga
Priangan
(Rahmat M. Sas Karana)
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan,
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(Dicutat tina Tepung di Bandung)
Sajak miboga sababaraha unsur di antarana jejer, rasa, nada jeung amanah. Unsur rasa anu nyangkaruk dina sajak di luhur nya éta...
Kasedih
Kasusah
Kabungah
Kahariwang
Kacangcaya
Angin,
Pangusikkeun sapangeusi buana
Yén aya sinatria nu perlaya
Di wewengkon langit Sunda
Bulan,
Baturan éta nyawa nu ditundung
Di tempat baktina taya nu daék ngajungjung
Téks sajak diluhur mangrupa ébréhan ti salasahiji pahlawan. Jadi, jejer sajak di luhur ngeunaan...
Kapahlawanan anu bajoang
Pahlawanan anu bajoang
Sinatria béla masarakat
Sinatria béla nagara
Sinatria perlaya
Hadirin hormateun sim kuring.
Di antara masalah nu disanghareupan ku urang téh nyaéta lobana gogoda ka nonoman nu antukna nonoman urang tigebrus kana narkoba. Di antarana dicontoan ku public figure atawa sélébriti nu ngagunakeun narkoba. Anjeunna siga teu sadar yéh posisi jeung kalakuanana minangka publik figure bisa nimbulkeun balukar nu awon ka masarakat. Popularitas jeung harta, saolah-olah nutupan akal séhatna pikeun jauh tina narkoba.
Eusi biantara di luhur nyaéta...
Nonoman urang sunda
Popularitas, harta, jeung narkoba
Nonoman anu ti gebrus narkoba
Publik Figur pecandu narkoba
Masarakat sieun kana narkoba
1. Nyusun runtuyan acara
2. Nyiapkeun dekorasi
3. Nyarita kalayan ucapan tur lentong nu jelas
4. Tatahar nyiapkeun konsumsi
5. Ngagunakeun basa anu luyu, sopan tur merenah
6. Ngahibur tamu uleman
7. Muka tur nutup acara
Anu kaasup pancen panumbu catur dina pilihan nomer di luhur nya eta diantarana...
1, 2, 3, 4
1, 3, 6, 7
1, 2, 4, 5
1, 3, 5, 7
1, 4, 6, 7
Saupami dina panampian kirang nyugemakeun, boh tempatna boh tuang leueutna, sim kuring salaku panumbu carita neda hapunteun anu kasuhun.
Kekecapan di luhur mangrupa bagian panumbu catur nalika...
Paribasa ka pamilon
Nepikeun inti acara
Nepikeun tujuan acara
Ngabagéakeun pamilon
Sanduk-sanduk ka pamilon
Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar. Kungsi digawé di perkebunan entéh Patuha, meunang opat taun. Salila digawé di perkebunan, Cécép tetep nulis carpon. Sakapeung-kapeungeun turun gunung ka Bandung, ruang-riung jeung papada pangarang Sunda. Taun 1987, Cécép digawé di majalah Manglé. Meunang sapuluh taun. Undur ti dinya, anjeunna kungsi jadi wartawan di sababaraha surat kabar. Di antarana di majalah Tiras jeung tabloid Detak di Jakarta. Ayeuna Cécép jadi Pingpinan Rédaksi Koran Tribun Jabar.
Ditilik kana kacindekan eusi biografi di luhur nuduhkeun kana...
Lalampahan hirup jeung karir
Lalampahan pendidikan jeung prestasi
Lalampahan karir jeung prestasi
Lalampahan kajadian jeung pendidikan
Lalampahan Prestasi jeung pendidikan
Kajurung ku tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Dén Haji Darmawan,teu tebih ti bumina. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan méja alit.
Sempalan carpon di luhur ngagambarkeun kaayaan tokoh Aki Uki anu...
Senang
Beunghar
Sangsara
Sagala loba
Tara akur jeung batur
Saméméh meuli samping
Kudu meuli calana
Saméméh hayang kawin
Kudu lulus sarjana
Eusi sisindiran di luhur mangrupa...
Heureuy
Kanyaah
Piwuruk
Sésébréd
Silih asih
Tengetan rumpaka kawih di handap!
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya
Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Allah Robbul Izzati
Taya deui panglumpatan
Taya deui pamuntangan
Mung Allah Pangéran abdi
Pangéran anu sajati.
Amanah dina rumpaka kawih di luhur nyaéta...
jalma taya deui panglumpatan
jadi jalma kudu pasrah sumera
jalma nu ngamparkeun sajadah
jalma nu keur mundut pangampura
nyaritakeun jalma anu lamokot ku dosa
Baca téks wawancara di handap!
CM: Minangka pamaén senior, akang tangtos wanoh jeung bobotoh. Kumaha numutkeun Akang kontribusi Viking kanggo pamaén Pérsib?
YM: Kontribusi bobotoh, pangpangna Viking, saé pisan. Karaos pisan ku pamaén mah. Viking teu weléh satia masihan sumanget, upamina mun nuju tanding. Boh upami maén di Bandung boh nuju maén tandang. Mun nuju maén tandang, Viking sok ngabring ngadukung Persib, sanaos sakedik tapi éta téh kacida ageung pangaruhna kanggo pamaén mah.
Téks wawancara di luhur nyaritakeun ngeunaan...
pamaén senior
bobotoh jeung pamaén senior
Pamaén senior nu wawuh ka bobotoh
Viking sok ngabring ngadukung Persib
kontribusi bobotoh nalika pamaén keur tanding
Wartos-wartos salajengna.
Dina raraga ngamumulé budaya Sunda, Walikota Bandung geus ngaluarkeun aturan anyar nueusina nganjurkeun ka sakumna pelajar jeung mahasiswa sangkan maraké pakéan adat Sunda unggal poé Rebo. Pikeun pelajar putra disarankeun maké pakéan pangsi jeung iket. Pelajar putri maké kabaya. Ieu aturan téh minangka komitmen Walikota dina ngalaksanakeun program ngaronjatkeun raga katineung para pelajar kana budayana sorangan. Ku cara kitu, dipiharep para pelajar ngabogaan sikep anu hadé kana budayana sorangan, anu ahir-ahir ieu geus kadéséh ku nerekabna budaya deungeun. Sajaba ti éta, Walikota Bandung dina Apél Bendéra poé Senén tadi negeskeun sangkan aparat pamaréntah kota ogé ajeg jeung leuwih daria dina ngalaksanakeun program ngagunakeun basa Sunda unggal poé Rebo, boh dina suasana resmi boh teu resmi.
Poko pikiran utama anu aya dina warta di luhur, nyaéta...
Raraga ngamumulé budaya Sunda
Budaya Sunda geus kadéséh ku budaya deungeun
Dipiharep para pelajar ngabogaan sikep anu hade
Ieu aturan téh minangka komitmen Walikota dina ngalaksanakeun program
Walikota Bandung ngaluarkeun aturan anyar sangkan maké pakéan adat Sunda
Dina wawacan, aya sababaraha pupuh anu mindeng dipaké, kaasup Sekar Ageung di antarana...
Kinanti, Sinom, Asmarandana, Durma
Kinanti, Sinom, Asmarandana, Pucung
Kinanti, Sinom, Asmarandana, Magatru
Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula
Kinanti, Sinom, Asmarandana, Juru demung
1. Laporan lalampahan ka Museum
2. Mangpaat lalampahan ka Museum
3. Kagiatan di museum
4. Hasil kagiatan di museum
5. Tujuan ka museum
6. Pamilon lalampahan ka museum
Katerangan di luhur mangrupa sistematika laporan lalampahan Ka museum. Sistematika anu merenah tur bener di antarana...
1, 2, 4, 5, 6 jeung 3
1, 2, 5, 3, 6 jeung 4
1, 5, 2, 6 ,3 jeung 4
2, 5, 1, 3, 6 jeung 4
2, 6, 5, 1, 4 jeung 3
Radén Dewi Sartika dibabarkeun dina kaping 4 Desember 1884 di kota Bandung. Sakumaha ilaharna putra putri ningrat dina waktu harita. Radén Dewi Sartika disakolakeun di sakola Walanda. sepuhna nya éta Radén Somanagara.
Radén Dewi Sartika nyongcolang dina kapinteranana dibandingkeun sareng réréncangana di kelas. Malahan mah anjeunna miboga sipat welas asih tur handap asor.
Katitén tina wacana di luhur, Déwi Sartika téh mangrupa pahlawan Sunda. Anu jadi jejerna nya éta...
Watek Déwi Sartika
Atikan Déwi Sartika
Idéntitas Déwi Sartika
Kulawarga Déwi Sartika
Pangalaman Déwi Sartika
Tamatna kaula ngarang
Pukul tujuh malam kemis
Di tanggal tujuh welasna
Kaleresan bula April
Taun kangjeng masehi
Sarewu dalapan ratus
Jeung genep puluh dua
Marengan hijrahna Nabi
Sarewu dua ratus tujuh puluh dalapan.
Sempalan wawacan di luhur mangrupa bagian struktur wawacan...
Eusi
Rajah
Bubuka
Kolofon
Manggalasastra
Di handap anu mangrupa conto carita wawacan nya éta...
Sangkuriang
Babad Panjalu
Panji Wulung
Ciung Wanara
Kembang panyarikan
Aya nu ngalandi Situ Patenggang, da meureun asa geunah kitu kadéngéna. Padahal cenah nu aslina mah katelah “Paténgan”, tina asal kecap patéang-téang. Mimiti kapaké tempat dumukna abad ka-7, sawaktu ieu talaga kaéréh ka karajaan Tarumanagara. Harita katelahna talaga Catri Pamulang hartina talaga anu baranang béntang.
Tina sempalan novel di luhur kaasup jenis … .
Atikan
Sosial
Budaya
Sajarah
Katrésna
Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebut...
Budaya
Tradisi
Ѐtika
Tatakrama
Adat
Wacana 1
Kampung Kuta mangrupakeun hiji desa anu perenahna di Desa Pasir angin,Tambaksari Ciamis. kampung Kuta teu pati anggang jeung lembur séjénna, tapi wangunan imah jeung tradisi kahirupanna nenggang ti nu lian, unggal léngkah urang Kuta kudu anut kana tatali karuhun, saperti ngadegkeun imah, tatanggapan, asup ka leuweung tutupan jeung ngurebkeun mayit.
Salian ti éta dina sataun sakali, masarakat Kampung Kuta sok ngayakeun upacara ruwat bumi, éta hajat lembur mangrupa sukuran ka Gusti Nu Murbéng Alaam, nu geus méré kanikmatan ku mangrupa hasil tatanén nu mucekil.
Wacana diluhur medar bahasan ngeunaan ….
Adat kabiasaan
Perenahna kampung adat
Kasenian
Kamasarakatan
Kasajarahan
Kampung anu miboga ciri has béda jeung kampung lianna, boh dina raksukan, imah, pantrangan atawa adat kabiasaanana disebut kampung...
Kampung karuhun
Kampung adat
Kampung Sunda
Kampung husus
Kampung has
Dina sistim kapamingpinan sunda “ Tri Tangtu di Bumi “, Sang Resi kudu boga palasipah ngagurat cai, nya éta...
Boga watek silih asih, silih asah, silih asuh
Kudu lumampah dumasar tékad, ucap jeung lampah
Ngawujudkan kulawarga jeung masarakat anu ayem tengtrem.
Boga watek nengtremkeun dina kaadilan
Taat tur patuh dina ngajalankeun hukum, tanpa ayana rékayasa
Opat paharaman nya éta watek anu teu meunang dipibanda ku urang sunda. Salah sahijina watek ” kukulutus “ nu miboga harti...
Gampang kasigeung
Teu kaopan
Digawé puraga tamba kadengda
Gampang ambek
Luh-lah waé
1) Caritana pondok 4) Aya pangarangna
2) Palakuna manusa 5) Eusina ngandung sajarah
3) Caritana universal 6) Palakuna saeutik
Nu mangrupa ciri-ciri carita wayang di antarana … .
1), 3), 4)
1), 2), 3)
1), 5), 6)
2), 4), 5)
3), 4), 5)
Dina bagan hubungan kakulawargaan di luhur, Pandu jeung Kunti téh boga minantu nya éta...
Bima jeung Arjuna
Arimbi jeung Subadra
Gatotkaca jeung Abimanyu
Arimbi jeung Arjuna
Abimanyu jeung Utari
Ari anu dijadikeun babon dina carita wayang nya éta...
Ramayana jeung Mahabarata
Gatotgaca
Arjuna Sastrabahu
Siksa Kandang Karesian
Mundinglaya Dikusumah
Wayang anu dijieunna tina kai kawas bonéka, réa sumebar di tatar Jawa Barat nya éta wayang...
Wayang krucil
Wayang purwa
Wayang golék
Wayang gedog
Wayang suluh
Patukangan nu sok ngalakonkeun carita wayang disebut...
Juru pantun
Juru wayang
Wayang
Dalang
Sastrawan
Pilem Garuda di Dadaku payus keur dilalajoanan ku barudak atawa rumaja. Eusina mundel ku pangajaran hirup, karakter, jeung kumaha carana nyanghareupan pasualan dina kahirupan. Lian ti éta, ieu pilem téh bisa ngawewegan kana kayakinan kamampuh diri. Sacara umum, Pilem Garuda di Dadaku geus jadi pilem anu méré tontonan jeung tuntunan.
Sempalan Wacana di luhur téh mangrupa … tina struktur résénsi buku .
Idéntitas Buku
Sinopsis
Tokoh jeung panokohan
Kahéngkéran
Kaunggulan
Dokuméntasi Persib
Judul : Persib Aing
Pangarang : Dani Wihara & Endan Suhéndra
Pamedal : Forum Dialog Wartawan Bandung
Citakan : Kahiji, Maret 2007
Kandelna : 256 kaca
Sempalan Wacana di luhur téh mangrupa … tina struktur résénsi buku.
Idéntitas Buku
Sinopsis
Tokoh jeung panokohan
Kahéngkéran
Kaunggulan
Buku Néléngnéngkung téh karangan Wahyu Wibisana. Buku Néléngnéngkung téh nyaritakeun kahirupan pangarang ti leuleutik nepi ka jadi jalma luhung ku élmu. Contona waé ti mimiti dipépéndé ku indungna, kasang tukang hirupna, kaayaana, pacabakanana jeung kalangenana.
Tujuan résénsi di luhur nya éta … .
Mikaweruh kasang tukang pangarang
Munjulkeun kaunggulan buku
Nyaritakeun kahéngkéran buku
Nyaritakeun sinopsis buku
Nyaritakeun karya karya pangarang
Résénsi anu ngulas wincikan buku kalawan ngagunakeun métodologi élmu kaweruh nu tangtu. Ieu résénsi ilaharna obyéktif jeung kritis dina meunteun buku. Ieu disebut résénsi...
Résénsi Informatif
Résénsi kritis
Résénsi Déskriftif
Résénsi Naratif
Résénsi Argumentatif
Ieu dihandap hal-hal anu henteu kaasup kana unsur-unsur résénsi, nya éta...
Medar ngeunaan eusi buku.
Nuliskeun idéntitas buku.
Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéran eusi buku.
Nepikeun kaayaan pribadi nu ngarang buku.
Medar ngeunaan mangpaat buku keur bacaeun balaréa.
Ilo wacana di handap!
Di désa Bojong ribut yén aya garong nu sok ngararad sakur nu aya di hareupeunana. Hansip béak carita miskin pangakalan sangkan bisa néwak éta garong. Dina hiji peuting, hansip keur ngaronda. Manéhna ngomong sorangan “Duh kieu nya jadi hansip désa terpencil mah sugan ngaronda téh disuguhan cikopi jeung roti, ti tatadi kalah nguyup angin bari hayang saré.”
Struktur carita drama nu nyampak dina wacana di luhur nya éta …
Prolog
Ѐpilog
Candraan
Dialog
Babak
Tengetan dialog di handap!
Di tempat lain
Sanip : Geus bebenangan mah hayu kabur!
Ajén : Alah …! Meunang naon ari manéh, parabot dapur wungkul?
Sanip : Cik ari manéh kudu bersukur, meureun rejekina ngan sakieu. Geus tong loba omong1
Ajén : Ieu jagong moal dibawa?
Sanip : jagongna urang mah hayang nu ngora, ieu mah naon kieu tina luarna gé geus kolot
Ajén : Sok pesék heula atuh! Ragap ku manéh!
Sanip : Ari ieu buluan, berarti geus kolot atuh?
Ajén : Ahh sia mah disaruakeun jeung jelema waé sagala téh!
Latar tempat nu katitén tina dialog di luhur nya éta … .
Tengah Imah
Kamar
Tepas imah
Buruan
Dapur
Tengetan dialog di handap!
Di tempat lain
Sanip : Geus bebenangan mah hayu kabur!
Ajén : Alah …! Meunang naon ari manéh, parabot dapur wungkul?
Sanip : Cik ari manéh kudu bersukur, meureun rejekina ngan sakieu. Geus tong loba omong1
Ajén : Ieu jagong moal dibawa?
Sanip : jagongna urang mah hayang nu ngora, ieu mah naon kieu tina luarna gé geus kolot
Ajén : Sok pesék heula atuh! Ragap ku manéh!
Sanip : Ari ieu buluan, berarti geus kolot atuh?
Ajén : Ahh sia mah disaruakeun jeung jelema waé sagala téh!
Struktur Drama anu di tulisna condong ka gigir di sebut...
Prolog
Ѐpilog
Candraan
Dialog
Babak
Tengetan dialog di handap!
Badéga lalaki : Kunaon Juragan Istri téh, Nyai?
Gandék awéwé : Ceurik nu beunghar, hayang leuwih beunghar. Tadi mah pajarkeun téh panas ku pamajikan saudagar Mustapa, Juragan Istri asa katitih kabeungharanana.
Badéga lalaki (unggut-unggutan, satengahing ngomong sorangan) : Nu beunghar hayang leuwih beunghar, nepi ka ceurik.
Gandék awéwé : Heueuh. Nu miskin beuki miskin, ceurik deuih.
Badéga Lalaki : Sarua ceurikna mah.
Tina cutatan drama di luhur, urang nyaho pasipatan Juragan Istri téh tina obrolan jeung gandékna. Pasipatan Juragan Istri téh nya éta…
Kabitaan jeung panasan
Kabitaan jeung resep tutulung
Panasan jeung embung kaluhuran
Panasan jeung resep ngomongkeun batur
Beunghar jeung pedit
Bagian dina struktur drama anu eusina ku kacindekan lalakon jeung naséhat pangarang nya éta...
Prolog
Ѐpilog
Candraan
Dialog
Babak
Pék baca sing gemet sempalan artikel ieu dihandap!
Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Réréongan dina kahadéan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idéntitas salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang.
Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur sorangan ogé tétéla urang Sunda méh kaléléd ku para pandatang. Widang ékonomi, pulitik, katut kasenian ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. Lamun “silih asah, silih asih, jeung silih asuh” geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. Éndah alamna, éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianana, tur hirup budayana. Apan harti “Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, “Sunda” mah salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan. (Basa, Kasenian, jeung kahirupan Sunda/Dhipa Galuh Purba)
Anu jadi inti utama tina artikel diluhur nya éta…
Tanah Sunda anu éndah
Basa Sunda di dunya maya jeung kahirupan sapopoé
Budaya Sunda kudu tetep nanjeur di lemah cai sorangan
Urang Sunda ulah mopohokeun kasenian bandana sorangan
Kahirupan urang Sunda dina widang ékonomi, pulitik jeung kasenian
Ieu dihandap mangrupa ciri-ciri artikel, iwal...
Orisinil
Lain fakta
Kudu inteléktual
Aya ngaran anu ngarangna
Miboga gagasan nu actual
Pék ilo sempalan artikél ieu di handap!
Situs Mégalitik Gunung Padang disebut- sebut ku para ahli Arkéologi mangrupa situs mégalitik pangrohakana di Asia Tenggara. Gunung Padang perenahna di Désa Karyamukti, Kacamatan Campaka, Kabupatén Cianjur. Ti jalan Raya Cianjur-Sukabumi, anggangna kira-kira 20 KM. Ngaliwatan sawatara pakampungan, perkebunana, dibagéakeun ku pamandangan alam anu éndah.
Sempalan artikél di luhur mangrupa bagian tina … .
Judul
Alinéa bubuka (lead)
Waruga eusi
Alinéa pamungkas
Ѐnding
Pék ilo sempalan artikél ieu di handap!
Nurutkeun catetan J. Baros, urang Portugis anu datang ka puseur dayeuh Karajaan Sunda taun 1512, pangeusi dayeuh Pakuan harita kurang leuwih 50.000 urang, sarta ti sakuliah karajaan bisa dikerid 100.000 prajurit pikeun mertahankeun nagara katut lemahcai. Imah-imah anu dicaricingan ku masarakatna kaasup hadé sarta dijieunna tina kayu jeung daun kiray. Karaton atuh lega. Ѐta baé jumlah tihangna gé tepi ka 330 tihang anu ukuranna sagedé peti anggur sarta di luhurna dipapaésan ukiran nu alus jeung éndah. Wangunan weweg tur jangkung. Ari ceuk sumber tradisi, di Komplék karaton téh aya 5 wangunan nu sakumna dingaranan Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati.
Dumasar eusina sempalan artikél diluhur diwangun ku alinéa...
Déskripsi
Ѐksposisi
Narasi
Arguméntasi
Déduktif
Anu ngabédakeun pedaran jeung artikél téh, diantarana waé, nya éta...
Panjang pondokna karangan
Alus goréngna basa anu digunakeun
Eusi jeung dimuat acanna dina koran/majalah
Aya henteuna daptar rujukan
Wangun huruf anu digunakeun.
Carita rékaan anu ukuranna paranjang, gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun, disebutna...
Wawacan
Dongéng
Carita wayang
Carita Pantun
Hikayat
Wacana
Anu kaasup kana ciri carita pantun dina wacana di luhur nya éta nomer...
1,2,3,4
5,6,7,8
6,7,8,5
2,3,4,1
1,2,5,6
Pék ilo Wacana ieu dihandap!
Lajeung baé dipariksa, saurna, “ ari manéh urang mana?” Ciung Wanara ngawalon, “ Abdi urang Geger Sunten.”
“ saha nya ngaran? ”
“ Abdi téh Ciung Wanara.”
…
Sempalan Wacana diluhur kaasup bagian struktur Carita pantun...
Rajah
Narasi
Dialog
Monolog
Prolog
Ciung Wanara ngawalon, “ Abdi urang Geger Sunten.”
Kalimah diluhur disebut kalimah...
Langsung
Teu Langsung
Wawaran
Paréntah
Pananya
Ieu dihandap anu lain sasaruaan carita pantun jeung dongéng, nya éta...
Pada - pada mangrupa carita rékaan
Pada - pada teu puguh nu ngarangna
Pada - pada sumebar sacara lisan
Pada - pada ngandung rajah
Pada - pada ngandung unsur pamohalan
