Font size
WorksheetsPTS B Sunda
Total questions: 25
Worksheet time: 30mins
Kecap nu teu ngandung rarangken tengah, nyata ...
kumaki
laleueur
barudak
gumading
Kecap anu teu ngandung rarangken tengah –ar–, nyeta ...
baralik
karadak
jaragjag
arindit
Dawegan teh keur meujeuhna (leho). Kecap rarangken anu leres nyata ...
lehoan
ngaleho
leleho
lumeho
Conto ejahan nu merenah aya dina kalimah ...
Kamari teh Gina angkat ka Bogor.
Kamari Teh Gina angkat ka Bogor!
Kamari Teh Gina angkat ka Bogor.
Kamari Teh Gina angkat ka bogor.
Karangan dina wangun lantaran (prosa) anu ukuranana pondok disebutna ...
dongeng
sketsa
carpon
carita wayang
Di hadap ieu kalimah anu teu ngandung kecap pananya, nyaeta ...
Saha nu ngarang kumpulan carpon Kanyaah Kolot?
Kaayaan di sakolana teh kumaha ayeuna?
Ari Noval teh sakola henteu?
Dimana Rizki teh bumina?
“Wanda teh sakolana geus kelas VI.” Kalimah pananya anu cocog keur eta jawaban nyaeta ...
Saha nu geus sakola kelas VI teh?
Dimana Wanda teh sakolana?
Sok kana naon Wanda ka sakolana?
Kelas sabaraha Wanda teh sakolana?
Nu teu ka asup kana usaha pikeun ngamumule sato langka nyaeta ...
ngeureunan moro sasatoan liar
netepkeun suaka margasatwa
miara sato langka di imah
nyieun penangkaran sasatoan langka
Kalimah di hadap ieu anu salah nulis huruf kapital nyaeta ...
Najmi sakelas jeung Fikri.
Di mana bumina Pa Galih teh?
Bapa nembe mulih di jakarta.
Bu Hanhan nuju ngawulang basa Sunda.
Nu Kaasup kecap pagawean nya eta . . . .
masak
papan
kai
meja
Anu kaasup kecap barang nya eta . . .
gawe
korsi
indit
miang
nu kaasup kana sipat sipat nya eta . . .
ucing
tiung
ngewa
bageur
Bu, abdi . . . atuh bade mios tipayun bilih kasiangan. Kecap anu merenah pikeun kalimah di luhur nya eta . . . .
permisi
permios
bebeja
wawartos
Pangeran nyiptakeun kaayaan nu beda-beda teh sangkan urang ....
silih asih
silih ajenan
silih poyok
silih tipu
Teu saeutik bangsa deungeun anu ngahaja daratang ka Indonesia pikeun ningali ....
kaendahan alam jeung budaya Nusantara
warga nagara Indonesia
seler bangsa Indonesia
jumlah pulo di Indonesia
Di handap ieu kecap-kecap nu ngandung rarangken tukang -ing/-ning, iwal ....
mungguhing
kersaning
ceceting
bakating
Di handap ieu anu lain kalimah aktif, nyaeta ....
Mang Nana keur ngala buah
Kang Dudung meuncit hayam
Bapa ngala lauk di balong
Jang Adang kacugak paku
Ieu di handap anu lain kalimah pasif, nyaeta ....
Oray diteunggeul ku tangkal sampeu
Buah diala ku Mang Nana
Barudak keur diajar ngawih
Si Dede keur diacukan ku Mamah
... ku puyeng, Ma Icih ngagubrag
Kecap anu merenah keur ngeusian titik-titik eta kalimah, nyaeta ....
aya
bakating
lamun
najan
Benerkeun huruf kapital jeung tanda bacana tina kalimah “pa gilang linggih di desa sukamaju”
(a)
Ngaran alat kasenian ti Sunda anu bahan na tina awi disebut ...
(a)
Loba kaom ibu lalieur mikiran harga balanjaan nu beuki marahal. Kecap “lalieur” asal na tina kecap ...
(a)
Kecap senen, masigit, salam mangrupakeun serepan tina bahasa deungeun nyaeta bahasa (a)
Lamun leuweung kapiara, urang moal kakurangan (a) mangsa usum halodo entak-entakan siga ayeuna.
