NEW
Font size
WorksheetsPENILAIAN TENGAH SEMESTER GANJIL KELAS XI
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Sempalan wacana di luhur, mangrupa conto tina …
Biantara
Panumbu Catur
Carita Pondok
Béwara
Wawaran
Dina sempalan wacana di luhur, aya kecap ngaluuhan. Éta kecap ngaluuhan téh ngandung harti ...
Ngajauhan
Ngahadiran
Ngadeukeutan
Ngaramékeun
Ngalaksanakeun
Dina sempalan wacana di luhur, aya kecap ngadeg. Éta kecap ngadeg téh ngandung harti …
Diuk
Nyarita
Manggung
Nangtung
Maca
Paragraf di luhur mangrupa bagian bubuka tina biantara, nu kaasup kana bagian …
Salam bubuka
Mukadimah
Salam panghormat
Ngahaturkeun nuhun
Ngadadarkeun tujuan
Paragraf di luhur mangrupa bagian bubuka tina biantara, nu kaasup kana bagian …
Salam bubuka
Mukadimah
Salam panghormat
Ngahaturkeun nuhun
Ngadadarkeun tujuan
Paragraf di luhur mangrupa bagian eusi tina biantara, nu kaasup kana bagian …
Ngadadarkeun tujuan
Nepikeun eusi
Salam panghormat
Nyindekkeun
Sanduk-sanduk
Paragraf di luhur mangrupa bagian panutup tina biantara, nu kaasup kana bagian …
Nepikeun eusi
Sanduk-sanduk
Nyindekkeun
Dunga
Salam panutup
Paragraf di luhur mangrupa bagian panutup tina biantara, nu kaasup kana bagian …
Nepikeun eusi
Sanduk-sanduk
Nyindekkeun
Dunga
Salam panutup
Métode dina biantara kalawan mawa catetan hal-hal penting nu rék ditepikeun, biasana sok dijieun catetan-catetan mangrupa gurat badag atawa rangkay omongan anu rék ditepikeun, nyaéta …
Nalar
Maca naskah
Ékstémporan
Impromtu
Langsung
Métode dina biantara kalawan ditalar luyu jeung téks nu geus disusun saméméhna, nyaéta …
Nalar
Maca naskah
Ékstémporan
Impromtu
Langsung
Karya sastra wangun puisi (ugeran) nu ditulis kalawan kréatif, diwangun ku cangkang jeung eusi, sarta diwengku ku pada (bait) jeung padalisan (baris), nyaéta …
Puisi
Sisindiran
Pupuh
Kawih
Tembang
Ieu di handap anu mangrupa conto tina paparikan nyaéta …
Daék sotéh ka Cinangka,
ka Cisitu mah teu purun.
Daék sotéh ka manéhna,
ka nu itu mah teu purun.
Cikur jangkung jahé konéng,
lampuyang pamura beuteung.
Rarasaan jangkung konéng,
puguh mah bureuteu hideung.
Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol néangan élmu,
nu guna dunya ahérat.
Abdi téh kapiring leutik,
kaisinan ku gamparan.
Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi.
Ieu di handap nu mangrupa conto tina rarakitan nya éta …
Daék sotéh ka Cinangka,
ka Cisitu mah teu purun.
Daék sotéh ka manéhna,
ka nu itu mah teu purun.
Cikur jangkung jahé konéng,
lampuyang pamura beuteung.
Rarasaan jangkung konéng,
puguh mah bureuteu hideung.
Baju hideung kancing tangan
dikaput ku mérang awi.
Nu hideung matak teu nangan,
sing émut ka diri abdi.
Abdi téh kapiring leutik,
kaisinan ku gamparan.
Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi.
Cacangkir bahanna beling,
masing welas lahir batin.
Dumasar kana wangunna, pada di luhur mangrupa conto tina ...
Silih Asih
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Piwuruk
Tengetan conto sisindiran di handap!
Rarasaan melak cau,
teu nyaho mun melak jahé.
Rarasaan matak lucu,
teu nyaho mun matah réhé.
Dumasar kana eusina, sisindiran di luhur mangrupa conto tina sisindiran …
Piwuruk
Silih asih
Sésébréd
Rarakitan
Paparikan
Tengetan conto sisindiran di handap!
Sapanjang jalan Soréang,
moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
moal weléh diakalan.
Dumasar kana eusina, sisindiran di luhur mangrupa conto tina sisindiran …
Piwuruk
Silih asih
Sésébréd
Rarakitan
Paparikan
Tengetan conto sisindiran di handap!
Ka kulah nyiar kapiting,
ngocok lobak bobodasna.
Ulah sok liar ti peuting,
osok loba gogodana.
Dumasar kana eusina, sisindiran di luhur mangrupa conto tina sisindiran …
Piwuruk
Silih asih
Sésébréd
Rarakitan
Paparikan
Tengetan conto sisindiran di handap!
Kalapa babakal minyak,
nu ampuh titis raspati.
(Wangsalna: ……………..)
Wangsal tina wawangsalan di luhur nyaéta …
Tiis
Japati
Cipati
Mampuh
Titis
Tengetan conto sisindiran di handap!
Simpay réma beulit cinggir,
ulah lali ka sim abdi.
(Wangsalna: ……………..)
Wangsal tina wawangsalan di luhur nyaéta …
Cincin
Tali
Ali
Jadi
Isim
Tengetan conto sisindiran di handap!
Séndok batok digagangan
geus lawas abdi ngalayung.
(Wangsalna: ……………..)
Wangsal tina wawangsalan di luhur nyaéta …
Batok
Séndok
Gagang
Payung
Gayung
