NEW
Font size
WorksheetsPTS Bahasa Sunda Kelas 9 TA 2023 2024
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Biantara téh nyaéta ...
Nyarita hareupeun balaréa kalawan eusi nu luyu jeung tujuan nu rék ditepikeun
Nyarita hareupeun kaca kalawan eusi nu luyu jeung tujuan nu rék ditepikeun
Nyarita hareupeun balaréa kalawan eusi nu ngacak jeung tujuan nu rék ditepikeun
Nyarita hareupeun balaréa kalawan eusi nu luyu jeung maksud haté urang
Biantara dihandap nu kaasup kana biantara resmi nyaéta ...
Riungan lembur
Biantara ulang taun
Rapat
Biantara upacara adat
Téhnik biantara nu cara midangkeunnana ku cara nalar saméméhna disebat ...
Impromptu
Manuskrip
Memoriter
Ekstempore
Téhnik biantara nu cara nyatetkeun hal-hal anu dianggap penting disebat ...
Impromptu
Manuskrip
Memoriter
Ekstempore
Tujuan biantara nu nyebutkeun yén biantara téh isina kacida benghar ku élmu tur eusina pasti ngenaan pendidikan jeung pangajaran nyaéta ...
Edukatif
Entertain
Persuasif
Motivasi
Tujuan biantara nu nyebutkeun yén biantara téh biasana mah pikeun mangaruh atawa ngajak ngalakukeun sawatara hal nu ditepikeun nyaéta ...
Edukatif
Entertain
Persuasif
Motivasi
Struktur téks biantara anu isina aya salam panghormat ka hadirin ogé aya ngahaturkeun nuhun ka panta acara nyaéta ...
Eusi
Bubuka
Panutup
Sanduk-sanduk
Dina hal nu kudu diperhatikeun pikeun nulis biantara teh nyaéta kudu nangtukeun topik. Milih topik téh diusahakeun kedah ...
Alus jeung merenah
Hésé jeung menarik
Babari apal jeung loba kalimah teknis
Dipikaresep hadirin jeung nu can diapal ku urang
Dina nyusun naskah biantara téh hidep kedah munel. Munel téh nyaéta ...
Nyarita henteu karagok atawa ngarandeng dina carita
Ulah nepikeun téma nu geus basi
Kudu ngandung mangpaat atawa loba pulungeunna
Ngagunakeun ragam basa anu pas tur sasuai kana kaayaanna
Dina nyusun naskah biantara téh hidep kedah aktual. Aktual téh nyaéta ...
Nyarita henteu karagok atawa ngarandeng dina carita
Ulah nepikeun téma nu geus basi
Kudu ngandung mangpaat atawa loba pulungeunna
Ngagunakeun ragam basa anu pas tur sasuai kana kaayaanna
Dina nepikeun biantara hidep kudu merhatikeun sawatara hal salah sahiji kedah merhatikeun lentong. Lentong téh nyaéta ...
Artikulasi (bedas tur béntés)
Intonasi (tinggi rendahna nyarios)
Irama
Témpo
Perhatoskeun kutipan biantara di handap!
Alhamdulillah sateuacanna, Kepala Désa parantos ngaresmikeun masjid anyar urang. Dimimitian ayeuna, hayu urang ngagunakeun masjid ieu mangrupakeun sarana ibadah dina ningkatkeun takwa.
Dumasar kana eusina, biantara di luhur téh kaasup kana biantara ...
Sambutan
Panghargaan
Paresmian
Laporan
Biantara nu ditepikeun dina hiji acara atawa kagiatan anu dihadiran ku sababaraha jalma dina waktu anu terbatas, ogé ditepikeun ku koba jalma kalayan gantian nyaéta biantara ...
Sambutan
Panghargaan
Paresmian
Laporan
Babasan atawa paribasa anu hartina téh pas aya kahayang, pas aya nu ngajak nyaéta ...
Alak paul
Aya jalan komo meuntas
Adat kakurung ku iga
Aya pikir kadua leutik
Hartosna paribasa atawa babasan amis budi nyaéta ...
Babari gering
Pelit
Jarang namu
Ramah
Bédana babasan jeung paribasa nyaéta ...
Babasan mah ngan 2 kata, sedengkeun paribasa mah leuwih panjang
Babasan mah hartina alus sedengkeun paribasa mah teu kabéh alus
Babasan mah heubeul sedengkeun paribasa mah anyar
Babasan mah loba motivasi sedengkeun paribasa mah jarang aya motivasi
Kampung adat téh nyaéta perkampungan nu dieusi ku masarakat anu ...
Masih nyekel pageuh kana adat istiadat karuhun
Nyekel pageuh adat istiadat tur dicampurkeun jeung adat kiwari
Sajarahna jelas
Bisa dijadikeun wisata
Di wewengkon Sunda aya sawatara kampung adat anu bisa didatangan boh dijadikeun tempat wisata atanapi tempat pikeun ditalungtik.
Maksad kata nu digarishandapan di luhur nyaéta ...
Dicabakan
Ditinggali
Ditaliti
Diperhatikeun
Salah sahiji ciri kampung adat dihandap nu salah nyaéta ...
Kahirupan masarakatna ngandelkeun pertanian hungkul
Agama atawa kapercayaan anu dianut biasana saragam
Sok aya ketua adat
Teu bisa diasupan atawa dicicingan ku jalma luar
Salah sahiji kampung adat ti Garut nu aya di Lélés nyaéta ...
Kampung adat Naga
Kampung adat Cisungsang
Kampung adat Pulo
Kampung adat Cikondang
