wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PENILAIAN TENGAH SEMESTER BAHASA SUNDA KELAS 11

Total questions: 11

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Karya sastra wangun carita fiksi nu ukuranna pondok kalawan ditulis dina basa lancaran (sapopoé) disebut…

a)

Dongéng

b)

Carita Pondok

c)

Roman

d)

Novél

2.

Carpon nu ditulis munggaran dina taun 1930 nu dijudulan…

a)

"Hanjuang"

b)

"Baruang ka nu Ngarora"

c)

"Dogdog Pangrewong"

d)

"Kanyaah Kolot"

e)

"Hujan Munggaran"

3.

Carpon nu munggaran ditulis dina taun 1930 manrupa karangan…

a)

G. Suwandakusumah

b)

M. A Salmun

c)

Budi Rahayu Tamsyah

d)

D.K Ardiwinata

e)

Wahyu Wibisana

4.

1.       Tengetan sempalan Carpon ieu di handap!

Si Ujang Hayang ka Kebon Binatang

(Budi Rahayu Tamsyah)

 

“Din, isuk moal kamamana?”

“Badé naon kitu, Pa”.

“Urang ka Taman Safari. Itu barudak cenah hayang ulin ka Taman Safari.”

“Aduh, kumaha nya. Saleresna mah énjing téh abdi ogé badé ka kebon binatang sareng pun anak.”

“Ka mana?”

“Muhun ka kebon binatang.”Nurutkeun ka unsur-unsur intrinsik dina carpon, tujuan tempat nu rék dijugjug ku para tokoh nyaéta…

a)

Imah

b)

Sakola

c)

Taman Safari

d)

Kebon Binatang

e)

Mall

5.

Tengetan sababaraha istilah ieu di handap!

1)         Téma                   4) Latar

2)         Palaku                 5) Galur

3)         Rasa                    6)Amanat

Sangkan leuwih tétéla, kumaha nu disebut unsur intrinsik carpon, baris ditataan ieu di handap….

a)

1), 2) jeung 3)

b)

1),3) jeung 5)

c)

2), 3) jeung 4)

d)

2), 4) jeung 5)

6.

Carita pondok téh ngabogaan ciri di antarana sifat caritana naratif nu hartina….

a)

Wangun fiksina pondok nyaéta saumpama ditilik tina jumlah kecapna atawa caritana leuwih saeutik tibatan prosa-prosa séjén.

b)

Anu dicaritakeun téh mangrupa kajadian anu lain saenyana atawa bener-bener anu kaalaman ku manusa.

c)

Najan mangrupa hasil rékayasa pangarang, tapi tetep jalan caritana kudu kaharti ku akal.

d)

Carita pondok téh ngan ukur nyaritakeun kajadian-kajadian nu kaalaman ku palaku.

7.

Pangarang Sunda nu kungsi dilélér hadiah sastra Rancagé keur buku kumpulan carpon nu judulna Nu Harayang Dihargaan nya éta....

a)

Iskandarwasid

b)

Yus Rusyana

c)

Aam Amelia

d)

Darpan

e)

Godi Suwarna

8.

Saenyana mah taya padika anu husus dina ngarang carpon, sabab dina seuhseuhanana mah gumantung kana kabiasaan pangarangna baé, anu henteu sarua di unggal pangarang. Tapi taya salahna upama urang apal kana léngkah-léngkahna. Ieu di handap mangrupa léngkah-léngkah dina diajar ngarang carpon, iwal....

a)

Nangtukeun jejer (téma)

    

b)

Nangtukeun alur carita

c)

Nangtukeun palaku katut karakterna

d)

  Nangtukeun saha nu rék nerbitkeun

9.

  Tengetan sempalan carpon ieu di handap!

Datang ka imah téh geus soré.

“Geuning sonten?” pamajikan nanya.

“Ka bengkel heula, ngoméan mobil,” témbal kuring ngodok saku, nyokot duit gajih, saratus salawé rébu pérak sanggeus dicocéng rupa-rupa potongan, gajih supir. Ditampanan ku pamajikan, katémbong paromanna marahmay.

Dumasar kana unsur-unsur intrinsik dina carita pondok, sempalan di luhur nu némbongkeun latar waktu nyaéta…

a)

Isuk-isuk

b)

Beurang

c)

Sore

d)

Peuting

10.

Tengetan sempalan carpon ieu di handap!

Enya Udin, sugan Bapa ogé rék dibawa budak téh. Ongkoh cenah hayang ka kebon binatang, hayang nénjo sasatoan meureun, bet ka Taman Safari ogé sarua baé ari hayang nénjo sasatoan mah. Mani keukeuh kudu ka kebon binatang ogé,” ceuk dunungan lalaki mairan.

            Kuring angger ukur nyéréngéh. Enya kumaha deui atuh? Da kamari mah taya nu nyarita “henteu nanaon mun si Ujang dibawa ogé”. Kaasup dunungan lalaki, padahal mah nyahoeun yén poé ieu téh kuring oga rencana mawa si Ujang ka kebon binatang. Enya, hayang nénjo sasatoan.

Dumasar kana unsur-unsur intrinsik dina carita pondok, puseur sawangan (point of view) nu dipaké ku pangarang carpon di luhur nyaéta…

a)

Jalma kahiji

b)

Jalma kadua

c)

Jalma katilu

d)

Jalma kaopat

11.

Novel Sunda munggaran nu ditulis ku D.K Ardiwinata medal dina taun… nu mangrupa bacaan wajib pikeun…

a)

1914, barudak sakola

b)

1915, barudak sakola

c)

1914, para guru

d)

1915, kaum bangsawan