wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PSTS KELAS 8 SEMESTER 1

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Titénan rumpaka kawih di handap!

KAPIRARAY

(ciptaan : R.Mamat)

 

Kapiraray mun paturay

Da Garut nyanding Cikuray

Sumoréang mun paanggang

Gunung Putri kapitineung

 

Garut resik sarta waas

Da nyanding Talaga Bodas

Lir nu imut Papandayan

Bungah neuteup kota inten

 

Gunung-gunung mitutur

Ceuk Gunung Gedé hadé

Kadé terus riksa sing hadé-hadé

Upama urang ngahaleuangkeun hiji kawih, urang kudu apal heula eusi tina rumpaka kawihna. Sabab lamun urang geus nyangkem eusi rumpaka kawihna, urang ogé bakal bisa nepikeuna ka nu ngadangukeunna. Rumpaka kawih anu judulna “Kapiraray” téh eusina nyaritakeun ngeunaan kadaharan nu asalna ti Kabupatén Garut.

a)

Leres

b)

Lepat

2.

Titénan rumpaka kawih di handap!

KAPIRARAY

(ciptaan : R.Mamat)

 

Kapiraray mun paturay

Da Garut nyanding Cikuray

Sumoréang mun paanggang

Gunung Putri kapitineung

 

Garut resik sarta waas

Da nyanding Talaga Bodas

Lir nu imut Papandayan

Bungah neuteup kota inten

 

Gunung-gunung mitutur

Ceuk Gunung Gedé hadé

Kadé terus riksa sing hadé-hadé

Sangkan éndah kadanguna, rumpaka kawih téh sok dianggit ku basa nu éndah. Diréka-réka ku nu ngarangna da kawih mah ampir sarua jeung sajak nu ngutamakeun kaéndahan struktur kekecapan. Bédana téh kawih mah boga wirahma. Salasahijina dina kawih “Kapiraray” di luhur.  Gunung Guntur mitutur, éta ungkara téh sorana loba kana sora vokal u . Ngamamanisan basa ku sora modél kitu sok disebut Purwakanti.

a)

Leres

b)

Lepat

3.

Cara pangarang sangkan rumpaka kawih téh éndah, nya éta nyutat rumpaka tina karya sastra séjén , saperti tina mantra, sisindiran, atawa paribasa. Salah sahiji conto judul rumpaka kawih anu dicutat tina sisindiran (pantun) nya éta kawih Mojang Priangan.

a)

Leres

b)

Lepat

4.

Hidep tangtu geus apal mana nu disebut kawih, pupuh, atawa kakawihan. Tina struktur rumpakana gé bakal kapanggih mana nu kaasup kawih, pupuh, jeung kakawihan.  Cingciripit kaasup kana kawih.

a)

Leres

b)

Lepat

5.

Kakawihan mah teu puguh saha nu ngarangna, nyebarna téh turun tumurun sacara lisan, ku sabab kitu sok disebut oge karya anonim.

a)

Leres

b)

Lepat

6.

Titénan warta ieu di handap!

BANDUNG, (PRLM).- Kacapi multilaras karya Ali Sastraamidjaya, dipintonkeun ku maéstro seni karawitan Sunda, Haji Riskonda, mirig lagu “Nineung” anu dihaleuangkeu ku juru tembang Fitri jeung Héndi. Najan geus umur 40 taun leuwih, sorana masih kénéh kadangu halimpu, matak kagagas anu ngadangukeun. Lain ngan ukur kagagas ngadangu sora jentréng kawat kacapi anu ditabeuh, tapi ogé dadaran ngeunaan kasang tukang sajarah kacapi anu dijieun taun 1972.

Paragraf di luhur mangrupa informasi anu biasa ditepikeun dina majalah atawa koran. Éta informasi téh disebutna warta. Dina basa Indonésia, warta téh disebut talatah.

a)

Leres

b)

Lepat

7.

Informasi nu geus katarima ku urang kadang sok hayang atawa kudu ditepikeun deui ka nu lian. Katarimana Informasi téh bisa rupa-rupa cara atawa médiana. Ku kituna, jenis-jenis warta bisa ditingali tina cara nepikeunana, kana pakakas atawa media nu dipakéna, jeung dumasar panjang pondokna eusi informasi. Dumasar cara nepikeunana, radio kaasup kana warta lisan.

a)

Leres

b)

Lepat

8.

Warta biasana sok dipidangkeun dina televisi jeung radio. Sakur nu kalibet dina nyusun informasi nepi ka jadi warta téh loba jalma nu boga peran di jerona. Tah ari jalma nu sok nyieun warta téh disebut panarjamah.

a)

Leres

b)

Lepat

9.

Nepikeun warta dina jaman kiwari mah beuki loba rupana. Salian ti téhnologi anu beuki canggih, kamajuan mikir manusa ogé beuki maju tur beuki lega ambahan kaweruhna. Dina    maca warta di televisi, sok katingali aya jalma nu nurutan maca warta tapi teu maké sora. Warta anu ditepikeun maké gerakan nu udaganna keur jalma nu boga kakurangan panca indra nya éta warta isyarat.

a)

Leres

b)

Lepat

10.

Upama urang maca warta, kekecapan di jerona tangtu babari pisan kahartina. Malah mah sakapeung sok aya nu nepika kabayang atawa kaimpleng ku urang eusi wartana téh. Pangpangna dina warta nu eusina runtuyan hiji kajadian. Nalika maca, pikiran urang gé kabawa kana kajadian éta. Ku kituna, kecap anu kudu dipaké dina nulis warta nya éta kecap pagawéan pasif.

a)

Leres

b)

Lepat

11.

Eusi warta téh sipatna bisa mangrupa béja, katerangan, wawaran ngeunaan hiji hal, pesen, jeung amanat. Beuki loba informasi nu katarima, pangaweruh urang beuki jembar. Dumasar panjang pondokna warta téh dibagi tilu. Titénan ieu kalimah!

“Jang, pangwartoskeun ka Nini, énjing Icih badé mulih ti Jakarta kitu!”

Kalimah di luhur kaasup kana jenis talatah.

a)

Leres

b)

Lepat

12.

Ungkara keur nepikeun informasi téh gumantung kana eusi jeung udagan informasi nu ditepikeunana. Perhatikeun kalimah di handap!

    Pa Éko ngumumkeun dina upacara yén ayeuna bakal aya imunisasi keur sakumna siswa.

    Éta kalimah kaasup kana kana jenis warta isyarat.

a)

Leres

b)

Lepat

13.

Hiji bahasan bisa ngawujud jadi karangan nu hadé lamun éta karangan téh bisa nyumponan struktur jeung aturan nu ngawangunna.  Sarua jeung karangan nu séjén, struktur warta diwangun ku sababaraha bagian. Dina struktur warta, aya nu disebut “headline”. Nu dimaksud headline nya éta judul.

a)

Leres

b)

Lepat

14.

Saperti nu geus dijéntrékeun, lamun urang maca warta kadang sok ngabayangkeun kajadian nu aya dina warta. Ku kituna, nu nulis kudu pinter ngulinkeun kekecapan jeung milih diksi sangkan wartana bisa hirup. Salian maké kalimah nu basajan (sederhana), kalimah nu loba digunakeun dina warta nya éta kalimah wawaran.

a)

Leres

b)

Lepat

15.

Dina hiji karya sastra, nu maca bisa nganalisis eusina ngagunakeun unsur intrinsik jeung unsur ékstrinsik. Téma, nada, rasa jeung amanat kaasup kana unsur ékstrinsik nu aya dina kawih.

a)

Leres

b)

Lepat

16.

Urang saban waktu narima rupa-rupa informasi. Informasi nu katarima ku urang bisa ngaliwatan rupa-rupa média kayaning koran, majalah, bulletin, TV, internét, béja ti batur, jeung réa-réa deui. Salasahijina ngaliwatan warta. Warta téh bahasa Indonesiana tina pantun.

a)

Leres

b)

Lepat

17.

Kakawihan nyaéta lagu nu sok dihaleuangkeun pikeun mirig (mengiringi) kaulinan barudak.

a)

Leres

b)

Lepat

18.

Titénan rumpaka kawih di handap!

 

Diajar basa sunda diajar basa sunda
Titenan dina kamusna
Ka koran jeung majalah
Sing ngarti ulah salah
Resep temen maca buku sunda

Diajar basa sunda diajar basa sunda
Ditekan dina laguna
Apalkeun haleuangna
Sing bentes kalimahna
Resep temen ngawih lagu sunda

Kawih di luhur diwangun ku 8 pada jeung 2 padalisan.

a)

Leres

b)

Lepat

19.

Kawih kaasup kana wangun karya sastra prosa sabab cara nulisna sarua jeung nulis carita dongéng.

a)

Leres

b)

Lepat

20.

Cara midangkeun kawih bisa ku cara lobaan atawa ku saurang. Ngahaleuangkeun kawih ku lobaan disebutna anggana sekar.

a)

Leres

b)

Lepat