NEW
Font size
WorksheetsRemidial PTS Bahasa Sunda
Total questions: 13
Worksheet time: 12mins
Nalika upacara bendéra dina poé Senén, di SMP Negeri 20 sanu jadi pembina upacara osok maca téks pancasila, tuluy dituturkeun ku sakabéh peserta upacara. Anu dilakukeun ku pembina upacara dina mimpin maca téks pancasila kaasup kana jenis biantara….
ditalar
impromtu
naskah
ékstemporan
Sateuacan urang tampil biantara, urang kudu boga kamampu pikeun mikanyaho kahayang jeung kondisi audience/ anu lalajo. Kamampuan anu dimaksud kaasup kana bagian….
parigel muka biantara
parigel nutup biantara
écés atawa jelas
pasemon (mimik)
Tengetan runtuyan téks ieu di handap!
1) nepikeun informasi
2) ngucapkeun hatur nuhun
3) salam bubuka
4) pangbagéa/ anu dipihormat
5) salam panutup
6) kacindekan
Dumasar kana runtuyan téks di luhur, anu biasana sok aya dina bagian bubuka biantara nyaéta….
1 jeung 2
2 jeung 3
3 jeung 4
4 jeung 6
Tengetan téks ieu di handap!
Di sakola hidep keur aya kagiatan miéling kamerdékaan Républik Indonésia. Dina ieu acara posisi hidep salaku wakil ketua pelaksana. Nalika pembukaan acara, ketua pelaksana ngadadak teu bisa datang ka sakola kusabab gering kacapéan. Akhirna hidep anu kudu ngawakilan tampil di hareup pikeun mére sambutan. Saméméh sambutan, hidep nyiapkeun gurat badagna naon anu bakal ditepikeun.
Dina téks di luhur, téknik biantara anu dipaké nyaéta….
ditalar
impromtu
naskah
ékstemporan
Tengetan sempalan biantara ieu di handap!
“Mugia Bapa miwah Ibu kersa ngahapunten kana kalepatan sareng kaluputan sim kuring saparakanca, mugia bangblas, mugia balungbang timur, jalan gedé sasapuan, caang bulan opat welas.”
Sempalan biantara di luhur kaasup kana…biantara.
bubuka
eusi
panutup
kacindekan
Tengetan sempalan téks biantara ieu di handap!
Sim kuring, kalayan asmana réngréngan Pangurus OSIS, seja ngahaturkeun nuhun ka réngréngan panata calagara anu parantos tihothat ti ngawitan ngararancang dugi ka derna ngalaksanakeun acara dina dinten ieu. Numutkeun sim kuring mah, ieu acara téh kaétang rongkah nu baris direuah-reuah ku paméran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna ogé sakumna siswa tiasa ngiringan ilubiung dina ieu kagiatan saluyu sareng karepna séwang-séwangan.
(Dicutat tina Wiwaha Basa Kelas 9, 2017)
Dumasar kana cutatan biantara di luhur katitén yén nu biantara téh nya éta ….
pupuhu sakola nu ngayakeun pasanggiri
guru salaku pangaping OSIS
siswa salaku pupuhu OSIS
siswa salaku pupuhu panata calagara
Tengetan éks ieu di handap!
Nalika upacara bendéra poé Senén di SMP Negeri 20 Bogor petugasna nyaéta ti kelas IX-G. Anu jadi pembina upacarana ogé geus tangtu wali kelas IX-G, nyaéta Bapa Subandi, S.Si., M.Si. Tapi dina prak-prakan upaca poé Senén, Pa Subandi ngadadak teu jadi pembina upacara tuluy digantikeun ku Pa Raden Setiawan, S.Pd., M.M. salaku waka Kesiswaan.
Dumasar kana runtuyan ilustrasi téks diluhur, kasus Pa Raden ngadadak ngagantikeun jadi Pembina Upacara tanpa aya persiapan kaasup kana téknik biantara….
naskah
ditalar
ékstémporan
impromtu
Urang Sunda mikawaoh undak-usuk basa/ lével ngagunakeun basa Sunda. Saupama hidep ngobrol atawa gunem catur jeung guru atawa jeung saluhureun, jenis basa Sunda anu digunakeun nyaéta….
Basa Sunda kasar
Basa Sunda lemes/ hormat
Basa Sunda loma
Basa Sunda campur
Tengetan runtuyan kecap ieu di handap!
1) tuang
2) balik
3) mulih
4) sumping
5) dongkap
6) mésér
Dumasar runtuyan kecap di luhur, anu kaasup kana basa sunda lemes/ hormat keur batur nyaéta nomer….
1, 2, jeung 3
3, 4, jeung 5
4, 5, jeung 6
1, 3, jeung 4
Saméméh diajar basa Sunda, Pa Asep mah pasti sok dimimitian ku ngadu’a jeung ngabsén hiji-hiji siswa anu aya di kelas. Nalika ngaran siswa anu disebut, husus dina pelajaran basa Sunda mah teu meunang nyebut hadir. Istilah hadir/ datang dumasar kana undak-usuk basa Sunda anu bener nyaéta….
dongkap
sumping
mulih
wangsul
Tengetan téks ieu di handap!
Pa Asép di kelas keur nepikeun matéri ngeunaan biantara, ti mimiti wangenan atawa définisi, struktur biantara, nepi ka jenis-jenis biantara. Sahingga, siswa anu asalna teu ngarti naon ari biantara téh ayeuna mah jadi apal jeung ngarti.
Dumasar kana téks di luhur, kaasup kana sifat biantara nyaéta….
informatif
propagandistis
édukatif
simulasi
Anu kaasup bagéan tina pangbagéa tina sempalan biantara di luhur téh aya dina paragraf ka….
1
2
3
4
Salahsahiji hal anu kudu diperhatikeun dina biantara téh nyaéta kudu puguh éntép seuereuhna. Harti tina kecap éntép seureuh nyaéta….
Susunan
batasan
calakan
sapaan
