wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

XI TITL 2 | REMEDIAL PTS GANJIL SUNDA

Total questions: 40

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Istilah carpon téh asalna tina basa Inggris, nyaéta ...

a)
story telling
b)
longshort story
c)
short story
d)
short action
e)
plash action
2.

Lantaran pondok, ukuran lobana kecap dina karangan carpon téh ngawengku ...

a)
5.000 -10.000 kecap
b)
1.000 - 2.000 kecap
c)
500 - 1.000 kecap
d)
1.000 - 1.500 kecap
e)
10.000-20.000 kecap
3.
Carpon Halimun Peuting karangan ...
a)
RAF
b)
Iskandarwassid
c)
Yus Rusyana
d)
Aam Amalia
e)
Darpan
4.

Carpon Sunda utamana leuwih mekar sanggeus majalah Parahiangan anu dikaluarkeun ku Balé Pustaka. Malah jaman harita muncul buku kumpulan carpon anu munggaran judulna ...

a)
Koper karangan M.A Salmoen
b)
Nunggul Pinang karangan Satjadibrata
c)
Baruanng ka Nu Ngarora karangan D.K Ardiwinata
d)

Lain Éta karangan Moh. Ambri

e)

Dogdog Pangréwong karangan GS

5.
Konflik dina carpon mah basajan atawa henteu pati ngarancabang, biasana mangrupa ...
a)
dua atawa tilu babak
b)
dua atawa tilu adegan
c)

peristiwa gedé

d)

skétsa

e)

épisodeu

6.

Bédana Carpon jeung dongéng téh nyaéta ...

a)
carpon nyebar dina wangun lisan
b)

dongéng nyebar dina wangun lisan

c)
konflik dina carpon rumit
d)

pangarang dina dongéng dituliskeun

e)
carita dina carpon pamohalan
7.

Lahirna fiksi mini téh dipangaruhan pisan ku sipat jalma ayeuna nu ...

a)
sarwarusuh jeung sarwa gancang
b)

nyalsé lantaran loba waktu

c)

dipangaruhan ku téknologi internét

d)
teu boga pikiran anu logis
e)

ngalaman peristiwa arahéng

8.
Kadieukeun muncul karangan carpon anu leuwih pondok, anu sok disebut fiksi mini, sarta panjangna heunteu leuwih ti ...
a)
150 kecap
b)
30 kecap
c)
1.000 kecap
d)
500 kecap
e)
50 kecap
9.

Aya carpon anu réalis atawa caritana sok napak dina kanyataan sapopoé, aya ogé carpon anu caritana mulak malikkeun kanyataan sapopoé anu ogé sok disebut ...

a)
liris
b)

éksotis

c)

réformis

d)

suréalis

e)
mistis
10.

Umumna fiksimini mah sumebar ngaliwatan média ...

a)

grafis

b)
audio visual
c)
digital
d)
koran jeung majalah
e)
buku
11.
Judul Carpon munggaran dina kasusastraan Basa Sunda medal dina taun …
a)
1928
b)
1929
c)
1930
d)
1931
e)
1932
12.
Carpon Nu Harayang Dihargaan karangan ...
a)
RAF
b)
Iskandarwassid
c)
Yus Rusyana
d)
Aam Amalia
e)
Darpan
13.

Nyebarna dina wangun tulisan jeung dina wangun lisan, mangrupa bédana carpon jeung ….

a)
sisindiran
b)

novél

c)
sajak
d)

dongéng

e)
carpon
14.

Unsur ékstrinsik dongéng nyaéta …

a)
puseur sawangan
b)
palaku
c)
galur
d)
watek
e)
amanat
15.

Carita pondok Sarabunis Mubarok ngeunaan 3 nonoman nu keur nyuprih élmu di pasantrén, aya dina dina judul carpon …

a)

Dongéng Énténg Ti Pasantrén

b)

Masantrén

c)
Kanyaah Kolot
d)
Jiad Ajengan
e)
Carita Biasa
16.

"Si Umar jeung Si Usup téh deukeut-deukeut "nguji" ka Mang Udin, "asistén" Ajengan nu pohara galakna".

Aya sabaraha palaku nu keur dicaritakeun di luhur …

a)
2
b)
3
c)
4
d)
5
e)
6
17.

"Moal poho, kakara tanggal lima bulan puasa harita téh" . Unsur nu kapanggih dina sempalan éta carpon nyaéta …

a)

téma

b)
galur
c)
latar
d)
amanat
e)
palaku
18.

"Soréna basa kuring keur ngabuburit ka deukeut sawah". Puseur sawangan dina éta sempalan carpon nyaéta …

a)
jelema ka hiji
b)
jelema ka dua
c)
jelema gaganti
d)
jelema ka hiji di luar carita
e)
jelema ka dua diluar carita
19.
Carpon Oknum karangan ...
a)
RAF
b)
Hadi AKS
c)
Yus Rusyana
d)
Aam Amalia
e)
Darpan
20.
Carpon Ki Merebot karangan ...
a)
RAF
b)
Hadi AKS
c)
Ahmad Bakri
d)
Aam Amalia
e)
Darpan
21.

Biantara kaasup kana salasahiji kaparigelan basa ...

a)
ngaregepkeun
b)
nyarita
c)
nulis
d)
maca
e)
nerangkeun
22.

Biantara mangrupa kagiatan nu mikabutuh atawa merlukeun gaya jeung omongan nu matak ngirut jalma réa. Ku kituna biantara téh kaasup kana ... nyarita

a)
gaya
b)
rupa
c)
seni
d)
aturan
e)
bagian
23.

Nu teu kaasup kana bagian bubuka biantara, nyaéta ...

a)
salam bubuka
b)
mukadimah
c)
sampurasun!
d)
salam panutup
e)
ngahaturkeun nuhun
24.

Biantara nu ngagunakeun téks kaasup kana biantara metodeu ...

a)
maca naskah
b)

ékstémporan

c)
impromtu
d)
ngapalkeun
e)

téks langsung

25.

Nu kaasup biantara teu resmi nyaéta ...

a)
biantara dina sidang
b)
biantara ulang taun
c)
biantara dina perlombaan resmi
d)
biantara dina rapat
e)
upacara Agustusan
26.

Biantara nu ngagunakeun téks kaasup kana biantara metodeu ...

a)
maca naskah
b)

ékstémporan

c)
impromtu
d)
ngapalkeun
e)

téks langsung

27.

"Sateuacanna, ngahaturkeun nuhun ka panata acara nu tos masihan waktos sareng kasempatan" kaasup kana conto bagéan ...

a)
salam bubuka
b)
mukadimah
c)
ngahaturkeun nuhun
d)
ngadadarkeun tujuan
e)
eusi
28.
"Sim kuring ngadeg di ieu papanggungan minangka wawakil ti siswa kelas X sareng kelas XI, seja cumarios ngedalkeun kereteg manah sareng ngawilujengkeun ka siswa kelas XII" mangrupa conto tina ...
a)
salam panghormat
b)
ngahaturkeun nuhun
c)
mukadimah
d)
ngadadarkeun eusi
e)
ngadadarkeun tujuan
29.

"Hadirin hormateun sim kuring", éta omongan dina biantara téh maksudna pikeun ...

a)
ngawilujengkeun hadirin
b)
ngahormat tatamu
c)
nepiekun salam ka hadirin
d)
ngabageakeun hadirin
e)
silaturahmi ka hadirin
30.

Ékstémporan mangrupa métodeu biantara ...

a)
ditalar
b)

ngagunakeun téks

c)
catetan inti
d)
langsung
e)
komunikasi massa
31.

"Saré mah tong di tengah imah, pindah ka kamer atuh!" Saré keur ka batur saluhureun nyaéta ...

a)

saré

b)
mondok
c)
kulem
d)

ébog

e)
bobo
32.

"Hatur nuhun kanggo sadaya para hadirin nu tos ngaluuhan ieu acara" . Ngaluuhan hartina ...

a)
nyempetkeun
b)
ngahadiran
c)
sumping
d)
mentingkeun
e)
bisa
33.

"Bisi aya nu pondok nyogok, panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék".

Éta paribasa téh ku nu biantara sok dipaké pikeun ...

a)
nepikeun pangwilujeng
b)

ngabagéakeun hadirin

c)
ngahaturanan para tamu
d)

nepikeun du'a

e)
sanduk-sanduk
34.

"Langkung ti payun, puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Ku rahmat sareng hidayahna, urang tiasa ngaluuhan ieu acara." kaasup kana conto ...

a)
salam panghormat
b)
ngahaturkeun nuhun
c)
mukadimah
d)
ngadadarkeun eusi
e)
ngadadarkeun tujuan
35.

Téhnik impromtu dina nepikeun biantara téh maksudna ...

a)
nepikeun pidato ku cara nyiapkeun gurat badag masalah
b)
nepikeun pidato bari maca naskah
c)
nepikeun pidato ku cara ngapalekun heula naskah
d)

nepikeun pidato tanpa aya persiapan

e)

nepikeun pidato kalawan persiapan nu asak

36.

Sangkan narik perhatian hadirin, lian ti lentong jeung lafal omongan urang kudu jelas, sora urang ogé kudu ...

a)

tatag, bedas jeung jéntré

b)
jojorowokan
c)

sakapeung kudu halon jeung halimpu

d)
ngagalindeng jeung ngawirahma
e)
halimpu
37.

Struktur omongan dina biantara téh ngawengku ...

a)
pamuka, panutup
b)
eusi, sanduk-sanduk
c)
bubuka, mukadimah, eusi
d)
pamuka, eusi, panutup
e)

mukadimah, eusi, sanduk-sanduk

38.
Biantara nu hadé téh di antarana ...
a)
pondok atawa singget eusina
b)
saeutik heureuyna
c)
loba mamanis basana
d)
panjang eusina
e)
kaharti jeung mangpaat eusina
39.
Dina bagian eusi biantara ngawengku ….
a)
salam panutup, tujuan
b)
eusi, sanduk-sanduk
c)
tujuan jeung mukadimah
d)
tujuan jeung eusi
e)

sanduk-sanduk, panutup

40.

Nu teu kaasup kana bagian bubuka biantara, nyaéta ...

a)
salam bubuka
b)
mukadimah
c)
sampurasun!
d)
salam panutup
e)
ngahaturkeun nuhun