wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Evaluasi Materi Carita Wayang

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebutna…

a)

hikayat

b)

carita pantun

c)

dongéng

d)

carita wayang

2.

Wayang teh asalna tina kecap ............

a)

sayang

b)

bayang

c)

dalang

d)

sarang

3.

Babon (induk/sumber) carita wayang golek asalna ti India tina carita ....

a)

Rama jeung Sinta

b)

Pandawa jeung Kurawa

c)

Mahabarata jeung Ramayana

d)

Pandawa jeung Ramayana

4.

Timana asalana carita Ramayana jeung Mahabarata teh?

a)

India

b)

Arab

c)

Sunda

d)

Jawa

5.

Suluk bubuka pagelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina mimiti caritana disebut ....

a)

Murwa

b)

Nyandra

c)

Antawacana

d)

Rumpaka

6.

Kresna : “Eladalah, Yayi, Yayi Setiaki.”

Setiaki : “kaula nun.”

Kresna : “Kakang Patih Udawa.”

Udawa : “Lo, lo, lo. Hahahaha..... pun Kakang Patih Udawa. “

Kresna : “Marajeng ka payun calikna”

Dina seni pawayangan, dialog di luhur ilaharna disebut.....

a)

Kakawen

b)

Murwa

c)

Nyandra

d)

Antawacana

7.

Carita ... museur kana riributan parebut karajaan Astinapura antara Pandawa jeung Kurawa

a)

Ramayana

b)

Mahabarata

c)

Ki Mandahong

d)

Bharata Narada

8.

Carita Mahabarata mangrupakeun carita ti India anu dikarang ku ....

a)

Wiyasa

b)

Walmiki


c)

Wirasa

d)

Rahwana

9.

Carita Ramayana mangrupakeun carita ti India anu dikarang ku ....

a)

Wiyasa

b)

Wirasa

c)

Rahwana

d)

Walmiki

10.

umlahna 100 urang sarta gumelar tina saguruntul daging ti Déwi Gandari, nyaéta ...

a)

Kurawa

b)

Astinapura

c)

Pandawa

d)

Ayodya

11.

Pandawa 5 téh nyaéta ...

a)

Yudhistira, Adipati, Arjuna, Nakula Sadewa

b)

Bima, Arjuna, Duryudana, Nakula, Sadewa

c)

Yudhistira, Bima, Arjuna, Nakula, Sadewa

d)

Bima, Rama, Arjuna, Nakula, Sadewa

12.

Tokoh Rahwana atawa Dasamuka aya dina carita wayang ....

a)

Mahabarata

b)

Jabang Tutuka

c)

Ramayana

d)

Arjuna Sasrabahu

13.

Jelema nu sok nyaritakeun jeung ngigelkeun wayang sok disebut:

a)

Dalang

b)

Sinden

c)

Nayaga

d)

Purwa

14.

Pék regepkeun kutipan téks Gatotkaca Perlaya di handap ieu !

"Arjuna lain antepeun. Unggal poé rébuan prajurit Astina jadi korban panah Arjuna. Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana," cenah.

Dumasar kutipan téks di luhur, kecap unggal poé nunjukkeun latar ...

a)

Suasana

b)

Waktu

c)

Tempat

d)

Kaayaan

15.

Gatotkaca ka Bima jeung Arimbi perenahna ...

a)

Aki jeung nini

b)

Mamang jeung bibi

c)

Bapa jeung indung

d)

Alo jeung suan

16.

Pandu jeung Kunti ka Parikesit perenahna ...

a)

Kapiadi

b)

Alo

c)

Buyut

d)

Bao

17.

Pék regepkeun kutipan téks di handap ieu !

1. Kurawa

2. Nakula

3. Dipati Karna

4. Déstarasta

5. Sadéwa

Tokoh-tokoh di luhur nu kaasup kana Pandawa lima nyaéta ...

a)

1 jeung 2

b)

3 jeung 5

c)

2 jeung 5

d)

3 jeung 4

18.

Dina carita wayang di urang, utamana anu dipagelarkeun dina wayang golék, sok kapanggih tokoh Semar, Cepot, Dawala, jeung Garéng, anu sok disebut ogé tokoh...

a)

dagelan

b)

punakawan

c)

pangiring

d)


bodoran

19.

Bima teh anakna Pandu Dewanata. Bima boga anak ngarana Gatot Kaca. Gatot Kaca ka Pandu Dewanata perenahna......

a)

Buyut

b)

Aki

c)

Bao

d)


Incu

20.

Arjuna kawin ka Subadra, boga anak ngarana Abimanyu. Lantaran Bima teh lanceukna Arjuna, jadi Bima ka Abimanyu perenahna...

a)

ua

b)

alo

c)

mamang

d)

kapiadi