wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kuis Bab Drama XII

Total questions: 20

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Drama téh sok dipaselupkeun jeung istilah téater. Tapi saéstuna mah éta dua istilah téh nuduhkeun harti anu béda, najan dina enas-enasna mah duanan gé nuduhkeun kana seni pagelaran atawa seni pintonan (pertunjukan). Drama téh nyaéta karya sastra anu midangkeun carita atawa lalakon dina wangun..

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Tulisan

d)

Paguneman

e)

Lancaran

2.

Sandiwara asalna tina basa Kawi, anu hartina pangajaran atawa atikan. Sandiwara mah pangajaran anu ditepikeunna sacara samar atawa disilibkeun.
Kecap disilibkeun miboga harti nyaéta ...

a)

Dirusiahkeun

b)

Disumputkeun

c)

Ditepikeun

d)

Dibéjakeun

e)

Didadarkeun

3.

Téater asalna tina basa Yunani, teatron, hartina tempat upacara pamujaan anu perenahna di ...

a)

Gedung

b)

Alun-alun (arena)

c)

Balé désa

d)

Tengah Kota

e)

Gunung

4.

Drama anu disebut gending karesmen biasana ditulis dina rumpaka sisindiran, kawih, tembang, pupuh, pupujian, jsté. Gending karesmen miboga istilah anu séjén disebutna ...

a)

Layeutan sora

b)

Dramatari

c)

Dramaswara

d)

Monolog

e)

Rineka Sora

5.

6.Ieu di handap anu teu kaasup kana kalimah langsung ,nyaeta...

a)

bu Guru sasauran "Baca Kuhidep naskah drama teh"

b)

"Iraha nya pagelaran drama Sunda teh" Dadan nanya

c)

ceuk Wendi "Kumaha jadi latihan drama teh"

d)

Dedi ngajak Tuti arek ulin ka Cianjur

e)

"Iraha arek milu ulin ka Cianjur teh" ceuk Dedi ka Tuti

6.

Tengetan sempalan teks ieu di handap !

“Di Désa Wanasari ribut yén aya garong nu sok ngararad sakur nu aya di hareupeunana. Hansip beak carita miskin pangakalan sangkan bisa néwak éta garong.”

Cutatan di luhur dina naskah drama kaasup kana bagéan …

a)

Pertelaan palaku

b)

Prolog

c)

Epilog

d)

Babak

e)

Candraan

7.

Baca Sempalan Wacana ieu di Handap!

Ku sabab dukun gagal, Si Lamsijan ngumbara ka mama kiyai, anu daekeun nulungan, Si Lamsijan manéhna lain ku lantaran bogoh ku kageulisan si Amoy hungkul tapi hayang Si Amoy teh asup muslimah. Tapi Si Lamsijan kalah kawin ka Si Cepleu éta lantaran salah sasaran nu sarua goréng patutna. Indungna Si Lamsijan hatena kabeuli lantaran Si Cepleu rajin mantuan gawé sapopoé.

Saprak kawin jeung Si Cepleu ahirna Si Lamsijan jadi juragan peda di kampungna padahal saréréa terangeun modalna ngan kongkorong emas genep gram ti Si Cepleu. Terus manehna papendak jeung “Babah Tan A Sien” nu jadi bapana neng Amoy, da bapana Neng Amoy boga hutang budi ka Si Lamsijan lantaran geus nulungan neng Amoy dina pangancam para pamuda, tapi néng amoy dibawa ku Si Opsir (walanda) anu geus meré imah jeung modal ka bapana Néng Amoy


Bagean anu ngabagi-bagi karangan drama. Mangrupa bagian tina .…

a)

Pertelaan palaku

b)

Babak jeung adegan

c)

Candraan

d)

Paguneman

e)

Prolog

8.

Tukang Asahan’ Drama Opat Jaman’,

Karya : Dadan Sutisna.

Drama Tukang Asahan nyaritakeun lalampahan nu dagang batu asahan anugeus mang alam-alam kukurilingan, tapi teu laku-laku ( Gio, S). Gok tepung jeung Mahasiswa ( Ekky Rizki) nu terus milu ngadagangkeun batu asahan. Tukang asahan jeung mahasiswa, nembongkeun situasi jaman moderen.

Dina lalampahannana, maranehna tepung jeung rupa-rupa jalma ti jaman nu beda-beda. Aya Sudagar (Mamat Sasmita), kudu nyanghareupan pamajikan nu panasbaran/panasan (Eni, S), jalmana siripidik teu kaop nenjo batur leuwih ginding leuwih beunghar. Aya Sikabayan (Kukun Encus) nu kasohor ngedul taya kadaek, unggal poe pasea wae jeung pamajikan nana (Dwi Jahra) tur nyanghareupan mitohana ( Dadi Sumadi). Aya deui ti rombongan ti karajaan....Masing-masing jalma ti unggal jaman patepung kalayan tujuannana sarua’ Nyaeta neangan batu asahan pikeun ngarengsekeun pasualan’.


Masing-masing jalma ti unggal jaman patepung kalayan tujuannana sarua neangan batu Asahan, keur naon gunana anu sabenerna eta batu asahan teh....

a)

Keur ngaluruskeun pasifatan manusia dina hirupna

b)

Keur ngasah pakarang sangkan seukeut supaya bisa digunakeun

c)

Keur ngarobah pasifatan jelema goreng jadi alus

d)

Nandakeun yen kahirupan jaman ayeuna leuwih susah dibanding jaman baheula.

e)

Jaman ayeuna kahirupan pinuh kusimbol-simbol anu can puguh

9.

Drama Garong Jenius

Ujang : “Assalamualaikum Sip!”

Hansip : “Waalaikum salam, wah jadi silaing ka dieu?”

Ujang : “Éh da amanah Sip. Kuring mah diutus langsung ku pa RT jeung mawa cikopi keur hansip cenah keur ubar tunduh.”

Hansip : “Cing atuh ka dieukeun mana cikopina?”

Ujang : “Ké heula, di perjalanan téh kuring inget ceuk pa RT, lamun tunduh nginum cikopi, tah kaleresan simkuring téh nuju tunduh nya dileguk wé cikopi téh!”

Hansip : “Euhh.. manéh mah sarua wé jeung bohong atuh kitu mah.”


Cing pék titénan kumaha pasipatan Ujang !

a)

Amanah

b)

Bedegong

c)

Sagawayah

d)

Soméah

e)

Lalawora

10.

"Poé ieu Wa Iding geus jangji, rék naur hutangna nu lima ratus rébu. Tapi, ku sabab kuring masih gering kénéh, wayahna manéh baé ka ditu, bawa ieu surat!”
Sempalan diluhur kaasup kana kalimah ...

a)

Wawaran

b)

Panitah

c)

Langsung

d)

Pangharepan

e)

Teu Langsung

11.

Numutkeun hidep naon anu ngabédakeun karangan drama jeung karangan séjénna? Pék jéntrékeun!

4 lines
12.

Sebutkeun naon waé struktur téks drama téh!

4 lines
13.

Numutkeun hidep naon bédana seni drama jeung longsér? Pék jéntékeun!

4 lines
14.

Numutkeun hidep naon anu disebut téater rakyat téh? Pék Jéntrékeun!

4 lines
15.

Tina basa naon ari kecap téater asalna sarta naon hartina?

4 lines
16.

Kajadian-kajadian di hiji tempat dina saruntuyan waktu nyaeta ...

(a)  

17.

Kalimah anu ucapanna teu nyutat deui kecap-kecap panyaturna disebut ...

(a)  

18.

Pék sebutkeun dua judul carita drama anu pernah hidep tongton jeung tuliskeun saha pangarangna!

4 lines
19.

Pék jieun contoh kalimah teu langsung!

4 lines
20.

Lian ti éta wacana drama téh biasana sok diselapan (a)   pituduh ti pangarang keur maca, sutradara, atawa pamaén.