wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS 1 BAHASA SUNDA KLS XII TA 2023

Total questions: 40

Worksheet time: 27mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan nu sok dilakukeun disalah sahiji kampung adat disebut ......

a)

adat

b)

ritual

c)

tradisi

d)

kasenian

e)

pintonan

2.

Tujuan diayakeunana tradisi Sérén Taun téh nyaéta pikeun ....

a)

ngamulyakeun karuhun

b)

nyalametkeun utun inji sangkan lahiranana lancar

c)

nulung ka nu butuh nalang ka nu susah

d)

sukuran ka nu Maha Kawasa kana hasil panén

e)

tulak bala atawa ngajauhkeun panyakit

3.

Tujuh rupa kadaharan dina trdaisi Tingkeban saperti sampeu, hui, boléd, kacang suuk, ganyol, jeung sagu sok disebut ....

a)

rujak kanistrén

b)

beubeutian

c)

bubuahan tujuh rupa

d)

jajambaran

e)

pakaulan

4.

Kampung adat Baduy ge, sok biasa disebut ...

a)

Kampung adat Kuta

b)

Kampung adat Kanekes

c)

Kampung adat Kanenker

d)

Kampung adat Dukuh

e)

Kampung adat Dayak

5.

Di masarakat sunda sok aya tradisi ngariksa anu reuneuh (hamil), patalina jeung kayakinan atawa kapercayaan. Tujuan atawa maksud tina ngariksa nu reuneuh nya éta …

a)

Supaya ugal jalam nyaho yén di lembur keur aya nu reuneuh

b)

Supaya jauh tina jalma nu niat jahat

c)

Supaya sagala nu dimaksud laksana

d)

Supaya budakna tanginas

e)

Supaya jauh tina mara bahaya, gangguan mahluk halus nu jahat

6.

Nu teu kaasup karakter dina pangimbuhing twah, nya éta …

a)

Émét

b)

Imeut

c)

Kandulan

d)

Rajeun

e)

Leukeun

7.

Opat paharaman dina kapamingpinan sunda, nu teu meunang di laksanakeu atawa dipigawé nyé éta …

a)

Pundungan

b)

Leukeun

c)

Cangcingan

d)

Gepitan

e)

Karawaleya

8.

Maréntah téh kudu pinuh ku rasa kanyaah. Udaganana sangkan nu diparénta bisa ngalaksanakeun pagawéan kalayan tanggung jawab. Di sebut …

a)

Ramah

b)

Asah

c)

Asuh

d)

Asih

e)

Guna

9.

Dina pagelaran wayang lian ti dalang anu ngawayang, aya tukang nabeuh gamelan anu disebut ....

a)

Sindén

b)

Nayaga

c)

Dalang

d)

Juru alok

e)

Gugunungan

10.

Babon (induk/sumber) carita wayang golek asalna ti India tina carita ....

a)

Rama jeung Sinta

b)

Rama jeung Yana

c)

Pandawa jeung Kurawa

d)

Pandawa jeung Ramayana

e)

Mahabarata jeung Ramayana

11.

Di handap ieu anu henteu kaasup pandawa, nya eta ....

a)

Yudistira

b)

Arjuna

c)

Nakula

d)

Sadewa

e)

Drupadi

12.

Suluk bubuka pagelaran anu dilagukeun ku ki dalang dina mimiti caritana disebut ....

a)

Murwa

b)

Nyandra

c)

Antawacana

d)

Rumpaka

e)

Sora

13.

Sabalikna ka Dorna, ka Suyudana, ka Dasamuka, kumna ka urang Kurawa nu jahat, kalan-kalan ka Arjuna nu sok gampang ka pangaruhan ku Dorna gé bet mani teu resep, ceuceub kabina-bina. Tagtu wé embung siga maranéhna. Tongtonan nu jadi tungtunan téa kitu wayang téh? Enya sigah na mah.

Watek Arjuna nyaéta ....

a)

Wijaksana

b)

Teu boga pamadegan

c)

Gedé ambek

d)

Hayang onjoy ti batur

e)

Ngulit bawang

14.

Cara ngigel jeung merangkeun wayang dina pagelaran wayang disebut....

a)

Kakawen

b)

Murwa

c)

Garap

d)

Nyandra

e)

Antawacana

15.

Titenan ciri-ciri carita di handap ieu!

(1) Sumebar sacara tinulis

(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal

(3) Caritana basajan

(4) Caritana jembar

(5) Ngandung ajén atikan

(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna

(7) kapaluruh saha nu ngarangna

(8) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan


Ciri-ciri carita wayang anu sarua jeung dongeng, nyaeta ....

a)

1 jeung 2

b)

2 jeung 4

c)

2 jeung 5

d)

5 jeung 7

e)

5 jeung 8

16.

Pandawa miboga indung anu ngaranna ...

a)

Kunti Nalibrata

b)

Déstarata

c)

Sintawati

d)

Jabang Tutuka

17.

Anu disebut putra penengah Pandawa tèh nyaèta ....

a)

Yudistira

b)

Arjuna

c)

Bima

d)

Nakula

e)

Sadèwa

18.

Jelema nu sok nyaritakeun jeung ngigelkeun wayang sok disebut:

a)

Dalang

b)

Sinden

c)

Nayaga

d)

Purwa

e)

Suluh

19.

Kecap résénsi anu ayeuna dipaké dina basa Sunda asalna tina kecap “resentie” nu asalna tina basa ....

a)

Prancis

b)

Jerman

c)

Bélgia

d)

Walanda

e)

Inggris

20.

Titénan runtuyan ieu di handap:

1) buku

2) film

3) upacara adat

4) pintonan drama

5) album musik

Obyék nu bisa dirésénsi dituduhkeun ku nomer ....

a)

1, 2, 3, 4

b)

1, 3, 4, 5

c)

1, 2, 4, 5

d)

2, 3, 4, 5

e)

3, 4, 5

21.

Résénsi buku téh obyékna bisa kana rupa-rupa buku, nu ngawengku ....

a)

buku fiksi atawa non fiksi

b)

buku kasohor atawa buku teu kasohor

c)

buku penting atawa buku nu teu penting

d)

buku kandel atawa buku ipis

e)

buku murah atawa buku mahal

22.

Lamun urang nyusun hiji karangan résénsi anu obyékna buku hartina ....

a)

méré pangajén kana éta buku, ngabedah eusina, sarta méré kritik kana alus jeung goréngna

b)

ngadadarkeun sinopsisna nepi ka anu maca ngarti kumaha jalan caritana

c)

ngarangkum eusina bab per bab kalawan tétéla nepi ka nu maca paham naon eusi éta buku

d)

méré kritik kana éta buku sangkan anu maca paham dina alus jeung goréngna

e)

méré nyaho ka calon nu maca éta buku sabaraha harga buku jeung di mana bisa dibeulina

23.

nu nulis resensi kudu ngagambarkeun kapunjulan jeung kahengkeran tina eusi karya anu rek diresensina disebut oge bagian struktur resensi...?

a)

Identitas karya

b)

Ringkesan Carita

c)

Kacindekan karya

d)

Tilikan Eusi

24.

ieu di handap kalimah nu kaasup kana bagian resensi ngeunaan kapunjulan jeung kahengkeran anu mernah nya eta...

a)

luyu jeung genre drama history, pilem soekarno geus hasil nembongkeun fakta-fakta sajarah anu salila ieu can pati kaguar

b)

soekarno jeung Hatta, narekahan cita-cita jeung perjuangan sangkan Indonesia Merdeka....

c)

Film Soekarno "Tarekah Numuwuhkeun Sikep Nasionalisme Kaom Rumaja

d)

Ario Bayu salaku Soekarno, Lukman Sardi salaku Hatta, Maudy Koesnady salaku Inggit Garnasih ....

25.

Bahasan dina karangan résénsi ukur nyawang atawa ngabedah buku sacara detil bab per bab tanpa dibarengan ku sawangan kritis atawa tanpa kritik. Bahasan siga kitu téh ilahar kapanggih dina résénsi jenis ....

a)

Arguméntatif

b)

Informatif

c)

Kritis

d)

Naratif

e)

déskriptif

26.

Titénan dadaran ieu di handap:


1) ngawanohkeun buku ka calon nu maca, naha éta buku téh pantes dibaca atawa henteu;

2) méré pituduh ka calon nu maca di mana éta buku bisa dibeuli sarta ka mana ruteu nu kudu ditempuh mun rék meuli éta buku;

3) promosi buku, biasana ditulis ku penerbit atawa dikéngkénkeun ka penulis résénsi sangkan buku nu anyar terbit téh payu;

4) ngabedah eusi buku, upamana lantaran eusina téh kontrovérsial, matak anéh, atawa nimbulkeun padungdengan (perdebatan).


Nu kaasup tujuan ngarésénsi buku téh dituduhkeun ku nomer ....

a)

1 jeung 2

b)

1, 2, jeung 3

c)

1, 3, jeung 4

d)

2 jeung 3

e)

2, 3, jeung 4

27.

“Hanjakalna dina ieu novel téh loba basa atawa kekecapan nu boa moal kaharti lamun dibaca ku barudak ayeuna. Sakuduna mah aya glosari (kamus kecil) anu nerangkeun harti kekecapan nu dianggap hésé kahartina. Ku cara kitu, barudak anu maca ieu novel masih bisa nuturkeun jalan caritana kalawan lancar. Dina karangan résénsi, dadaran di luhur téh bisa kagolongkeun kana ....

a)

data buku

b)

déskripsi bab per bab

c)

kasang tukang

d)

rékoméndasi keur calon nu maca

e)

kritik kana eusi buku

28.

Ku sabab muatkeuneun di média massa, karangan résénsi buku kudu ngéstokeun sarat-sarat tulisan dina média massa anu antarana baé ....

a)

basana kudu ilmiah luyu jeung aturan karangan ilmiah populér

b)

bahasanana kudu populér luyu jeung sipat koran

c)

basana kudu populér dina harti bisa kaharti ku saha baé

d)

karanganana kudu panjang sarta méré informasi anu detil

e)

tulisanana kudu naghudang kapanasaran nu maca

29.

1) Promosi buku nu anyar terbit

2) Bukuna fénoménal

3) Bukuna geus lila terbit sarta masih dibaraca

4) Eusi bukuna penting keur dibaca ku balaréa

5) Bukuna ditulis ku pangarang sohor


Tujuan ditulisna résénsi buku téhantarana baé dituduhkeun ku nomer ....

a)

1,3,5

b)

1,2,3

c)

1,2,4

d)

3,4,5

e)

1,2,5

30.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat,disebutna...…

a)

Folktor

b)

Budaya

c)

Tradisi

d)

étika

e)

Tatakrama

31.

Ieu dihandap anu heunteu kaasup kana téhnik nulis karangan pedaran,nyaéta téhnik……

a)

Pérsuasi

b)

Identifikasi

c)

Ilustrasi

d)

Dévinisi

e)

Proses

32.

Karangan pedaran mangrupa karangan atawa wacana anu eusina ngajentrekeun hiji…

a)

Asalna,tempatna,dipintonkeuna

b)

Ucapana,katana,rangkaiannana

c)

Kaweuruhna,kaayaannana

d)

Objek,prosesna,tujuanana jeung gunana

e)

Sadayana salah

33.

Karangan pedaran teh sok disebut karangan .....

a)

Pedaran atawa klasifikasina

b)

Bacaan jeung komponenna

c)

Bahasan atawa karangan eksposisi

d)

Ucapan jeung kalimatna

e)

Kecapna pilihan

34.

Aya sabaraha hiji dasa pasanta (Paneungtrem hate) …

a)

8

b)

9

c)

10

d)

11

e)

12

35.

Ngenaan tipeu jeung gaya kapamingpinan sunda bisa kapanggih dina naskah kuno ……

a)

Sewaka darma

b)

Amanat galunggung

c)

Sanghiyang siksa kandang karesian

d)

Carita ratu pakuan

e)

Darma jati

36.

Dina sistim kapamingpinan sunda “Tri tangtu dibumi”,sang prabu kudu boga palasipah ngagurat batu,nyaeta.…

a)

Ngawujudkeun kulawarga jeung masyarakat ayem tengtrem

b)

Ajeung bawahan boga watek silih asih,silih asah,silih asuh

c)

Kudu lumampah dumasar tekad,ucap,jeung lampah

d)

Taat tur patuh dina ngajalankeun hukum,tanpa ayana rekayasa

e)

Boga watek nengtremkeun dina kaadilan

37.

Ieu dihandap anu heunteu ka asup kana warnaning wayang,nyaéta.....

a)

Golék

b)

Kulit

c)

Purwa

d)

Potéhi

e)

Prabu

38.

Dihandap ieu kalimah anu dirarangkénan N nyaéta….

a)

Bapa boga imah dua

b)

Mang Odin meli pacul

c)

Kamana jalan balik

d)

Néng Yati nulis surat cinta

e)

Motor urang kempes

39.

Ngajen atawa meunteun kana hiji karya,saperti buku,film,pintonan drama jeung musik disebut...

a)

esey

b)

kritik

c)

resensi

d)

apresiasi

40.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakan dina pakumbuhan masarakat, disebutna ...

a)

a. folklor

b)

b. budaya

c)

c. tradisi

d)

d. etika

e)

e. tatakrama