WorksheetsPAS 1 BASA SUNDA KELAS X KURMED
Total questions: 50
Worksheet time: 54mins
Carita atawa dongeng anu ngandung unsur sajarah lokal disebutna......
mitos
legenda
babad
sage
parabel
Dina carita babad atawa sajarah lokal biasana nyaritakeun ....
Pancakaki sèwang-sèwangan
Kahirupan raja sèwang-sèwangan
Wewengkon sèwang-sèwangan
Kaayaan kulawarga sèwang-sèwangan
Legenda sèwang-sèwangan
Ieu di handap mangrupa wangenan carita babad...
carita dina wangun puisi anu kaiket ku aturan pupuh
wangun karya sastra anu mangrupa carita dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur pamohalan (Teu asup akal)
salahsahiji rupa karya sastra Sunda wangun ugeran atawa puisi.
carita nu aya patalina jeung hiji patempatan sarta dipercaya sarta ngandung unsur sajarah.
Carita babad asup kana carita dina wangun puisi....
Lancaran
Wawacan
Sajak
Drama
Sisindiran
Nyi putri surti binekas,
Ningali carogé sedih
Hoyongeun maréntah jalma
Haturan budina manis
Nun gusti ulah sedih
Sim kuring seja jumurung
Malah sim kuring meunang
Wangsit lahir bapa kuring
Yén gamparan baris nurunkeun manusa
Sempalan carita babad di luhur ditulis dina wangun wawacan dina wanda pupuh....
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Dangdanggula
Mijil
“Kéan santang téh putra prabu siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji ogé jalma anu bisa nandingan kasakténna.”
Sempalan carita babad di luhur ditulis dina wangun....
Prosa
Puisi
Lancaran
Drama
Laporan
Struktur carita babad teh ngawengku......
tema, judul, palaku, latar, galur, puseur sawangan, jeung hikmah carita
tema jeung fakta carita (palaku, latar, galur)
tema, palaku, latar, galur, amanat jeung gaya basa
tema, judul, palaku, latar, galur, amanat jeung hikmah carita
tema, fakta carita (palaku, latar, galur), jeung sarana sastra (puseur sawangan, gaya basa)
Ieu di handap anu henteu kaasup kana carita babad, nya eta......
Babad Cikundul
Babad Sumedang
Babad Galuh
Babad Priangan
Babad Cijulang
Tokoh Siliwangi dina sajarah Sunda kaasup tokoh anu ngadegkeun......
Karajaan Sunda
Karajaan Galuh
Karajaan Kawali
Karajaan Pajajaran
Karajaan Salakanagara
Minangka wangun carita, dina babad teh bakal kapanggih ayana galur carita. Ieu di handap anu henteu kaasup kana wanda galur carita, nya eta......
galur merele, galur bobok tengah, galur mundur
galur bobok tengah, galur ngacak, galur pandeuri
galur ngacak, galur, merele, galur mundur
galur maju, galur pandeuri, galur tengah
galur maju, galur ngacak, galur pandeuri
Carita babad teh biasana ditulis dina wangun......
Guguritan
Sisindiran
Wawacan
Carpon
Sajak
Nurutkeun sawatara carita babad, karajaan anu kungsi ngadeg di tatar Sunda teh......
Sriwijaya
Majapahit
Mataram
Pajajaran
Kutai
Ieu di handap mangrupa alesan babad teu bisa dijadikeun sumber sajarah nu utama, iwal ti …
babad teh sabangsa sajarah anu henteu teges hostorina.
henteu beunang dicekel deleg dokumentasina
palaku jeung tempat kajadian aya dina sajarah
sakapeung carita babad ngandung hal-hal anu teu asup akal
Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna
Carpon
Dongéng
Skétsa
Fiksimini
Biografi
Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng
Parabel
Légénda
Sage
Mite
Babad
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng nyaéta
Sakabéh eusi caritana bohong
Teu jelas anu ngarangna (anonIm)
Sumebarna tatalépa sacara lisan
Ngandung unsur-unsur pamohalan
Awalna kagolong kana sastra tulisan
Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita nyaéta
Téma
Palaku
Purwakanti
Galur
Latar
Dongeng anu nyaritakeun jalma dina masyarakatna jeung dina sajarahna. Disebut...
Fabel
Farabel
Sasakala
legenda
karisma
dongeng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan, disebut...
fabel
farabel
sasakala
mite
legenda
dongeng anu nyaritakeun asal muasal kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan
sasakala
mite
fabel
farabel
pamohalan
nyaritakeun naon dongeng nu aya dina gambar?
Sasakala Tangkuban Parahu
Sasakala Sangkuriang
Sasakala Situ Bagendit
Sasakala batujajar
sasakala leles
Gambar di luhur ka asup kana dongeng....
Sasakala
Parabel
Fabel
Sage
Pamuk
Nu dimaksud pamohalan teh nyaeta...
Bagian carita anu kaharti ku akal
Bagian carita anu logis
Bagian carita anu teu kaharti ku akal
Bagian carita anu deskripsina jelas
Bagian carita anu deskripsina teu jelas
Samemeh rea dibukukeun, nyebarna dongeng teh ngaliwatan...
Lisan
Naskah
Prasasti
Panggung teater
Tulisan
Istilah anu nuduhkeun yen hiji karya teu kapaluruh saha nu ngarangna disebut...
Homonim
Akronim
Anonim
Sinonim
Antonim
Unsur intrinsik dongeng anu ngajelaskeun jalan carita dongeng disebut . . . .
Jejer
Amanat
Alur
Palaku
Latar
Dongeng anu ngandung unsur sajarah disebut....
Fabel
Parabel
Legenda
Sage
Mite
Eta gambar di luhur teh ngebrehkeun dongeng....
Fabel
Parabel
Legenda
Sage
mite
Anu kaasup dongeng parabel nyaeta...
Anu kaasup dongeng mite nyaeta....
Dongeng di luhur mangrupa dongeng "sangkuriang", kaasup kana dongeng....
Fabel
Parabel
Legenda
Sage
Mite
Ieu di handap anu kaasup kana ciri-ciri dongeng, nyaeta....
ditulis dina wangun puisi
sumebarna sacara tinulis
sakabeh eusina bohong
ngandung unsur pamohalan
mikabutuh diksi nu tangtu
Baca dongéng ieu di handap pikeun ngajawab patalekan!
......
Saperti biasa, unggal soré merak-merak jalu sok némbongkeun kamonésanana, paalus-alus mébérkeun buntutna, pangpangna pikeun ngirut merak bikang. Si Candrika ogé teu tinggaleun. Malah aya leuwihna, lantaran manéhna hayang némbongkeun kabungahna pédah geus jadi merak bari sari-sari mupuas ka bangsa gagak, bangsana sorangan anu dipikaijid pédah buluna teu éndah. Si Candrika leuwih motah ti merak-merak séjén.
Tayohna mah sagala tindak-tanduk Si Candrika disérangkeun ku kokolot merak di dinya. Kokolot merak nyampeurkeun si Candrika, terus nyarta. Pokna “Ké heula, Lur, ari andika téh merak timana? Siga lain bangsa urang”
Si Candrika kacida reuwansna “Ti dieu, ti ieu leuweung!” témbal Candrika gugup....
Dongéng di luhur kaasup kana jenis dongéng....
Fabel
Parabel
Legenda
Sage
Mite
Baca dongéng ieu di handap pikeun ngajawab patalekan!
.....
Saperti biasa, unggal soré merak-merak jalu sok némbongkeun kamonésanana, paalus-alus mébérkeun buntutna, pangpangna pikeun ngirut merak bikang. Si Candrika ogé teu tinggaleun. Malah aya leuwihna, lantaran manéhna hayang némbongkeun kabungahna pédah geus jadi merak bari sari-sari mupuas ka bangsa gagak, bangsana sorangan anu dipikaijid pédah buluna teu éndah. Si Candrika leuwih motah ti merak-merak séjén.
Tayohna mah sagala tindak-tanduk Si Candrika disérangkeun ku kokolot merak di dinya. Kokolot merak nyampeurkeun si Candrika, terus nyarta. Pokna “Ké heula, Lur, ari andika téh merak timana? Siga lain bangsa urang”
Si Candrika kacida reuwansna “Ti dieu, ti ieu leuweung!” témbal Candrika gugup. ...........
Judul dongéng di luhur nyaéta......
Gagak buluna jadi hideung
Gagak hayang jadi merak
Gagak kajajadén
Merak kajajadén
Merak hayang jadi gagak
Baca dongéng ieu di handap pikeun ngajawab patalekan!
......
Saperti biasa, unggal soré merak-merak jalu sok némbongkeun kamonésanana, paalus-alus mébérkeun buntutna, pangpangna pikeun ngirut merak bikang. Si Candrika ogé teu tinggaleun. Malah aya leuwihna, lantaran manéhna hayang némbongkeun kabungahna pédah geus jadi merak bari sari-sari mupuas ka bangsa gagak, bangsana sorangan anu dipikaijid pédah buluna teu éndah. Si Candrika leuwih motah ti merak-merak séjén.
Tayohna mah sagala tindak-tanduk Si Candrika disérangkeun ku kokolot merak di dinya. Kokolot merak nyampeurkeun si Candrika, terus nyarta. Pokna “Ké heula, Lur, ari andika téh merak timana? Siga lain bangsa urang”
Si Candrika kacida reuwansna “Ti dieu, ti ieu leuweung!” témbal si Candrika....
Naon amanah atawa pesen nu nyangkaruk dina dongéng di luhur?
a. Kudu tumarima kana takdir
b. Kudu soméah ka sasama
c. Kudu sabar jeung tawekal
d. Ulah sok kamalinaan
e.Kudu asak tinimbangan
Ieu di handap mangrupa ungkara anu sipatna pamohalan nyaeta....
Sakadang peucang ngajak lumpat ka sakadang tenggek
Sakadang peucang lumpat tarik sataker kebek
Patih Selang Kuning ngalegaan wilayah karajaan Galuh
Patih Selangkuning ngistrenan anjeun jadi raja di Pulo Majeti
Si Kabayan ngala nangka tuluy dipalidkeun ka walungan
Dongeng di luhur mangrupa dongeng nu mekar di tatar Sunda, sarta kaasup kana dongeng....
Fabel
Parabel
Legenda
Sage
Mite
Ieu di handap kaasup kana dongeng sasakala, nyaeta....
Sakadang kuya jeung sakadang monyet
Situ Bagendit
Kean Santang
Nyi Roro Kidul
Sangiang Boros Ngora
Aksara Sunda kaasup kana jenis aksara ..., nyaéta saaksara ngalambangkeun saengang.
Logografis
Fonétis
Silabis
Simbolis
Fonémis
Aksara anu dicontokeun dina prasasti di luhur asalna tina ...
Prasasti Batutulis Bogor
Prasasti Geger Hanjuang Tasikmalaya
Prasasti Cikajang Garut
Prasasti Kabantenan
Prasasti Astana Gedé Kawali Ciamis
Lamun rék nuliskeun angka, kudu dihapit ku ...
Dua gurat condong
Tanda kurung
Dua gurat ajeg
Tanda kekenteng
Dua gurat handap
Ieu di handap wangun aksara Sunda anu mirip, iwal ...
/ta/ jeung /ya/
/wa/ jeung /ha/
/pa/ jeung /fa/
/ba/ jeung /nya/
/ga/ jeung /nga/
Pikeun nuliskeun kecap "imah" diperlukeun rarangkén ...
Pangwisad
Panghulu
Panyuku
Panyecek
Panglayar
Rarangkén nu ditulisna handapeun aksara nyaéta ...
Pangwisad
Panghulu
Panyuku
Panyecek
Panglayar
Rarangkén nu fungsina pikeun ngarobah sora a jadi é, nyaéta ...
Pamepet
Panéléng
Panolong
Panyecek
Paneuleung
Éta kecap di luhur dibacana ...
Sareng
Séroang
Soréang
Koréang
Kéroang
Jumlah Huruf Vokal dina Akasara sunda ngalagena aya ....
5
7
23
24
Jumlah huruf Konsonan dina aksara sunda ngalagena nyaeta aya ...
21
20
19
18
Aksara SA ditambah rarangkén pangwisad, sorana jadi ...
Sang
Sah
Sak
Sar
Sra
Aksara JA ditambah rarangkén panyecek, sorana jadi …
Jak
Jra
Jar
Jah
Jang
