wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sisindiran - JH2

Total questions: 25

Worksheet time: 2hrs 41mins

Name
Class
Date
1.

Sisindiran téh diwangun ku rarakitan, paparikan, jeung kakawihan

a)

Bener

b)

Salah

2.

Dumasar kana eusina, rarakitan jeung paparikan téh eusina aya 3 nyaéta anu ngandung piwuruk, silihasih, jeung sésébréd

a)

Bener

b)

Salah

3.

Tema / eusi sisindiran. Iwal .............

a)

amarah

b)

silih asih

c)

piwuruk

d)

sesebred

4.

Pilih sisindiran mana anu disebut rarakitan !

a)

Lamun rek meuli kaneron

kaditu ka warung dodo

Lamun urang tetep niron

Salawasna bakal bodo

b)

Jalan-jalan ka ciater

Loba tangkal nu ngajajar

Lamun urang hayang pinter

Kudu garetol diajar

c)

Kuring resep kana combro

meulina ti Sukajadi

Kuring resep ka jang Ibro

ngan hanjakal tara mandi

d)

Kuring resep buah kiwi

Hanjakal acan arasak

Kuring resep ka neng dewi

Hanjakal teu bisa masak

5.

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

Sing getol neangan elmu

Nu guna dunya aherat


Upama nilik kana eusina karangan diluhur teh ...............

a)

sesebred

b)

silih asih

c)

guguyon

d)

piwuruk

6.

Lengkepan sisindiran ieu di handap!


Aya meri dina rakit

Boboko wadah bakatul

Lain nyeri ku panyakit

...........................................

a)

Merina lumpat dipeuncit

b)

Kabogoh direbut batur

c)

Boboko murag di dapur

d)

Kabogoh dagang batako

7.

Lengkepan sisindiran ieu di handap!


Sing getol nginum jajamu

Nuguna nguatkeun urat

.............................................

Nuguna dunya ahérat

a)

Sing getol nyiar élmu

b)

Leumpangna dederekdekan

c)

Saha itu muril kumis

d)

Kumisna ngambay laleuran

8.

Lengkepan sisindiran ieu di handap!


Manuk muter dina pager

...........................................

Lamun hayang jadi pinter

Kudu getol ka sakola

a)

Na sukuna aya bola

b)

Na sukuna aya ali

c)

Na sukuna aya daun

d)

Na sukuna aya sireum

9.

Sisindiran asal kecap tina....

a)

sundar-sindir

b)

sisindir

c)

sindir

d)

sindiran

10.

Téks:

Pikasureun dijarumat,

Jarumna harga sasénan.

Saluhureun kudu hormat,

……………………………


Ungkara anu merenah keur ngalengkepan sisindiran di luhur, nyaéta…

a)

Sasama ulah sopan

b)

Hubungan teu dihargaan

c)

Dulur kudu paséa

d)

Sasama kudu ajénan

11.

Ngala térong jeung kalapa,

Dibawa ka kebon cikur.

Nu gondrong jaman ayeuna,

Teu wawuh ka tukang cukur.


Eusi rumpaka diluhur nyaéta sisindiran wangun rarakitan

a)

Bener

b)

Salah

12.

Lamun urang rek ka pasar

ulah mawa duit gope

lamun urang rek diajar

ulah bari ngoprek hape


Sisindiran di luhur kaasup kana jenis ....

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

13.

Unggal hiji sisindiran diwangun ku....padalisan (baris).

a)

dua

b)

opat

c)

dalapan

d)

genep belas

14.

Sing getol nginum jajamu,

nu guna nguatkeun urat.

Sing getol ne'angan elmu,

nu guna dunya akherat.

Bagian cangkang dina sisindiran di luhur nyae'ta....

a)

Sing getol nginum jajamu,

nu guna nguatkeun urat.

b)

Sing getol nginum jajamu,

sing getol ne'angan e'lmu

c)

Sing getol ne'angan e'lmu,

nu guna dunya akhe'rat

d)

Nu guna nguatkeun urat,

nu guna dunya akhe'rat.

15.

Lamun urang ka Cikolé

Moal hésé numpak kahar

Lamun urang hadé gawé

............................................

Ungkara anu merenah pikeun ngalengkepan rarakitan di luhur nya éta..

a)

Moal hésé tumpak kahar

b)

Moal hésé nyiar johar

c)

Moal hésé barangdahar

d)

Moal hésé babayar

16.

Bedana paparikan jeung rarakitan nyaeta ...........

a)

Jumlah engang tiap padalisan kudu dalapan

b)

Lamun rarakitan mah kecap dina awal jajaranana sok dibalikan deui

c)

Sora vokal tungtung padalisan kudu murwakanti

d)

Jumlah padalisana kudu opat

17.

Bongan suku teu mataan

Titajong lebah nu bala

Nyebutkeun duit jutaan

Ongkos ojeg nginjem heula


Eusi sisindiran diluhur nyaeta ....

a)

papatah

b)

piwuruk

c)

sesebred

d)

silih asih

18.

ulah sok nyiar kahulu

bisi aya anu mabok

............................

Bisi aya nu nyabok

a)

ulah jadi jalma liar

b)

ulah osok puak paok

c)

ulah osok gede hulu

d)

Ulah jadi sok gumede

19.

Ka kulah nyiar kapiting

Ngocok lobak bobodasna

Ulah sok liar ti peuting

Osok loba gogodana


Wangun sisindiran di luhur disebut ...

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

d)

Guguritan

20.

Ti peuting dijajar-jajar

Ti beurang dikaparakeun

Ti peuting getol diajar

Ti beurang rajin ngapalkeun


Wangun sisindiran di luhur disebut ...

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Guguritan

d)

Pupujian

21.

Ti Bandung ka Batujajar,

tas angkot sado gantina,

kaduhung ngedul diajar,

geus kolot bodo jadina.

Sisindiran di luhur kaasup kana jenis sisindiran…

a)

wawangsalan

b)

paparikan

c)

rarakitan

d)

sesebred

22.

sawah ngemplang ditanduran

ka huma ngala jarami

ulah renggang duduluran

dasarna silaturahmi


Sisindiran di luhur kaasup wangun...

a)

paparikan

b)

wawangsalan

c)

rarakitan

d)

papantunan

23.

Salila milu ka dinya

teangan roda padati

salila hirup di ....

teangan elmu pangarti

a)

ema

b)

dunya

c)

mitoha

d)

sakola

24.

Lamun poek nyeungeut lilin

teu pati caang seuneuna

ulah ngalobakeun ...

bisi kaduhung ahirna

a)

lilin

b)

kawin

c)

ulin

d)

sare

25.

Ulah ngala cocongoan

Bisi ruksak tangkal manggu

Ulah waka ....

Bisi sakolana kaganggu

a)

sakola

b)

bobogohan

c)

damel

d)

diajar