Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Draft soal tarjamahan

Total questions: 60

Worksheet time: 2hrs 2mins

Name
Class
Date
1.

T

a)

T

b)

R

c)

F

d)

F

2.

Semua siswa diharapkan bisa serius dalam mempelajari Bahasa Sunda.

Tuduhkeun mana kalimah tarjamahan nu merenah tina kalimah di luhur!

a)

Sadaya siswa dipiharep bisa serius dina diajar Bahasa Sunda.

b)

Sadaya siswa diharepkeun bisa serius dina mempelajari Bahasa Sunda.

c)

Sakabéh siswa diharepkeun sangkan serius dina diajar Bahasa Sunda.

d)

Sakabéh siswa dipiharep bisa soson-soson dina diajar Basa Sunda.

e)

Sakabéh siswa diharepkeun bisa soson-soson dina mempelajari Basa Sunda.

3.

Sedikit ngerti ngaku udah paham

Kerja sedikit maunya kelihatan

Otak masih kayak TK kok ngakunya sarjana

Ngomong-ngomongin orang udah kayak jagoan

Tong kosong nyaring bunyinya

Klentang klentong kosong banyak bicara

Oceh sana sini gak ada isi

 

Paribasa Tong kosong nyaring bunyinya sarua hartina jeung …

a)

Tong kosong ditakol

b)

Kohkol kosong ngelentrung

c)

Lodong kosong ngelentrung

d)

Gentong kosong tarik sorana

e)

Gentong kosong ngelentrung

4.

Baca paguneman di handap kalawan saregep!

Nana    : “Basa kamari, aya dulur kuring ti Jakarta, nya kapaksa kuring téh rada mamalayuan.”

Agus     : “Na kumaha kitu?”

Nana    : “Enya bingung kumaha narjamahkeun kana basa Indonesia tina basa Sunda, atuda bingung.”

Nana    : “Cik kumaha kalimahna?”             

Agus     : “Nya ku kuring téh jadi kieu we, silahkan makannya yang dapat.”

Nana    : “Oh ceuk basa Sundana mah ....

          Jawaban nu merenah pikeun paguneman di luhur nya éta…

a)

mangga sing kénging dituang

b)

mangga, sing dituang kénging

c)

mangga, sing dicobian kénging

d)

mangga, sing diraraosan kéngingna

e)

mangga, sing kékéngingan taruangna

5.

Pék tengetan téks tarjamahan di handap!

“ Saya merasa bangga melestarikan Bahasa Sunda.”

Tarjamahan nu bener tina sempalan wacana di luhur nyaéta ….

a)

Kuring ngarasa reueus ngamumulé Bahasa Sunda.

b)

Kuring ngarasa ngeunah ngamumulé Bahasa Sunda.

c)

Kuring ngarasa sugema ngamumulé Bahasa Sunda.

d)

Kuring ngarasa bangga miara Bahasa Sunda.

e)

Kuring ngarasa agul miara Bahasa Sunda.

6.

Tarjamah kalimah “Angin berhembus sepoi-sepoi membelai wajahnya penuh kemesraan” nya éta....

a)

Angin ngagelebug nebak dangdaunan patingarulang lir ngagupayan

b)

Angin niup lalaunan ngusapan beungeut kalawan rasa kadeudeuh.

c)

Angin ngagelebug neumbrag rarayna anu geulis lir widadari.

d)

Angin ngahiliwir ngusapan pameunteuna pinuh kaheman.

e)

Angin ngahiliwir nebak rarayna nu pinuh ku katalangsaraan.

7.

Pilih tarjamahan nu bener sarta merenah tina kalimah Bahasa Indonesia ieu di handap!

Dia itu keras kepala, sulit untuk menerima nasihat orang lain.

a)

Budak nu hésé dipapatahanana téh manéhna

b)

Pangaruh gurat batu, manéhna téh hésé dipapatahanana

c)

Manéh téh wangkelang, babari diwarahna

d)

Maranéna mah gedé hulu, hésé dipapatahanana

e)

Budak téh adigung, hésé diwarahna

8.

Pilih tarjamahan nu bener sarta merenah tina kalimah Bahasa Sunda ieu di handap!

 

Karunya teuing aki na téh, paéh teu hos hirup teu neut.

 

a)

Kakek itu berumur panjang, tapi sendirian

b)

Kasihan nasib aki dia, hidup terus mati

c)

Kasihan sekali kakék yang masih hidup itu

d)

Kasihan itu aki, mati hidup- mati hidup

e)

Kasihan benar kakeknya, hidup enggan mati tak mau

9.

Kiwari mah wayang golék téh geus loba inovasi anu dilakukeunna.

Harti kecap inovasi dina éta kalimah miboga harti …. 

a)

Pangrojong

b)

Kaanéhan

c)

Parobahan

d)

Kamekaran

e)

Kaistiméwaan

10.

Tarjamah tina kalimah Bahasa Sunda “Urang sadaya kedah ngamumulé tur miara Basa, Sastra, Aksara jeung Budaya Sunda” nya éta...

a)

Kita semua harus bangga memelihara Bahasa, Sastra, Aksara jeung Budaya Sunda.

b)

Kita semua harus bangga melestarikan Bahasa, Sastra, Aksara jeung Budaya Sunda.

c)

Kita semua harus memelihara Bahasa, Sastra, Aksara jeung Budaya Sunda.

d)

Kita semua harus melestarikan Bahasa, Sastra, Aksara dan Budaya Sunda.

e)

Kita semua harus merawat Bahasa, Sastra, Aksara jeung Budaya Sunda.

11.

Telah terjadi hujan lebat di daerah Garut yang menyebabkan banyak rumaH tertimbun tanah longsor.

Tarjamah kalimah “Tertimbun tanah longsor” nya éta.....

a)

Kaurugan taneuh  saeur

b)

Kasaeuran urug  taneuh

c)

Kasaeuran taneuh urug

d)

Kaurugan taneuh  beureum

e)

Taneuh kasaeuran urug

12.

Pilih tarjamahan nu bener sarta merenah tina kaliamah Bahasa Indonesia ieu di handap!

Musyawarah itu akhirnya menemui jalan buntu.

a)

Gempungan téh ahirna mah néangan jalan

b)

Ahir tina éta gempungan téh néangan jalan

c)

Gempungan téh geuning di jalan buntung

d)

Gempungan éta néangan jalan buntung

e)

Ahirna mah gempungan téh geuning buntu laku

13.

Mindahkeun hiji basa ka basa séjénna disebut...

a)

Narjamahkeun

b)

Ngawawancara

c)

Nyalin

d)

Ngarékam

e)

Nuliskeun

14.

Prosés narjamahkeun ku cara ngagunakeun alat pikeun narjamahkeunana, disebut...

a)

Semantis

b)

Otomatis

c)

Saduran

d)

Adaptasi

e)

Bébas

15.

Salasahiji wanda-wanda narjamahkeun nyaéta...

a)

Nyalin

b)

Nulis

c)

Maca

d)

Interlinéar

e)

Internalisasi

16.

Prosés narjamahkeun téh dimimitian ku...

a)

Mariksa téks asli, narjamahkeun, mariksa deui hasil tarjamahan

b)

Mariksa téks asli, narjamahkeun, narjamahkeun deui

c)

Mariksa téks asli, Mariksa hasil tarjamahan, narjamahkeun

d)

Mariksa téks asli, teu narjamahkeun, teu mariksa deui

e)

Mariksa téks asli, teu narjamahkeun, mariksa tarjamahan

17.

Kalimah “saya pergi ke pasar”, upama ditarjamahkeun kana basa sunda jadi...

a)

Kuring pergi ke pasar

b)

  Kuring indit ke pasar

c)

Kuring indit menuju pasar

d)

Kuring pergi ka pasar

e)

Kuring indit ka pasar

18.

Paribasa nu mangrupa tarjamahan tina basa Indonesia, nyaeta kecap...

a)

Adam lali tapel

b)

Aya hurang handapeun batu

c)

Wong becik ketitik wong ala ketara

d)

Waktu sarua jeung duit

e)

Gindi pikir belang bayah

19.

Teu anéh budak téh kalakuanna kawas bapana, da ....

Eusian tuluyan tina kalimah diluhur!

a)

ambon sorangan

b)

agul ku payung butut 

c)

uyah mah tara tées ka luhur

d)

adéan ku kuda beureum

e)

ngalamot curuk

20.

Ganti kecap nu dikandelan ku kecap nu merenah!

 

Pék diajar sahingga urang bisa lulus ujian kalawan hasil nu nyugemakeun.

a)

ahirna

b)

awalna

c)

sababna

d)

nepi ka

e)

kuduna

21.

Ganti kecap nu dikandelan ku kecap nu merenah!

Hayu urang panjatkeun puji syukur ka Allah swt.

a)

kocorkeun 

b)

hanjatkeun

c)

taékeun

d)

sanggakeun

e)

limpahkeun

22.

Nalika urang nongton pilem nu ngagunakeun basa nu teu dikawasa ku urang, mangka sok aya téks tarjamahan dialog-dialog aktor atawa pamaéna. Éta téks tarjamahan anu aya dina pilem téh sok disebut...

a)

subtitle

b)

tapsiran

c)

eusi nu dikandung

d)

tipografi

e)

retorika

23.

Téks Pembukaan UUD 1945 nepi ka pasal-pasalna geus ditarjamahkeun kana basa Sunda ku Sekretariat Jéndral jeung Kapaniteraan Mahkamah Konstitusi anu gawé bareng jeung Departemén Pendidikan Basa Sunda, FPBS-UPI. Éta hal mangrupa salasahiji tarékah pamaréntah pikeun...

a)

ngamumulé basa Sunda

b)

teu miroséa kana basa Sunda

c)

ngaculkeun basa Sunda

d)

ngalastarikeun basa Sunda

e)

teu maliré kana basa Sunda

24.

Tengetan sempalan sajak di handap!

Aya nu jajaluk nundutan

Gigireun tétécéan

Panto Gedong Merdéka

Padahal tutumpakan

Tingbaliur taya reureuhna

Heunteu puguh dédéngéan

Sempalan sajak di luhur téh geus ditarjamahkeun kana basa Inggris ku Rosidi jeung Mukherjee dina taun 2001. Mana hasil tarjamahanana kana basa Inggris nu luyu jeung éta sempalan...

a)

In Front of the Freedom Building

b)

There is a beggar half asleep

Beside the steps

of the door to the Freedom Building

c)

There is a beggar half asleep

Beside the steps

Of the door to the Freedom Building

While the traffic

Passes to and from ceaselessly

In an unintelligible din

d)

When a loud sound ring out

A car brake too quickly applied

The beggar starts awake

Sits up and feels about

His up-turned bamboo hat still empty

He settles back sleepy

e)

Could be has keeping the dream

The spirit of Bandung

25.

Lengkah-lengkah nyieun tarjamahan nu tartib nyaéta...

1. Narjemahkeun luyu jeung padika/aturanana

2. Maca téks dina jero haté (maca ngilo)

3. Maham kana galur carita atawa eusi téks nu dipilih

4. Nyiapkeun téks anu rék ditarjamahkeun

5. Mariksa hasil narjamahkeunana

a)

5 – 2 – 3 – 1 – 4

b)

1 – 2 – 5 – 3 – 4

c)

1 – 2 – 5 – 3 – 4

d)

4 – 2 – 3 – 1 – 5

e)

4 – 2 – 3 – 5 – 1

26.

1. Nurutkeun Widyamartaya & Sudiati (2005) wanda tarjamahan téh aya genep, nyaéta

(1) Tarjamahan interlinéar anu narjamahkeun unggal kecapna tur biasana hasil tarjmahanana hésé dipikaharti sabab kekecapan tina basa anyar tapi susunan kecap jeung kalimahna nuturkeun basa sumberna,

(2) Tarjamahan formal (harfiah) tarjamahan tradisional, anu ilaharna mindahkeun basa naskah tina basa sumber bari teu pagu kana kahususan basa sasaran (basa anyar) nepi ka hasil tarjamhanana leuwih ngutamakeun basa aslina sanajan sakapeung hartina karasa kurang merenah dina basa sasaran (anyar),

(3) Tarjamahan dinamis/fungsional (idiomatis), mangrupa prosés mindahkeun basa anu ngutamakeun ma'na anu dikandung tina basa sumberna,

(4) Saduran nyaéta hasil tarjamahan anu sakur mawa amanat atawa eusi caritana wungkul, ari ditepikeunana mah sacara bébas kumaha nu narjamahkeunana,

(5) Tarjamahan budaya anu narjamahkeun ma'na tapi ngaluyukeun jeung kabudayaan sasaran (basa anyar) atawa ngama'naan dumasar kabudayaanana (cultural interpration), jeung

(6) Tarjamahan otomatis anu dina prosés narjamahkeunana ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa naskah (basa sumber) kana basa sasaran (basa anyar).

Tina wanda narjamahkeun di luhur, mana anu biasa digunakeun nalika narjamahkeun hiji basa ka basa séjén sacara langsung ngagunakeuun aplikasi atawa alat narjamahkeun tur hasil tarjamahanana biasana teu pakpak pisan jeung basa sumberna?

a)

tarjamahan otomatis

b)

tarjamahan budaya

c)

saduran

d)

tarjamahan interlinéar

e)

tarjamahan formal

27.

Karya sastra Sunda hasil tarjamahan anu mawa amanat atawa eusi caritana wungkul téh salasahiji karyana nyaéta novél Saija Multatuli. Upama ditengetan, novél Saija Multatuli anu ditarjamahkeun tina salasahiji bab novél Max Havelaar anu judulna Saijah karya Éduard Douwes Dékker anu ditarjamahkeun ku RTA. Soenarja dina narjamahkeunana ngagunakeun wanda tarjamahan…

a)

saduran

b)

tarjamahan otomatis

c)

tarjamhan formal

d)

tarjamhan dinamis/ idiomatis

e)

tarjamhan budaya

28.

Aya tilu kamampuh anu kudu dipibanda ku anu rék narjamahkeun, salasahijina nyaéta kamampuh sosiolinguistik. Pangna nu narjamahkeun kudu mibanda éta kamampuh téh kusabab…

a)

sabisa-bisa hasil tarjamahan téh bisa pakpak pisan jeung ma’na naskah anu rék ditarjamahkeuna

b)

bisa ngalarapkeun basa sumber kana basa sasaran (basa anyar) anu luyu jeung kaayaan masarakatna

c)

basa anyar mibanda diksi (kecap pinilih) anu luyu jeung susunan naskah/téksna (basa asal).

d)

ma’na anu ditepikeunana téh bisa sagemblengna sarwa jeung basa sumberna.

e)

Kalimah anu diruntuy tina kumpulan kecapna miboga amanat atawa eusi nu sarwa jeung téks sumberna.

29.

Dumasar kagunaanana, media pikeun narjamahkeun téh kabagi kana tilu, nyaéta anu gunana pikeun néangan sasaruaan kecap, ayana istilah-istilah husus, jeung nu miboga tujuan umum. Ieu média téh dipikabutuh ku anu rék narjamahkeun, komo deui upamana anu narjamahkeun téh can paham kana salasahiji basana. Tina sempalan di luhur, média naon anu dimaksud…

a)

kamus

b)

kamus istilah

c)

kamus dwibasa

d)

kamus umum

e)

buku

30.

Nalika narjamahkeun, urang bisa ngagunakeun kamus pikeun ngénténgan dina prosés narjamahkeunana anu mibanda rupa-rupa jinis dumasar eusina. Kamus anu cocog dipaké pikeun manggihan hal dina hiji widang paélmuan husus nyaéeta kamus...

a)

umum

b)

istilah

c)

dwibasa

d)

palenggeran éjahan basa Sunda

e)

pakeman basa

31.

Kamus nu aya dina éta gambar kaasup kana kamus jinis...

a)

dwibasa

b)

umum

c)

istilah

d)

palanggeran éjahan basa Sunda

e)

pakeman basa

32.

Mana waé kecap serepan nu saluyu jeung asal kecapna!

(1) Masalah (Arab)

(2) Sihir (Arab)

(3) Aérob (Walanda)

(4) Kartun (Walanda)

(5) Fase (Inggris)

(6) Aerodinamika (Inggris)

a)

(1), (2), (3), (4)

b)

(1), (2), (3), (5)

c)

(1), (2), (3), (6)

d)

(2), (3), (4), (5)

e)

(2), (3), (4), (6),

33.

Mekarna élmu pangaweruh jeung téhnologi, kiwari paribasa nu dipaké nepi ka aya anu meunang narjamahkeun ti basa séjén. Paribasa mana waé anu asup kana hasil tarjmahan ti basa séjén!

(1) Nyaah ka lemah cai sabagéan tina iman

(2) cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok

(3) Waktu sarwa jeung duit

(4) Adam lali tapél

(5) Cul dogdog tinggal igel

(6) Aya hurang handapeun batu

a)

(1), (2), (3), (4)

b)

(3), (4), (5), (6)

c)

(1), (3), (4), (6)

d)

(1), (4), (5), (6)

e)

(2), (3), (4), (6)

34.

Tina éta gambar bisa katitén yén mangrupa jinis kamus...

a)

istilah

b)

umum

c)

dwibasa

d)

pakeman basa

e)

palanggeran éjahan basa Sunda

35.

Kecap serepan mana waé anu asalna tina kecap basa Arab teh?

a)

jaman, adan, kias, idin, kuat

b)

jaman, adan, kias, fase, tikét

c)

jaman, adan, kias, pasén, fase

d)

adan, kias, idin, pasén, tikét

e)

adan, kias, idin, kuat, fase

36.

Titénan kecap serepan di handap!

classification --> klasifikasi,

construction --> kontruksi,

cubic --> kubik

central --> séntral,

circulation --> sirkulasi

coelom --> sélom,

cylinder --> silinder

dumasar kana cara nulis kecap serepan tina kecap asalna di luhur. Naon anu bisa ku urang dijadikeun patokan dina ngarobah hurup mimitina jadi "k" atawa "s" sok sanajan kecap asalna sarwa dimimitian huru "c"?

a)

dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup e, i, oe, atawa y robah hurup mimitina tina "c" jadi "k"

b)

dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup e, i, oe, atawa y robah hurup mimitina tina "c" jadi "s"

c)

dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup a, o, atawa u, robah hurup mimitina tina "c" jadi "s"

d)

dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup a, o, atawa u, robah hurup mimitina tina "c" jadi "y"

e)

dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup a, o, atawa u, robah hurup mimitina tina "c" jadi "q"

37.

Di hiji leuweuh geledegan, aya dua tangkal kiara anu kacida gedéna. Perenahna di sisi sampalan paranti sato jarah nyatuan. Éta tangkal kiara téh sok dipaké panonoban bangsa manuk. Anu hiji panonoban bangsa gagak, anu hiji deui panonoban bangsa merak.

Unsur intrinsik naon baé anu aya dina sempalan dongéng di luhur?

a)

tokoh

b)

latar, tokoh

c)

tokoh, amanat

d)

latar

e)

jejer, latar

38.

Ari sababna si Candrika teu daék betus ka sasaha, ditanya ku itu ku ieu téh angger ngabetem.

“Keun baé antepkeun, meureun keur mangsa mangkat birahi” ceuk kokolot gagak.“Teu umum Olot,” ceuk gagak séjén. “Anu keur mangkat birahi mah biasana sok leuwih motah!”“Sing inget, Si Candrika mah béda jeung batur-baturna, tong disaruakeun jeung gagak anu biasa-biasa atuh!”“Enya ari kitu téa mah, anu loba kaleuwihan mah biasana ogé sok loba kaanéhan”. Antukna si candrika pada ngantep. “Keun, engké ogé cageur sorangan!” Ceuk kokolot gagak.

Ieu di handap kaayaan anu luyu jeung sempalan dongéng di luhur nyaéta?

a)

Si Candrika keur begér

b)

Si Candrika téh bangsa gagak

c)

Si Candrika motah pisan

d)

Kokolot gagak ngadeukeutan Si Candrika

e)

Si Candrika betus ka kokolot gagak

39.

Unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur carita, nyaéta….

a)

tema

b)

palaku

c)

tokoh

d)

latar

e)

purwakanti

40.

“Leuh tada teuing resepna lamun aing jadi merak. Bulu éndah, patinggurilap mun katénjo panonpoé. Na ari aing, bulu hideung lestreng, suku pacér, pamatuk gedé, meni teu mararatut!” ceuk si Candrika dina haténa.

Pasipatan Si Candrika anu kagambar dina sempalan dongéng di lihur nyaéta?

a)

bageur

b)

adigung

c)

narima kaayaan dirina

d)

teu narima kaayaan dirina

e)

bageur

41.

Hiji poé Si Candrika hiber néangan kahakanan, bari angger mikiran kahayangna, hayang jadi merak. Barang ngaliwat kahiji walungan, manéhna nénjo baju merak, nambru disisi walungan. Ku manéhna di deukeutan. “Kamana anu bogana?” Si Candrika ngomong sorangan. Luak-lieuk euweuh sasaha. Buru-buru baé baju merak téh disamber, dibawa hiber kanu jauh tidinya. Clé dina tangkal anu suni. Rap baju merak téh dipaké. Logor teuing, waktu dicobaan 1.     dipaké hiber téh kokoplokan. “Kawasna mah kudu dirapet!” 

Ieu di handap mangrupa hal pamohalan anu aya dina sempalan dongéng di luhur, iwal.…

a)

Si Candrika hiber néangan kahakanan

b)

Si Candrika salin jinis jadi merak

c)

Si Candrika manggih baju merak sisi walungan

d)

Si Candrika make baju merak kana awakna

e)

Baju merak bisa coplok tina awak merak

42.

Ana pok teh Si Candrika ngomong “Tunya-tanya teuing atuh!”

“Pilakadar nanya, wajar wéh da urang téh tatangga,” tembal si Culindra.

“Tatangga sih tatangga, tapi bangsa andika mah teu pantes cacampuran jeung bangsa merak. Sing ngarumasakeun manéh wé atuh, boga rupa goréng patut, bulu hideung lestreng, teu béda ti areng! Béda pisan jeung bangsa kuring mah. Sirah dimakuta kukuncung, buntut hurang-hérang, éndah taya babandinganana!”

Dumasar sempalan dongéng di luhur sipat Si Candrika nyaéta….

a)

rapékan

b)

soméah

c)

berewit

d)

adigung

e)

korét

43.

Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng….

a)

fabel

b)

farabel

c)

mite

d)

sasakala

e)

sage

44.

1.     Si Kabayan ka Puskesmas

Éta mah si Kabayan meni unggal poé Kemis ka Puskesmas téh, teu aya pikir kadua, sagedé carangka da buktina, geus puguh rieut ka Dokter, nyeri beuteung ka Dokter, digégél sireum ogé ka Doktér, rorombéheun ogé disuntik. Pokona mah sagala ka dokter.

Ayeuna duka deuk naon geus andéprok deui waé.

Dokter  : “Aya naon deui manéh Kabayan?”

Kabayan: “Sumuhun badé nyungkeun landong” Ceuk si Kabayan bari palaya-peleyé.

“Ieu aya anak beurit di jero beuteung”

Dokter: “Duh karunya teuing, di dieu mah teu sadia ubarna Kabayan. Cing cobaan ayeuna mah neureuy anak ucing hirup-hirup, sangkan éta anak beurit anu dijero beuteung téh ditewak”

Kalimah di handap ieu anu kaasup kana kalimah parentah anu diluhur nyaéta....

a)

Aya naon deui manéh Kabayan?

b)

Ieu aya anak beurit di jero beuteung

c)

Cing cobaan ayeuna mah neureuy anak ucing hirup-hir

d)

Si Kabayan bari palaya-peleye.

e)

sangkan éta anak beurit anu dijero beuteung téh ditéwak

45.

Mana anu bener ngeunaan dongéng ieu di handap?

a)

Dongéng sasakala nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.

b)

Dongéng parabel nya éta dongéng  anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upama baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran.

c)

Dongéng mite nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah.

d)

Dongeng fabel nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun jalama biasa

e)

Dongéng babad nya éta dongéng anu patali jeung kapercayaan masarakat

46.

1.          Di Jawa Timur aya lembur anu ngaranna Bubat. Aya anu nyangka pangna dingaranan kitu téh, lantaran baheulana di dinya kungsi aya riributan nu ngabubat-babit pedang. Nyaéta dina waktu balad Sunda perang campuh jeung balad Majapait. Éta kajadian katelah baé Perang Bubat. Caritana sakumaha anu rék dicaritakeun ayeuna.

Waktu Prabu Hayam Wuruk dijenengkeun Jadi Raja di Karajaan Majapait, yuswana kaétang anom kénéh pisan. Malah nepi ka sawatara taun ti harita, tetep baé henteu kagungan praméswari. Éta hal ku sapangeusi karaton, katut abdi-abdina di Karajaan Majapait, dianggap ngurangan komara nu jeneng raja.

Ku sabab kitu, parasepuh jeung parayogi, geus ngémutan kalayan hormat, sangkan Kangjeng Raja énggal kagungan garwa. Ari walerna, sanés teu kersa kagungan garwa, nanging teu acan aya anu cop sareng manahna. Pirang-pirang putri anu gareulis, putra bupati, malah aya putra raja, anu sasatna mah bari dibaktikeun ka Sang Raja, henteu aya hiji ogé anu kamanah.

Nilik kana carita jeung tokohna, dongéng di luhur mangrupa dongéng….

a)

fabel

b)

parabel

c)

mite

d)

sage

e)

sasakala

47.

Tarjamahan anu paling bener tina kalimah “Ibu pergi ke pasar” nyaéta….

a)

Pun Bapa angkat ka Pasar

b)

Pun Bapa mios ka Pasar

c)

Pun Biang angkat ka Pasar

d)

Pun Biang mios ka Pasar

e)

Ema nuju ka Pasar

48.

“Paman saya memakai baju sangat rapih”. Tarjamahan anu paling bener tina éta kalimah nyaéta….

a)

Amang abdi maké baju rapih pisan

b)

Mamang kuring dibaju rapih pisan

c)

Pun Paman maké acuk rapih pisan

d)

Pun Paman nganggé acuk rapih pisan

e)

Pun Paman nganggé raksukan rapih pisan

49.

.“Kreatifitas dalam belajar merupakan salah satu hal yang penting. “ Tarjamahan  basa Sunda tina kalimah di luhur anu paling merenah nya éta....

a)

Kréatifitas dina diajar mangrupa salasahiji hal anu penting

b)

Kréatifitas dina diajar mangrupakeun salasahiji hal anu penting

c)

Kréatifitas dina diajar mangrupakeun salasahiji hal anu penting

d)

Kaparigelan dina diajar mangrupa salasahiji hal anu penting

e)

Kaparigelan dina diajar mangrupakeun salasahiji hal anu penting

50.

Tarjamahan tina paribasa “dari mulut ke mulut” nyaéta….

a)

tina biwir ka biwir

b)

tina cangkem kana cangkem

c)

cacarita

d)

tina lisan kana lisan

e)

tatalépa

51.

Tarjamahan nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén, atawa istilahna....

a)

Alih bahasa

b)

Alih kecap

c)

Alih aksara

d)

Alih basa bébas

e)

Alih caritaan

52.

Kecap takwa mangrupa kecap serepan tina basa….

a)

Indonesia

b)

Arab

c)

Sunda

d)

Turky

e)

Madinah

53.

Tarjamahan tina amis daging nyaeta….

a)

daging yang manis

b)

manis dagingnya

c)

memiliki daging yang manis

d)

mudah terkena panyakit kulit

e)

selalu berwajah manis dalam kehidupan

54.

Tarjamahan tina paribasa béngkok tikoro nyaéta ....

a)

tenggorokan yang bengkok

b)

bengkok tenggorokan

c)

tidak kebagian makan karna telat datang

d)

tenggorokan yang melengkung

e)

tenggorokan manusia yang melengkung

55.

Tarjamahan tina paribasa agul ku payung butut nyaeta ....

a)

sombong dengan silsilah keluarga atau keluarga sendiri

b)

keluarga yang punya payung sudah jelek

c)

sombong dengan paying jelek

d)

punya payung yang rusak

e)

Bahagia punya payung rusak

56.

Tarjamahan bentik curuk balas nunjuk nyaeta ....

a)

jari telunjuk sedang menunjuk

b)

jari telunjuk membalas telunjuk

c)

suka memarahi orang lain

d)

suka menyuruh-nyuruh orang lain

e)

suka meminta-minta padahal mampu

57.

Tarjamahan tina kalimah "dia sedang bermain di halaman rumah" nyaѐta ....

a)

Manѐhna keur ulin di tukangeun imah

b)

Manѐhna keur ulin hareupeun imah

c)

Manѐhna keur ulin di buruan imah

d)

Manѐhna keur ulin di jero imah

e)

Manѐhna keur ulin di luar imah

58.

"Mugia ibu ѐnggal damang" kalimah anu dicѐtak miring kaasup kalimah ....

a)

Panitah

b)

Panggeuri

c)

Pangharepan

d)

Pangwawadi

e)

Pangjurung

59.

Saya anak pertama dari tiga bersaudara.

Tarjamahkeun kana basa sunda...

a)

Kuring anak sulung ti tilu dulur

b)

Kuring anak cikal ti tilu duduluran

c)

Kuring anak cikal ti tilu sadulur

d)

Kuring anak bungsu ti tilu sadulur

e)

Kuring anak pangais bungsu ti tilu dulur kuring

60.

“Manehna keur ulin di buruan imah.” Tarjamakeun kana bahasa indonesia...

a)

Dia sedang main-main di teras rumah

b)

Dia sedang bermain di depan rumah

c)

Dia sedang bermain di halaman rumah

d)

Dia sedang bermain di teras rumah

e)

Dia sedang bermain di taman rumah