wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN BASA SUNDA KELAS XII

Total questions: 25

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Ngaje'n atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku atawa film, disebutna ....

a)

ngarang

b)

re'se'nsi

c)

kekecapan dina Basa Sunda

d)

kalimah Basa Sunda

e)

karangan Basa Sunda

2.

  • - Mikaweruh ngeunaan kaunggulan jeung kahengkaran buku atawa film anu dire'se'nsi.

  • - Maparinan gambaran ka pamaca atawa kanu re'k lalajo ngeunaan hiji buku atawa film sacara singget.

  • - Ngasongkeun saran atawa kritik ka nu nulis buku atawa sutradara film ngeunaan karya anu dihasilkeunana.

  • - Mikaweruh kasang tukang jeung alesan digelarkeunana hiji karya, boh buku, boh film.

  • - Nguji kualitas hiji buku atawa film ku cara dianalisis kaunggulan jeung kahengkeranana.
    Parnyataan di luhur mangrupakeun naon dina re'se'nsi ....

  • -

a)

pengertian

b)

parsyaratan

c)

tujuan

d)

kekecapan

e)

kalimah

3.
  • - Pikeun ngasongkeun informasi ka masyarakat ngeunaan buku atawa film, ngeunaan kaunggulan jeung kahe'ngke'ranana.

  • - Ngajak masyarakat (pamaca, nu lalajo) sangkan milu ngaje'n jeung me're' tinimbangan kana eusi buku atawa film.

  • Parnyataan di luhur mangrupakeun ... re'se'nsi

a)

kaayaan

b)

kautamaan

c)

kaunggulan

d)

kahe'ngke'ran

e)

kagunaan

4.

Mangrupakeun re'se'nsi anu ditepikeun kalawan umum tur singget tina sagemlengna buku. Ieu parnyataan mangrupakeun wanda re'se'nsi nu disebut ....

a)

informatif

b)

de'skriptif

c)

kritis

d)

definisi

e)

eksposisi

5.

Re'se'nsi anu ngulas wincikan buku kalawan ngagunakeun me'todologi e'lmu kaweruh nu tangtu. Ieu parnyataan mangrupakeun wanda re'se'nsi nu disebut ....

a)

de'skriptif

b)

informatif

c)

definisi

d)

kritis

e)

narasi

6.

Re'se'nsi anu medar atawa ngabahas tiap bab atawa eusi buku kalawan wincik (detail). Ieu parnyataan mangrupakeun wanda re'se'nsi nu disebut ....

a)

kritis

b)

de'skriptif

c)

informatif

d)

narasi

e)

definisi

7.
  • - Milih buku nu re'k dire'se'nsi.

  • - Maca kalayan daria buku nu re'k dire'se'nsi.

  • - Catetkeun hal-hal anu pikatajieun tina buku nu dibaca.

  • - Catetkeun naon pandangan hidep, naha e'ta buku teh pas atawa henteu di baca.

  • - Tulis judul re'se'nsi hidep.

  • Ieu parnyataan di luhur mangrupakeun ... re'se'nsi

a)

kagunaan

b)

kawajiban

c)

lengkah mun re'k nyusun re'se'nsi

d)

kaunggulan re'se'nsi

e)

kahe'ngke'ran re'se'nsi

8.

Tulisan anu eusina tinimbang atawa pedaran ngeunaan kaayaan hiji karya saperti buku, film anu kakara muncul. Ieu parnyataan mangrupakeun pengertian tina ....

a)

re'se'nsi

b)

re'se'nsi buku

c)

re'se'nsi pilem

d)

kagunaan re'se'nsi

e)

nulis re'se'nsi

9.

Dina nulis re'se'nsi hal-hal naon wae' nu kudu diperhatikeun ....

a)

Wanda buku anu dire'se'nsi, nuliskeun identitas buku, medar ngeunaan eusi buku, medar ngeunaan kaunggulan jeung kahe'ngke'ran eusi buku, medar ngeunaan mangpaat buku keur macaeun balare'a, ngajudulan re'se'nsi.

b)

Wanda buku anu dire'se'nsi, nuliskeun identitas buku, medar ngeunaan eusi buku.

c)

Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahe'ngke'ran eusi buku, medar ngeunaan mangpaat buku keur macaeun balare'a.

d)

Medar ngeunaan mangpaat buku keur macaeun balare'a, ngajudulan re'se'nsi.

e)

Ngajudulan re'se'nsi.

10.

Karangan re'se'nsi mibanda adegan atawa sistematika nu tangtu, di antarana wae' nyae'ta ....

a)

Judul re'se'nsi.

b)

Ide'ntitas buku atawa film.

c)

Ringkesan eusi buku atawa carita film.

d)

Kapangarangn atawa kaaktoran.

e)

Judul re'se'nsi, ide'ntitas buku atawa pilem, ringkesan eusi buku atawa carita pilem, kapangarangn atawa kaaktoran, jeung kaunggulan, kahe'ngke'ran.

11.

Ieu di handap hal-hal anu henteu kaasup kana cara-cara dina nepikeun kritik nyae'ta ....

a)

Kaunggulan jeung kahe'nghe'ran ditepikeunana kudu saimbang atawa proposional.

b)

kudu sopan dina ngedalkeun kateupanuju atawa kateusugema.

c)

Te'mbongkeun rasa resep atawa teu resep sawajarna.

d)

Singkahan jejer (pasualan) nu sipatna pribadi atawa ulah ngeritik kana pasualan pribadi.

e)

Bisa ngan nepikeun kahe'ngke'ran atawa kagore'ngan karya anu dikritik.

12.

Ieu di handap hal-hal anu henteu kaasup kana cara-cara dina nepikeun kritik, nyae'ta ....

a)

Nuliskeun identitas buku.

b)

Medar ngeunaan eusi buku.

c)

Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahe'ngke'ran eusi buku.

d)

Nepikeun kaayaan pribadi nu ngarang buku.

e)

Medar ngeunaan mangpaat buku keur bacaeun balare'a.

13.

Karya sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palaku, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan se'je'nna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran) disebutna ....

a)

te'ater

b)

film

c)

drama

d)

sine'tron

e)

gending karesme'n

14.

Dina drama omongan palaku anu silihte'mpas disebutna ....

a)

dialog

b)

monolog

c)

prolog

d)

e'pilog

e)

adegan

15.

Dina drama palaku ngomong sorangan disebutna ....

a)

dialog

b)

monolog

c)

prolog

d)

e'pilog

e)

sosiolog

16.

Drama "Tukang Asahan" nyae'ta drama anu nyaritakeun ngeunaan tukang dagang asahan nu kekeleyengan kaditu kadieu. Tukang Asahan mangrupakeun naskah drma nu ditulis ku ....

a)

Ajip Rosidi

b)

Ahmad Bakri

c)

Utuy Tatang Sontani

d)

Wahyu Wibisana

e)

Ibing Kusmayatna

17.

Naskah drama "Masyitoh" mangrupakeun naskah karengan ....

a)

Utuy Tatang Sontani

b)

Ajip Rosidi

c)

Ahmad Bakri

d)

Ibing Kusmayatna

e)

Wahyu Wibisana

18.

"Raja pati jeung Lebe Kabayan" mangrupakeun naskah drma karangan ....

a)

Wahyu Wibisana

b)

Ajip Rosidi

c)

Ahmad Bakri

d)

Utuy Tatang Sontani

e)

Ibing Kusmayatna

19.

Drama anu paguneman, palaku digurat dina wangun tembang atawa kawih mangrupakeun ....

a)

drama

b)

palaku

c)

gending karesme'n

d)

panokohan

e)

jalma-jalma

20.

Lutung kasarung mangrupakeun naskah gending karesme'n karangan ....

a)

Rd. Kartabrata

b)

Sayudi

c)

Rd. Makhyar Anggakusumadinata

d)

R. Me’me’d Sastrahadiprawira

e)

D. Suriasaputra

21.

Lutung kasarung mangrupakeun naskah gending karesme'n karangan ....

a)

D. Suriasaputra

b)

R. Me’me’d Sastrahadiprawira

c)

Rd. Makhyar Anggakusumadinata

d)

Sayudi

e)

Rd. Kartabrata

22.

"Sarkam-Sarkim" mangrupakeun naskah gending karesme'n karangan ....

a)

Rd. Kartabrata

b)

Sayudi

c)

Rd. Makhyar Anggakusumadinata

d)

R. Me’me’d Sastrahadiprawira

e)

D. Suriasaputra

23.

Syarif : Buru lalaunan-lalaunan!
Asep : Buru bantuan! lain lalaunan-lalaunan!
Syarif : Sip atuh, urang gancang asupkeun kana karung!
Asep : Bawa tuh kate'l jeung sosodok!
Cutatan di luhur dina naskah drama kaasup kana bage'an ....

a)

babak

b)

adegan

c)

prolog

d)

e'pilog

e)

dialog

24.

Dina sine'tron sok aya palaku anu ngagerenyem dina je'ro hate' nepikeun pamaksudan ka diri sorangan disebutna .....

a)

dialog

b)

monolog

c)

prolog

d)

e'pilog

e)

sosiolog

25.

Palaku nu aya dina pintonan drama disebutna ....

a)

lakon

b)

balare'a

c)

babaturan

d)

jalma

e)

kulawarga