NEW
Font size
WorksheetsSAS BASA SUNDA KELAS VIII
Total questions: 50
Worksheet time: 3hrs 30mins
Warta téh nya éta katerangan atawa béja anu ditepikeun ka...
Balaréa
Pribadi
Kelompok
Kulawarga
Éta katerangan atawa béja bisa jadi warta téh upama...
Ditulis ku wartawan
Dimuat dina média mass
Dikirimkeun ka média massa
Dibaca ku balaréa
Sikep anu nulis rumpaka kawih nu karasa ku nu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih, nalangsa, bungah kaasup kana…
Téma
Nada
Rasa
Amanat
Naon ari nu dimaksud rumpaka téh?
Lirik
Nada
Sajak
Tulisan
Pananya pikeun nomer 5-7!
BANDUNG LEMBANG
Bandung Lémbang
Puseur kaéndahan
Diriung ku gunung-gunung
Gunung sasakala sunda
Sunda jaya nu baheula...
Pasualan poko anu dicaritakeun dina rumpaka kawih “Bandung Lémbang” dil uhur nya éta...
Bandung lémbang téh éndah
Di bandung lembang loba gunung
Di Bandung lembang aya gunung sasakala
Di Bandung aya gunung sunda jaya
Bandung lémbang téh sok jadi...
Patempatan
Pamiangan
Pangjugjugan
Pangirut
Dina kalimah "Puseur kaéndahan" puseur hartina...
Tengah
Palebah
Sisi
Gigir
Pananya pikeun nomer 8-9!
KARANTAGAN PAHLAWAN
Teu honcéwang
Sumoréang
Tékadna pahlawan bangsa
Cadu mudur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tégang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban mérdéka
Rumpaka kawih karantagan Pahlawan nyaritakeun...
Pahlawan anu perlaya (gugur)
Tékad pahlawan ngabéla bangsa
Pahlawan anu ka sohor
Para pahlawan nu hayangeun perang
Pahlawan bajoang keur...
Laki rabi
Lemah cai
Ménta pamulang
Tanda jasa
Unsur-unsur intrinsik kawih nya éta, iwal ti...
Tema
Rasa
Wiletan
Pada
Bédana Kawih jeung tembang nya éta...
Kawih mah teu kauger ku rupa-rupa aturan, tembang mah kauger ku aturan nya éta aturan pupuh
Tembang mah lalaguanan jaman kiwari, kawih mah lalaguan tos lami
Kawih mah tradisional, tembang mah modern
Kawih mah maké sindén, tembang mah meunang ku saha waé
Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nya éta kajadian...
Anu dianggap penting pikeun urang
Anu dianggap penting pikeun kulawarga urang
Anu dianggap penting pikeun pamimpin
Anu dianggap penting pikeun saréréa
Dina warta aya unsur-unsur anu disebut...
W + H
5W + 1H
5H + 1W
5WH + 5H
"Lanceukna mah geulis ..... Adina mah biasa waé...
Nya éta
Jeung
Tapi
Sarta
Kuring rék dipangmeulikeun hapé anyar............peunteun basa Sunda 100.
Tapi
Lamun
Jeung
Sanggeus
......maké sapatu, manéhna......lumpat ka lapangan.
Ari......piraku
Sanggeus......tuluy
Boro-boro......oge
Lain......tapi
......lalaki......awéwé, euweuh bédana.
Boh......boh......
Rék......lain......
Sanggeus......tuluy......
Ari......piraku......
Gara-gara maén bola, si David sukuna......getihan.
Nepi
Meni
Nepika
Ka
Mun gering nginum ubar......cageur.
Lamun
Ambéh
Gara-gara
Lantaran
Warta teu meunang nuduh salah ka hiji jalma, lamun...
Geus kabuktian kasalahanana sacara hukum
Tacan kabuktian kasalahanana sacara hukum
Tacan kabuktian kasalahanana ceuk balaréa
Tacan kabuktian ceuk wartawan
Eusi warta téh kudu nétral, maksudna...
Teu meunang mihak ka pamingpin
Teu meunang mihak ka balaréa
Teu meunang mihak ka salasahiji pihak
Teu meunang mihak ka nu boga médiana
Adegan kalimah mah gumantung kana...
Jejerna
Caritaanana
Pangrandapna
Kateranganana
Anu kaasup kalimah barang mah nya éta...
Siti meuli buku basa Sunda
Siti resep kana buku basa Sunda
Siti boga buku basa Sunda
Siti maca buku basa Sunda
Anu disebut kalimah barang mah caritaan mangrupa...
Kecap lalampahan
Kecap pagawéan
Kecap sipat
Kecap barang
Anu kaasup kana kalimah pagawéan nya éta...
Murid kelas VIII aya 35 urang
Murid kelas VIII keur diajar
Murid kelas VIII mah balageur
Murid kelas VIII garetol maca
Anu henteu kaasup kana sisindiran nya éta...
Paparikan
Rarakitan
Pupujian
Wawangsalan
Sisindiran kecap asalna tina kecap...
Sindiran
Sindir
Sisindir
Nyindir
Dina kecap sindir ngandung harti...
Malibir
Bukbrak
Togmol
Kemba
Ari rarakitan kecap asalna...
Rakitan
Sarakit
Rarakit
Rakit
Nilik kana wangunna paparikan teh teu beda jeung...
Rarakitan
Pupujian
Wawangsalan
Papantunan
Wawangsalan mah sapadana diwangun ku...
Opat padalisan
Tilu padalisan
Dua padalisan
Sapadalisan
Paparikan mah sapadana diwangun ku...
Opat padalisan
Tilu padalisan
Dua padalisan
Sapadalisan
Rarakitan mah sapadana diwangun ku...
Opat padalisan
Tilu padalisan
Dua padalisan
Sapadalisan
Naon bédana paparikan jeung rarakitan...
Sarua
Opat padalisan jeung tilu padalisan
Aya kecap anu diulang dua kali dina padalisan kahiji jeung padalisan katilu
dua padalisan jeung tilu padalisan
Abdi mah kapiring leutik.
Anu dimaksud piring leutik di dinya nya éta...
Mangkok
Pisin
Tatakan
Piring séng
Kendang gedé pakauman,
Dag-dig-dug rasaning ati.
Rumpaka di luhur téh mangrupa...
Paparikan
Pupujian
Rarakitan
Wawangsalan
Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol néangan élmu
nu guna dunya ahérat.
Rumpaka di luhur téh mangrupa...
Rarakitan
Paparikan
Wawangsalan
Pupujian
Aya meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.
Rumpaka di luhur téh mangrupa...
Rarakitan
Paparikan
Wawangsalan
Pupujian
Wawangsalan sapadana diwangun ku......padalisan.
Dua Padalisan
Tilu padalisan
Opat padalisan
Lima padalisan
Engang dina padalisan kahiji wawangsalan jumlahna aya......engang
5 engang
6 engang
7 engang
8 engang
Dina sisindiran, anu disebut padalisan anu hartina...
Jumlah baris
Kata
Kecap
Kalimah
Vokal anu diucapkeun sakali napas nya éta harti tina...
Ongong
Engang
Padalisan
baris
Lengkepan rarakitan di handap ieu!
Lamun hayang ulin beurang,
ulah maké kaos kutang.
Lamun hayang hirup senang,
.............................................................
Ulah daék ulin beurang
Ulah daék ulin peuing
Ulah daék maké kuytang
Ulah daék loba hutang
Ngala térong jeung kalapa,
dibawa ka kebon cikur.
.....................................................,
Teu wauh ka tukang cukur.
Nu gondrong jaman ayeuna
Térong jeung kalapa
Kebon cikur
Tukang cukur
Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
Nu jadi wangsalna nya éta...
Belut
Sisit
Siang
Kapiraray
Teu beunang dihurang sawah,
teu beunang dipikameumeut.
Wangsalna nya éta...
Hurang
Beunang
Kameumeut
sawah
............................................
Ka nu bala ngala suluh.
Ulah sok liar ti peuting,
di sakola matak tunduh.
Ka kulah nyiar kapiting
Ka sawah ngala belut
Ka leuweung ngala suluh
Ka wahangan ngala lauk
Pun biang nembé......ti sawah.
Mulang
Mulih
Datang
Mios
......Bapa angkat ka kebon.
Pun
Tuang
yai
Cép
"Lanceuk manéh" basa hormatna...
Tang raka
Pun raka
Pun lanceuk
Lanceuk anjeun
