Font size
WorksheetsPAS GANJIL BAHASA SUNDA KELAS 8
Total questions: 45
Worksheet time: 45mins
Rumpaka kawih "Tanah Sunda" teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka .....
lemah cai
kabogoh
indung bapa
kaendahan alam
Puisi anu sok dilagukeun, boh ditembangkeun tapi dina Kasundaanmah sok di kawihkeun. Èta wangenan tèh di sebutna naon?
Rumpaka Kawih
Rumpaka Puisi
Rumpaka Sisindiran
Rumpaka Sajak
Rumpaka Kawih tèh di wangun ku dua unsur, aya rumpaka jeung kawih. Ari Rumpaka raket patalina jeung naon?
Sisindiran
Puisi
Seni Musik
Rarakitan
Rumpaka lagu sunda tèh di wangun ku dua unsur, aya rumpaka lagu sunda buhun (heubeul) jeung kiwari (kaayeunakeun). Dina wangun naon umumna rumpaka kawih Sunda buhun tèh?
Seni Musik
Puisi
Sisindiran (diwangun ku cangkang jeung eusi)
Paparikan
Kumpulan sajak-sajak anu dijadikeun rumpaka lagu teh disebutna naon?
Musikalisasi Puisi
Drama
Musikalisask Drama
Puisi
Es lilin mah didorong-dorong
Dibantun mah dibantun ka Sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Rumpaka Kawih Es lilin ngagunakeun Wangun...
Sajak
Pupuh
Wawangsalan
Sisindiran
Rumpaka kawih Es lilin diwangun ku .... padalisan
4
6
8
10
Iber atawa beja ngeunaan perkara hiji kajadian tawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan nu diumumkeun dina media massa disebut ....
wawaran
warta
wartawan
wawartos
Warta mah beja dumasar kanyataan atawa fakta anu dikumpulkeun ngaliwatan tilu cara nyaeta ....
Nalungtik, dokumentasi, jeung wawancara
Observasi, wawancara, jeung riset media
Riset media, dokumentasi, jeung pemotretan
Rekaman, pemotretan, jeung observasi
Struktur warta teh kabagi tilu bagian nyaeta ....
Tema (theme), headline, jeung lead
Judul (headline), tema jeung bubuka
Judul (headline), lead (bubuka, intro), jeung tubuh warta
Bubuka, isi, panutup, jeung riset dokumen
Baca sempalan warta ieu di handap!
“Simkuring optimis, carita-carita rayat Jawa Barat bakal ditampi tur diapresiasi di luar negeri. Ku kituna, pintonan Lutung Kasarung teh bakal digarap kalayan daria bari inovatif,” ceuk Dede yusuf.
Kecap daria nu diketikna didengdekeun dina sempalan paragraf warta di luhur mibanda harti ....
apik
enya-enya
apilain
gede
Sisindiran téh diwangun ku rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan
Bener
Salah
Sisindiran teh asal kecapna tina kecap...
caritaan
sindir
pantun
tempas
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Cangkang tina eusi sisindiran di luhur nyaeta...
Saninten buah saninten, dibantun ka parapatan
kawunganten kawunganten, ayana di majenang
Panginten buah ramanten, horeng buah durian
Meuli ali inten, hargana mahal pisan
Mun ditilik tina wangun jeung eusina, sisindiran teh bisa dipasing-pasing jadi sabaraha golongan?
HIji
Dua
Tilu
Opat
Ditilik tina wangun jeung eusina, sisindiran teh aya naon wae? (pilih langkung ti hiji jawaban)
paparikan
wawangsalan
piwuruk
sesebred
rarakitan
Ka mana jalan ka Yogya
Ka ditu ka Pangrumasan
Ka mana jalan ka Surga
Ka ditu ka pangaosan
kecap mimiti anu kahiji dina padalisan sarua jeung kecap mimiti anu ka tilu, kitu deui kecap mimiti padalisan anu kadua sarua jeung padalisan anu ka opat. Eta teh ciri-ciri tina sisindiran....
Wawangsalan
Paparikan
Rarakitan
sesebred
...................................
Sono sok loba jajanan
Sono mondok sono nganjang
Sono patepang di jalan
Padalisan anu kahiji anu merenahna nyaeta...
Sapanjang jalan Soreang
Caangna ka mana-mana
Sono ih ka kota kembang
Akang tatan ngala kembang
Bedana artikel jeung karangan sejen saperti makalah teh nyaeta ....
Makalah mah disusun ku saha wae
Artikel mah bisa dijieun ku saha wae
Artikel mah dimuat dina koran atawa majalah
Makalah mah dimuat dina koran atawa majalah
Karangan anu eusina ngejentrekeun hiji objek, kumaha prosesna, tujuanana, jeung gunana disebut ....
Karangan deskripsi
Karangan narasi
Karangan artikel
Karangan pedaran
Ku lantaran anrtikel mah dimuat dina media citak, cara nulisna ge kudu diluyukeun jeung aturan anu geus ditangtukeun ku ....
Redaktur koran atawa majalah
Wartawan koran atawa majalah
Jurnalis koran atawa TV
Reporter TV atawa radio
Kajadian anu istimewa teh disebutna...
informasi
fakta
warta
peristiwa
ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, kaayaan, atawa hal naon wae anu geus kaalaman atawa kalaksanakeun, disebutna...
informasi
warta
fakta
laporan
Hiji kajadian atawa hal bisa dijadikeun warta, upama
Eta kajadian atawa hal teh dianggap penting pikeun dipikanyaho ku balarea
Eta kajadian atawa hal teh dianggap bisa nyumponan kapana-saran balarea
A sareng B leureus
Eta kajadian atawa hal teh tos dimuat dina media masa
Nu Kaasup kecap pagawean nya eta . . . .
masak
papan
kai
meja
Anu kaasup kecap barang nya eta . . .
gawe
korsi
indit
miang
nu kaasup kana sipat sipat nya eta . . .
ucing
tiung
ngewa
bageur
Kudu diperhatikeun dina ngalaporkeun kajadian , diantarana : ….
Sora tarik
Sora laun
Sora sedeng
Teu aya sora
Laporan kajadian aya rumusan...
2W+1H
3W+2H
3H+2H
5W+1H
Laporan bisa ditepikeun ku urang bisa ku cara : ...
Lisan
Gambar
Tulisan
Lisan+Tulisan
Basa dina nepikeun laporan kajadian kudu :
Kasar
Lemes
Kasar+Hormat
Lemes+Hormat
Cara nepikeun laporan kajadian atawa kagiatan bisa ngaliwatan …
radio, tv, internet
Media sosial
Obrolan jalma
kabeh jawaban bener
Laporan kajadian teh mangrupa, laporan anu ngaliwatan kajadian …
Keur lumangsung
Geus lumangsung
Teu acan lumangsung
Bade lumangsung
Laporan kajadian atawa kagiatan anu sok aya dina media sosial sok kusaha…
MC
Host
Panata acara
Wartawan
Bedana ngadongéng jeung ngalaporkeun kajadian nyaéta dina …
Eusina
Bubuka
Panutup
Salam bubuka
Salian ti faktual laporan kajadian /kagiatan oge kudu…
Subjektif
Saayana
Dijieun-jieun
Diréka-réka
Kecap rajekan anu dibalikkan deui bagian mimiti wangun dasarna disebut.........................
dwi murni
dwi reka
dwipurwa
trilingga
Kecap rajekan nya eta kecap anu.......................wangun dasarna
disebut 2 kali atawa leuwih
disebut 10 kali
disebut 5 kali
disebut 7 kali
Kecap rajekan anu dibalikan deui bagian tengah wangun dasarna disebut.............
trilingga
dwilingga
dwimadya
dwimurni
Kecap rajekan anu dibalikan deui wangun dasarna sagemblengna disebut.................
trilingga
dwimurni
dwireka
dwimadya
panas-panas kieu mah ngenahna urang nginum es cendaol, conto kalimah.......
trilingga
dwimurni
dwimadya
dwireka
Lantaran teu bisa ngisi jawaban ulangan si Andi luak lieuk ka tukang, conto kalimah..........
dwireka
dwimadya
dwipurwa
trilingga
emak keur masak di dapur meni trang treng trong, conto kalimah..............
dwimurni
dwimadya
dwireka
trilingga
Jadi jalma ulah sararakah teuing kana daharan teh, kudu daek babagi kanu lian, conto kalimah.........
dwireka
dwimadya
dwimurni
dwipurwa
Lamun ngomong teh ulah sabari jeung popolotot atu, conto kalimah.......
dwireka
dwipurwa
dwimurni
trilingga
