Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIHAN SOAL KELAS 9

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.
1. Karangan fiksi wangun lancaraan jeung kaasup karya sampeuran sok disebut…..
a)
A. Dongéng
b)
B. Sajak
c)
C. Carpon
d)
D. Wawacan
2.
2. Istilah carpon téh asalna tina basa Inggris, nyaéta ....
a)
A. Plash Action
b)
B. Short Action
c)
C. Short Story
d)
D. Story telling
3.
3. Carpon Sunda utamana leuwih mekar sanggeus aya majalah Parahiangan anu dikaluarkeun ku Balé Pustaka. Malah jaman harita muncul buku kumpulan carpon anu munggaran anu judulna ...
a)
A. Dogdog Pangréwong karangan GS
b)
B. Lain Éta karangan Moh. Ambri
c)
C. Baruang ka Nu Ngarora karangan D.K.Ardiwinata
d)
D. Nunggul Pinang karangan Satjadibrata
4.
4. Lantaran pondok, ukuran lobana kecap dina karangan carpon téh ngawengku ....
a)
A. 10.000 – 20.000 kecap
b)
B. 1.000 – 1.500 kecap
c)
C. 500 – 1.000 kecap
d)
D. 5.000 – 10.000 kecap
5.
5. Biantara dina basa Indonesia sarua hartina jeung ....
a)
A. Diskusi
b)
B. Rapat
c)
C. Pidato
d)
D. Upacara
6.
6. Rupina cekap sakitu cariosan ti simkuring, nyuhunkeun dihapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah. Hatur nuhun. Eta kekecapan teh mangrupa.....tina biantara
a)
A. Bubuka
b)
B. Eusi
c)
C. Kacindekan
d)
D. Panutup
7.
7. Struktur omongan dina biantara teh ngawengku ....
a)
A. Pamuka, panutup
b)
B. Eusi, sasandak-sanduk
c)
C. Pamuka, eusi, panutup
d)
D. Bubuka, mukdimah, eusi
8.
8. Sisindiran nyaeta karya sastra Sunda dina wangun....
a)
A. Lancaran
b)
B. Prosa
c)
C. Ugeran atawa puisi
d)
D. Bebas
9.
9. Mun nilik wangun puisina, sisindiran dina basa Sunda sarua jeung… dina basa Indonésia.
a)
A. Pantun
b)
B. Sajak
c)
C. Kiasan
d)
D. Gurindam
10.
10. Sisindiran téh diwengku ku opat jajar atawa padalisan, anu unggal padalisanna diwangun ku…
a)
A. Opat engang
b)
B. Lima engang
c)
C. Genep engang
d)
D. Tujuh engang
11.
11. Kendang gedé pakauman, Dag-dig-dug rasaning ati Naon jawaban atawa wangsal tina wawangsalan di luhur…
a)
A. Bedog
b)
B. Endog
c)
C. Bedug
d)
D. Gedug
12.
12. Fungsi panumbu catur téh nyaéta...
a)
A. Anu ngajieun kagiatan dina sakabéh jirangankagiatan
b)
B. Nyepeng kadali dina hiji jirangan kagiatan
c)
C. Nyepeng kadali dina bubuka kagiatan
d)
D. Nyepeng kadali dina panutup kagiatan
13.
13. Warta nyaéta....
a)
A. Berita
b)
B. Iklan
c)
C. Slogan
d)
D. Poster
14.
14. Mandu acara poé senén dina kagiatan upacara bendera, kasasup kana jenis mandu acara...
a)
A. Formal
b)
B. Teu formal
c)
C. Semi formal
d)
D. Sagawayah
15.
15. Kudu adil méré kasempetan ka sakabeh pamilon keur nepikeun sawangan mangrupa salah sahiji kaparigelan nu kudu dipiboga ku...
a)
A. Pangjejer
b)
B. Notulen
c)
C. Panumbu catur
d)
D. Panata acara
16.
16. Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan, disebutna ....
a)
A. Warta
b)
B. Amanat
c)
C. Iklan
d)
D. Medsos
17.
17. Struktur nu pang pentingna dina warta nyaéta....
a)
A. Bubuka
b)
B. Jejer nu ngirut
c)
C. Waruga
d)
D. Panutup
18.
18. Riwayat atawa lalakon hirup hiji jalma dina wangun tulisan nu ditulis ku batur, disebut ...
a)
A. Otobiografi
b)
B. Biografi
c)
C. Geografi
d)
D. Biologi
19.
19. Ieu di handap sawatara profesi jalma anu sok ditulis dina biografi, iwal ti …
a)
A. Seniman
b)
B. Sastrawan
c)
C. Lurah
d)
D. Artis
20.
20. Nu teu kaasup kana unsur biografi téh nyaéta ...
a)
A. Identitas diri
b)
B. Pujian ti batur
c)
C. Riwayat pagawean
d)
D. Penghargaan
21.
21. Riwayat hirup anu ditulis ku diri sorangan, tur nyaritakeun kahirupan pribadina, disebut ...
a)
A. Otobiografi
b)
B. Biografi
c)
C. Geografi
d)
D. Biologi
22.
22. Di handap ieu anu henteu kaasup kana waruga warta anu didadarkeun, nyaéta ....
a)
A. Kajadian
b)
B. Karakteristik kajadian
c)
C. Puseur carita warta
d)
D. Waktu jeung tempat kajadian warta
23.
23. Karya rekaan/fiksi dina wangun prosa tur biasana ukuranna panjang sarta caritana ngarancabang, nyaéta ....
a)
A. Biografi
b)
B. Wawacan
c)
C. Novél
d)
D. Pantun
24.
24. Ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita, disebut .....
a)
A. Palaku
b)
B. Jejer
c)
C. Latar
d)
D. Amanat
25.
25. Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novél, nyaéta ....
a)
A. Tokoh Na loba
b)
B. Latar Na laluasa
c)
C. Alurna panjang
d)
D. Eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe
26.
26. Novél Sunda munggaran nyaéta ...
a)
A. Wilujeng Énjing
b)
B. Puputon
c)
C. Pipisahan
d)
D. Baruang ka nu Ngarora
27.
27. Kang Hadi téh lanceuk panggedéna. Umurna geus ampur dalapan welas taun. Pangawakanana dedeg weweg, kulitna hideung. Sakolana teu tamat, kelas opat gé teu anggeus, lantaran ngabantuan Emana minangka gaganti Bapana (dicutat tina novel Lembur Singkur,karangan Abdullah Mustapa) Cutatan di luhur leuwih dominan ngandung unsur .....
a)
A. Téma
b)
B. Plot
c)
C. Amanat
d)
D. Palaku jeung karakterna
28.
28. karangan naratif anu didangdingkeun jeung dianggit ku pupuh, nyaéta ...
a)
A. Pupuh
b)
B. Wawacan
c)
C. Kawih
d)
D. Sisindiran
29.
29. Wawacan mimiti sumebarna silih salin tur teu kanyahoan saha pangarangan. Wawacan nyaéta lalakon nu ditulis dina wangun ....
a)
A. Kawih
b)
B. sajak
c)
C. Carita
d)
D. Pupuh
30.
30. Wawacan Panjiwulung dikarang ku ....
a)
A. R. Memed Sastrahadiprawira
b)
B. R.A.A. Martanagara
c)
C. R. Soeriadiredja
d)
D. R.H. Moehamad Moesa
31.
31. "Sakadang kuya jeung Sakadang Monyet" ka asup kana dongeng ....
a)
A. Jalma biasa
b)
B. Sasatoan
c)
C. Sasakala
d)
D. Sajarah
32.
32. Carita rekaan (Fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan disebut oge ...
a)
A. Legenda
b)
B. Sajak
c)
C. Dongeng
d)
D. Pujian
33.
33. Kaulinan neangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula mere waktu batur nyumput saacan kudu neangan kabehanana. Aya rupa-rupa aturan. Disebut....
a)
A. Ucing bandera
b)
B. Ucing-ucingan
c)
C. Ucing sumput
d)
D. Ucing 20
34.
34. Puisi buhun anu nyoko kana ajaran agama islam nyaeta...
a)
A. Tembang
b)
B. Pupujian
c)
C. Pantun
d)
D. Sajak
35.
35. Di handap ieu aya rupa-rupa kaulinan barudak, iwal ti ....
a)
A. Main Game
b)
B. Ngadu kaleci
c)
C. Oray-orayan
d)
D. Gatrik
36.
36. Oray-orayan luar-leor mapay sawah tong ka sawah parena keur sedeng oray-orayan luar-leor mapay leuwi tong ka leuwi kakawihan diluhur nyaeta kawih kaulinan....
a)
A. Oray-orayan
b)
B. Rangkay karanganana
c)
C. Jejerna
d)
D. Watekna
37.
37. Ngawangkong atau nyarita dua arah antara dua urang atawa leuwih silih tempas atawa silih tanya jawab nyaeta....
a)
A. Bewara
b)
B. Sawala
c)
C. Debat
d)
D. Paguneman
38.
38. Pupujian teh nyaeta karangan wangun...
a)
A. Bebas
b)
B. Puisi
c)
C. Padalisan
d)
D. Bait
39.
39. Suasana teh mangrupa....
a)
A. Sora-sora anu sarua
b)
B. Cara-cara
c)
C. Pangalaman
d)
D. Kaayaan atawa situasi
40.
40. Paguneman teh asal kecapna tina gunem anu hartina?....
a)
A. Nyarita lemes
b)
B. Nyarita sorangan
c)
C. Nyarita silih tempas
d)
D. Nyarita kasar