NEW
Font size
S
M
L
XL
WorksheetsPENILAIAN SUMATIF B. SUNDA KELAS 8 SEMSTER GANJIL 2023/2024
Total questions: 40
Worksheet time: 3600secs
Name
Class
Date
1.
Sikep anu nulis rumpaka kawih nu karasa ku nu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih, nalangsa, bungah kaasup kana …
a)
Tema
b)
Nada
c)
Rasa
d)
Amanat
2.
Naon ari nu dimaksud rumpaka teh?
a)
Lirik
b)
Sajak
c)
Tulisan
d)
Prosa
3.
Naon bedana Kawih jeung Tembang ?
a)
Kawih teu kauger ku aturan, sedengkeun Tembang kauger
b)
Kawih kauger ku aturan, sedengkeun Tembang teu ka uger
c)
Kawih kauger ku aturan, kitu oge Tembang kauger
d)
Kawih teu kauger ku aturan, kitu oge Tembang teu kauger
4.
Naon ari nu dimaksud kawih teh?
a)
Lalaguan sunda anu kauger ku aturan pupuh
b)
Lalaguan sunda anu teu kauger ku aturan pupuh
c)
Lalaguan sunda anu kasohor
d)
Sajak anu dihaleuangkeun
5.
Si budi hayoh we bulak-balik sakola, sanajan keur Covid ge Kalimah di luhur ngandung kecap rajekan …
a)
Dwimurni
b)
Dwireka
c)
Dwimadya
d)
Dwipurwa
6.
Dumasar kana kamekaran waktu, kawih baheula anu ayana saacan jaman Jepang nya eta ….
a)
Kawih kiwari
b)
Kawih jaman Jepang
c)
Kawih buhun
d)
Kakawihan
7.
peuyem bandung di jieunna tina…
a)
beas
b)
cau
c)
boled
d)
sampeu
8.
“trang treng trong” kaasup kana kecap rajekan …
a)
Dwimurni
b)
Dwireka
c)
Trilingga
d)
Dwimadya
9.
unsur warta teh kudu netral maksudna ..
a)
teu meunang mihak ka pamingpin
b)
teu meunang mihak kabalarea
c)
teu meunang mihak ka salah sahiji pihak
d)
teu meunang mihak kanu boga media
10.
mana nu ka asup warna kalimah
a)
kalimah barang , kalimah pagawean
b)
kalimah sipat bilangan , kalimang sipat
c)
A jeung b bener
d)
kalimah rajekan
11.
Anu kaasup kana kecap rajekan dwimadya nya eta …
a)
Pupusti
b)
Bulak-balik
c)
Jalma-jalma
d)
Sababaraha
12.
Wawanian si wawan ka urang. kalimah di luhur kaasup kana kecap rajekan …
a)
Dwimurni
b)
Dwipurwa
c)
Dwireka
d)
Dwimadya
13.
Sikep anu nulis rumpaka kawih nu karasa ku nu ngaregepkeun atawa nu maca, upama sedih, nalangsa, bungah kaasup kana …
a)
Tema
b)
Nada
c)
Rasa
d)
Amanat
14.
Kecap nu maké awalan per- nyaéta….
a)
Perwira
b)
Perahu
c)
Pertaun
d)
Perdana
15.
Conto kalimah teu sampurna nyaéta…
a)
Ucingna bulu tilu
b)
Mobil éta cét beureum
c)
Imahna sisi jalan
d)
Ka kulonkeun
16.
Waditra seni Sunda nu dijieun tina awi kalawan cara ngamaénkeunana ditiup yaéta….
a)
Angklung
b)
Calung
c)
Suling
d)
Tarawangsa
17.
Ieu di handap aya conto kalimah anu ngandung gaya basa mijalma, nyaétta….
a)
Gunung diharudung halimun isuk
b)
Ah, abdi mah ukur gaduh kebon satalapok jéngkol
c)
Pun Aki téh parantos kirang dangu
d)
Persib, maung Bandung kamari jadi juara dina piala presiden
18.
Pupuh téh kaasup wangun karya sastra….
a)
Prosa
b)
Puisi
c)
Pantun
d)
Prosa lirik
19.
Gaya basa nu ngagunakeun omongan sakabéh pikeun sabagian disebut…
a)
Raguman
b)
Hurunan
c)
Tunggalan
d)
Rarahulan
20.
Kecap kabeneran mangrupa ,
a)
kecap pagawean anu ngandung harti teu di haja…
b)
kecap sipat anu ngandung harti teu di haja..
c)
kecap barang anu ngandung harti anu patalina jeung
d)
kecap barang anu ngandung harti teu di haja..
21.
anu mangrupa kecap sipat nyaeta ….
a)
kakuatan
b)
kaulinan
c)
kahujanan
d)
kalepasan
22.
Basa diudag anjing, barudak….. lalumpat.
a)
Kocéak
b)
Ngocéak
c)
Tingkocéak
d)
Gorowok
23.
wawangsalan teh diwangun ku..
a)
lima padalisan
b)
dua padalisan
c)
tilu padalisan
d)
opat padalisan
24.
" Ari jadi budak kudu hampang birit sangkan loba anu mikanyaah”. Harti babasan hampang birit dina éta kalimah nyaéta….
a)
Teu daék cicing
b)
Resep indit-inditan
c)
Daéekan, babari dititah
d)
Resep pipindahan
25.
Budak … mah dititah naon waé ogétara hésé.
a)
Ceuli léntaheun
b)
Beurat birit
c)
Hampang birit
d)
Biwir nyiru rombéngeun
26.
Ieu dihandap aya nu lain conto babasan nyaéta…
a)
Atah anjang
b)
Adat ka kurung ku iga
c)
Héjo tihang
d)
Hampang leungeun
27.
Ungkara wangun kantétan atawa frasa anu susunanana geus matok tur ngandung harti injeuman disebut….
a)
Babasan
b)
Gaya basa
c)
Paribasa
d)
Basa-basi
28.
“Mani asa mobok manggih gorowong, keur mah hayang milu ari pék aya nu ngajak”. Paribasa mobok manggih gorowong dina kalimah di luhur ngandung harti….
a)
Boga kahayang tapi kahontal
b)
Boga maksud tapi teu panggih pijalaneunana
c)
Jalma nu teu boga kahayang
d)
Boga maksud terus panggih pijalaneunana
29.
Paribasa nu eusina ngébréhkeun pangalaman nu geus kapilampah nyaéta…
a)
Pangjurung laku hadé
b)
Panyaram lampah salah
c)
Wawaran luang
d)
Panyaram luang
30.
Ditanya kitu téh kabéh ogé kalah… taya nu ngomong sakemék-kémék acan.
a)
Tingjarerit
b)
Tinggorowok
c)
Tingkecewis
d)
Tingharuleng
31.
Ka jalma beunghar anu … kitu mah teu raresepeun.
a)
Gedé hulu
b)
Gedé rasa
c)
Gedé haté
d)
Gedé kawani
32.
Sisindiran ka bagi sabaraha bagian...
a)
3
b)
4
c)
5
d)
2
33.
Rarakitan asal kecapna Tina
a)
Rakitan
b)
Rakit
c)
Sindir
d)
Sampir
34.
.Warta téh nyaéta katerangan atawa béja anu ditepikeun ka .....
a)
Balarea
b)
Pribadi
c)
Kelompok
d)
Keluarga
35.
.Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nyaéta kajadian .....
a)
Anu dianggap penting pikeun urang
b)
Anu dianggap penting pikeun kulawarga urang
c)
Anu dianggap penting pikeun pamimpin
d)
Anu dianggap penting pikeun sarerea
36.
Dina warta aya unsur-unsur anu disebut .....
a)
W + H
b)
5WH + 1H
c)
5H + 1
d)
5WH + 1W
37.
Nu pariknik aya rebuan.
Kalimah diluhur ka asup kana warna kalimah…
a)
Sipat
b)
Bilangan
c)
Pagawean
d)
Barang
38.
Ka Bandung ge meni ulah
Balik-balik rek ka mana
Ka Bandung arek kuliah
Balik-balik jadi Sarjana
Sisindiran di luhur ka asup kana jenis ...
a)
paparikan
b)
rarakitan
c)
sisindiran
d)
wawangsalan
39.
Inuman rasana lada
Mun tibra sok kérék nyegrék
Wangsalna nyaeta ..............
a)
Jeruk
b)
jahe
c)
Bandrek
d)
kalapa
40.
Kembang bodas buah bunder
Ngaheruk nyapipikiran
Wangsalna nyaeta.......
a)
Jeruk
b)
salak
c)
Apel
d)
Samangka
Reset
