NEW
Font size
S
M
L
XL
WorksheetsPTS BAHASA SUNDA VIII
Total questions: 40
Worksheet time: 10hrs 0mins
Name
Class
Date
1.
Guguritan teh nyaéta………….
a)
Karangan panjang nu ditulis dina wangun pupuh
b)
Karangan pondok nu ditulis dina wangun pupuh
c)
Karangan nu ditulis dina wangun lancaran
d)
Karangan nu ditulis dina wangun puisi
2.
Eusi guguritan mangrupa…….
a)
hiji kaayaan, kajadian atawa pikiran
b)
carita lalakon
c)
carita nu ngaguluyur
d)
carita panjang
3.
Gelarna guguritan aya pangaruh tina sastra....
a)
Malayu
b)
Arab
c)
Jawa
d)
India
4.
Guguritan diwangun ku sababaraha gunduk atawa paragrap, sok disebut...
a)
pada
b)
gurulagu
c)
guruwilangan
d)
engang
5.
Kinanti biasana diwangun ku 6 (genep) jajar dina tiap-tiap gundukna, jajaran dina pupuh disebut….
a)
padalisan
b)
gurulagu
c)
guruwilangan
d)
engang
6.
Jumlah Pupuh sadayana aya….
a)
14
b)
15
c)
16
d)
17
7.
Pupuh dibagi dua, aya sekar ageung jeung sekar alit. Disebut sekar ageung lantaran….
a)
pupuhna arageung
b)
pupuhna seueur
c)
pupuhna biasa/sering ditembangkeun
d)
pupuhna raoseun
8.
Pupuh nu kaasup sekar ageung nyaéta….
a)
Kinanti
b)
Pucung
c)
Durma
d)
Wirangrong
9.
Pupuh maskumambang kaasup kana ..
a)
sekar ageung
b)
kawih
c)
sekar alit
d)
kakawihan
10.
Pupuh nu watakna guguyon atawa banyol nyaéta…
a)
Sinom
b)
Balakbak
c)
Maskumambang
d)
Mijil
11.
Pupuh asmarandana eusi rumpakana biasa sok ngandung...
a)
kaasih atawa kanyaah
b)
amarah
c)
bobodoran
d)
kasedih
12.
Wawacan nyaéta………….
a)
Karangan panjang nu ditulis dina wangun pupuh
b)
Karangan pondok nu ditulis dina wangun pupuh
c)
Karangan nu ditulis dina wangun lancaran
d)
Karangan nu ditulis dina wangun puisi
13.
Jumlah lobana engang dina tiap-tiap barisan disebut…….
a)
padalisan
b)
gurulagu
c)
guruwilangan
d)
pada
14.
sora engang panungtung dina tiap-tiap padalisan disebut....
a)
guruwilangan
b)
gurulagu
c)
padalisan
d)
pada
15.
Panata acara nyaéta……………
a)
jalma nu sok ngatur jeung mingpin acara
b)
jalma nu ngomong di hareupeun jalma réa
c)
jalma nu mingpin diskusi
d)
jalma nu mingpin hiji paguyuban
16.
Pancen atawa tugas panata acara nyaéta……………
a)
mingpin diskusi
b)
nepikeun hiji hal hareupeun jalma réa
c)
ngatur, muka jeung nutup acara
d)
misah nu keur debat
17.
mangpaat jadi panata acara nyaéta……………
a)
ngagaya hareupeun jalma réa
b)
supaya meunang bayaran
c)
supaya bisa dipikawanoh ku jalma réa
d)
ngalatih mental dina ngomong hareupeun jalma réa
18.
“Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan ku maoskeun basmalah” Kalimah ieu biasa aya dina……
a)
bubuka acara
b)
puncak acara
c)
selingan acara
d)
panutup acara
19.
“Hatur nuhun ka Ustadz Ook nu parantos maparin pangbagéá dina ieu acara”. Kecap lain pangbagéa nyaéta…….
a)
sambutan/pamapag
b)
pangdu’a
c)
panggeuing
d)
paréntah
20.
“Salajengna urang nincak kana acara pangleler pinunjul pasanggiri sajak sareng biantara” Kecap pinunjul saharti jeung…..
a)
hadiah
b)
lomba
c)
juara
d)
pidato
21.
“Ahirna arurang salaku panata acara mengucapkeun nuhun karena geus milu dina eu acara” kecap nu teu merenah dina kalimah panutup ieu nyaéta........
a)
arurang-mengucapkeun-margi-milu
b)
urang-mengucapkeun-margi-milu
c)
arurang-mengucapkeun-karena-milu
d)
arurang-ngucapkeun-margi-ngiring
22.
Carita pondok nyaéta……………
a)
karangan pondok dina wangun pupuh
b)
karangan panjang dina wangun pupuh
c)
karangan pondok dina wangun lancaran
d)
karangan panjang dina wangun lancaran
23.
Wangun carita pondok (carpon) jolna tina sastra…
a)
Eropa
b)
Cina
c)
Arab
d)
Malayu
24.
Gelarna carpon dina awal abad ka-20, Balé Pustaka medalkeun carpon munggaran nu judulna…………….
a)
Sawidak Carita Pondok
b)
Jurig
c)
Dogdog Pangréwong
d)
Hujan Munggaran
25.
Ciri-ciri carpon di handap ieu, iwal....
a)
eusina panjang jeung lila macana
b)
butuh 10 atawa 30 menit dina macana
c)
kandelna 3 nepika 10 kaca
d)
latarna ngan saliwat-saliwat
26.
Carpon ayeuna leuwih euyeub (loba) sabab loba majalah nu midangkeunana diantarana…
a)
Kartini
b)
Gadis
c)
Aneka
d)
Manglé
27.
Carpon aya nu ditulis dina koran-koran Sunda, diantarana....
a)
Republika
b)
Merdeka
c)
Singgalang
d)
Giwangkara
28.
Nu lain kaasup kumpulan carpon nu kungsi medal diantarana..........
a)
Kanjut Kundang karangan Ajip Rosidi
b)
Dongéng énténg Ti Pasantrén karangan RAF
c)
Jurig karangan Tini Kartini
d)
Perang Bubat karangan Yoseph Iskandar
29.
Nu ngalalakon dina galur carita carpon disebut…...........
a)
palaku
b)
galur carita
c)
latar
d)
amanat
30.
Runtuyan kajadian nu ditepikeun dina hiji carpon disebut…
a)
téma
b)
galur carita
c)
latar
d)
amanat
31.
Setting atawa latar nyaéta….
a)
nu ngalalakon dina galur carita carpon
b)
runtuyan kajadian nu ditepikeun dina hiji carpon
c)
dimana jeung kumaha lumangsung kajadianna
d)
hal nu hayang ditepikeun ku pangarang
32.
Amanat dia carpon nyaéta….
a)
nu ngalalakon dina galur carita carpon
b)
runtuyan kajadian nu ditepikeun dina hiji carpon
c)
dimana tempat lumangsung kajadianna
d)
pesen moral nu hayang ditepikeun ku pangarang
33.
Gelarna carpon dina sastra Sunda nyaeta dina awal abad ka-20, kurang leuwih dina taun.........
a)
1920
b)
1930
c)
1940
d)
1950
34.
Sawidak Carita Pondok dikumpulkeun ku Duduh Durahman, Abdullah Mustapa sareng .....
a)
Karno Kartadibrata
b)
Tjaraka
c)
Tini Kartini
d)
Yus Rusyana
35.
Kumpulan Carpon karangan Tini Kartini nyaéta…
a)
Carita Biasa
b)
Hujan Mungaran
c)
Kanjut Kundang
d)
Jurig
36.
Kanjut Kundang karangan Ajip Rosidi mangrupa kumpulan carpon nu medal dina taun
a)
1981
b)
1982
c)
1983
d)
1984
37.
Indung kuring gering ripuh, lemesna tina kalimah ieu nyaéta…
a)
Pun ibu teu damang ripuh
b)
Pun biang gering parna
c)
Pun biang teu damang wales
d)
Indung kuring teu damang wales
38.
Imah kuring mah di wewengkon Lembursitu, lemesna kalimah ieu nyaéta…
a)
Rorompok abdi mah di wewengkon Lembursitu
b)
Imah urang mah di wewengkon Lembursitu
c)
Bumi urang mah di wewengkon Lembursitu
d)
Rorompok urang mah di wewengkon Lembursitu
39.
Abdi dipiwarang ku ustadzah ...............buku pancén ti rorompok. Kecap nu merenah pikeun ngeusian soal di luhur nyaéta…....
a)
mawa
b)
meuli
c)
ngabantun
d)
menta
40.
Pun biang sareng pun bapa nuju tuang, abdi gé ngiring............sareng aranjeuna
a)
neda
b)
siram
c)
mondok
d)
ngaleueut
Reset
