wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sumatif Akhir Semester 1 B. Sunda

Total questions: 25

Worksheet time: 6hrs 15mins

Name
Class
Date
1.
  1. 1. Dina karangan carita aya unsur-unsur di handap ieu, iwal .....

a)

Palaku

b)

Wirahma

c)

Latar

d)

Galur

2.
  1. 2. Kecap nu teu ngandung rarangken tengah -ar-, nyaeta .....

a)

Baralik

b)

Jaragjag

c)

Karadak

d)

Arindit

3.

Kalimah di handap ieu anu salah nuliskeun tanda bacana, nyaeta .....

a)

Hayu ah urang ucing sumput.

b)

Iraha kang Ajat Sumpingna?

c)

Barudak kelas VI keur diajar basa Sunda.

d)

Doni, Pangnyandakeun buku di perpustakaan!

4.

Di handap ieu kecap-kecap nu ngandung rarangken tukang -ing/-ning, iwal .....

a)

Mungguhing

b)

Kersaning

c)

Ceceting

d)

Bakating

5.

Di handap ieu nu lain kalimat aktif, nyaeta .....

a)

Mang Nana keur ngala buah.

b)

Kang Dudung meuncit hayam.

c)

Bapa ngala lauk di balong.

d)

Jang Adang kacugak paku.

6.

..... ku puyeng, Ma Icih ngagubrag.

Kecap nu merenah keur ngisisan titik-titik eta kalimah nyaeta .....

a)

Aya

b)

Bakating

c)

Lamun

d)

Najan

7.

Lanceukna indung/bapa disebutna .....

a)

Bibi

b)

Paman

c)

Uwa

d)

Suan

8.

Di handap ieu anu henteu kaasup kana kalimah parentah, nyaeta .....

a)

Ade, geura ibak!

b)

Mah, nyuhunkeun kueh!

c)

Aduh, Sampean abdi titajong

d)

Urang mios ayeuna, yu!

9.

Anu kaasup kana kalimah panyarek, nyaeta .....

a)

Mangga kalebet, pa!

b)

Mugia urang sadayana lulus!

c)

Wan, nambut pamupus!

d)

Teu kenging ameng didinya!

10.

Perhatikeun kalimah di handap ieu!

       Karasana keur sakarat

       Nyerina kaliwat-liwat

       Kana ibadah diliwat

       Tara ngalakukeun solat  

       Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku .....

a)

Opat padalisan

b)

Tilu padalisan

c)

Dua padalisan

d)

Sapadalisan

11.

"Lina teh sakolana geus kelas VI"

          Kalimah pananya anu cocog keur eta jawaban, nyaeta .....

a)

Saha nu geus sakola kelas VI teh?

b)

Sok kana naon Lina teh indit sakolana?

c)

Dimana Lina teh sakolana?

d)

Kelas sabaraha Lina teh sakolana?

12.

Siswa : "Wilujeng enjing, pa!"

          Guru Silat : .....

          Kalimah anu pas pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaeta .....

a)

Wilujeng enjing   

b)

Wilujeng siang

c)

Aya naon jang?

d)

Bade kasaha ceu?

13.

Bu, abdi ..... atuh bade mios tipayun bilih kasiangan.

Kecap anu merenah pikeun kalimah di luhur nya eta .....

a)

Permisi

b)

Permios

c)

Bebeja

d)

Wawartos

14.

Dani (ajar) Basa Sunda sareng Ibu Guru.

Rarangkén nu pas pikeun kecap ajar nyaéta .....

a)

Di-

b)

Di-keun

c)

-Keun

d)

Ti-

15.

Budak lalaki mah kudu .....

Kecap anu pas pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta .....

a)

Nalangsa

b)

Sedih

c)

Wanian

d)

Nyalé

16.

Wilujeng wengi dina basa Indonesia hartosna .....

a)

Selamat pagi

b)

Selamat siang

c)

Selamat sore

d)

Selamat malam

17.

Urang téh kudu silih pikanyaah jeung silih ajénan. Mun geus kitu, tangtu hirup bakal .....

a)

Susah

b)

Ripuh

c)

Beurat

d)

Tengtrem

18.

Cing pangmawakeun buku

Tanda baca anu luyu pikeun kalimah di luhur nyaéta .....

a)

( ? )

b)

( ! )

c)

( / )

d)

( : )

19.

Bandung – téh? - rék - iraha – indit – ka

Susunan kalimah pananya di luhur anu luyu sareng palanggeran éjahan, nyaéta .....

a)

Bandung téh rék iraha indit ka?

b)

Iraha ka Bandung rék indit téh?

c)

Rék ka Bandung iraha indit téh?

d)

Iraha rék indit ka Bandung téh?

20.

Kagiatan tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara (narasumber), nu tujuanana keur ngumpulkeun informasi disebutna .....

a)

Paguneman

b)

Wawancara

c)

Talkshow

d)

Ngawangkong

21.

Karangan dina wangun lancaran anu ukuranana pondok disebut .....

a)

Carpon

b)

Dongeng

c)

Carita wayang

d)

Novel

22.

Karangan ngeunaan sajaran hirup, atawa ngeunaan kahirupan hiji jalma timimiti dilahirkeun nepi ka kolot, disebut .....

a)

Biografi

b)

Tokoh ilmuwan

c)

Autobiografi

d)

Tokoh anu manggihkeun

23.

Cita-cita bakal ..... lamun urang soson-soson diajar.

Lengkepan kalimah diluhur nu merenah.

a)

Katingali

b)

Mangpaat

c)

Leungit

d)

Kahontal

24.

Hasil wawancara biasana disusun jadi tulisan anu disebutna .....

a)

Caritaan

b)

Katerangan

c)

Laporan

d)

Wirausaha

25.

Moal ngejat sanajan ukur satapak

Geus di pasti ku jangji

Mun tacan laksana

Numpes musuh sarakah

Henteu niat seja balik

Najan palastra

Mati di medan jurit

          Aya sabaraha padalisan pupuh diluhur .....

a)

Sapadalisan

b)

Tujuh padalisan

c)

Dua padalisan

d)

Dua welas padalisan