wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

B.SUNDA KELAS V

Total questions: 35

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Ngaran kaulinan anu digambarkeun dina sempalan teks di luhur nyaeta?

a)

A. Encrak

b)

B. Congklak

c)

C. Engkle

d)

D. Jajangkungan

2.

Ngaran kaulinan barudak anu ngaulinkeun teu make pakakas nyaeta?

a)

A. Boy-boyan

b)

B. Gatrik

c)

C. Oray-orayan

d)

D. Sondah

3.

Kalimah anu te ngagunakeun kecap barang nyaeta?

a)

A. Barudak sakola keur ngarawih

b)

B. Asih ngawurkeun kewuk kana lante

c)

C. Rohman tumpak kukudaan

d)

D. Rina mawa papan congklak

4.

anu kaasup kalimah pasif di handap ieu nyaeta?

a)

A. Aminah nyapukeun runtah di buruan

b)

B. Daun kangkung keur dipotongan ku Rahma

c)

C. Galih keur ngumbah sapedah

d)

D. Ucing ngegel tulang hayam

5.

Tulisan aksara gede anu merenah larapna aya dina kalimah?

a)

A. Poe kamari kuring ngelapan Kaca

b)

B. Tauco teh kadaharan anu dijieun tina kacang Suuk

c)

C. Pepelakan gararing ku sabab Halodo

d)

D. Kuring boga cita-cita hayang ka Mekah

6.

Teks diluhur mangrupakeun contoh karangan?

a)

A. Argumentasi

b)

B. Eksposisi

c)

C. Deskripsi

d)

D. Narasi

7.

Naon sababna Siti indit ka Sakola rebun-rebun?

a)

A. Hayang ngabuktikeun ka babaturannana yen manehna murid tuladan

b)

B. Hayang te ngarasakeun macet

c)

C. Hayang diuk dina korsi panghareupna

d)

D. Hayang ngabuktikeun ka babaturannana yen manehna moal kabeurangan deui

8.

Carita dina teks di luhur mangrupakeun contoh pangalaman anu?

a)

A. Pikabungaheun

b)

B. Pikasediheun

c)

C. Pikakeuheuleun

d)

D. Pikaambekkeun

9.

Rini nembongkeun sapatu anyar ka babaturanna

Antonim kecap anu di kandelan nyaeta?

a)

A. Alus

b)

B. Heubeul

c)

C. Weuteuh

d)

D. Mahal

10.

Tengetan cara ngaringkes karangan di handap ieu?

1) Susun poko-poko pikiran jadi karangan ngaguluyur

2) Baca kabeh karangan kalawan taliti

3) Baca deui unggal paragraf nepika hidep manggihan pikiran utama unggal paragraf
Susunan cara-cara nyieun ringkesan karangan nu bener nyaeta?

a)

A. 2-1-3

b)

B. 2-1-3

c)

C. 2-3-1

d)

D. 3-2-1

11.

Watekna pupuh iye nyaeta?

a)

A. Bingung

b)

B. Pikaseurieun

c)

C. Sedih

d)

D. Piwuruk

12.

Guru lagu dina pupuh mijil iye nyaeta?

a)

A. i, o, e, i, i, jeung u

b)

B. a, i, u, e, o, jeung u

c)

C. i, i, e, o, a, jeung u

d)

D. u, a, e, u, i, jeung u

13.

Jumlah engang unggal padalisan dina pupuh iye nyaeta?

a)

A. 10, 6, 9, 9, 6, jeung 6

b)

B. 10, 5, 10, 10, 5, jeung 5

c)

C. 10, 6, 11, 10, 6, jeung 6

d)

D. 10, 6, 10, 10, 6, jeung 6

14.

Kalimah di handap ieu ngagunakeun kecap sipat nyaeta?

a)

A. Irma make sapatu

b)

B. Asep mah budak anu soleh

c)

C. Adi lumpat ngudag baturna

d)

D. Ida boga baju kabaya

15.

Eman jeung Ade mah ............ ka mana-mana babarengan jeung tara daek pasea.

Paribasa anu cocok pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta?

a)

A. Kawas kacang ninggang kajang

b)

B. Kawas ucing jeung anjing

c)

C. Kawas bueuk meunang mabuk

d)

D. Kawas gula jeung peueut

16.

Bu Rahmi: "Geus tilu poe Ani teu sakola. Cing barudak aya nu apal ka mana ari Ani?"
Dika: "...................................."

Bu Rahmi: "Ya Allah... mugia enggal sehat deui!"

Kalimah anu cocok pikeun ngalengkepan paguneuman di luhur nyaeta?

a)

A. "Te damang Bu, kamari ge dicandak lalandong ku ambuna"

b)

B. "Kamari oge tos teu sakola, Bu"

c)

C. "Nuju nyaba ka Garut, Bu"

d)

D. Geubis tina sapedah waktos dinten kamari"

17.

Kalimah di handap ieu anu mangrupakeun conto kalimah langsung nyaeta?

a)

A. Yeni nyarita ka baturna yen manehna boga baju alus

b)

B. Rina nitah ka Adina pikeun miceun runtah

c)

C. "Teteh, ieu acis ti mamah," ceuk Noni

d)

D. Bu Ida naroskeun acuk saragam ka Bu Pipih

18.

Anu te kaasup kana conto istilah kasehatan nyaeta?

a)

A. Bidan

b)

B. Haseup

c)

C. Salesma

d)

D. Paru-paru

19.

Kuring udur geus dua poe, jadi teu bisa ka sakola.

Sinonim tina kecap anu dikandelan nyaeta?

a)

A. Sehat

b)

B. Cageur

c)

C. Gering

d)

D. Wegah

20.

Awakna panas.......................... lantaran muriang.

Kecap keterangan sipat anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta?

a)

A. Nyebret

b)

B. Nongtoreng

c)

C. Ngagentak

d)

D. Ngaheab

21.

Ngaran kaulinan barudak nu aya dina gambar nyaeta?

(a)  

22.

Kalimah nu jejerna migawe pagawean disebut kalimah?

(a)  

23.

Antonim tina kecap Loba nyaeta?

(a)  

24.

Ardi keur mungkusan kurupuk
Jejer dina kalimah di luhur nyaeta?

(a)  

25.

Kecap pananya nu digunakeun pikeun nanyakeun waktu kajadian nyaeta?

(a)  

26.

Rina ngagandong tas badag.
Kecap sipat dina kalimah di luhur nyaeta?

(a)  

27.

Jumlah engang unggal padalisan dina wangun pupuh disebutna?

(a)  

28.

Jumlah jalma nu ngalakukeun paguneman saeutikna kudu aya (a)   urang

29.

Kalimah anu langsung diucapkeun ku nu nyaritana disebut kalimah?

(a)  

30.

Sinonim hartina (a)   kecap

31.

Robah kalimah di handap iye janten kalimah pasif!
Mang Koko keur macul di sawah

(a)  

32.

Jieun kalimah pananya anu jawabanana luyu jeung kalimah di handap ieu!
Kaayaan imah Riza raresik tur asri

(a)  

33.

Robah kalimah langsung dihandap ieu jadi kalimah teu langsung!
Pangmeserkeun gula ka warung! ceuk Bapa ka Ajeng

(a)  

34.

Jieun 3 kalimah anu make kecap sipat!

(a)  

35.

Tuliskeun 6 conto kecap anu kaasup kana istilah kasehatan!

(a)