NEW
Font size
WorksheetsKuis Basa Sunda Pangajaran 5-Wirausaha Kelas 6
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Kagiatan paguneman tanya jawab antara nu nanya jeung narasumber disebut...
Biantara
Biografi
Wawancara
Paguneman
Hal nu perlu diéstokeun lamun urang rek ngayakeun kagiatan wawancara nyaéta...
Muguhkeun informasi naon nu rék dikumpulkeun
Asal milih narasumber
Nangtukeun waktu wawancarana dadakan
Pertanyaanna teu ditangtukeun heula
April: ".........................."
Pa Robi: "Lami pisan, Neng. Ti keur sakola di SMP kénéh bapa mah tos dagang kantong."
Pertanyaan anu saluyu jeung jawaban tina wawancara di luhur nyaéta...
Ti iraha bapa mésér kantong?
Kunaon bapa dagang kantong ti SMP?
Saha nu dagang kantong téh?
Ti iraha bapa janten pangusaha kantong?
Lamun urang rék nanyakeun alesan narasumber ngadegkeun hiji usaha, kudu ngagunakeun kecap pananya...
Iraha
Naon
Saha
Kumaha
Dagangan nu teu laku (payu) disebutna...
Dadasar
Elos
Untung
Ngeumbreuk
Omong harus batan goong.
Paribasa éta sarua hartina jeung...
Beja atawa berita gancang narekabna bari sok ditambahan
Hadé goréng bébéja heula
Nyaritakeun rusiah sorangan nu matak aib
Jalma beunghar nu terus-terusan babanda
Kumaha nyaéta kecap pananya pikeun nanyakeun...
Jalma
Tempat
Hal, barang, jsté.
Cara atawa kaayaan
Bilangan 21 disebut ogé...
Salikur
Sawelas
Sawindu
Sawidak
Bagang barang ka tempat nyieunna atawa tempat asalna disebutna...
Dagang oncom rancatan emas
Mata dijual ka peda
Dagang peda ka Cirebon
Hadé tata, hadé basa
Ngamparkeun jeung ngatur dagangan disebut...
Émpér
Toko
Ngeumbreuk
Dadasar
Pikeun nuluykeun paribasa "hadé ku omong, ..." nyaéta...
Goréng ku basa
Goréng ku omong
Hadé ku basa
Hadé tata
Sawidak nyaéta bilangan...
25
60
50
21
Ieu dihandap rupa-rupa wawancara, iwal...
Wawancara wartawan
Wawancara panalungtikan
Wawancara lamaran gawé
Wawancara tugas sakola
Kecap bantu bilangan anu merenah keur awi, nyaéta...
Sasihung
Saleunjeur
Sagandu
Salikur
Kecap-kecap nu teu kaasup kana tempat jualan nyaéta...
Toko
Warung
Saung
Pasar
"Bi Inah mésér endog..."
Kalimah bilangan pikeun ngalengkepan kalimat na nyaéta...
Saparapat
Sagandu
Saleunjeur
Sasikat
Paribasa "bonténg ngalawan kadu" ngandung harti...
Teu daék akur
Nu lemah ngalawan nu kuat
Réa pangalaman hirupna
Jalma anu réngkah paripolahna
Ngajual barang ka luar negeri disebut...
Bati
Dadasar
Impor
Ékspor
Wawangunan panjang teu dibilikan paranti neundeun barang dagangan disebut...
Dadasar
Warung
Pasar
Elos
Wawancara nu tujuanna pikeun ngumpulkeun data jang olaheun disebut...
Wawancara wartawan
Wawancara panalungtikan
Wawancara lamaran gawé
Wawancara warta
