wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Lat. Soal Warta Sunda Kelas XI

Total questions: 40

Worksheet time: 21mins

Name
Class
Date
1.

Warta mah beja dumasar kanyataan atawa fakta anu dikumpulkeun ngaliwatan tilu cara ... .

a)

nalungtik, dokumentasi jeung wawancara

b)

observasi, wawancara, jeung riset media

c)

riset media, dokumentasi, jeung pemotretan

d)

rekaman, pemotretan, jeung obserasi

2.

Iber atawa beja ngeunaan perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh pamadegan, dumasar kana kanyataan nu diumumkeun dina media massa disebut ... .

a)

wawaran

b)

wawartos

c)

majalah

d)

warta

3.

struktur warta teh dibagi tilu bagian ...

a)

tema, headline, lead

b)

judul, tema jeung bubuka

c)

judul, lead, jeung warta tubuh

d)

bubuka, isi, panutup jeung riset dokumentasi

4.

Biasana warta teh sok dimuat dina media cetak atawa diumumkeun dina ...

a)

radio, TV

b)

meja

c)

baju

d)

kelas

5.

jalma nu nyieun warta, sok disebutna

a)

wartawan

b)

artis

c)

guru

d)

ibu

6.

lamun nulis warta kudu nyumponan unsur-unsur pangwangunna anu disebut ...

a)

4W+1H

b)

3W+2H

c)

5W+1H

d)

6H+1H

7.

warta sok disebutna

a)

majalah

b)

kartu

c)

radio

d)

berita

8.

naon nu disebut headline dina warta

a)

judul warta

b)

eusi warta

c)

bubuka warta

d)

paragraf bubuka

9.

jalma anu diwawacara ku urang pikeun kapentingan warta disebutna ...

a)

sumber warta

b)

nulis warta

c)

wartawan

d)

jurnalistik

10.

nyieun lead ulah panjang teuing, paling rea aya ...

a)

30 kecap

b)

20 kecap

c)

40 kcap

d)

50 kecap

11.

Warta nyaéta béja anu ditulis dumasar kana ....

a)

referensi

b)

opini

c)

fakta

d)

tema

e)

waktu

12.

Istilah pikeun jalma anu sok nyieun warta disebut ....

a)

editing

b)

kameramen

c)

jurnalistik

d)

redaktur

e)

jurnalis

13.

Eusi warta téh kudu ngawengku 5W + 1H. Nu dimaksud 5W + 1H dina basa Sunda nyaéta ....

a)

naon, iraha, dimana, saha, kunaon, naha

b)

naon, kunaon, saha, dimana, iraha, naha

c)

naon, kunaon, naha, dimana, iraha, kumaha

d)

naon, iraha, dimana, saha, kunaon, kumaha

e)

kunaon, iraha, dimana, saha, naha, kumaha

14.

5W + 1H dina warta posisina kudu ....

a)

Matok urutana teu meunang dirobah

b)

Matok urutanana tapi meunang sabagian unsur nu aya

c)

Sakahayang nu nulis warta

d)

Teu aya patokan urutana nu penting kabéh unsur aya

e)

Teu aya patokan urutana jeung bisa wae sabagian unsur wungkul nu aya

15.

Tanya jawab jeung hiji jalma, boh ahli boh jalma biasa nu dianggap apal kana perkara anu rek diwartakeun ku urang disebut ....

a)

dokumentasi

b)

wawancara

c)

riset

d)

konflik

e)

paniten

16.

Di handap ieu prinsip penting anu kudu dipikanyaho dina nulis warta, iwal ti

a)

subjektif

b)

objektif

c)

faktual

d)

netral

e)

fakta

17.

Dina nulis berita, ulah nunjukeun beurat sabeulah kahiji pihak atawa golongan, nepika dianggap ngarugikeun pihak atawa golongan nu séjén. Mangrupa pengertian tina prinsip nulis berita, nyaéta ….

a)

subjektif

b)

objektif

c)

faktual

d)

netral

e)

fakta

18.

Titénan teks warta di handap ieu !

“Ceuk salah sahiji saksi, nyaéta Asep (40), mobil treuk anu ditumpakan ku supir jeung kenék téh ujug-ujug méngpar ka katuhu, nepi ka ahirna nabrak motor anu keur maju di jalur sabalikna”

Téks di luhur bisa ngajawab pertanyaan tina rumus 5W + 1H, nyaéta …

a)

Kumaha réaksi ti masarakat anu aya di tempat tabrakan?

b)

Kumaha kajadian éta tabrakan téh?

c)

dimana kajadian éta tabrakan?

d)

Kendaraan naon anu tabrakan?

e)

Saha anu tabrakan téh?

19.

Titénan teks warta di handap ieu !

“Ceuk salah sahiji saksi, nyaéta Asep (40), mobil treuk anu ditumpakan ku supir jeung kenék téh ujug-ujug méngpar ka katuhu, nepi ka ahirna nabrak motor anu keur maju di jalur sabalikna”

Unsur 5W + 1H anu aya dina téks di luhur nyaéta …

a)

what

b)

where

c)

when

d)

why

e)

how

20.

Istilah pikeun jalma anu sok nyieun warta disebut ....

a)

editing

b)

kameramen

c)

jurnalistik

d)

redaktur

e)

jurnalis

21.

Jalma anu macakeun berita di TV disebut ….

a)

master of ceremony

b)

reporter

c)

newsanchor

d)

wartawan

e)

jurnalis

22.

Di handap ieu hal anu teu kudu dikawasa (dikuasai) ku jalma anu macakeun berita nyaeta ....

a)

artikulasi

b)

gestur

c)

lafal

d)

gaya

e)

intonasi

23.

Dina macakeun berita, kudu niténan (memperhatikan) naék turunna irama suara, tekanan suara, volume suara, sarta jeda suara. Eta hal mangrupa wangenan (pengertian) tina ….

a)

pengucapan

b)

intonasi

c)

pelafalan

d)

gestur

e)

artikulasi

24.

“Saméméh jadi cagar alam, éta lahan téh dipimilik ku Cornélis Chastelein, tuan tanah urang Walanda anu kasohor lega tanahna”

Téks berita singkat di luhur bisa ngajawab pertanyaan tina rumus 5W+1H, nyaéta ….

a)

what

b)

who

c)

where

d)

when

e)

how

25.

Dina prinsip nulis berita, urang kudu objéktif. Anu dimaksud objéktif nyaéta ….

a)

Tulisan berita kudu mangrupa fakta, tapi bisa ditambah-tambahkeun ku pendapat ti para panulis.

b)

Tulisan berita lain fakta, sarta bisa ditambah-tambahkeun ku pendapat ti para panulis jeung pendapat jalma séjén

c)

Tulisan berita lain fakta, sarta bisa ditambah-tambahkeun ku pendapat ti para panulis.

d)

Tulisan berita kudu murni mangrupa fakta, henteu ditambah-tambahkeun ku pendapat ti para panulis.

e)

Tulisan berita kudu mangrupa fakta, tapi bisa ditambah-tambahkeun ku pendapat ti wartawan.

26.

Sikap tubuh jeung éksprési nalika nyarita atawa macakeun berita, disebut ….

a)

gaya

b)

gerak

c)

pasemon

d)

gestur

e)

ekspresi

27.

Nu teu kaasup bagian pikeun ngumpulkeun fakta nyaeta ku cara ….

a)

observasi

b)

aktualisasi

c)

wawancara

d)

dokumen

e)

riset media

28.

Naskah siaran teu meunang ngahina sual SARA. Ieu di handap anu lain panjangna tina SARA nyaéta ...

a)

suku

b)

agama

c)

rasa

d)

antar golongan

e)

ras

29.

Sesebutan liana tina Judul warta nyaeta ....

a)

headline

b)

lead

c)

intro

d)

tubuh warta

e)

timeline

30.

Dina poe Ahad nu geus kaliwat (...), di kampung manggis hilir (...), tepatna tabuh 10 enjing parantos aya hiji kajadian anu ngahebohkeun warga salembur (...), ku sabab ayana longsor dicaket pasawahan warga (...)

Tina kajadian ieu, sakedikna 1 warga pupus anu jenenganna bapak sobri tukang kuli macul, sareng 4 warga sanesna kudu dicandak ka cimande kusabab tulang panangana pateuh katinggang urug (...).

(a)  

31.

Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya....

a)

naon, kunaon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha

b)

saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha

c)

iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana

d)

naon, kunaon, saha, ku saha, mana, di mana

e)

mana, nu mana, di mana, ti mana, ka mana, belah mana

32.

5W + 1H dina warta posisina kudu ....

a)

Matok urutana teu meunang dirobah

b)

Teu aya patokan urutana nu penting kabéh unsur aya

c)

Matok urutanana tapi meunang sabagian unsur nu aya

d)

Teu aya patokan urutana jeung bisa wae sabagian unsur wungkul nu aya

e)

Sakahayang nu nulis warta

33.

tanya jawab jeung hiji jalma, boh ahli boh jalma biasa nu dianggap apal kana perkara anu rek diwartakeun ku urang disebut ....

a)

paniten

b)

wawancara

c)

riset media atawa dokumentasi

d)

konflik

e)

warta

34.

Pikeun ngumpulkeun fakta keur nyieun warta aya sababaraha cara nu bisa dilakukeun. Nu teu kaasup kana cara na nya éta ...

a)

panitén

b)

observasi

c)

wawancara

d)

ghibah

e)

risét média/dokuméntasi

35.

“Kawijakan Pamaréntah”

Poé ieu, Senén 15 Desember 2008, pamaréntah nurunkeun deui harga jual bahan bakar minyak (BBM) jenis prémium saharga Rp. 5.000,-/létér jeung solar Rp. 7.000,-/létér. Ti mimiti jam 00.00 WIB. Harga prémium deui tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 5.000,-/létér, sedengkeun solar tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 4.800,-/létér.

Turunna harga BBM éta ditepikeun ku Présidén Susilo Bambang Yudhoyono dina keterangan pers satutas rapat kabinet terbatas di kantor Présidén, Jakarta Ahad 14 Désémber 2008 soré.


Warta di luhur ditepikeun dina tanggal ...

a)

20 Désémber 2009

b)

25 Désémber 2008

c)

15 Désémber 2009

d)

15 Désémber 2008

e)

25 Désémber 2009

36.

Warta teu meunang nuduh salah ka hiji jalma, lamun ....

a)

geus kabuktian kasalahanana sacara hukum

b)

tacan kabuktian kasalahanan sacara hukum

c)

tacan kabuktian kasalahanana ceuk balaréa

d)

tacan kabuktian kasalahanana ceuk wartawan

37.

Eusi warta téh kudu nétral, maksudna ....

a)

teu meunang mihak ka pamingpin

b)

teu meunang mihak ka balaréa

c)

teu meunang mihak ka salahsahijji pihak

d)

teu meunang mihak ka nu boga médiana

38.

Kajadian anu ngandung ajen warta biasana ngandung unsur-unsur nu bisa diangkat jadi warta, salah sahijina aya konflik (conflict). Ieu di handap anu henteu kaasup kana konflik nu bisa jadi warta nyaeta....

a)

Rajapati

b)

Politik

c)

Perang

d)

Rusiah atawa Privasi

e)

Tawuran

39.

Pikeun nanyakeun kaayaan ilaharna digunakeun kecap pananya ...

a)

Naon

b)

Dimana

c)

Kumaha

d)

Naha

e)

Naon sabab

40.

Pikeun nanyakeun kajadian,  ilaharna digunakeun kecap pananya...

a)

Dimana

b)

Kumaha

c)

Naon

d)

Saha

e)

Kunaon