Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Basa

Total questions: 20

Worksheet time: 22mins

Name
Class
Date
1.

Anu disebut novel téh nyaéta karya sastra anu ….

a)

Ditulis maké basa Sunda

b)

Eusina kajadian anu henteu asup akal

c)

Palaku utamana ngumbara

d)

Palakuna bisa robah watek tina protagonis jadi antagonis

e)

Mangrupa carita rékaan anu galurna sambung-sinambung

2.

Unsur intrinsik anu heunteu aya dina novel nyaeta...

a)

tema

b)

palaku

c)

unsur pamohalan

d)

puser sawangan

e)

amanat

3.

Novel minangka karya sastra Sunda modéren mangrupa hasil sampeuran (adopsi) tina sastra ….

a)

Jawa

b)

Malayu

c)

Arab

d)

Jepang

e)

Walanda

4.

Novel munggaran di tatar Sunda nyaéta...

a)

Gogoda kanu Ngora

b)

Baruang ka nu Ngora

c)

Handeuleum na Haté

d)

Rusiah nu Goréng Patut

e)

Demung Janggala

5.

Palaku anu ngagunakeun kecap gaganti ‘kuring’ dina eusi caritana, kaasup kana puseur sawangan ….

a)

Jalma kahiji

b)

Jalma katilu sarwa nyaho

c)

Jalma katilu panitén

d)

Jalma kadua

e)

Jalma kahiji panitén

6.

Anu ngabédakeun antara téks novel jeung téks carita pondok nyaéta tina ….

a)

Pangaruh sastra sampeuranana

b)

Panjang caritana

c)

Kahususan basa lancaran

d)

Kahususan basa lancaran

e)

Amanatna

7.

Genre novel anu eusina nyaritakeun ngeunaan muka rusiah tina hiji kajadian, anu biasana nu maca ogé ngilu mikirkeun pipamustungeunana, disebut novel ….

a)

Jiwa

b)

Barudak

c)

Misteri

d)

Jurig

e)

Cintai

8.

Sastrawan Sunda wanoja anu medalkeun novel di antarana Puputon, Lalangsé, jeung Sanggeus Halimun Peuray nyaéta ….

a)

Erry Riana

b)

Ayu Utami

c)

Erry Riana

d)

Ratih Sanggarwati

e)

Aam Amilia

9.

Maham eusi novel. nataan kajadian, nyieun rangkay novel, rinkesan novel. ka abus kana .... Novel

a)

Rangkay novel

b)

Unsur lahir novel

c)

unsur batin novel

d)

Intrpretasi Novel

e)

Nyaritakeun eusi novel

10.

Novel Pangéran Kornél, Perang Bubat, jeung Carios Pangperangan Dipanegara, kaasup kana genre novel ….

a)

Cinta

b)

Barudak

c)

Rumaja

d)

Sajarah

e)

Sosial

11.

Novel anu nyaritakeun pasualan pelaku jeung kajiwaanna (psikologis), yaeta....

a)

Novel Jiwa

b)

Novel Rumaja

c)

Novel Dewasa

d)

Novel Silih asih

e)

Novel Barudak

12.

Anugrah anu tiap taun dilélérkeun pikeun karya sastra daérah utamana sastra Sunda nyaéta ….

a)

Piala Gubernur

b)

Hadiah Hardjapamekas

c)

Hadiah Sastra Rancagé

d)

Hadiah Hardjapamekas

e)

Gebyar Bahasa dan Sastra

13.

Novel anu eusina nyaritakeun hubungan asmara para palaku... Nyaeta...

a)

Novel Jiwa

b)

Novel Rumaja

c)

Novel Dewasa

d)

Novel Silih Asih

e)

Novel Sajarah

14.

Hal anu bisa diala tina eusi novel, utama geusan pibekeleun hirup, disebut ….

a)

Téma

b)

Amanat

c)

Galur

d)

Palaku

e)

Puseur sawangan

15.

Prak tataan kajadian anu ditataan tina novel di handap kalawan gemet!

(1) Lulus ti pasantrén, Radén Yogaswara digawé ngurus kuda di karaton.

(2) Aya hiji budak anu ngaranna Radén Yogaswara, dumuk di Nagri Tengah.

(3) Radén Yogaswara didik di pasantrén Janggala ku Kiai Abdul Mugni.

(4) Radén Yogaswara apal yén dirina masih aya turunan ménak, nu matak boga angen-angen hayang jadi pangawasa.

(5) Radén Yogaswara dijurung ku bapana pikeun ngalap élmu agama jeung ngabdi ka Kangjeng Dalem.

(Mantri Jero – Radén Méméd Sastrahadiprawira)

Dumasar kana runtuyan kajadian di luhur, sangkan merenah maka urutan galurna nyaéta

a)

(2), (4), (5), (3), (1)

b)

(1), (3), (5), (2), (4)

c)

(2), (3), (5), (4), (1)

d)

(2), (4), (5), (1), (3)

e)

(1), (2), (3), (5), (4)

16.

Ditilik tina wangun téksna, novel kaasup kana jinis téks ….

a)

Dékripsi

b)

Arguméntasi

c)

Éksposisi

d)

Biografi

e)

Fiksi

17.

Novel anu meunang Hadiah Sastra Rancagé dina taun 2021 nyaéta ….

a)

Sasalad karya Dadan Sutisna

b)

Tanjeur na Juritan Jaya di Buana karya Yoséph Iskandar

c)

Galuring Gending karya Tatang Sumarsono

d)

Kembang-Kembang Petingan karya Holisoh M.E.

e)

Béntang Hariring karya Dian Héndrayana

18.

Prak baca sempalan novel di handap kalawan gemet!

Nincak kana genep welas taun, Nyi Asmanah beuki loba pamolahna. Lamun keur aya di imah gawéna beberesih di jero imah jeung di pawon, teu paya aya nu kotor, aya nu bala. Indung-bapana seuri baé, bawaning bungah ari nyeueung Nyi Asmanah digawé nepi ka ngésang, karepna sorangan da euweuh nu nitah. Rajeun digeunggeureuhkeun ku indungna, ulah sok kabina-bina teuing bébérés jeung bebersih téh, malikkeun omongna, “na Ema teu resep beberesih?”

Ka lisung teu beunang dicarék, pipilueun nutu. Diakalan ku indungna, ana nutu muruhkeun. Tapi Nyi Asmanah teu beunang diakalan kitu, da sok ngabantuan nu buburuh, majarkeun téh karunya cenah.

Ka tampian ngadon kukumbah jeung nyeuseuh teu aya poé kaliwat, nu tangtu sapoé dua balikan, isuk-isuk jeung pasosoré. Pasosoré tangtu ka caina ngélék boboko dieusi wadah kumbaheun, ari isuk-isuk biasana mawa seuseuhan. Anggeus kukumbah, ngisikan atawa nyeuseuh, kakara brus mandi. Tara teuing mandi oray cara batur Nyi Asmanah mah, kudu waé mesék disabun ku buah rerek, dikasay ku pentil jambu atawa kulit papagan asem.

(Burak Siluman – Moh. Ambri)

Tina téks di luhur, naon amanat anu bisa diala?

a)

Kudu seuri lamun aya nu keur beberesih

b)

Kudu kukumbah sanajan masih beresih

c)

Ulah jadi jelema anu picarékeun kolot

d)

Kudu rajin beberesih di imah

e)

Teu meunang mandi oray siga batur

19.

Prak baca sempalan novel di handap kalawan gemet!

Dina hiji waktu, aya kajadian alam anu matak tugenah ka unggal jalma di dayeuh. Di langit katémbong aya béntang kukus. Éta téh totondén moal lila deui bakal aya peperangan, hujan angina anu nandakeun bakal datang bahala, jeung caringin rungkad nu nandakeun nu nyekel kakawasaan bakal leungituen wibawana. Mareng jeung ayana éta totondén, Sutawijaya ti Mataram keur ngalakukeun peperangan pikeun meruhkeun nagara-nagara nu aya di sabudeureunana. Ngadéngé béja balatentara Mataram geus datang ka daérah Kawasén nu padeukeut jeung Nagara Tengah.

(Mantri Jero – Radén Méméd Sastrahadiprawira)

Tina téks di luhur, naon maksud tina kecap totondén anu kaunggel?

a)

Firasat

b)

Mitos

c)

Ramalan

d)

Informasi

e)

Informasi

20.

Prak baca sempalan novel di handap kalawan gemet!

Ka tampian ngadon kukumbah jeung nyeuseuh teu aya poé kaliwat, nu tangtu sapoé dua balikan, isuk-isuk jeung pasosoré. Pasosoré tangtu ka caina ngélék boboko dieusi wadah kumbaheun, ari isuk-isuk biasana mawa seuseuhan. Anggeus kukumbah, ngisikan atawa nyeuseuh, kakara brus mandi. Tara teuing mandi oray cara batur Nyi Asmanah mah, kudu waé mesék disabun ku buah rerek, dikasay ku pentil jambu atawa kulit papagan asem.

Balik ti cai disamping jangkung, baju disampaykeun kana taktak, mun teu disampaykeun dipaké tiung. Ditarurutan ku barudak awéwé nu séjén, da lucu kadeuleuna.

Kukuna, kuku suku kuku leungeun salawasna dempes, tingguliweng beureum sapotong ku pacar. Huntuna gula gumantung, masina geus arék béak bodas ku mindeng digosok, digusrukan ku cangkang jebug.

(Burak Siluman – Moh. Ambri)

Tina sempalan novel di luhur, aya kabiasaan masarakat tradisional anu kiwari geus ditinggalkeun nyaéta ….

a)

Nyampaykeun baju kana taktak

b)

Sanggeus kukumbah tuluy mandi

c)

Alat mandi jeung ngosok huntu maké tutuwuhan

d)

Baju ditiungkeun sanggeus mandi

e)

Resep ngagantung gula dina huntu