NEW
Font size
WorksheetsSTS S2 BASA SUNDA KELAS 7
Total questions: 25
Worksheet time: 4mins
Paripolah hartina.....
Hewan
Pohon
Tingkah Laku
Jalma
Sajak teh kaasup kana wangun karanngan ...
Lancaran
Ugeran
Rekaan
Pondok
Sajak munggaran medal dina satra Sunda kira-kira dina taun ...
1946
1956
1943
1953
Nu munggaran ngarang Sajak dina satra Sunda teh nya eta ...
Sayudi
Kis W.S
Yus Rusyana
Ajip Rosidi
"Panonna beureum siki saga"
diwangun ku sabaraha engang potongan sajak diluhur ...
9 Engang
4 Engang
5 Engang
8 Engang
Sasaruan sora dina hiji sajak sok di sebut ...
Guru Lagu
Guru Wilangan
Engang
Purwakanti
Unsur pangwangun sajak anu mibanda harti pesen panyajak anu karasa kunu maca sajak disebut ...
Jejer
Rasa
Suasana
Amanah
Wangun karya sastra puisi bebas anu teu kauger kukatangtuan lobana pada padalisan, guru wilangan jeung guru lagu sok disebut ...
Paguneman
Drama
Prosa
Sajak
TANAH SUNDA
KARYA AJIP ROSIDI
Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring
Masing di mana kuring nangtung
Masing ka mana kuring leumpang
Tanah lémbok tempat bumetah
Angin nyéot nyiuman tarang
Masing di mana anjeun nunjuk
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mungpang kuring rék datang
Neueulkeun tarang neueulkeun jantung
Kuring tungtung teuteupan
Kuring tungtung
Teuteupan
Tungtung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian getih ngabayabah
Getih maranéhanana nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasad nu ruksak ngalungsar na dada anjeun
Héjo pagunungan paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman
Ngan lantaran kuring cinta
Ngan lantaran kuring tresna
Langit hibar lembur musnah
Jalan lecek ngabalungbung ka kota
Kembang beureum buah biru
Kembang wéra kembang jayanti
Tanah tempat kuring sideku
Ngurugan mun kuring tepi ka pati
Diwangun sabaraha padalisan dina sajak diluhur ...
31
32
33
34
Deuleu, panonpoe huhujanan
Boa pohaci marandi
Ieung, panonpoe teh cirambay
Boa aya nu digupay
Sssttt, geuing ieu hujan poyan
Boa karuhun keur moyan.
Teangan Guru Lagu jeung Guru Wilangan di tiap Padalisan dina sajak diluhur ...
Padalisan Ka 1 : 9A
Padalisan Ka 2 : 8I
Padalisan Ka 3 : 10A
Padalisan Ka 4 : 8A
Padalisan Ka 5 : 9A
Padalisan Ka 6 : 8A
Padalisan Ka 1 : 9A
Padalisan Ka 2 : 8I
Padalisan Ka 3 : 10A
Padalisan Ka 4 : 8A
Padalisan Ka 5 : 9A
Padalisan Ka 6 : 9A
Padalisan Ka 1 : 9A
Padalisan Ka 2 : 8I
Padalisan Ka 3 : 10A
Padalisan Ka 4 : 8A
Padalisan Ka 5 : 8A
Padalisan Ka 6 : 8A
Padalisan Ka 1 : 9A
Padalisan Ka 2 : 8I
Padalisan Ka 3 : 9A
Padalisan Ka 4 : 8A
Padalisan Ka 5 : 9A
Padalisan Ka 6 : 8A
Sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan nya eta ...
Guru Lagu
Guru Wilangan
Engang
Purwakanti
Jumlah engang nu aya dina unggal padalisan nya eta ...
Guru Lagu
Guru Wilangan
Engang
Purwakanti
Unsur sajak anu eusina ngeunaan poko pikiran nya eta ...
Jejer
Nada
Rasa
Amanah
Harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksud nya eta ...
Konotatif
Denotatif
Purwakanti
Harti anu langsung atawa saujratna nya eta ...
Konotatif
Denotatif
Purwakanti
Mun dagang hayang maju, kudu bisa ngala leuwihna. kaasup kana ngandung harti ...
Konotatif
Denotatif
Purwakanti
Mang Iding keur ngala lauk balong. kaasup kana conto anu ngandung harti ...
Konotatif
Denotatif
Purwakanti
Masing di mana kuring nangtung
Masing ka mana kuring leumpang
Tanah lembok mantak beutah
Angin nyeot nyiuman tarang
Aya sabaraha engang dina padalisan ka 3 ...
8 Engang
9 Engang
10 Engang
7 Engang
Masing di mana kuring nangtung
Masing ka mana kuring leumpang
Tanah lembok mantak beutah
Angin nyeot nyiuman tarang
Aya sabaraha engang dina padalisan ka 2
7 Engang
8 Engang
9 Engang
10 Engang
Maksud anu rek ditepikeun ku pangarang sajak disebutna...
Amanat
Nada
Rasa
Wirahma
Nu kaasup tokoh Sajak Sunda di handap ieu nyaeta ...
Godi Suwarna
Budi CIlok
Rita Tila
Asep Balon
"TANAH SUNDA" mangrupa salah sahiji sajak nu eusina nyaritakeun kaendahan alam, ditulis ku ...
Ajip Rosidi
Kis W.S
Godi Suwarna
Etty R.S
HUJAN POYAN
Ku: Apip Mustopa
Deuleu, panonpoe huhujanan
Boa pohaci marandi
Ieung, panonpoe teh cirambay
Boa aya nu digupay
Sssttt, geuing ieu hujan poyan
Boa karuhun keur moyan
Diwangun ku sabaraha pada jeung sabaraha padalisan sajak di luhur?
3 pada, 3 padalisan
6 pada, 10 padalisan
6 pada, 3 padalisan
3 pada, 6 padalisan
Maksud "Nada jeung Suasana" dina unsur sajak nya eta ...
Gagasan poko anu rek ditepikeun
Sikep panyajak ka nu maca
Hal-hal anu ngajiwaan eusi sajak
Pesen panyajak anu karasa
Salah sahiji tehnik maca sajak nya eta ...
Artikulasi kudu bener
Teu kudu ngagunakeun intonasi
Macana tarik
Meureumkeun mata
