NEW
Font size
WorksheetsUJI COBA TES SUNDA
Total questions: 50
Worksheet time: 50mins
Hiji tulisan anu dijerona ngaguar ngeunaan tradisi Sunda kalayan jero tur mundel, nya éta…
Bahasan Tradisi Sunda
Bahasan Budaya Sunda
Bahasan Sastra Sunda
Bahasan Bahasa Sunda
Bahasan Nuansa Sunda
Dina tradisi Sunda aya nu disebut pamali, kumaha maksudna?...
Pamali nya éta panyaram urang Sunda sangkan ulah milampah nu dianggap salah
Pamali nya éta panyaram urang Sunda sangkan dianggap bener
Pamali nya éta salah sahiji sisindiran nu aya di tatar Sunda
Pamali nya éta gaya basa nu aya dina basa Sunda
Pamali nya éta kabiasaan kolot Sunda jaman baheula
Dina adat istiadat Sunda, kolot sok nyarita ngeunaan panyaram laku lampah budak nu disebut pamali. Saupama aya budak nu cicing di lawang panto sok dicaram “ulah cicing dina lawang panto pamali! Bisi nongtot jodo.” Maksud sabenerna dina éta pamali nya éta…
Bisi hésé pendak jeung jodoh
Bisi ngahalangan jalan liliwatan
Bisi teu jadi kawin
Bisi bogoh ka dulur
Bisi rejeki teu bisa asup ka imah
Dina adat kawinan Sunda panganten osok disawér. Eusina nu disawérkeun nya éta konéng,béas,premén,duit récéh jst. Béas téh nglambangkeun ...
Ngalambangkeun sangkan rumah tanggana langgeng
Nglambangkeun sangkan rumah tanggana miboga kasucian
Ngalambangkeun sangkan rumah tanggana kacukupan ku rezeki
Nglambangkeun sangkan rumah tanggana teu paséa
Ngalambangkeun sangkan nu laki rabi teh lalintuh
Dina prosési adat kawinan Sunda, aya nu disebut meuleum harupat. Pangantén istri nyodorkeun lilin tuluy pangantén pameget meuleum harupat ku éta seuneu tina lilin. Sanggeus kitu harupat nu geus diduruk téh diasupkeun kana kendi nu eusina cai sarta éta kendi téh dicekel ku pangantén istri. Makna tina simbol adat ieu nya eta ...
Harupat nu dicekel ku pangantén pameget ngalambangkeun amarah, sedengkeun lilin anu dicekel ku pangantén istri ngalambangkeun ngagedurna émosi.
Dipiharep pangantén istri jeung pangantén pameget bisa nungtaskeun sagala rupa masalah rumahtangga babarengan. Istri nyekel kendi nu eusina cai ngalambangkeun yén istri kudu bisa niiskeun sakumna pasualan anu keur karandapan ku salaki.
Seuneu mangrupa lambang tina emosi négatif sedengkeun cai mangrupa lambang tina emosi positif, hartina istri kudu bisa terus méré hal positif ka salakina sanajan salaki ngalampahkeun hal négatif.
Seuneu téh éléhna ku cai, nya kitu deui salaki, éléhna pasti ku istri (pamajikan)
Dina adat kawinan Sunda aya nu disebut "Ngaras". Ngaras téh nya éta ...
Meresihan bulu kiang anu aya dina wajah calon pangantén istri.
Upacara nu dilaksanakeun ku calon pangantén, udaganana keur némbongkeun rasa hormat ka kolot jeung ménta du'a keur kalancaran pernikahan. Disimbolkeun ku sungkem jeung ngumbah suku ibu rama.
Ngamparkeun tujuh sinjang pikeun titincakan atawa tilam dampal calon pangantén istri ti kamarna dugi ka tempat siraman,
Ibu Rama ngais pangantén istri ti kamarna dugi ka tempat siraman.
DIna prosési siraman, urang kudu nyadiakeun cai anu geus dicampur ku 7 rupa kembang atawa disebut ogé kembang sataman. Tina tujuh rupa kembang anu wajib téh diantara nya éta kembang ros, kananga jeung malati. Makna tina éta kekembangan téh nya éta ...
Kembang ros mangrupa simbol kajujuran ti calon pangantén
Kembang malati mangrupa simbol pamikat sangkan pangantén dipikaresep ku balaréa
Kananga mangrupa simbol tina harepan sangkan pangantén bisa méré katenangan tur katingtriman haté
Kabéh jawaban bener
Budak lalaki anu umurna geus manjing kudu disunatan, lantaran wajib hukumna mungguh ceuk agama Islam. Istilah nyunatan atawa sok aya ogé nu nyebut nyundatan asalna tina kecap sudat, anu hartina ...
lalaki
kokocop
turih
ngeureut
Ciri khas, kabiasaan, atawa cara hidup tur sagala rupa nu aya patalina jeung budi sarta akal jelema anu tamuwuh jeung dipiboga ku sakumpulan masarakat di hiji daerah disebut ....
Tradisi
Adat
Budaya
Suku Bangsa
karakter
Sanggeus bérés éta orok di teundeun dina palupuh tuluy ditenjrag nyaéta suku paraji téh digentakan tilu kali di luhur palupuh, mimiti di belah luhur pas mastaka, kadua di belah katuhu, kadilu di belah kénca. Lamun imahna lain panggung biasana lain di tenjrag tapi digebrag, carana numbuk-numbukeun alu kana pangrih lobana tilu kali. Najan béda tapi tujuana mah sarua sangkan éta orok téh teu jadi budak anu ...
Pohoan
Ludeungan
Reuwasan
Soméah
Wantéran
Sanggeus kitu éta ari-ari téh di talian ku bola tilu kali beungkeutan. Beungkeutan kahiji jarakna 2 ramo tina beuteung orok, beungkeutan kadua jarakna 2 ramo tina beungkeutan nu kahiji, beungkeutan katilu, 3 ramo tina beungkeutan nu kadua jeung sanggeus kitu maké landasan konéng temen jeung duit récéh di handapna, Duit anu dijadikeun landasan nyaéta duit ringgit atawa duit emas. Maksudna dipakékeun landasan koin emas teh nya éta ...
sangkan orok bujalna henteu tonjol ka hareup
sangkan éta orok ka hareupna bakal jadi budak gedé milik jeung séhat
sangkan orok henteu ceurik wae tipeuting
sangkan orok henteu bauan ka sasaha
Di handap ieu anu m angrupa pantrangan pikeun istri anu keur kakandungan, iwal ...
teu meunang saré teu maké bantal sabab bisa nyusahkeun waktu ngalahirkeun
teu meunang ngadahar kulub endog sabab jaga anakna bisa-bisa bisul di sirah
eu meunang ngasaan angeun langsung dina sendok sabab bisa-bisa anakna goreng
teu meunang mandi unggal isuk sabab bisi orokna katirisan
Tuluy halis éta orok di balur ku sasihung ............., maksudna sangkan halisna alus melengkung lir bawang bodas. Dina bahamna ditendeun ......... atawa dibalur ku ..............., sangkan éta orok téh amis budi. Sanggeus kitu biwirna di balur ku ................ sangkan alus seurina, Tungtungna éta biwir orok téh dirapetkeun ku tapok jambé atawa cupat jambé maksudna sangkan biwirna teu jeubéw.
Tradisi ngarumat orok nu anyar brol téh saperti kitu. Anapon simbol simbol anu dipaké ku paraji anu merenah pikeun ngalengkepan cutatan di luhur nya éta:
bawang beureum - madu - gula - bawang bodas
bawang bodas - gula - madu - bawang beureum
bawang bebureum - tarasi - minyak - bawang bodas
bawang bodas - galéndo - minyak - bawang beureum
Lian ti ayana pantrangan pikeun nu kakandungan (pihak awéwé), aya ogé pantrangan pikeun salakina di antarana ...
teu meunang dahar peuteuy
teu meunang mandi tengah peuting
teu meunang nguseup
teu meunang ngala deleg
Dina teks Tatakrama urang Sunda nu dipedar minggu kamari, kunaon cenah urang teh kudu boga tatakrama?
Lantaran tatakrama téh mangrupa aturan kana ngahormat nu lian atawa aturan dina sopan santun nu digunakeun ku warga atawa masarakat, keur silih ajenan jeung nu liana.
Lantaran tatakrama teh penting pisan
Lantaran tatakrama teh aturan dina hirup kumbuh urang sapopoe.
Lantaran tina tatakrama urang bisa apal tingkat ngahormatna hiji jalma.
Lantaran tatakrama mangrupa aturan dina hirup di masarakat
Gambar di luhur mangrupa salah sahiji tradisi dina daur hirup manusa nu ngaranna ...
Ngeuyeuk seureuh
Siraman
Tingkeban
Huap lingkup
Sungkem
Di handap ieu kampung adat Sunda nu aya di Tasikmalaya nya eta ...
Kampung Naga
Kampung Baduy
Kampung Pulo
Kampung Adat Cireundeu
Kampung Kuta
Kampung adat anu kadaharan utamana sampeu nya eta ...
Kampung Naga
Kampung Baduy
Kampung Cireundeu
Kampung Pulo
Kampung Kuta
Ciri khas, kabiasaan, atawa cara hidup tur sagala rupa nu aya patalina jeung budi sarta akal jelema anu tamuwuh jeung dipiboga ku sakumpulan masarakat di hiji daerah disebut ....
Tradisi
Adat
Budaya
Suku Bangsa
karakter
Tradisi Tingkeban biasana dilaksanakeun waktu kandungan hiji awéwé nincak umur ....
genep bulan
tujuh bulan
dalapan bulan
salapan bulan
tilu bulan
Jalma anu ngalakukeun wawancara kudu boga sipat ... ka narasumber
netral
pro
ngera-ngera
kontra
mihak
Fungsi kecap mana atawa nu mana nyaeta pikeun nanyakeun ...
pilihan
waktu
tempat
kaayaan
kayakinan
Fungsi kecap sabaraha, sakumaha nyaeta pikeun nanyakeun ...
waktu
barang
tempat
jumlah bilangan
kajadian
Judul rumpaka kawih di handap nya eta ....
Unggal bulan, unggal bulan abdi téang
Unggal poé, unggal poé ogé hadé
Situ Ciburuy laukana hésé dipancing
Nyérédét hate ningali ngamplak caina
Situ Ciburuy
Mojang Priangan
Curug Cinulang
Bubuy Bulan
Kalangkang
Baca kalimah di handap kalawan gemet!
..... sok ngaliarkeun taleus ateul.
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan paribasa di luhur nya éta ….
Kudu
Kawas
Ulah
Lir
Jiga
Drama modern téh leuwih dpiwanoh ku ngaran téater. Anu lain fungsi tina téater nya éta ….
ritual adat
aprésiasi seni
pintonan
hiburan
ngaéksprésikeun diri
Upama hidep meunang ungkara di handap pikeun ditarjamahkeun kana basa Sunda anu pangbenerna nya éta ….
Saya merasa bangga menjadi orang Sunda.
Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda.
Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda.
Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda.
Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda.
Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda.
Ungkara di handap biasana diucapkeun dina kagiatan wawancara pikeun ....
Hatur nuhun kana sagala informasi anu parantos didugikeun. Hapunten bilih aya basa sarta tingkah polah anu kirang merenah.
bubuka
ngawanohkeun diri
panganteur saacan nepikeun patalékan
nanya ngeunaan privasi narasumber
panutup
Dina magelarkeun carita pantun téh tangtuna béda jeung nepikeun dongéng. Biasana juru pantun téh nepikeun ku cara ditembangkeun sarta aya oge nu digalantangkeun, ngan tetep wé sabari dipirig (diiringi) ku ....
kacapi
rebab
saron
bonang
goong
Bagéan drama anu kaasup kana karya sastra téh mangrupa ….
pintonan (pertunjukan)
musik nu mirigna
properti nu ngarojong
naskah
ékting pamaénna
Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat disebut ...
carita
dongéng
tradisi
warta
novél
Ieu di handap anu teu kaasup kana upacara daur hirup manusa nyaéta ...
adat mulasara bali
tingkeban
sérén taun
adat nu ngajuru
adat nu nyepitan
Dina kahirupan masarakat sunda, adat kabiasaan teh patali jeung upacara daur hirup, ti mimiti kakandungan,lahir,rumaja,kawin,nepi ka maot.
Di handap ieu anu teu kaasup dina tradisi anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat sunda nyaéta ...
Adat mulasara bali
Adat ngaben
Adat sundatan
Adat ngawinkeun
Adat ngariksa nu reuneuh
Sok buru-buru baé nyadiakeun leueuteun. Cai téh kana cangkir husus paranti tamu. Maké baki. Lamun aya lalawuhna sok tuluy dikahareupkeun sakalian jeung pisin kuéhna. Sakapeung Apa sok miwarang ninyuh kopi. Kumaha tatamuna baé, da sok kadangu anjeunna sok nawaran tatamu:
“Badé ngaleueut kopi?” saurna.
Sempalan bahasan tradisi diluhur kaasup salah sahiji aspék tatakrama Gaul, nyaéta tatakrama ….
wawanohan
nelepon
ngalongok nu gering
sasalaman
nyémah
Dina tradisi sawér pangantén, aya salsahiji banda anu ngalambangkeun kasajahteraan yén pangantén téh dina kahirupan rumah tangga kudu bisa néangan bahan poko sangkan kacumponan naon nu jadi kabutuhan. Eta banda téh dilambangkeun dina wangun…
duit
béas
konéng
permen
payung
Salam ka jalma anu dianggap dipihormat ku pangantén. Dina prosési ieu pangantén salam ka indung bapa ti dua kulawarga jeung sesepuh anu aya. Maksudna nyaéta ménta restu ka dua kulwarga dina ngambah kahirupan rumah tangga anu rék dilakonan, sok disebut…
Sungkem
Huap lingkung
Sawér
Ngeuyeuk Seureuh
Meuleum Harupat
Salaku istri dina rumah tangga kudu bisa niiskeun atawa mareuman siga eusi kendi anu eusina cai pikeun mareuman seuneu, mangrupa tina ma’na tradisi ….
Nyawér
Nincak endog
Meuleum harupat
Huap lingkung
Sungkeman
Prosési siraman jeung ngaras biasana ditujukeun pikeun….
némbongkeun rasa hormat ka kolot jeung ménta du'a
némbongkeun masih nyekel pageuh adat sunda
némbongkeun kulawargana mampu ngayakeun ieu upacara
némbongkeun kabungahaan nu jadi pangantén
némbongkeun calon pangantén awéwé parawan kénéh
Dina adat kawinan Sunda panganten osok disawér. Eusina nu disawérkeun nya éta konéng,béas,premén,duit récéh jst. Béas téh nglambangkeun ...
Ngalambangkeun sangkan rumah tanggana langgeng
Nglambangkeun sangkan rumah tanggana miboga kasucian
Ngalambangkeun sangkan rumah tanggana kacukupan ku rezeki
Nglambangkeun sangkan rumah tanggana teu paséa
Ngalambangkeun sangkan nu laki rabi teh lalintuh
Eta gambar teh nuduhkeun tradisi....
syukuran panganten
siraman panganten
nyalametkeun panganten
saweran panganten
ngareuah-reuah panganten
Tradisi silih huapan dahareun saperti salah sahijina bakakak. Eta tradisi téh kaasup prak-prakan tradisi dina....
nyunatan
nujuh bulanan
nyalametkeun orok
nikahan
hajatan
Kasenian ieu biasana diayakeun dina acara naon, tujuanana naon?
acara nikahan tujuanana nyambut panganten nu kakara jol
acara nyalametkeun orok tujuanana ngawanohkeun alam dunya
acara nujuh bulanan, tujuanana sangkan orok nu dikandung lahirna lungsur langsar
acara salametan bumi, tujuanana sangkan makmur jadi leuwih loba rejeki
acara nyunatan, tujuanana ngarah ngabangbalerkeun budak sunat sangkan teu karasa nyeri laranganana
Wewengkon nu tradisina keukeuh nyekel aturan ti karuhuna biasa disebut .....
daerah istimewa
kampung khas
kampung adat
daerah adat
kampung istimewa
Kagiatan nu sok dilakukeun disalah sahiji kampung adat disebut ......
ritual
tradisi
adat
kasenian
pintonan
Ieu di handap nu lain mangrupa cara pikeun ngamumulé tradisi, nyaéta...
lisan
tinulis
kalakuan
diajar ngeunaan tradisi
ngutamakeun géngsi
adat ngandung harti...
sipat bawaan
paribasa
ngamumulé
daur hirup
pamungkas
Wewengkon nu tradisina keukeuh nyekel aturan ti karuhuna biasa disebut .....
daerah istimewa
kampung khas
kampung adat
daerah adat
kampung istimewa
Kampung Naga minangka salah sahiji kampung anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi sarta adat istiadat karuhunna jaman baheua. Ku kituna katelah ku ngaran kampung adat. Sacara administratif Kampung Naga téh aya di Désa Néglasari, Kecamatan Salawu, Kabupatén . . . .
Cianjur
Sukabumi
Subang
Tasikmalaya
Cirebon
anu mingpin upacara akad nikah nya eta ...
Naib
Saksi
Murangkalih
Tokoh Masyarakat
Hansip
Tujuan diayakeunana tradisi Sérén Taun téh nyaéta pikeun ....
ngamulyakeun karuhun
nyalametkeun utun inji sangkan lahiranana lancar
nulung ka nu butuh nalang ka nu susah
sukuran ka nu Maha Kawasa kana hasil panén
tulak bala atawa ngajauhkeun panyakit
