WorksheetsUjian Sekolah Bahasa Sunda XII
Total questions: 50
Worksheet time: 2hrs 30mins
“ Mengapa tak memberi kabar terlebih dahulu? “, aku memaksakan bertanya.
Tarjamahan dina basa Sunda anu paling merenah pikeun kalimah di luhur nyaéta …
“ Kunaon teu méré kabar heula? “, ceuk kuring maksakeun nanya.
“ Naha teu méré nyaho heula atuh? “, kuring maksa nanya.
“ Naha atuh bet teu ngiberan heula ti anggalna? “, pok téh maksakeun nanya.
“ Kunaon atuh teu méré kabar tiheula? ”, kuring nanya bari maksa.
“ Kunaha atuh bet teu ngabarab heula? “, ceuk kuring kapaksa nanya.
Dewi : “ Jauh kénéh teu perjalanan urang téh?, meni asa lapar kieu”.
Ayu : “ Puguh aya kana sajam atawa dua jam deui lalakon perjalanan urang téh, Wi! “
Dewi : “ Euleuh, kutan? Hayu atuh urang nyimpang heula ka … Ampéra, urang dahar heula wéh”.
Istilah dina basa Sunda anu paling merenah pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaéta …
Bumi Tuang
Imah Dahar
Rumah Makan
Bumi Neda
Rorompok Tuang
Anu ngabédakeun dongéng jeung wangun karya sastra nu séjénna saperti carpon, novél, drama, atawa sajak, nyaéta ciri utama dongéng mah …
Kaasup kana salah sahiji wangun karya sastra
Eusi caritana pamohalan
Sifat caritana kaasup kana karangan fiksi
Pangarangna atawa nu nulisna jelas aya
Sumebar sacara tinulis ngaliwatan buku-buku dongéng
Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar. Tapi tuluy kapikir rék ménta duit baé. Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa. Tapi manéhna kacalétot ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli. Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani kawas tunggul anu pinuh ku lémbér. Dicutat tina http://kelassunda.blogspot.com
Ditilik tina eusina, sempalan dongéng di luhur kaasup kana jenis dongéng …
Pamuk
Sasakala
Mite
Fabél
Parabél
Sakumna kagiatan umumna lumangsung kalawan lungsur-langsar luyu jeung rarancang anu geus dijieun saméméhna. Panitia ngahaturkeun nuhun ka sakumna pihak anu geus ngarojong kana ieu kagiatan.
Ungkara di luhur biasana bakal kapanggih dina salah sahiji struktur laporan kagiatan anu mangrupa ...
Pamungkas
Eusi
Panutup
Kacindekan
Bubuka
Dina téks wawancara urang bakal loba manggihan sababaraha unggelan (pernyataan) anu mangrupa opini atawa fakta. Unggelan (pernyataan) di handap ieu anu kaasup kana opini nyaéta …
Bérés ti SMKI Bandung, Apép teu poho neruskeun sakola di Fakultas Ilmu Komunikasi UNPAD, sarta lulus taun 2001.
Basa miéling Konférénsi Asia Afrika nu ka- 57, malem Ahad (21/04/2012), di Gedong Asia Afrika aya pagelaran wayang.
Kakara gé sataun sakola di jurusan Padalangan. Apép geus wani ngadegkeun Lingkung Seni Wayang Golék Giri Komara taun 1993.
Ceuk Apép, jadi dalang téh kudu jembar ku pangabisa, luhung ku pangaweruh. Enya naon baé pagawéanana gé manusa mah kudu kitu.
Yuswana karék 37 taun, wedalan Babakanjati Cikampék, 21 Agustus 1975. Apép Hudaya jenenganana mah, ngan katelahna Ki Apép A.S. Hudaya.
Gambaran anu karasa, kadangu, atawa katingali dina hiji sajak mangrupa unsur sajak nu disebut...
Amanat
Nada
Rasa
Imaji
Wirahma
Titénan sajak di handap ieu :
Priangan
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan……..
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(dicutat tina Tepung di Bandung)
Sinonim tina kecap kurebkeun tina sempalan padalisan sajak di luhur nyaéta ...
Kuburkeun
Écagkeun
Pelakkeun
Asupkeun
Sumputkeun
Cai téh dianggap kabutuhan anu utama. Ku pentingna cai,nepi ka dina kahirupan urang Sunda teu weléh dipatalikeun jeung alam pangpangna jeung cai, katitén tina ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka, Cicaheum, Cimahi, tiluanana gé dimimitian ku kecap ci. Lain waé tempat, ku penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi ngatur cai keur tatanén atawa ngebon. Di pilemburan jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.
Kacindekan tina sempalan eusi biantara di luhur nu paling merenah nyaéta …
Loba tempat anu ngaranna dimimitian ku engang Ci
Tukang ngatur cai disebutna ulu-ulu
Cai di lembur kacida diperlukeun pisan jang tatanén atawa ngebon
Pikeun urang Sunda mah cai téh penting pisan
Cai téh mangrupa kabutuhan hirup anu utama pikeun umat manusa
Bagéan-bagéan dina biantara nu saluyu jeung struktur biantara nyaéta …..
Salam bubuka - eusi - salam panutup
Bubuka - eusi - panutup
Judul- téma - kacindekan
Bubuka – panutup - eusi
Eusi – bubuka – kacindekan
Nepikeun aturan dina diskusi kaasup salah sahiji pancén panumbu catur dina bagian…..
Nutup diskusi
Muka diskusi
Medar diskusi
Ngatur jalanna diskusi
Nyusun kacindekan
Runtuyan acara nu pangmerenahna dina hiji acara nyaéta….
Bubuka→Biantara ti Pupuhu Panata Calagara→Ngaos Al-Qur’an→Do’a→Panutup
Bubuka→Ngaos Al-Qur’an→Biantara ti Pupuhu Panata Calagara→Panutup→Do’a
Bubuka→Biantara ti Pupuhu Panata Calagara→Do’a→Ngaos Al-Qur’an→Panutup
Bubuka→Ngaos Al-Qur’an→Biantara ti Pupuhu Panata Calagara→Do’a→Panutup
Bubuka→Ngaos Al-Qur’an→Do’a→Biantara ti Pupuhu panata Calagara→Panutup
Titénan sempalan carita pondok “Putri Jin” di handap ieu !
Putra Aria Wangsagoparana teteg manahna. Anjeunna geus aya deui dina pangcalikanana anu biasa, batu démprak di Gunung Cadas. Jung ngadeg, nyawang kasakuriling bungking. Lapat-lapat kasawang alam paraméan anu kedah disorang ku anjeunna. “Aing lain ngan ukur incuna Sunan Ciburang, lain ukur anakna Wangsagoparana, aing téh Wiratanudatar. Haté aing geus teteg, suku aing geus panceg, ngadeg dina tangtungan sorangan. Aing geus sanggup manggul kawajiban, sabab lemahna ayeuna mah geus sadia, nya éta martabat aing sorangan”. (CPPJ:47)
Ajén-inajén nu bisa dijadikeun pikeun atikan dina kahirupan umat manusa dumasar kana sempalan carpon di luhur diantarana nyaéta …
Jadi jelema mah kudu gedé kawani, tong sieun gagal atawa éléh
Sagala rupa atawa hal anu rek dilakonan kudu dijalanan ku rasa percaya jeung panceg kayakinan
Ngalakukeun hiji pagawéan mah teu kudu mikirkeun kumaha akibatna, nu penting dilakonan heula
Sagala sieun bakal ngabalukarkeun jelema teu bisa maju
Nu penting dina hirup mah kasohor jeung kapuji alus heula ku batur
… Nepi ka satengah genep, saréréa dodongkoan kénéh néangan. Si Adé nu ngingetan téh. Ngajak ka masjid. Tétéhna geus singkil deuih, ngakeup mukena, da sok ngaji di masjid. “ Asa horéam, hujan waé geuning. Urang berjamaah di bumi waé atuh nya? “, kuring ménta kasaluyuan ti saréréa. …
Ditilik tina sempalan eusi carpon di luhur, dumasar kana latar waktuna, kira-kira tokoh kuring dina carita ngajak solat berjamaah téh pikeun ngalaksanakeun solat …
Magrib
Isya
Subuh
Tahajud
Duha
Baca sempalan wacana di handap ieu!
Ngaran kuring Mochammad Iqbal, mindeng dilandi Si Ucing. Bisa jadi lantaran awak kuring leutik, sarta lamun lumpat kacida kesitna. Aya ogé nu ngalandi Jacky Chan ti Cicadas. Jacky Chan téh béntang film silat Hongkong. Naha disasaruakeun jeung Jacky Chan? Cenah mah beungeut kuring rada siga manéhna. Teuing bener-henteuna mah.
Wacana di luhur kaasup kana conto…..
Wawancara
Biografi
Carita Pangalaman
Riwayat Hirup
Otobiografi
Rahmatullah Ading Affandie (RAF). Dina ijasah-ijasah tanda tamat sakola, dina bisluit-bisluit kadinesan, titimangsa dilahirkeun téh ditulis 2 Oktober 1928. Tapi sakapeung dina KTP, dicatet 2 Oktober 1929. Sarua ari tempatna mah di Désa Banjarsari, puseur kota kacamatan. Persisna mah di kampung Cibadak. Perenahna di jajalaneun antara Banjar - Pangandaran. … (Dicutat jeung diropéa tina Urang Banjarsari jadi Inohong di Bojongrangkong k. 1-11)
Dumasar kana sempalan téks di luhur, nu kaasup kana unsur-unsur penting dina téks biografi di luhur diantarana nyaéta …
Ngaran lengkep, landian, tempat jeung tanggal lahir
Landian/jujuluk, pasipatan, jeung riwayat pagawéan
Karya, préstasi, jeung hasil gawé
Ngaran lengkep, cita-cita, jeung riwayat atikan
Lalandian/jujuluk, tempat lahir, jeung hasil gawé
Ramo deukeut indung leungeun,
sing tumut kana piwuruk. (curuk)
Ditilik tina wangunna, sisindiran di luhur kaasup kana wangun …
Sésébréd
Paparikan
Rarakitan
Tatarucingan
Wawangsalan
Aya dahan aya catang,
bawaeun ka sisi jurang.
Sanghareupan nu rék datang,
pibagjaeun diri urang.
Wangun sisindiran di luhur kaasup kana wangun …
Piwuruk
Wawangsalan
Paparikan
Rarakitan
Silih asih
Perenahna aya dina ahir carita minangka panutup. Eusina biasana mangrupa titimangsa ditulisna atawa disalinna éta wawacan. Dina bagian ieu, nu nulis ménta pangampura kana sagala rupa kakuranganana, lantaran nu nulis ngarumasakeun loba kahéngkéran/kakurangan. Unsur wawacan anu ngamuat bagian-bagian ieu disebut …
Alofon
Kolofon
Manggalasastra
Eusi
Bubuka
Carita panjang dina wangun naratif atawa déskriptif, anu dianggit dina wangun pupuh, umumna mibanda unsur struktur nu umum sarta maneuh, disebut …
Novél
Carita Pantun
Sisindiran
Wawacan
Carita Wayang
Carita rékaan dina wangun lancaran (prosa), kaasup kana karya sampeuran, sarta ukuran caritana panjang jeung galurna ngarancabang disebut …
Dongéng
Karya Sastra
Novél
Novélét
Carita Pantun
Unsur intrinsik dina novél nu ngagambarkeun lingkungan (tempat, waktu, atawa suasana) nu ngadasaran lumangsungna hiji kajadian disebut ...
Jejer
Galur
Watek
Palaku
Latar
Ku margi aya korsléting listrik, rupina mah. Da katawisna aya sora bitu sareng ngaburicak tina gardu caket éta ruko téh.
Upama ditilik tina eusina sarta dumasar kana unsur 5W + 1H, sempalan eusi warta di luhur kaasup kana bagian …
Peristiwa naon anu diinformasikeun (what)
Iraha kajadianana tina peristiwa éta (when)
Kumaha kajadianana éta peristiwa téh (why)
Di mana tempat kajadian peristiwa éta (where)
Naha peristiwa éta bisa kajadian (why)
Salah sahiji unsur 5W + 1H dina néangan informasi pikeun eusi warta téh diantarana nyaéta who (saha waé anu kalibet dina peristiwa atawa kajadian). Ungkara (pernyataan) di handap ieu anu kaasup kana unsur who dina sempalan téks warta nyaéta …
Mobil angkot téh nabrak témbok jembatan di daérah Cidurian Bandung basa poé Salasa tanggal 15 Désémbér 2015,
Nu kahuruan téh gedong ruko. Dua wangunan séép kaduruk. Eusina teu aya nu kapuluk.
Konsér limbah digelar minangka wujud rasa prihatin jeung kahaat kana kondisi bumi kiwari.
Nurutkeun Rio Septianto salaku ketua pelaksana dina kagiatan éta, tujuan acara Géografi Punya Seni téh éstuning basajan pisan.
Di jalan Gumuruh nomer 55 Bandung. Padémpét sareng dua ruko nu sanésna. Di sagigireunana aya ruko nu didamel Gudang beusi. Untung waé teu ngiring kaduruk.
Dumasar kana eusi rumpakana atawa lirikna, kawih aya nu disebut kawih klasik jeung kawih pop. Ciri utama tina kawih klasik biasana rumpakana diwangun ku ...
Sisindiran
Wawangsalan
Pupuh
Paribasa
Babasan
(a) Dina widang atikan gé deuih, Kampung Mahmud mah rada onjoy dibandingkeun jeung kampung adat séjénna. Malah nu tamat SMA jeung paguron luhur gé aya, najan jumlahna masih keneh bisa kaitung ku ramo.
(b) Kampung nu masarakatna réa kasab kana tani, mébel, jeung nyieun barang-barang rumahtangga tina kai téh, cenah kungsi ngalaman kahuruan dina jaman Jepang. Éta sababna hateup imahna robah jadi maké kenténg, teu maké injuk atawa eurih deui.
(c) Ti puseur kota Bandung mah kaitung deukeut Kampung Mahmud téh, kira-kira 5 km laju ngulon. Bisa ngagunakeun angkot jurusan Tegalega – Mahmud, atawa maké kandaraan pribadi. Merlukeun waktu perjalanan 30 – 45 menit.
Susunan struktur dina nulis bahasan tradisi Sunda nu paling merenah dumasar kana ungkara di luhur nyaéta …
(a), (b), (c)
(c), (b), (a)
(b), (a), (c)
(c), (a), (b)
(a), (c), (b)
… Sapuluh taun ka tukang, nu ngajaringjing rantang saban bulan puasa téh masih kénéh balawiri. Ieu téh kawas geus jadi kawajiban saban bulan puasa. Henteu kauger ku status ékonomi deuih, rék nu boga, rék nu walurat, kudu baé ari ngirim dahareun mah. …
Ningali kana eusi téksna, sempalan téks bahasan tradisi Sunda di luhur biasa disebut ku istilah …
Tradisi Mawakeun
Tradisi Babarit
Tradisi Tujuh Bulanan
Tradisi Hajat Laut
Tradisi Siraman
Kampung nu masarakatna réa kasab kana tani, mébel, jeung nyieun barang-barang rumahtangga tina kai téh, cenah kungsi ngalaman kahuruan dina jaman Jepang. Éta sababna hateup imahna robah jadi maké kenténg, teu maké injuk atawa eurih deui.
Upama ditilik tina pedaran eusina, sempalan téks bahasan tradisi Sunda di luhur kaasup kana wangun tulisan …
Déskripsi
Arguméntasi
Narasi
Éksposisi
Imajinasi
Di handap ieu nu kaasup kana salah sahiji sasaruaan antara carita wayang jeung dongéng nyaéta …
Carita wayang jeung dongéng dipintonkeun ku lobaan sarta dipupuhuan ku dalang
Carita wayang ogé dongéng sarua kapanggih pangarangna
Carita wayang jeung dongéng sumebar tatalépa sacara lisan
Boh carita wayang boh dongéng ukuran caritana sarua panjang
Carita wayang ogé dongéng sok aya bagian-bagian carita kawas murwa, kakawén, nyandra, jeung antawacana
“ Duh…Laksmana, “ Déwi Sinta mimiti kedal cisoca. “ Sakali ieu mah cing turut kahayang aceuk. Susulan Sri Rama bilih kumaha onam.
Ditilik tina sempalan carita wayang di luhur, palaku utama nu ngalalakon dina carita wayang éta téh nyaéta …
Pandawa Lima
Sri Rama jeung Sinta
Krisna
Laksmana
Hanoman
Palaku anu ngabogaan watek antagonis dina carita wayang babon Mahabarata nyaéta …
Déstarata
Déwa Krisna
Sri Rama
Pandawa Lima
Sangkuni
Unsur-unsur nu ngawangun hiji téks résénsi nyaéta …
Téma – latar – alur – amanat – point of view
Unsur intrinsik jeung unsur ékstrinsik
Politik – sosial – budaya – agama
Idéntitas produk – kasang tukang – résume – pangajén – rékoméndasi/saran
Judul – eusi – amanat
Upama urang rék ngarésénsi hiji buku, hartina …
Urang nyaritakeun eusi buku sarta méré pangajén ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéranana
Nyieun sinopsis tina buku nu geus dibaca ku urang
Urang ngarangkum eusi buku sarta ngainfokeun hal-hal penting nu aya dina buku
Urang méré kritik ngeunaan eusi buku nu geus dibaca
Urang ngabéwarakeun harga buku nu geus dibaca
Kusabab pidangkeuneun/tampilkeuneun dina media massa sarta bakal jadi bacaan unggal golongan masarakat, bahasa anu digunakeun dina karangan résénsi kudu …
Populér
Rumit
Akademis
Baku
Mapatahan
Bahasan dina karangan résénsi anu eusina mangrupa dadaran anu taliti, ngagunakeun metodeu kaélmuan, sarta ngagunakeun sikep kritis anu objéktif dina nyawang eusi buku kagolong kana résénsi …
Kritis
Déskriptif
Informatif
Arguméntatif
Naratif
Ditulis di awal drama, jadi manggalasastra, dieusi ku katerangan atawa pamanggih pangarang ngeunaan lalakon anu baris dipintonkeun/disuguhkeun mangrupa istilah dina drama anu disebut …
Dialog
Prolog
Monolog
Épilog
Katalog
Kaasup kana salah sahiji wangun karya sastra, drama diwangun ku dua unsur utama pangwangun karya sastra, nyaéta …
Prolog jeung Épilog
Babak jeung Adegan
Dialog jeung Monolog
Imajinasi jeung Réalistis
Intrinsik jeung Ékstrinsik
Di hiji jalan, pabeubeurang. Sawatara barudak maké saragam SMA keur bukbek bari silih teunggeul, bari marawa rupaning pakarang. Tawuran. Sora mobil. Sora nu patinggorowok. Campuh. Meunang sawatara lila silih serang. Keur kitu kadéngé sirineu mobil pulisi. Nu tawuran kalabur.
Di handap ieu, latar kaayan atawa latar suasana anu bisa kagambar dumasar kana prolog drama di luhur nyaéta …
Simpé, tiiseun, pikabetaheun
Riweuh, gimir, hemeng
Huru-hara, kaweur, pahibut
Ramé, gandéng, riweuh
Gandéng, sieun, reuwas
PULISI 1 : Terus nyampeurkeun barudak. Ditanya hiji-hiji. Dimimitian ti nu pangkéncana
PULISI 1 : Silaing saha ngaran ?
OHIM : Oh…
PULISI 1 : Enya, ngaran silaing saha ?
OHIM : Oh…
PULISI 1 : Beu, nyiar-nyiar piambekeun ieu mah. Kadéngé henteu bieu déwék nanya ?
OHIM : Kakuping , Pa Pulisi
PULISI 1 : Naha atuh teu ngajawab ? Saha ngaran ?
OHIM : Oh…
PULISI 1 : ( Keuheul ) Astagfirullah ! Sugan teu hideng budak téh !
Tina dialog drama di luhur bisa katingali watek palaku nu ngarana Ohim téh nyaéta …
Pinter
Cicingeun
Kuuleun
Polos teu apal nanaon
Baong
Wangun tulisan non fiksi nu ditulis dumasar kana data jeung fakta kalawan diwuwuhan ku analisis jeung pamadegan ti nu nulisna disebut ...
Artikel
Résénsi
Kolom
Éséy
Opini
1. Titénan sababaraha cutatan artikel di handap ieu !
(1) … Dina naskah Kuna ieu téh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita.
(2) Aksarana ngagunakeun aksara Sunda Buhun nu disundakeun deui kana basa Sunda ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita taun 1985
(3) Aya naskah Sunda Kuna nu disebat Sanghyang Siksa Kanda’Ng Karesian.
(4) Ieu naskah Kuna téh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 M .
(5) Sanajan kitu éta palanggeran téh tetep gedé gunana pikeun jadi palanggeran tatakrama pamingpin Sunda jaman ayeuna, éta palanggeran téh disebatna Parigeuing….
Susunan kalimah-kalimah di luhur nu paling merenah, sangkan jadi hiji wangun téks artikel nu ngéntép seureuh nyaéta ….
1 – 2 – 3 – 4 – 5
2 – 3 – 4 – 5 – 1
3 – 4 – 2 – 1 – 5
4 – 5 – 2 – 3 – 1
4 – 5 – 2 – 1 – 3
Seureuh mangrupa tutuwuhan nu ngarambat, daunna sari lada, sok dipake nyeupah jeung dipake ubar. Sanajan kiwari wanoja nu ngarora langka nyeupah, tapi seureuh masih aya keneh dijarualan di tukang rampe.
Upama ditilik tina eusina, paragraf artikel di luhur kaasup kana artikel jenis ...
Narasi
Arguméntasi
Déskripsi
Pérsuasi
Éksposisi
Kecap mimitina dina padalisan kahiji dibalénan (diulangi) deui dina kecap mimiti di padalisan katilu, mangrupa ciri utama tina wangun ….
Rarakitan
Pantun
Wawacan
Paparikan
Wawangsalan
Titenan sempalan Carita Pantun di handap ieu !
Caturkeun ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru Minda kahyangan, anak déwata cikalna, titisan Guru Hyang Tunggal, seuweu batara di langit, ngabujangga di paradéwata, kasép taya papadana, keur meujeuhkeun teguh. Tuluy ngimpi kagungan bébéné, sarupa jeung SunanAmbu; ngalingling ngadeuleu maling. Enggeus nganggoraksukan, salin jenengan kana Lutung Kasarung; kasarungku sadulur, kasimpang ku barayana. Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap sinjang, bisi kawiwirangan keur ngawula.
Numutkeun kana strukturna, sempalan carita pantun di luhur kaasup kana bagian …
Rajah
Déskripsi
Dialog
Narasi
Monolog
1. Kocap nagara Pakuan Pajajaran,
nagri dikikis ku beusi
dikuta ku waja
dérédés bénténganana
agemna kabina-bina
agemna mah kabina-bina.
Numutkeun kana struktur dina Carita Pantun, sempalan téks di luhur kaasup kana bagian …
Rajah bubuka
Rajah panutup
Kacindekan
Pamungkas
Eusi
Bedas jeung alonna atawa tarik jeung launna sora (tekenan), naék turunna sora (wirahma), sarta panjang jeung pondokna sora (dangka) dina ngedalkeun omongan, disebutna …
Diksi
Rima
Lentong
Nada
Paroman
Di handap ieu anu kaasup kana rajah bubuka dina carita pantun nyaéta …
… Kacarios ingkang putra, anu kasép jenengan Radén Gantanganwangi Mangkurat Mangkunagara …
Titip diri sangsang badan, bubuhan kumawula ngawulakeun kawulaaneunana, nyuhunkeun kaberekahanana, salamet anu mantun, …
Bisi aya para ratu nu teu kasebutkeun, para raja nu teu kacaritakeun, patih mantri anu teu dikawihkeun, …
Pun sampun, ka luhur sang rumuhun, ka handap sang batara, ka batara ka batari, ka batara naga raja, ka batari naga sugih, amit ampun, ...
Nagara kaliung ku gunung, nagara talaga ngembeng, déngdék ngétan bahé ngalér, pangaruh impungan dunya, layeut …
Bungsuna para Pandawa Lima téh nyaéta …
Arjuna
Bima
Krisna
Rama
Nakula jeung Sadéwa
Dang Hyang Dorna diangken, diajak bumén-bumén sasarengan di bumi sang Krépa, raka geureuhana di Gajahwaya, di luareun kota Hastinapura.
Kecap diangken dina sempalan teks Carita Wayang di luhur ngabogaan harti …
Dianggap
Diaku
Dibagéakeun
Disugemakeun
Disapirakeun
Amanat dina carita Pantun téh, saéstuna sarua jeung amanat anu nyampak dina karya sastra buhun (klasik) ogé karya sastra moderen nu séjénna, saperti dongéng, wawacan, carita wayang, novél, carpon, sajak, jeung drama, nyaéta …..
Kaum angkara bakal bisa ngéléhkeun nu nyekel bebeneran
Kahirupan terus bagilir antara nu bener jeung nu salah
Angkara murka sok hésé ditumpesna/diéléhkeun, kawas dina kahirupan nyata
Nu bener pasti tinemu kabagjaan, angkara murka pasti pinanggih tunggara
Tiap-tiap jalma pasti boga rasa duriat
