wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

REMEDIAL PAT 2023 BASA SUNDA KELAS 7 SMP SINAR PARAHYANGAN

Total questions: 45

Worksheet time: 9mins

Name
Class
Date
1.

Kajadian anu kungsi karandapan/kaalaman boh ku urang boh ku batur disebut …

a)

pangalaman

b)

karesep

c)

karangan

d)

paguneman

2.

Pangalaman anu karandapan ku sorangan disebut …

a)

Pangalaman batur

b)

Pangalaman pribadi

c)

Pangalaman asli

d)

Pangalaman hayalan

3.

Karangan anu eusina ngébréhkeun atawa nyaritakeun kajadian anu bener-bener kaalaman ku urang dina kahirupan sapopoé, sok disebut …

a)

Karangan Pedaran

b)

Karangan Déskripsi

c)

Karangan Argumentasi

d)

Karangan Pangalaman

4.

Nyieun karangan mah teu bisa diwangwang (khayalan), tapi kudu dumasar …

a)

Data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman

b)

Data anu nyata, data anu kungsi katingali atawa kaalaman

c)

Naon waé anu dipikaresep ku urang atawa ku batur

d)

Kungsi aya dina implengan (hayalan) urang atawa batur

5.

Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina waktu nyieun carita pangalaman nyaéta …

a)

Nutup carita sakahayang urang

b)

Ngagunakeun basa Sunda nu sakasar-kasarna

c)

Muka carita bisa dumasar kana panutup karangan

d)

Ngagunakeun kalimah anu jéntré tur merenah

6.

Anu teu kaasup bagéan tina rangkay karangan nyaéta …

a)

Nangtukeun téma

b)

Nangtukeun galur carita

c)

Teu kudu aya panutup

d)

Maké basa anu merenah

7.

Conto pangalaman langka tur matak anéh anu bisa dijadikeun karangan pangalaman nyaéta …

a)

Indit sakola babarengan jeung babaturan

b)

Ulin bola di lapangan

c)

Hudang saré kabeurangan

d)

Jadi pinunjul pasanggiri sajak sa-Jawa Barat

8.

Pangalaman abdi nyaéta waktos pun Nini ngantunkeun di Padalarang. Abdi kacida sedihna, kumargi pun Nini téh kacida nyaaheunana ka abdi. Abdi gé ngaraos kaleungitan ku kanyaah pun Nini anu sakitu ageungna. Lamun abdi mondok di bumi Nini, ku anjeunna sok disadiakeun katuangan anu raraos. Sok diajak balanja ka pasar. Teras dijajanan sawaregna.

Téma tina karangan pangalaman di luhur nyaéta …

a)

Ninina ngantunkeun

b)

Ninina sok ngajajanan

c)

Ninina nyaaheun

d)

Ninina aya di bumi

9.

Ilikan ungkara ieu di handap!

(1) Nini sok nyayogikeun katuangan jeung ngajajanan

(2) Abdi kacida sedihna

(3) Kusabab Nini nyaaheun ka abdi

(4) Nini ngantunkeun

Upama tina pangalaman di luhur dijieun galurna, anu merenah nyaéta …

a)

(2) – (4) – (1) – (3)

b)

(2) – (4) – (3) – (1)

c)

(4) – (2) – (3) – (1)

d)

(4) – (2) – (1) – (3)

10.

Saacan nyieun karangan pangalaman, urang kudu nyieun heula …

a)

paguneman

b)

rangkay karangan

c)

kakawihan

d)

kajadian

11.

Upami hoyong tepang sareng Aki atanapi Nini téh abdi mah sakulawargi ari dina waktos pakanci.

Harti tina pakanci sarua jeung …

a)

babawaan

b)

jempling

c)

liburan

d)

heureuy

12.

Tangtos sonona téh da langka atuh tepang sareng Aki téh.

Kecap tepang mangrupa basa lemes tina kecap …

a)

panggih

b)

sare

c)

dahar

d)

ulin

13.

Kitu deui nu sanésna pating béléngéh, malah téh Ami mah ceuleukeuteuk waé gumujeng, mani tarik pisan.

Kecap gumujeng mangrupa basa lemes tina kecap …

a)

dahar

b)

sare

c)

seuri

d)

panggih

14.

Pangalaman anu pikasieuneun sareng pikalucueun kanggo abdi, nyaéta waktos jurit malam pramuka. Harita abdi kedah ngalangkungan kuburan. Abdi sieun pisan, padahal harita téh henteu sorangan, tapi réréncangan ogé sami, ngaraos sieun ku kuburan. Padahal apan anu tos maot mah moal tiasa hirup deui. Tapi angger wé sieun. Abdi sareng réréncangan leumpang téh pacepeng-cepeng panangan.

Éta carita pangalaman mangrupa pangalaman anu karandapan nalika …

a)

Ulangan di sakola

b)

Mintonkeun drama

c)

Jurit malam pramuka

d)

Jiarah ka kuburan

15.

Pangalaman anu pikasieuneun sareng pikalucueun kanggo abdi, nyaéta waktos jurit malam pramuka. Harita abdi kedah ngalangkungan kuburan. Abdi sieun pisan, padahal harita téh henteu sorangan, tapi réréncangan ogé sami, ngaraos sieun ku kuburan. Padahal apan anu tos maot mah moal tiasa hirup deui. Tapi angger wé sieun. Abdi sareng réréncangan leumpang téh pacepeng-cepeng panangan.

Numutkeun caritana, éta pangalaman téh karandapan atawa dialami …

a)

Ku sorangan

b)

Ku kulawarga

c)

Tina radio

d)

Tina televisi

16.

Pangalaman anu pikasieuneun sareng pikalucueun kanggo abdi, nyaéta waktos jurit malam pramuka. Harita abdi kedah ngalangkungan kuburan. Abdi sieun pisan, padahal harita téh henteu sorangan, tapi réréncangan ogé sami, ngaraos sieun ku kuburan. Padahal apan anu tos maot mah moal tiasa hirup deui. Tapi angger wé sieun. Abdi sareng réréncangan leumpang téh pacepeng-cepeng panangan.

Sipat pangalaman tina conto karangan pangalaman di luhur nyaéta …

a)

Pikabungaheun jeung pikaseurieun

b)

Pikaseurieun jeung pikaéraeun

c)

Pikasieuneun jeung pikalucueun

d)

Pikaéraeun jeung pikasediheun

17.

Simkuring kamari hudang kabeurangan indit ka sakola. Rususuhan pisan indit teh, naek ojek online. Ari geus nepi, kuring buru-buru turun tina ojeg, bari salam, nyium leungeun si mamang Gojek bari tuluy lumpat ka gerbang sakola. Terus si mamang Gojek ngagorowok "Neng, ongkosna sapuluh rebu, eta punten helmna dibuka heula!"

Pangalaman di luhur teh kaasup pangalaman anu....

a)

Pikasediheun

b)

Pikabungaheun

c)

Pikaeraeun

d)

Pikasieuneun

18.

Pangalaman Pribadi nyaeta...

a)

Kagiatan nyaritakeun pangalaman batur, anu ditulis ku cara runut jeung ngeunaheun dibaca

b)

Kagiatan nyaritakeun pangalaman horror, anu ditulis ku cara runut jeung ngeunaheun dibaca

c)

Kagiatan nyaritakeun pangalaman diri, anu ditulis ku cara runut jeung ngeunaheun dibaca

d)

Kagiatan nyaritakeun pangalaman seru, anu ditulis ku cara runut jeung ngeunaheun dibaca

19.

Dumasar kana gambar, judul anu mantes pikeun pangalaman pribadi diluhur nyaeta ...

a)

Maén égrang jeung adi

b)

Maén kaleci jeung bapa

c)

Maén langlayangan jeung balad

d)

Maén sondah jeung nini

20.

Pék baca sempalan téks pangalaman pribadi ieu di handap!

Wasta abdi, Hastian. Pangresep atanapi hobi abdi kaétang seueur, kantenan apan abdi mah kasebat urang lembur, jadi resep ameng rupi-rupi kaulinan urang lembur wé, sapertos medar langlayangan, ngadu kaléci, panggal, gatrik, jajangkungan sareng barén.

Dumasar sempalan téks pangalaman pribadi di luhur, kaasup struktur teks bagian …

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Campuran

21.

Nyaba ka kota kaasup pangalaman anu ...

a)

pikasediheun

b)

pikaeraeun

c)

pikasieuneun

d)

pikabungaheun

22.

Pangalaman teh aya nu bungah jeung ...

a)

sedih

b)

seuri

c)

gumbira

d)

bahagia

23.

Kagiatan anu geus dirandapan atawa dilakonan disebut .....

a)

Panglaman

b)

pupujian

c)

dongeng

d)

nadom

24.

Naon judul bacaan diluhur ...

a)

Ulin bal

b)

Ulin Kaleci

c)

Ucing sumput

d)

gatrik

25.

Nyaritakeun pangalaman saha bacaan di luhur ....

a)

Pangalaman Wawan

b)

Pangalaman Agus

c)

Pangalaman Agung

d)

Pangalaman Yayan

26.

Dimana alulin kaleci na Wawan, Agung jeung Agus teh ...

a)

di sakola

b)

di imah Wawan

c)

di imah Agus

d)

di lapangan

27.

Aya sabaraha hiji jumlah kaleci nu Agus ....

a)

10

b)

15

c)

20

d)

25

28.

Gambar ieu nyaritakeun pangalaman ...

a)

Ulin ucing sumput

b)

Ulin maen bal

c)

Ulin kaleci

d)

Ulin langlayangan

29.

Pangalaman Dewi dina gambar nyaeta ...

a)

Milu lomba nyanyi

b)

Milu lomba cerdas cermat

c)

Milu lomba Nari

d)

Milu lomba pidato

30.

Gambar ieu nyaritakeun pangalaman Siti nuju ....

a)

nyanyi

b)

nari

c)

maen kaleci

d)

langlayangan

31.

Jumlah Huruf Vokal dina bahasa sunda aya ....

a)

5

b)

7

c)

23

d)

24

32.

Jumlah huruf Konsonan dina bahasa sunda nyaeta aya ...

a)

21

b)

20

c)

19

d)

18

33.

Dadi keur maén langlayangan

Gambar anu luyu keur kalimah di luhur nyaéta ...

a)

b)

c)

d)

34.

Sita resep ...

kecap nu luyu keur ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ...

a)

ngagambar

b)

nari

c)

nyanyi

d)

pidato

35.

Riko miara ...

kecap nu luyu keur ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ...

a)

ucing

b)

oray

c)

hayam

d)

manila

36.

Baca pedaran di handap ieu!

Si Mini

Ami miara ucing di imahna. Ngaranna si mini. Bulu si mini sawarna. Warnana coklat. Unggal poé sok di paraban. Karesep si mini lauk nila

Dumasar kana bacaan di luhur, parab anu dipikaresep ku si mini nyaéta ...

a)

lauk emas

b)

lauk gurita

c)

lauk nila

d)

lauk gurame

37.

Baca pedaran di handap ieu!

Si Mini

Ami miara ucing di imahna. Ngaranna si mini. Bulu si mini sawarna. Warnana coklat. Unggal poé sok di paraban. Karesep si mini lauk nila.

Dumasar kana bacaan di luhur,warna bulu ucing ami nyaéta ...

a)

coklat

b)

koneng

c)

hideung

d)

bodas

38.

Baca pedaran di handap ieu!

Si Mini

Ami miara ucing di imahna. Ngaranna si mini. Bulu si mini sawarna. Warnana coklat. Unggal poé sok di paraban. Karesep si mini lauk nila.

Dumasar kana bacaan di luhur, ngaran ucing ami nyaéta ...

a)

si koneng

b)

si mini

c)

si moli

d)

si manis

39.

Puguh waé kuring téh beuki keueung pas nyaho malem jumaah téh. Mana di imah sorangan, da Ibu jeung Bapa keur ka imah Uwa. Tapi mun kuring ngilu, meureun PR nu loba téh moal dikerjakeun.

Tema pangalaman nu diluhur nyaéta hal nu matak...

a)

pikabungaheun

b)

pikasediheun

c)

pikareuwaseun

d)

pikasieuneun

40.

Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa dipapantes, tapi kudu dumasar...

a)

data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman

b)

data anu nyata, anu kungsi katempo atawa ka alaman

c)

kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang

d)

naon wae anu dipikaresep ku urang atawa ku batur

41.

Baca béwara di handap ieu!

Dina raraga miéling poé basa iIndung, SMP Tunas Jaya baris ngayakeun lomba ngarang carita pondok. Katangtuan dina lomba di antarana :

1.    Siswa SMP Tunas Jaya

2.    Carita pondok nu dikirimkeun ka panitia asli tulisan sorangan, lain meunang niru ti nu séjén

3.    Carita pondokna tacan kungsi dimuat dina majalah atawa kalawarta séjénna

4.    Kaputusan juri teu bisa diganggu gugat

Pinunjul kahiji baris meunang ajén piala jeung duit Rp. 1.500.000, pinunjul kadua meunang ajén piala jeung duit Rp. 1.000.000, sarta pinunjul katilu meunang ajén piala jeung duit Rp. 500.000.

Pinunjul kahiji baris diilukeun kana lomba di tingkat Kota. Ieu lomba teu dipungut waragad.

Bandung, 11 Fébruari 2015

Panitia Pasanggiri Carpon SMP Tunas Jaya

Topik anu diwawarkeun nyaéta ...

a)

Osis SMP Tunas Jaya

b)

Lomba teu dipungut waragad 

c)

Ngarang carita pondok

d)

Piala jeung duit

42.

Baca béwara di handap ieu!

Dina raraga miéling poé basa iIndung, SMP Tunas Jaya baris ngayakeun lomba ngarang carita pondok. Katangtuan dina lomba di antarana :

1.    Siswa SMP Tunas Jaya

2.    Carita pondok nu dikirimkeun ka panitia asli tulisan sorangan, lain meunang niru ti nu séjén

3.    Carita pondokna tacan kungsi dimuat dina majalah atawa kalawarta séjénna

4.    Kaputusan juri teu bisa diganggu gugat

Pinunjul kahiji baris meunang ajén piala jeung duit Rp. 1.500.000, pinunjul kadua meunang ajén piala jeung duit Rp. 1.000.000, sarta pinunjul katilu meunang ajén piala jeung duit Rp. 500.000.

Pinunjul kahiji baris diilukeun kana lomba di tingkat Kota. Ieu lomba teu dipungut waragad.

Bandung, 11 Fébruari 2015

Panitia Pasanggiri Carpon SMP Tunas Jaya

Judul anu pas pikeun wawaran di luhur nyaéta ....

a)

Béwara

b)

Saémbara Ngarang Sajak Sunda

c)

Pasanggiri Nulis Carpon

d)

SMP Tunas Jaya

43.

Baca béwara di handap ieu!

Dina raraga miéling poé basa iIndung, SMP Tunas Jaya baris ngayakeun lomba ngarang carita pondok. Katangtuan dina lomba di antarana :

1.    Siswa SMP Tunas Jaya

2.    Carita pondok nu dikirimkeun ka panitia asli tulisan sorangan, lain meunang niru ti nu séjén

3.    Carita pondokna tacan kungsi dimuat dina majalah atawa kalawarta séjénna

4.    Kaputusan juri teu bisa diganggu gugat

Pinunjul kahiji baris meunang ajén piala jeung duit Rp. 1.500.000, pinunjul kadua meunang ajén piala jeung duit Rp. 1.000.000, sarta pinunjul katilu meunang ajén piala jeung duit Rp. 500.000.

Pinunjul kahiji baris diilukeun kana lomba di tingkat Kota. Ieu lomba teu dipungut waragad.

Bandung, 11 Fébruari 2015

Panitia Pasanggiri Carpon SMP Tunas Jaya

Anu dituju ku wawaran di luhur nyaéta ....

a)

Siswa SMP Tunas Jaya

b)

Bandung, 11 Fébruari 2013

c)

Panitia Pasanggiri

d)

Pasanggiri Nulis Carpon

44.

Anu ngémbarkeun wawaran di luhur nyaéta ...

a)

Siswa SMP Tunas Jaya

b)

Bandung, 11 Fébruari 2013

c)

Panitia Pasanggiri Carpon SMP Tunas Jaya

d)

Pasanggiri Nulis Carpon

45.

Dina acara pangemut-ngemut Maulud Nabi, Sakola bade  ngayakeun lomba busana muslim anu bade dilaksanakeun dinu :

Poe                    :    Sabtu

Tanggal             :    26 Februari 2013

Tabuh                :    08.00 – 12.00 WIB

Tempat              :    Mushola sakola

Hatur nuhun kana perhatosanna.

Kepala sakola,

Drs. Budi Suseno

Eusi wawaran di luhur nyaéta ....

a)

lomba ngaji

b)

lomba pidato

c)

lomba busana muslim

d)

lomba cerdas cermat