wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

STS Basa Sunda

Total questions: 22

Worksheet time: 44mins

Name
Class
Date
1.

Merjuangkeun

Lemah cai

Lali rabi tur tѐga pati

Taya basa mѐnta pamulang tarima

Iklas, rido

Keur korban merdѐka

Cutatan rumpaka kawih di luhur tѐh ngagambarkeun yѐn dina merjoangkeun kamerdѐkaan, para pahlawan urang tѐh bajoang kalawan ...

a)

Mѐnta pamulang tarima

b)

Ngitung kauntungan

c)

Iklas jeung rido

d)

Pamrih

2.

Kawih tѐh ... dipikawanoh ku masarakat Jawa Barat.

a)

Can lila

b)

Geus lila

c)

Can pati lila

d)

Anyar kѐnѐh

3.

Anu teu kaasup fungsi kawih nyaѐta ....

a)

pikeun hiburan

b)

pikeun diulinkeun

c)

pikeun upacara adat

d)

pikeun kaulinan barudak

4.

Bagian alam nu luhur antara bumi jeung langit disebut ....

a)

langit

b)

mѐga

c)

kingkilaban

d)

awang-awang

5.
Hartina kawih nyaeta . . . .
a)
Lalaguan sunda bebas
b)
Pupujian anu dilagukeun
c)
Puisi basa sunda
d)
Carita basa sunda
6.

INDONESIA

Sanggian : Koko Koswara

Indonesia gemah ripah loh jinawi

Alam endah, hejo lembok sugih mukti

Subur tutuwuhan beunghar pepelakan

Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai

Kakayon, tumuwuh subur pajangkung-jangkung

Patetan, ngawujud sirung pagulung-gulung

Piraku rek rela, piraku rek tega

Alam nu ngemploh hejo pinarengan ngarangrangan teu kariksa

(dicutat tina midadami kelas 5 halaman 52)

Naon judul kawih di luhur ?

a)

Koko Koswara

b)

Tutuwuhan

c)

Indonesia

d)

Lemah Cai

7.

Kecap hejo lembok, ngandung harti ....

a)

pucuk daun

b)

subur makmur

c)

daun anu hararejo

d)

daun gomplok

8.

Indonesia, gemah ripah loh jinawi.

Harti tina kecap gemah nyaeta .....

a)

sagala babari

b)

sagala hese

c)

sagala pepelakan

d)

sagala anu jadi tina taneuh

9.

Unggal poe, saeunggeus balik sakola, Iman indit ka sawah rek nungguan pare anu keur ....

a)

beuneur hejo

b)

sirungan

c)

hejo lembok

d)

nyarungsum

10.

Nu kumaha ari kadaharan anu sehat teh ?

a)

Kadaharan anu meunang meuli ti toko

b)

Kadaharan anu beresih jeung bergizi

c)

Kadaharan anu mahal

d)

Kadaharan anu di impor ti luar negeri

11.

Kecap anu make rarangken barung pika-, -eun nyaeta ....

a)

pibajueun

b)

pijangkungeun

c)

pikaseurieun

d)

piimaheun

12.

Asal kecap tina "pikaresepeun", nyaeta ....

a)

resep

b)

pika

c)

resepeun

d)

pikaresep

13.

Istilah padalisan dina sajak Sunda téh nyaéta...

a)

Baris

b)

Bait

c)

Suku kata

d)

Kecap

14.

Alam Padesaan


Endah alam padesaan

Estu lain pupulasan

Diriung ku gunung-gunung

Dikuriling pasir-pasir

Kidul, kulon, kaler, wetan

Plung-plong matak waas tetenjoan


Sajak di luhur diwangun ku ... padalisan

a)

3

b)

4

c)

5

d)

6

15.

Kumaha carana ngajaga Indonésia sangkan tetep héjo subur makmur?

a)

Kakayon sina Paraèh

b)

Ngajaga alam supados tetep subur tutuwuhan, hèjo pepelakan

c)

Nyimpen sampah lian kana tempatna

d)

Ditegor tangkal carang

16.

Bibi - Baju - keur - ku - diseuseuhan.

Susunan kalimah nu bener ... .

a)

Bibi keur diseusuhan ku baju.

b)

Baju keur diseuseuhan ku Bibi.

c)

Keur diseseuhan ku baju Bibi

d)

Diseuseuhan keur baju ku Bibi.

17.

Ema : "Ujang geura dahar geus beurang !"

Ujang : "Naon sabab na Ujang kudu dahar ma?"

Ema : .....

Kalimah anu pantes pikeun paguneman di luhur nayeta ....

a)

ema geus nyangu

b)

sangkan boga tanaga

c)

supaya bisa lumpat tarik

d)

supaya jadi jalema bageur

18.

Perhatikeun sajak di handap ieu !

Neuteup pinuh ku harepan

Pikeun ngahontal sahiji impenan

Dina ngawujudkeun kahayang

Pikeun mangsa hareup abu gumilang

Sajak di luhur nyaritakeun ngeunaan .....

a)

ngalamunkeun kahayang

b)

nyaritakeun ngimpi anu peuting

c)

loba kahayang teu kacumponan

d)

harepan ngaraih cita-cita

19.

Naon harti tina kecap tutuwuhan...

a)

Kakaian, rupa rupa kai

b)

Sagala anu jadi dina taneuh

c)

Sagala babari

d)

Keusik di basisir

20.

alus..... mah gancang pariksakeun ka dokter ari boga kanyeri teh!

Rarangken tukang anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ... .

a)

-an

b)

-na

c)

-peun

d)

-keun

21.

sora.... halimpu neng Euis mah.

Kalimah di luhur bakal merenah mun dilengkepan ku rarangken ... .

a)

-na

b)

-an

c)

-keun

d)

-pang

22.

Ari teu di lalajoan mah pareuman atuh tipi teh!

kecap pareuman diluhur make rarangken

a)

ka

b)

na

c)

an

d)

pa